Salasa Nyunda

16 views
Skip to first unread message

Dede Sujatna

unread,
May 26, 2015, 12:35:54 AM5/26/15
to mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun
 
Basa Jepang
 
Kabayan: Sep, bejena ilaing bisa basa Jepang?
Asep:   Enya. Kunaon kitu?
Kabayan: Hayang nyaho bae. Cing dina basa Jepang “Wilujeng enjing kumaha nyebutna?”
Asep:   Ohayoo gozaimas
Kabayan: Hatur nuhun kumaha nyebutna?
Asep :  Arigatoo gozaimas
Kabayan: Abdi sibeungeut ?
Asep:  Watshi taaamas
Kabayan: Abdi ngumbah buuk?
Asep :  Watashi kuraamas
Kabayan: Abdi teu gaduh artos?
Asep : Watshi sakuna raata.
Kabayan: Abdi kamerkaan?
Asep : Watashi gohang. Gurame karimastakanee.
Kabayan: Ah eta mah basa Jepang dialek legok hanseur.
Asep:  Sayoonara
 
Dede

Hilman Sobir

unread,
May 26, 2015, 12:51:21 AM5/26/15
to Dede Sujatna, <mitra-sunda-perth@googlegroups.com>
Ah hebat tah asep teh......hahahaha

Sent from my iPhone

Yudhi Nugraha

unread,
May 26, 2015, 12:54:12 AM5/26/15
to Hilman Sobir, Dede Sujatna, <mitra-sunda-perth@googlegroups.com>
Persis sepertos nu di kabaret, kabayan sareng asep ... Hehehe.

rika zikriyyah

unread,
May 26, 2015, 12:57:39 AM5/26/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Hehehhehe..nembe terang ningan basa jepang teh seueur 'ngadopsi' basa sunda nya :D

salam,

Rika


Sent from Yahoo7 Mail on Android


From:"Dede Sujatna" <dsuj...@optusnet.com.au>
Date:Tue, 26 May, 2015 at 12:36
Subject:Salasa Nyunda

Haipan

unread,
May 26, 2015, 3:14:10 AM5/26/15
to rika zikriyyah, Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Heheheh....
Siga nu moal motor Honda : Honda kunaiki heheheh
Eta basa naon nyak? Hehehe


Sent from my iPhone

suhendra suhendra

unread,
May 26, 2015, 4:17:33 AM5/26/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Rampesss .. 

Aya ku tiasaan Pa Dede ... hehehe

Pa Dede .. dupi Asep aya dongkap dina acara 'Sundanese Day' dinten Saptu kamari? ;-)


From:"Dede Sujatna" <dsuj...@optusnet.com.au>
Date:Tue, 26 May, 2015 at 11:36 AM
Subject:Salasa Nyunda

Dewi Winarto

unread,
May 26, 2015, 4:50:34 AM5/26/15
to suhendra suhendra, Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Lutuuuu
Menghibur, abdi seuri sorangan.,,.
Hatur nuhun Pak Dede... 
dw 

Sent from my iPhone

Dicky Maulana

unread,
May 26, 2015, 4:53:07 AM5/26/15
to rika...@yahoo.com, dsuj...@optusnet.com.au, mitra-su...@googlegroups.com
Rampes,

Salam Pa Dede sareng para wargi sadaya,

Rupina teu kedah diterjemahkeun nu ayeuna mah. Abdi ge teu ngartos bass jepang 😀.

Hatur nuhun kintunanna Pa Dede

Salam,

At 26 May 2015 12:57:56 pm, 'rika zikriyyah' via Mitra Sunda Western Australia (MSWA) wrote:
Hehehhehe..nembe terang ningan basa jepang teh seueur 'ngadopsi' basa sunda nya :D

salam,

Rika
From:"Dede Sujatna"
Date:Tue, 26 May, 2015 at 12:36
Subject:Salasa Nyunda

Dede Sujatna

unread,
May 26, 2015, 10:59:44 PM5/26/15
to suhendra suhendra, mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun.
 
Kang Asep sumping dina acara Sundanese day, malah marebutkeun Nyi Iteung sareng Kabayan.
 
Hatur nuhun kana komentarna.
 
Salam
 
Dede

No virus found in this message.
Checked by AVG - www.avg.com
Version: 2015.0.5941 / Virus Database: 4354/9867 - Release Date: 05/25/15

Ade Scaf

unread,
Jun 1, 2015, 5:24:18 AM6/1/15
to Dede Sujatna, suhendra suhendra, mitra-su...@googlegroups.com
Hahaaaa si kang Asep bisaaan




Sent from Samsung tablet

Dede Sujatna

unread,
Jun 1, 2015, 9:26:17 PM6/1/15
to mitra-su...@googlegroups.com
 
Sampurasun!
 
Nepangkeun ieu abdi anggota anyar MSWA. Jenengan abdi Acep Ontohod. Urang Sunda asli kawit ti Legok Hangseur.
Ibu sareng rama abdi oge urang Sunda asli. Ibu abdi ngarana Hajjah Siti Bic Sekarbiru. Rama abdi ngarana Haji Ahmad Subiako. Pagawean Ibu abdi guru SD di Kacangnunggal. Rama abdi jadi lurah Cikadempet. Abdi teh kagungan masalah
nyaeta lamun abdi nyarios dina basa Sunda sok pada nyeungseurikeun. Duka kunaon? Padahal di sakola abdi diajar basa Sunda. Di bumi abdi nyarios Sunda sareng Ibu Rama. Abdi didamel di perusahaan swasta. Ti bumi ka padamelan abdi numpak angkot. Dina angkot abdi nyarios basa Sunda sareng penumpang anu sanesna. Di padamelan oge abdi nyarios teh ku basa Sunda. Abdi angkat ti bumi ka padamelan tabuh tujuh mulih ti padamelan tabuh lima. Sumping ka bumi teras istirahat heula maca koran samemeh ibak. Sabada ibak abdi tuang ngariung sareng Ibu Rama abdi. Kira-kira jam sapuluh abdi kulem malah ngimpen oge dina basa Sunda. Abdi teh teu acan kagungan istri jadi masih keneh sabumi sareng Ibu Rama abdi.
Nyuhunkeun tulung ka Ibu Dewi atanapi ka Ibu Ade atawa ka Kang Dicky cing pang nerangkeun naon kasalah basa Sunda abdi? Abdi tos nyhunkeun tulung ka Pa Dede supaya basa Sunda abdi dibenerkeun tapi Pa Dede teu sanggupeun.
Lamun abdi nyuhunkeun tulung ka Pa Sehendra kumaha kira-kirana tiasa benerkeun basa Snda abdi?
Punten ah ngarepotkeun. Hatur nuhun sateuacana.
 
Salam
 
Acep Ontohod

rika zikriyyah

unread,
Jun 1, 2015, 10:52:21 PM6/1/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Duh ieu mah tatarucingan tingkat tinggi..kedah diemutanna ku nu profesional..da asa tos sae basa sundana kang acep teh :D


Salam,

Rika
From:"Dede Sujatna" <dsuj...@optusnet.com.au>
Date:Tue, 2 Jun, 2015 at 9:28
Subject:Salasa Nyunda

Dadang Sofyan

unread,
Jun 2, 2015, 4:26:59 AM6/2/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com


From: Dede Sujatna <dsuj...@optusnet.com.au>
To: mitra-su...@googlegroups.com
Sent: Tuesday, 2 June 2015, 8:26
Subject: Salasa Nyunda

Dadang Sofyan

unread,
Jun 2, 2015, 4:42:05 AM6/2/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
From: Dede Sujatna <dsuj...@optusnet.com.au>
To: mitra-su...@googlegroups.com
Sent: Tuesday, 2 June 2015, 8:26
Subject: Salasa Nyunda
Sampurasun!
 
Nepangkeun ieu abdi anggota anyar MSWA. Jenengan abdi Acep Ontohod. Urang Sunda asli kawit ti Legok Hangseur.
Ibu sareng rama abdi oge urang Sunda asli. Ibu abdi ngarana Hajjah Siti Bic Sekarbiru. Rama abdi ngarana Haji Ahmad Subiako. Pagawean Ibu abdi guru SD di Kacangnunggal. Rama abdi jadi lurah Cikadempet. Abdi teh kagungan masalah

Nepangkeun sim kuring anggota enggal MSWA, wasta Acep Ontohod, 
Urang Sunda Asli (USA) kawit ti Legok Hangseur.
Pun biang sareng pun bapa oge USA. Pun biang kakasih Hajjah Siti 
Sekarbiru, padamelan guru, ngawulang di SD Kacangnunggal, dupi pun
bapa jenengan Haji Ahmad Subiako, janten lurah Cikadempet.

mangga dilajeng..


Dadang Sofyan

unread,
Jun 2, 2015, 4:52:45 AM6/2/15
to mitra-su...@googlegroups.com
> ieu abdi anggota anyar MSWA. Jenengan abdi Acep Ontohod.
> Urang Sunda asli kawit ti Legok Hangseur.
> Ibu sareng rama abdi oge urang Sunda asli. Ibu abdi ngarana Hajjah Siti
> Bic Sekarbiru. Rama abdi ngarana Haji Ahmad Subiako. Pagawean Ibu abdi guru SD
> di Kacangnunggal. Rama abdi jadi lurah Cikadempet. Abdi teh kagungan
>

Nepangkeun sim kuring anggota enggal MSWA, wasta Acep Ontohod,
Urang Sunda Asli (USA) kawit ti Legok Hangseur.
Pun biang sareng pun bapa oge USA. Pun biang kakasih Hajjah Siti
Sekarbiru, ngawulang di SD Kacangnunggal, dupi pun bapa jenengan
Haji Ahmad Subiako, janten lurah Cikadempet.

mangga dilajengkeun..


Dewi Winarto

unread,
Jun 2, 2015, 5:16:06 AM6/2/15
to Dadang Sofyan, Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Mitra Sunda,

Abdi teu acan yakin, naha ieu email ti 
Acep Onthohod teh asli? Atanapi HOAX??? Meni sababaraha kali pabeulit kieu ... Tulung tulung.... Pak Dede .. Pak Suhendra...

Upami tos aya anu ngawaler yen Acep Ontohod ngajirim puguh bungkeuleukanana , in syaa Alloh seratanna ku abdi di benenah.

Wass.,
dw 

Sent from my iPhone

suhendra suhendra

unread,
Jun 2, 2015, 6:20:50 AM6/2/15
to Dewi Winarto, Dadang Sofyan, Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Mitra Sunda, 

Bu Dewi .. katingalna mah ieu kintunan asli ti Kang Acep Ontohod nu "ngajirim" ;-) 

* Bu Dewi .. kelihatannya sih ini kiriman asli dari Kang Acep Ontohod yang "menyerupai" ;-)

Mang Dadang parantos ngawitan ngalereskeun basana .. mangga Ibu ngalajengkeun, tugas abdi engke bagean keprokna .. hehehe

* Mang Dadang sudah memulai mengoreksi bahasanya .. silakan Ibu melanjutkan, tugas saya nanti bagian tepuk tangan .. hehehe


Wassalam, 


Suhendra
From:"'Dewi Winarto' via Mitra Sunda Western Australia (MSWA)" <mitra-su...@googlegroups.com>
Date:Tue, 2 Jun, 2015 at 4:16 PM
Subject:Re: Salasa Nyunda

Dede Sujatna

unread,
Jun 3, 2015, 1:52:30 AM6/3/15
to Dewi Winarto, Dadang Sofyan, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Ibu Dewi.
 
Parantos kapendak Acep Ontohod leres aya jirimna. Janten eta email teh sanes Hoax. Mangga diteraskeun koreksina supados aya gunana kanggo Mitra anu sanesna. Hatur nuhun.
 
Dede
 
Sent: Tuesday, June 02, 2015 5:15 PM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

No virus found in this message.
Checked by AVG - www.avg.com

Version: 2015.0.5941 / Virus Database: 4355/9920 - Release Date: 06/01/15

Dewi Winarto

unread,
Jun 3, 2015, 5:54:21 AM6/3/15
to Dede Sujatna, Dadang Sofyan, <mitra-sunda-perth@googlegroups.com>
Pak Dede, sareng Mitra Sunda...
Ha ha... 
Asa teu percanten majar teh Pak Dede teu sanggem ngalereskeun eta seratanna Ujang Acep Ontohod.
Heu ... 

Serasa tidak percaya kalau Pak Dede tidak sanggup me ngoreksi tulisan Acep Ontohod dalam bahasa Sunda yang baik dan benar. 
Heu 

Wass
dw 

Sent from my iPhone

Dede Sujatna

unread,
Jun 4, 2015, 9:07:57 PM6/4/15
to Dewi Winarto, Dadang Sofyan, mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun para Mitra sadayana.
 
Kumaha daramang?
Sakumaha kauninga Acep Ontohod ngintun seratan anu netelakeun yen anjeuna teh teu ngartos kunaon upami cumarios dina basa Sunda sok pada nyeungseurikeun. Ku pamgemut pribados eta seratan Acep Ontohod teh henteu saluyu sareng undak usuk basa Sunda. Kecap anu sakedahna dianggo ka batur ku anjeuna dianggo ka salirana ku anjeun contona ;” abdi nyarios, abdi angkat ka padamelan, abdi mulih ti padamelan, abdi ibak, abdi tuang, andi kulem, abdi ngimpen, rama abdi, bumi abdi”. Sawalerna kecap anu kedah dianggo kanggo diri pribadi dianggo ka batur contona:” ngaran rama abdi, Ibu digawe”. Kukituna basa Sunda Acep Ontohod teh pabeulit dugika Pa Suhendra teu kersa ngalereskeun mung bade kekeprok bae upami Ibu Dewi kersa ngalereskeun namung Ibu kalah ka Tuluuung.tuluung Pa Dede sareng Pa Suhendra. Ibu Ade rupina sibuk ku Warung Ade mung nyebatkeun basa Sunda Acep Ontohod teh parantos sae. Cep Dicky teu kecet-kecet teu aya reaksina. Kang Dadang anu kasep tea ngalereskeun mung sabagian, henteu tuntas.
 
Seratan Acep Ontohod teh parantos netelakeun yen basa Sunda teh dugi ka danget ieu masih keneh ngagem undak usuk basa. Duka iraha basa Sunda bakal tiasa jadi basa demokratis mulang ka jaman sateuacana agama Hindu lebet ka Indonesia. Sakumaha anu paratos dieceskeun ku Kang TB basa Sunda teh baheulana mah teu ngagem undak usuk sakumaha anu dia nggo ku urang Baduy.  Wallahu ‘alam.
 
Salam

Version: 2015.0.5961 / Virus Database: 4355/9930 - Release Date: 06/03/15

suhendra_upi

unread,
Jun 4, 2015, 9:30:14 PM6/4/15
to Dede Sujatna, Dewi Winarto, Dadang Sofyan, mitra-su...@googlegroups.com
Rampes ...

Damang, Pa Dede?

Upami henteu aya wae nu kagungan waktos neraskeun "ngoreksi" seratan Kang Acep Ontohod .. inshaa Allah abdi sayogi satiasana .. hehehe. Hapunten abdi kumawantun .. 

Wassalam,


Suhendra


Sent from Samsung Mobile


-------- Original message --------
From: Dede Sujatna

Dicky Maulana

unread,
Jun 4, 2015, 10:47:40 PM6/4/15
to dsuj...@optusnet.com.au, dewiw...@yahoo.com, aa.d...@yahoo.com, mitra-su...@googlegroups.com
Rampes,
Hapunten teu aya suantenna wae. Kaleresan nuju aya pamengan. 🙏🏼.

Mangga bilih aya nu sanes nu base ngalereskeun.

Salam,

Dewi Winarto

unread,
Jun 4, 2015, 11:07:12 PM6/4/15
to suhendra_upi, Dede Sujatna, Dadang Sofyan, mitra-su...@googlegroups.com
Alhamdulillah ... 
Mangga ka Pak Suhendra, nyanggakeun.
Abdi anu keprok 👍😃😃😃
dw 

Sent from my iPhone

Dede Sujatna

unread,
Jun 9, 2015, 12:14:29 AM6/9/15
to mitra-su...@googlegroups.com
 
Sampurasun para mitra.
 
Punten ieu sim kuring bade neraskeun tulisan anu parantos diposting minggu anu kalangkung nyaeta perkawis kecap gaganti ngaran jalma (kata ganti orang). Dinten ieu sim kuring bade nerangkeun perkawis gaganti ngaran anu kadua nyaeta kecap “YOU/ANDA”. Namung sateucana neda hapunten ti sadayana ieu sim kuring teh bade “NGABEJAAN BULU TUUR”.
Sakumaha anu kauninga ku sadayana dina basa Sunda teh seueur pisan kecap anu sami hartosna sareng kecap “ANDA” dina bahasa Indonesia. Aya anu kasar garihal dugi ka anu lemes pisan.
1. Aya dua anu kasar teh nyaeta: “Sia , Silaing”. Contona:” Sia tong loba omong, bisi digebug ku aing”. “Saha ngaran bebene silaing teh?”
2. Ieu kecap anu dianggo kanggo ka sasama: “Maneh, Anjeun, Di dinya” Contona:
    Edi: Gus, aki uing mah ari nyikat gini teh sok bari hehheotan(bersiul).
    Agus: Ah maneh mah bohong! Pamohalan. Mana bisa ngaheot lamun dina sungut aya sukat gigi?
    Edi: Euh meurueun we di dinya teu nyaho aki uing teh waosna palsu. Jadi lamun nyikat waos, dicoplokeun heula             waosna terus disikat bari heheotan.
    Agus: Euh pantes atuh ari kitu mah.
3.Ieu kecap-kecap sopan anu biasana dianggo kanggo ka saderek/ kulawargi: “ Ayi, Akang, Teteh, sareng sareasna dugi     ka Uyut”. Contona: “Ayi, Teteh ngiring bingah ayi tos tiasa ngagaleuh Jeep”. “ Dupi Bapa iraha bade angkat ka Bali?”
4. Ieu kecap-kecap warisan ti jaman feodal :”Adang. Aden, Enden, Juragan/Agan, Gamparan, Salira, Panjenengan.             Dampal dalem, Gusti”. Adang seueurna dianggo di daerah Sukabumi. Aden sareng Enden lumrah dianggo di mana-        mana. Juragan/Agan kapungkur mah dianggo upami nyarios sareng jalmi anu satingkat sareng pangkat Lurah                 atanapi Camat. Gamparan dianggona upami nyarios sareng jalmi anu satinggkat sareng Wadana. Dampal dalem             dianggona upami nyarios sareng Kangjeng Dalem/Bupati. Sedengkeun Gusti dianggona upami nyarios sareng                 Raja/Sultan. Contona: “Gusti hapunten samudaya kelapatan abdi. Mangga ieu nyanggakeun beuheung teukteukkeun,     tokoro gorokkeun, suku belokkeun, ieu beuteung eusianeun”
5. Ieu kecap-kecap upami nyarios sareng ulama Islam : “Ustdaz, Ajengan”. Contona : “Dupi Usradz teh lulusan iAIN             atanapi Universtas Islam?”. “ Kersa Ajengan teh mulih ti mana?”
6. Upami nyarios sareng bangsa Walanda kecap-kecap anu dianggo teh :”Tuan/ Meneer atanapi Mevrouw/Nyonya”
7. Upami nyarios sareng bangsa Cina kecap-kecap anu dianggo teh teh: “ Babah/ Engko atanapi Ona/Encim”
    Dina taun 1965 sabada pemberontakan GESTAPU/PKI aya gerakan anti Cina. Seueur toko Cina anu dijarah ku                 bangsa urang; barang-barangna diparaokan. Aya babah anu ngamuk bari gogorowokan: “Coko walang ma, coko             walang we, tapi ula e—Ona. Wali nantun!”.
 
Punten ah, rada jorang!
 
Dede

suhendra suhendra

unread,
Jun 9, 2015, 3:27:37 AM6/9/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Rampes ...

Hatur nuhun kana kintunan Pa Dede

suhendra suhendra

unread,
Jun 9, 2015, 4:11:44 AM6/9/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Mitra Sunda,

Pa Dede, Bu Dewi miwah para kanca sadayana, ulah kirang hapunten abdi nembe tiasa nedunan jangji ngawaler pamundut Kang Acep Ontohod, jalaran seueur wae karepot.

* Pak Dede, Bu Dewi dan rekan-rekan semua, mohon maaf yang sebesar-besarnya saya baru dapat menepati janji untuk menjawab permintaan Kang Acep Ontohod, karena berbagai kesibukan. 

----------------

Sampurasun!
 
Nepangkeun ieu abdi anggota enggal (anyar) MSWA. Wasta (Jenengan) abdi Acep Ontohod. Urang Sunda asli kawit ti Legok Hangseur.
Pun biang (Ibu) sareng pun bapa (rama abdi) oge urang Sunda asli. Jenengan pun biang (Ibu abdi ngarana) Hajjah Siti Bic Sekarbiru. Jenengan pun bapa (Rama abdi ngarana) Haji Ahmad Subiako. Padamelan (Pagawean) pun biang (Ibu abdi) guru SD di Kacangnunggal. Pun bapa janten (Rama abdi jadi) lurah Cikadempet. Abdi gaduh (teh kagungan) masalah upami nyanggem (nyaeta lamun abdi nyarios) dina basa Sunda sok pada nyeungseurikeun. Duka kunaon? Padahal di sakola abdi diajar basa Sunda. Di rorompok (Di bumi) abdi nyanggem ku basa (nyarios) Sunda sareng pun biang miwah pun bapa (Ibu Rama). Abdi didamel di perusahaan swasta. Ti rorompok (Ti bumi) ka tempat padamelan abdi numpak angkot. Dina angkot abdi nyanggem (nyarios) ku basa Sunda sareng penumpang anu sanesna. Di padamelan oge abdi nyanggem (nyarios) ku basa Sunda. Abdi mios ti rorompok (angkat ti bumi) ka padamelan tabuh tujuh wangsul (mulih) ti padamelan tabuh lima. Dongkap ka rorompok (Sumping ka bumi) teras reureuh (istirahat) heula maca koran sateuacan (samemeh) mandi (ibak). Sabada mandi (ibak) abdi neda (tuang) ngariung sareng pun biang oge pun bapa (Ibu Rama abdi). Kinten-kinten (Kira-kira) pukul (jam) sapuluh abdi mondok (kulem) malah ngimpi (ngimpen) oge dina basa Sunda. Abdi teu acan gaduh bojo (teh teu acan kagungan istri) janten (jadi) masih keneh sabumi sareng pun biang miwah pun bapa (Ibu Rama abdi).
Abdi bade nyuhunkeun tulung ka Ibu Dewi atanapi ka Ibu Ade atanapi (atawa) ka Kang Dicky manawi tiasa (cing pang) nerangkeun naon kalepatan (kasalah dina) basa Sunda abdi? Abdi parantos (tos) nyuhunkeun tulung ka Pa Dede supados (supaya) basa Sunda abdi dilereskeun (dibenerkeun) nanging (tapi) Pa Dede henteu sanggemeun (teu sanggupeun). Upami (Lamun) abdi nyuhunkeun tulung ka Pa Suhendra kinten-kintenna (kumaha kira-kirana) tiasa ngalereskeun (benerkeun) basa Sunda abdi?


Wassalam,



Suhendra

Dede Sujatna

unread,
Jun 9, 2015, 4:50:02 AM6/9/15
to suhendra suhendra, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Pa Suhendra.
 
Hatur rebu nuhun kana kintunan koreksina kanggo Encep Ontohod. Mugi-mugi bae atuh kintunan teh aya mangpaatna kanggo para mitra dina salebeting cumarios dina basa Sunda. Salam ka Ibu Leny.
 
Dede
 
Sent: Tuesday, June 09, 2015 4:11 PM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

No virus found in this message.
Checked by AVG - www.avg.com

Version: 2015.0.5961 / Virus Database: 4355/9978 - Release Date: 06/09/15

Dewi Winarto

unread,
Jun 9, 2015, 6:37:55 AM6/9/15
to Dede Sujatna, suhendra suhendra, <mitra-sunda-perth@googlegroups.com>
Hatur nuhuun Pak Suhendra, wah leres ieu mah sugema koreksi na.

Terima kasih Pak Suhendra, ini betul sebuah koreksi yang sangat memuaskan.

Keprok .., 
👍💖    😘😘💕💕

Salam
Dewi 

Sent from my iPhone

Wawan Hermawan

unread,
Jun 9, 2015, 10:43:01 AM6/9/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Hatur nuhun Pak Dede, meni pikaseurieun eta anu nyikat waos bari ngaheot. Ari manawi teh  ompong, janten aya liang angin.

Dupi kecap 'salira' biasana diangge kangge saha? Ka sapantar atanapi tiasa ka saluhureun?

Salam,
Wawan

From: Dede Sujatna
Sent: ‎9/‎06/‎2015 12:14 PM
To: mitra-su...@googlegroups.com
Subject: Salasa Nyunda

Dede Sujatna

unread,
Jun 9, 2015, 10:59:14 PM6/9/15
to mitra-su...@googlegroups.com, Wawan Hermawan
Sampurasun Kang Wawan
 
Bingah aya anu appresiasi kana posting ti sim kuring. Kecap “salira” teu kenging dianggo ka sasama margi sipatna hormat.Janten kedah dianggona ka saluhureun boh yuswana atanapi pangkatna. Sakali deui hatur nuhun.
 
Salam
 
Dede
 
Sent: Tuesday, June 09, 2015 10:42 PM
Subject: RE: Salasa Nyunda
 

No virus found in this message.

Dicky Maulana

unread,
Jun 9, 2015, 11:35:09 PM6/9/15
to dsuj...@optusnet.com.au, mitra-su...@googlegroups.com, wher...@gmail.com
Hatur nuhun Pa Dede kintunanna. Abdi ge kagungan patarosan. Sok Aya nu ngangge kecap 'Akang Rayi' kangge nu yuswana sahandapeun tapi pangkat/kedudukan sosial langkung luhur. Numutkeun sim kuring mah asa kagok. 2 kata bertentangan diangge sasarengan. Kumaha numutkeun Pa Dede?

hatur Nuhun,
cep Dicky

Dede Sujatna

unread,
Jun 10, 2015, 5:24:27 AM6/10/15
to Dicky Maulana, mitra-su...@googlegroups.com, wher...@gmail.com
Salam Cep Dicky.
 
Hatur nuhun kana patarosanana. Punten bade ngalereskeun hiji anu lepat nyaeta “abdi kagungan” sakedahna “ abdi gaduh”. Kagungan mah kanggo ka batur saluhureun. Kaduana perkawis “Akang rayi”  eta oge lepat sakedahna mah
“INGKANG rayi”. Kecap “Ingkang” teh kecap basa Jawa anu hartosna “DIRI”, janten “Ingkang rayi” teh hartosna “diri Anda”.
 
Dede   

Version: 2015.0.5961 / Virus Database: 4355/9985 - Release Date: 06/09/15

Dewi Winarto

unread,
Jun 10, 2015, 7:35:53 AM6/10/15
to Dede Sujatna, Dicky Maulana, <mitra-sunda-perth@googlegroups.com>, <whermawan@gmail.com>
Pak Dede sareng  Pak Suhendra
Bade tumaros dupi kecap Cep sareng Neng ( naha tiasa kanggo diri pribadi) naon bentenna sareng Raka Rayi kumaha tara cara nganggo na.

Ingin bertanya tentang tata  cara penggunaan kata Neng dan Cep, juga kata Raka ( kaka) dan Rayi ( adik) 

Hatur nuhun
Terima kasih 

Salam
dw 

 

Sent from my iPhone

Dede Sujatna

unread,
Jun 10, 2015, 10:52:29 PM6/10/15
to Dewi Winarto, Dicky Maulana, mitra-su...@googlegroups.com, wher...@gmail.com
Sampurasun Ibu Dewi
 
Hatur nuhun kana patarosanana.Bingah aya sawatis mitra anu kintun patarosan saparantos abdi ngintun seratan perkawin kecap gaganti ngaran jalma anu kadua. Ieu tandana seratan sim kuring teh henteu dianggap angin saliwat.  Mangga abdi bade nyobian ngawaler patarosan Ibu.
“Cep” sareng  “Neng” teh kecap wancahan(singketan) tina “Ecep” sareng “Eneng”. “Encep” dianggona upami urang nyarios sareng budak lalaki. Contona: “Ari Encep tos kelas sabara di sakola teh?” Kecap “Cep” sami sareng “Encep” namung dianggona kedah disarengan ku jenengan si budak tea. Contona: “Cep Agus, geura ibak! Ieu tos tabuh genep”. Sami sareng kecap “Encep” sareng “Cep”, kecap “Eneng” sareng “Neng” dianggona upami nyarios sareng murangkalih istri. Contona: “ Eneng, geulis ku lucu tos tiasa ngibing jaipongan”. “Neng Atty, ari ka sakola sok dijajapkeun ku saha?
Abdi emut keneh dina hiji waktos Ibu Dewi kantos ngintun e-mail ka Kang Dicky. Dina bubukana Ibu nyebat “Nuhun Cep Dicky!” Tah ti harita Kkang Dicky teh upami ngitun e-mail sok nyebat dirina “Cep Dicky”. Saleresna kacap “Encep” sareng “Eneng” teu kengin dianggo kanggo diri pribadi.
Kecap “Raka” sareng “Rayi” dianggona upami nyebatkeun hubungan kulawargi nyaeta lemes tina kecap “Lanceuk” sareng “Adi”. Contona:
“Rakana Pak Adi teh rektor UPI”. “Rayina Ibu Atun kamari dilantik janten anggota DPR”. Upami “Raka” sareng “Rayi” dianggo salaku “ANDA” kedah dipayunan ku kecap “Ingkang/Kang”. Contona: “Kang Raka teh parantos sabaraha lami linggih di bumi ieu?”. “Kang Rayi upami bade bade mulih ulah hilap candak ieu oleh-oleh kanggo nu di bumi”. Bu Dewi mung sakitu anu tiasa kapihatur. Duka Pa Suhendra manawi tiasa nambihan katerangan anu langkung eces.
 
Dede
 
 
 
Sent: Wednesday, June 10, 2015 7:35 PM

Version: 2015.0.5961 / Virus Database: 4355/9991 - Release Date: 06/10/15

Dicky Maulana

unread,
Jun 10, 2015, 11:10:25 PM6/10/15
to Dede Sujatna, Dewi Winarto, mitra-su...@googlegroups.com
kahatur Pa Dede,


Hatur nuhun tos ngalereskeun basa Sunda abdi. Nambihan deui elmu dinten ieu. Insya Allah nu sanes ge ngaos sareng nambihan elmu masing-masing.

Salam,
Dicky

From: Dede Sujatna <dsuj...@optusnet.com.au>
To: Dewi Winarto <dewiw...@yahoo.com>
Cc: Dicky Maulana <dfma...@yahoo.com>; mitra-su...@googlegroups.com; wher...@gmail.com
Sent: Thursday, June 11, 2015 10:52 AM
Subject: Re: Salasa Nyunda

suhendra_upi

unread,
Jun 10, 2015, 11:10:59 PM6/10/15
to Dede Sujatna, Dewi Winarto, Dicky Maulana, mitra-su...@googlegroups.com, wher...@gmail.com
Sampurasun .. 

Parantos eces kalayan jentre, Pa ;-) Abdi mung nambihan sakedik. Sapamendak simkuring di sapalih wewengkon (namung henteu seueur & biasana dilarapkeun ku murangkalih) aya oge nu ngabasakeun ka dirina ku 'Encep'/'Eneng' .. ("Ma, Encep hoyong nyobian" .. "Eneng ti kamari teu tiasa mondok"). Rupina mung sakitu. Hatur nuhun. 

Wassalam, 

Suhendra


Sent from Samsung Mobile


-------- Original message --------
From: Dede Sujatna
Date:11/06/2015 9:52 AM (GMT+07:00)
To: Dewi Winarto

Dewi Winarto

unread,
Jun 11, 2015, 3:11:10 AM6/11/15
to suhendra_upi, Dede Sujatna, Dicky Maulana, mitra-su...@googlegroups.com, wher...@gmail.com
Hatur nuhun ka Pak Dede sareng Pak Suhendra, parantos eces jentre....
Wass
Dewi 

Noted:
Teu kenging ngaggo:
Ibu Dewi
Atanapi ,Teh Dewi
Atanapi, Ceu Dewi

Margi ... " Ngadaban" ( nga adab an ) margi... maneh 



Sent from my iPhone

Dede Sujatna

unread,
Jun 11, 2015, 10:43:27 PM6/11/15
to Dewi Winarto, suhendra_upi, Dicky Maulana, mitra-su...@googlegroups.com, wher...@gmail.com
Salam Ibu Dewi.
 
Nuhun upami waleran ti abdi katampi areng kahartos. Punten aya hiji koreksi kanggo Ibu. Numutkeun ejaan basa Sunda mah “Bapa” sareng “Pa” teh teu nganggo akhiran “K” margi upami diseratna “Bapak/Pak” dina basa Sunda mah kedah diucapkeun sapertos dina kecap “dempak, marakpak, kadupak”. Mugi ulah bendu, nya?

Version: 2015.0.5961 / Virus Database: 4360/9998 - Release Date: 06/11/15

Dewi Winarto

unread,
Jun 11, 2015, 11:00:39 PM6/11/15
to Dede Sujatna, suhendra_upi, Dicky Maulana, <mitra-sunda-perth@googlegroups.com>, <whermawan@gmail.com>
Hatur nuhun ...
Pa sareng Bu... 
Boro bendu atoh aya anu gaduh guru.. 

Sent from my iPhone

Dede Sujatna

unread,
Jun 15, 2015, 8:43:02 PM6/15/15
to mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun para Mitra.
 
Wilujeng enjing . Kumaha daramang?
 
Minggu nu kalangkung Kang Wawan Hermawan nyuhunkkeun supados sim kuring ngajentrekeun naon bentenna anatawis meuli-meser-ngagaleuh; boga-gaduh –kagungan sareng sajabina ti eta.
Ieu teh naon anu disebatna UNDAK USUK BASA SUNDA anu hartosna panta-panta basa / tata krama/ sopan santun dina salebeting ngagunakeun basa Sunda. Panta-panta basa teh aya opat nyaeta: 
1. Basa cohag : contona: ngalebok, molor.
2. Basa loma: contona: dahar, sare
3. Basa sedeng:contona: neda, mondok
4. Basa lemes: contona: tuang, kulem
 
1.Basa cohag dianggona upami nyarios sareng sahandapeun (yuswana/pangkatna) atanapi sasama tapi bari ambek atanapi ngahina. Contona: Naa sia teh gawe teh ngan molor bae!  Ari ngalebok teh ulah dibanrengan jeung ceplak, ngewa!
2. Basa loma dianggona upami nyarios sareng sasama. Contona: Maneh tadi dahar peuteuy, nya? Eta teurab mani bau peuteuy. Tadi peuting uing teu bisa sare mikiran kabogoh direbut batur.
3. Basa sedeng dianggona upami nyarios sareng saluhureun (yuswana/pangkatna) anu nerangkeun soal diri pribadi. Contona: Abdi mah tara neda jengkol margi sieun jengkoleun. Abdi mah upami mondok teh sok kerek; sakapeung mah sok isin ku mertua.
4. Basa lemes dianggona upami nyarios sareng saluhureun(yuswana/pangkatna) anu nerangkeun soal anjeunna. Contona: Dupi Bapa tuang wengi sok tabuh sabaraha? . Bapa upami kulem lampuna kedah caang atanapi pareum ?
 
Dina attachment simkuring mung masihan daptar basa sedeng sareng lemes. Mugi-mugi bae aya gunana kanggo para mitra. Kade ulah lepat milih kecap anu kanggo ka saluhureun dianggo keur diri pribadi.
 
Ibu Ade Scaf kantos maparinan komentar saurna :”Urang Sunda mah kanibal, margi putra.saderek. raka, ibu, rama sadayana dituang”.
 
Para Mitra mung sakitu anu tiasa kasanggakeun. Sarehna bade sasih Siam sim kuring miwah pun bojo “Ngahaturkeun wilujeng ngalaksanakeun Ibadah Puasa. mugi-mugi ibadah urang sadaya ditampi ku Allah SWT. Sajabina ti eta sim kuring oge neda dihapunten samudaya kelepatan lahir batin”
 
Wassalaam,
 
Dede
 
 
UNDAK USUK.docx

Wawan Hermawan

unread,
Jun 16, 2015, 12:15:25 AM6/16/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Hatur nuhun Pak Dede,

mudah-mudahan kapayun abdi teu lieur deui upami nyarios sareng sepuh.

Salam,
Wawan

Dede Sujatna

unread,
Jun 16, 2015, 1:02:31 AM6/16/15
to Wawan Hermawan, mitra-su...@googlegroups.com
Kang Wawan,
 
Ieu aya koreksi alit kanggo Kang Wawan. Dina ejaan basa Sunda kecap “Bapa” atannapi “Pa” teh diseratna henteu nganggo akhiran “K”. Upami nganngo “K” mah ucapanana kedah sapertos dina kecap “kampak, tumpak, rampak” .
 
Dede
 
Sent: Tuesday, June 16, 2015 12:15 PM
Subject: Re: Salasa Nyunda

No virus found in this message.


Checked by AVG - www.avg.com

Version: 2015.0.5961 / Virus Database: 4365/10025 - Release Date: 06/15/15

Wawan Hermawan

unread,
Jun 16, 2015, 8:04:08 AM6/16/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Tuh kan lepat deui...hatur nuhun Pa Dede koreksina.

Salam,
Wawan

Dewi Winarto

unread,
Jun 16, 2015, 9:26:45 AM6/16/15
to Wawan Hermawan, Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Pa Wawan,
Abdi oge sami tos dilereskeun ku Pa Dede ulah kanggo ' K '
Hatur nuhun Pa Dede 

Sent from my iPhone

Ade Scaf

unread,
Jun 16, 2015, 6:40:00 PM6/16/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Aduuhhh abdii janteeenn isin pisan...

Geningan mani 4 tingkatan kitunya dina basa sunda teh....

Mugia abdi aya kamajengan henteu ngagunakeun bahasa cohag

Salam baktos,

Ade Scaf




Sent from Samsung tablet


-------- Original message --------
From: Dede Sujatna <dsuj...@optusnet.com.au>
Date: 16/06/2015 08:42 (GMT+08:00)
To: mitra-su...@googlegroups.com
Subject: Salasa Nyunda

Reply all
Reply to author
Forward
0 new messages