"Inpo Sajorelat" (Sekilas Info) ti/dari MSWA

58 views
Skip to first unread message

suhendra suhendra

unread,
Apr 29, 2014, 12:15:08 AM4/29/14
to mitra-su...@googlegroups.com, suhendra
Salam Mitra Sunda,

Mugi Bapa/Ibu/Akang/Teteh para mitra anggota MSWA salawasna aya dina ginanjar kawilujengan.

*)Semoga Bapak/Ibu/Akang/Teteh para mitra anggota MSWA selalu dalam keadaan sehat wal afiat.

Peryogi kauninga ku para mitra, hususna anggota enggal, rehna MSWA:

*) Perlu untuk diketahui oleh para mitra, khususnya anggota baru, bahwa MSWA:

1) Gaduh program 'Salasa Nyunda' nu diasuh ku sepuh urang, Pa Dede Sujatna sareng Bu Dewi Winarto. Salah sawios maksad program ieu nyaeta dina raraga ngiring ngamumule Basa Sunda. Sanaos Sunda sanes mung saukur Basa Sunda, namung basa ciciren hiji bangsa. Urang kapungkur diajar Basa Inggris dibelaan ku sagala upaya, padahal Basa Inggris teh basa deungeun. Pamugi urang sadaya tiasa ngiring miara Basa Sunda sakumaha urang miara Basa Indonesia, Basa Inggris, oge basa-basa nu sanesna.

*) Mempunyai program 'Salasa Nyunda' yang diasuh oleh orang tua kita, Pak Dede Sujatna dan Bu Dewi Winarto. Salah satu maksud dari program ini adalah dalam rangka turut memelihara Bahasa Sunda. Meskipun Sunda bukan sekadar Bahasa Sunda, tetapi bahasa mencirikan suatu bangsa. Kita dulu belajar Basa Inggris dengan segala upaya, padahal Bahasa Inggris itu bahasa orang lain. Semoga kita semua dapat turut memelihara kelangsungan Bahasa Sunda sebagaimana kita memelihara Basa Indonesia, Basa Inggris, juga bahasa-bahasa lainnya.

Cindekna, unggal dinten Salasa warga MSWA ngabahas ngeunaan Basa Sunda sacara inpormal, tiasa ngalangkungan artikel, dongeng, atanapi bobodoran. Oge tiasa diayakeun 'tanya-jawab' bilih aya nu bade ditaroskeun ka Pa Dede atanapi Bu Dewi. Wilujeng ngamangpaatkeun forum 'Salasa Nyunda' ...

*) Intina, setiap hari Selasa warga MSWA ngabahas tentang Bahasa Sunda secara informal, bisa melalui artikel, dongeng, atau banyolan. Juga dapat diadakan 'tanya-jawab' bilamana ada yang akan ditanyakan ke Pak Dede atau Bu Dewi. Selamat memanfaatkan forum 'Salasa Nyunda' ...

2) Parantos sataun lamina MSWA ngalanggan Majalah Mangle edisi on-line (versi pdf). Sanaos tangtos moal kaaos ku sadaya anggota MSWA margi Mangle ngalarapkeun Basa Sunda 'tulen' ... hehe, namung pamugi perkawis ieu henteu ngajantenkeun urang pegat upaya ngiring micinta sareng ngamumule Basa sareng Budaya Sunda. Sajabi ti eta, MSWA oge sababaraha kali meser Majalah Mangle edisi citakna upami aya anggota nu mudik ka 'lembur' (Bandung).

*) Telah satu tahun lamanya MSWA berlangganan Majalah Mangle edisi on-line (versi pdf). Meskipun tentu saja tidak terbaca oleh semua anggota MSWA karena Mangle menerapkan Bahasa Sunda 'tulen' ... tetapi semoga kendala ini tidak menjadikan kita putus upaya turut mencintai dan memelihara Bahasa dan Budaya Sunda. Selain itu. MSWA juga beberapa kali membeli Majalah Mangle edisi cetaknya jika ada anggota yang mudik ke 'tanah air' (Bandung).

3) Dina raraga mieling 'Hardiknas' & 'Harkitnas', dinten Minggu kaping 25 Mei 2014, MSWA bade ngayakeun acara "Sundanese Day" nu temana 'Ti Sunda keur Balarea'. Kagiatan ieu sarupi sareng dua kagiatan di luhur, dina raraga 'micinta jeung ngamumule' budaya Sunda. Langkung lengkepna seja didugikeun ku Ceu Ade Scaf saparakanca salaku panitia kagiatan ngalangkungan milis, fesbuk, oge website MSWA. Kanggo kaperyogian kagiatan nu dimaksad, numawi panitia ngalangkungan Kang Indra cs (Seksi Perlengkapan) ngabewarakeun ka para anggota nu kagungan 'pernak-pernik' nu patali sareng Sunda bade ditambut kanggo acara "Sundanese Day" kaping 25 Mei 2014 nu bade dongkap. Diantos partisipasi sareng pangrojong ti sadaya anggota MSWA miwah kulawargina

*) Dalam rangka memperingati 'Hardiknas' & 'Harkitnas', hari Minggu tanggal 25 Mei 2014, MSWA akan menyelenggarakan acara "Sundanese Day" yang temanya 'Dari Sunda untuk Semua'. Kegiatan ini serupa dengan dua kegiatan di atas, dalam raangka 'mencintai dan memelihara' budaya Sunda. Lebih lengkapnya akan disampaikan oleh Ceu Ade Scaf dan kawan-kawan selaku panitia kegiatan melalui milis, fesbuk, juga website MSWA. Untuk keperluan kegiatan tersebut, karenanya panitia melalui Kang Indra cs (Seksi Perlengkapan) mengumumkan kepada para anggota yang mempunyai 'pernak-pernik' yang berkaitan dengan Sunda akan dipinjam untuk memeriahkan acara "Sundanese Day" tanggal 25 Mei 2014 mendatang. Kami tunggu partisipasi dan dukungan dari semua anggota MSWA beserta keluarganya.


Ooopppsss, koq jadi formal beginiii ... udah dulu aaah ;-)


Wassalam,


Suhendra














Reply all
Reply to author
Forward
0 new messages