Uleman

8 views
Skip to first unread message

Yani Osyana

unread,
Jul 29, 2017, 1:04:24 AM7/29/17
to mitra-sunda-perth

Assalamualaikum wilujeng siang Baraya nu gareulis sareng nu kararasep, abdi bade menyampaikan uleman ulang tahun teh Evi Barratt:

Dinten : Minggu
Kaping : 30 Juli 2017
Tabuh : 1pm dugi ka 6pm
Alamatna : Cockburn Bolling Club, 300 Rockingham Rd. Spearwood.
Temana (dress code) : gold atawa hejo

Diantos kasumpinganana. Hatur nuhuuun 😉💐😍

suhendra suhendra

unread,
Jul 29, 2017, 6:38:41 PM7/29/17
to mitra-su...@googlegroups.com, Suhendra Suhendra
Wa'alaikum salam,

Teh Yani .. geuning milis MSWA ieu teh "hirup" keneh? .. hehe .. Milis ieu tiiseun & (ampir) teu aya nu nyimpang saba'da forum 'Salasa Nyunda' nu diasuh ku pangersa Pa Dede & Bu Dewi liren lami. 

Nu kapungkur gaduh alpukah ngadamel milis & website MSP (Mitra Sunda Perth), cikal bakal MSWA (Mitra Sunda Western Australia), nyaeta Kang Diski Naim. Hatur nuhun ka Kang Diski Naim nu kapungkur seueur masihan kontribusi di awal2 ngadegna MSP/MSWA. Mugi janten amal kasaean. Pamugi saba'da Teh Yani ngintun berita uleman tepang taun Teh Evi, milis MSWA ieu saterasna dimangpaatkeun deui. 

Ooppss .. punten panjang teuing .. hehe

Teh Evi .. wilujeng tepang taun. Mugi salawasna aya dina ginanjar kawilujengan, jauh balai, parek rejeki tur salamina aya dina panangtayungan Gusti Allah nu Maha Welas Asih.

Salam sono ti lembur,


Suhendra



Reply all
Reply to author
Forward
0 new messages