Salasa Nyunda - Sajak DUNYA

163 views
Skip to first unread message

Dewi Winarto

unread,
May 19, 2014, 4:57:28 PM5/19/14
to mitra-su...@googlegroups.com, Mitra Sunda
Mitra Sunda anu dipihormat,

Tepang deui dina Salasa Nyunda, minggu ieu sim kuring nyobian copas hiji sajak, anu pengarangna (anonim) dicobi diterjemahkeun ka bahasa Indonesia, mudah2an heunteu ngarobih maknana.

Mitra Sunda yth
Jumpa lagi di Salasa Sunda, sebuah sajak yang diterjemahkan kedalam bahasa Indonesia, mudah2 an terjemahan ini tidak mengubah maknanya.

Ka Pak Dede, kang Dicky, kang Hilman, Neng Yati, diantos komentarna, asa kirang dina terjemahanna, peruogi dikoreksi.
Hatur nuhun 


DUNYA

Nyawang mangsa katukang
hate honcewang..
salempang

Kuring lir ibarat….manuk
anu keur diajar hiber,
dititah incah tina sayang
gimir…sieun….
sieun ku geledegna dunya
anu can puguh kumaha kahareupna
anu can puguh naon nu bakal tumiba

Tapi ieu hiji kanyataan
anu moal bisa disingkahan
Lalaunan tapi pasti, kuring bakal nyorang, 
nyorang lampah anu nyata….
lampah anu saestuna kudu dipilampah
ku sakumna insan nu kumelendang di alam dunya.

Kiwari……kuring teu galideur deui
moal inggis dina nyorang kahirupan
moal sieun dina nyorang lalakon
pikeun ngawangun jati diri anu sajati
jati diri lalaki pinilih
lalaki langit lalanang jagat

Ayeuna …didieu, kuring nangtung
ajeg panceg lir ibarat tunggul kai
moal unggut kalinduan moal gedag kaanginan
moal ngeplek jawer ngandar jangjang
dina nyanghereupan…DUNYA

DUNIA
Ketika mengingat masa lalu hati resah gelisah dalam ketidak pastian

Aku ibarat ....seekor burung  yang sedang belajar terbang,
dipaksa untuk tinggalkan sarang dengan ketakutan, takut akan besarnya dunia yang belum tentu bagaimana dimasa depan, belum tau pasti apa yang akan menimpa.

Tetapi ini sebuah kenyataan yang tidak bisa dihindari, pelahan tapi pasti, aku akan mengalami dan melakukan seperti apa yang seharusnya dilakukan oleh semua insan yang hidup di dunia ini.

Saat
ini......aku tidak lagi goyah, tidak ragu dalam menjalani cerita kehidupan untuk membangun jati diri lelaki sejati menggapai langit melanglang dunia. 

Sekarang ......
disini aku berdiri kokoh tegak ibarat akar pohon  bambu yang tidak akan runduk kena teduh, tidak akan goyang terhempas angin, tidak akan patah sayap menghadapi DUNIA.

Salam,
dw


Sent from my iPhone

Dicky F Maulana

unread,
May 19, 2014, 6:00:33 PM5/19/14
to dewiw...@yahoo.com, mitra-su...@googlegroups.com, mitras...@gmail.com
Salam para mitra, 
Hatur nuhun Bu Dewi kintunanna. Sajak nu sae. Masihan motivasi tur nunjukkeun yen urang sunda ge tiasa teges :) 


Wassalam,
Dicky F Maulana

Dede Sujatna

unread,
May 19, 2014, 9:01:49 PM5/19/14
to Dicky F Maulana, dewiw...@yahoo.com, mitra-su...@googlegroups.com, mitras...@gmail.com
Sampurasun Ibu Dewi,
 
Sajak anu sae . Pribados teu kinten satujuna kana maksadna eta puisi. Kaleresan dina dinten Saptu anu kalangkung Pangurs MSWA sareng Panitia Sundanese Day di bumina Kang Ferdhinal sareng Teh Idha. Dina Bubukana Pa Suhendra nyebatkeun yen urang Sunda teh sok “Handap Asor” anu antukna janten “Kumeok memeh dipacok” anu akibatna  janten “Jati kasilih ku junti”. Urang Sunda teu aya anu makalangan di kalangan pamarentahan.
 
Dina lebet hate pribados teu saluyu sareng Pa Suhendra teh margina upami diemut seueur urang Sunda anu kantos nembongkeun jajatena  ulubiung dina kancah perpolitkan, pertahanan, pamarentahan, Seni Budaya, sareng Agama.
Di di diue pribados pribados bade nyobian ngemut-ngemut saha urang Sunda  anu kantos nyongcolang dina kahirupan nagara Indonesia.
 
Ir.H. Djuanda – Perdana Mentri RI anu cikal. Jennenganana dilestarikeun jadi nami Bandara International Surabaya.
Jendral Didi Kartasamita – Panglima ABRI  anu cikal saparantosna Indonesia diangken Kamerdekaanana. Jnedral Sudirman mah Panglima ABRI dina jaman Revolusi.
Prof.Dr. Muchtar Kusumaatmaja – Mentri Luar Negri anu cikal dugi ka pangsiun digentos ku Dr.Subandrio
Syafrudin Prawiranagara – Perdana Mentri anu kasohor ku istilah “Gunting Syafrudin”
Otto Iskandardinata – Pahlawan Revolusi. Jenenganana dilestarikeun jadi nami Jalan di Jakarta sareng di Bandung
Halim Perdanakusumah – Pahlawan Revolusi. Jenenganana dilestarikeun jadi nami Bandar AURI di Jakarta.
Husein Sastranagara – Pahlawan Revolusi. Jenenganana dilestarikeun jadi nami Bandara AURI di Bandung.
Edie Martadinata – Panglima ALRI. Jenenganana dilestarikeun jadi nami jalan di Bandung
Suryadarma – Kantos janten Panglima AURI
Ginandjar Kartasasmita – Kantos janten Mentri Perekonomian. Ayuena janten Ketua DPD Jawa Barat.
Hasan Wirayuda – Kantos janten Mentri Luar Negri
Ali Sadikin – Kantos janten Gubernur DKI anu kasohor sami sareng Jokowi
Sanusi Hardjadinata – Kantos janten Mentri Dalam Negri
Umar Wirahadikusumah – kantos janten Wakil Presiden
Agum Gumelar – Kantos janten Panglima KOPASUS sareng janten Mentri Perhubungan
Agus Wirahadikusumah – Kantos janten Panglima KOSTRAD
Marty Natalegawa – Mentri Luar Negri anu ayuena.
Ibrahim Ajie – Panglima Divisi Siliwangi anu numpes Pemberontakan DI ku jalan ngayakeun Pager Bitis. Divis Siliwangi kapan tentara urang Sunda anu kasebat Divisi pangkiatna. Kantos ngintunkeun Batalion Garuda ka Uganda. Divisi Siliwangi oge anu numpes pemberontakan PRRI sareng PERMESTA. Tah ieu teh buktosna Urang Sunda teh henteu “Ngeplek Jawer Ngandar Jangjang”.
 
Kapan di Perth oge aya Ibu Ade Scaf sareng Pa Suhendra anu sakitu giatna ngageroh Mitra Sunda dugika MSWA teh tiasa “malakangan”.
 
Sim kuring neda hapunten bilih ieu komentar teh teu saluyu sareng pamadegan para mitra.
 
Salam,
 
Dede

ADE SCAF

unread,
May 19, 2014, 9:07:07 PM5/19/14
to Dede Sujatna, Dicky F Maulana, dewiw...@yahoo.com, mitra-su...@googlegroups.com, mitras...@gmail.com
Enjing-enjing atos dipaparinan geleser hate anu raoseun saatos maos sajakna ti Ibu Dewi anu salawasna gumbira tur ngagumbirakeun...

Bu Dewi, upami teu kaabotan, abdi hoyong sajak anu kanggo ngarayu ka si akang, ameh sagala pamaksadan sareng kahoyong dicumponan aya teu bu...hehehehe ngarepkeun dot com...

Hatur nuhun pisan katampi sajakna bu Dewi.


Salam,

AS

Dewi Winarto

unread,
May 19, 2014, 10:35:45 PM5/19/14
to ADE SCAF, Dede Sujatna, Dicky F Maulana, mitra-su...@googlegroups.com, mitras...@gmail.com
Neng Ade,

In syaa Allah minggu payun urang milarian sajak anu ngarayu... Mantan panutan...

Pak Dede,
Hatur nuhun...

Salam,
dw


Sent from my iPhone

ADE SCAF

unread,
May 20, 2014, 6:25:54 AM5/20/14
to Dewi Winarto, Dede Sujatna, Dicky F Maulana, mitra-su...@googlegroups.com, mitras...@gmail.com
Hatur nuhun pak Dede kanu infona, alhamdulillah nambihan elmu abdi teh, eta sabagian mah nembe uninga nami2 tokoh sunda.

Hatur nuhun kanu komplemenna ( punten teu terang sundana), i just did and do what i can pak Dede...i am proud to be a Sundaness too.

Salam,

Ade

suhend...@yahoo.com

unread,
May 20, 2014, 8:13:20 AM5/20/14
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com, Dicky F Maulana, dewiw...@yahoo.com, mitras...@gmail.com
Salam Mitra Sunda,

Bu Dewi, hatur nuhun .. sae pisan sajakna .. 'inspiratip'.

Pa Dede nu ku simkuring dipihormat, sadaya tokoh nu didugikeun ku Bapa leres pisan eta pigur2 urang Sunda nu luar biasa nu kantos/nuju babakti ka lemah cai. Hal ieu janten buktos yen urang Sunda henteu “Ngeplek Jawer Ngandar Jangjang”.

*) Pak Dede yang saya hormati, semua tokoh yang disampaikan oleh Bapa memang benar mereka adalah figur2 orang Sunda yang luar biasa yang pernah/sedang berbakti untuk tanah air. Hal ini menjadi bukti bahwa orang Sunda tidak “Lembek Janger Lemah Sayap”.

Maksad simkuring waktos dina riungan nyaeta dina raraga pemilu nu bade dongkap. Pigur2 urang Sunda nu kantos anclub di pamarentahan sadayana dipilih ku presiden nu nuju jumeneng, kalebet Pa Umar Wirahadikusumah - manten Wapres RI nu dipilih ku Pa Harto, sanes hasil 'diaben' dina pemilu.
*) Maksud saya sewaktu berkumpul adalah dalam rangka pemilu mendatang. Figur2 orang Sunda yang pernah terlibat di pemerintahan semua dipilih oleh presiden yang sedang bertuga, termasuk Pak Umar Wirahadikusumah - mantan Wapres RI yang dipilih oleh Pak Harto, bukan hadil 'bertanding' dalam pemilu.

Pasca runtuh Orde Baru, teu acan aya pigur urang Sunda nu ngiring 'ngadu jajaten' dina pilpres, kajabi Pa Agum Gumelar nu kantos janten cawapres Ibu Megawati dina tilu pilpres nu kalangkung. Hususna dina pilpres nu nuju aheng dina danget ieu, teu aya pigur nu ditoel ku para kandidat capres/parte pulitik kajabi Rhoma Irama (pituin urang Tasik) nu teu cios janten capres/cawapres.

*) Pasca runtuh Orde Baru, belum ada figur orang Sunda yang turut 'beradu kemampuan' pada pilpres, kecuali Pak Agum Gumelar yang pernah menjadi cawapres Ibu Megawati pada tiga pilpres yang lewat. Khususnya pada pilpres yang sedang hangat saat ini, tidak ada figur yang 'ditoel' oleh para kandidat capres/partai politik kecuali Rhoma Irama (pituin urang Tasik) yang batal menjadi capres/cawapres.

Pamugi wae kapayun, aya pigur2 hebat anggota/alumni MSWA nu janten panutan tur tiasa janten tokoh/pamingpin di tataran nasional/global, inshaa Allah.

*) Semoga saja di masa mendatang, ada figur2 hebat anggota/alumni MSWA yang menjadi teladan dan dapat menjadi tokoh/pemimpin di tataran nasional/global, inshaa Allah.

Hapunten ..

Wassalam,


Suhendra

Sent via BlackBerry® from Vodafone

From: "Dede Sujatna" <dsuj...@optusnet.com.au>
Date: Tue, 20 May 2014 09:01:49 +0800

Dede Sujatna

unread,
May 20, 2014, 10:43:05 PM5/20/14
to suhend...@yahoo.com, mitra-su...@googlegroups.com, Dicky F Maulana, dewiw...@yahoo.com, mitras...@gmail.com
Salam Pa Suhendra,
 
Hatur nuhn kana kintunan “waleranana”. Ku pangemut sim kuring ano bodo kunaon dina danget ieu teu aya urang Sunda anu ngiring makalangan dina pilihan capres/cawapres teh margi suasana perpolitikan di Indonesia dina era reformasi teh teu saluyu sareng ati sanubari urang Sunda. Kapan saur sepuh “Ari jadi jelema teh kudu caguer, baguer, bener jeung pinter”. Sakumaha kauninga kapan ayeuna mah sueuer papingpin anu palinter tapi teu balener. Mugi-mugi bae kapayun mah sueuer urang Sunda anu wantun sapertos Kang Emil, Wali Kota  Bandung.
Wallahu’alam.
 
Reply all
Reply to author
Forward
0 new messages