Salasa Nyunda

172 views
Skip to first unread message

Dede Sujatna

unread,
Jul 4, 2016, 11:32:12 PM7/4/16
to mitra-su...@googlegroups.com
Samprasun para Mitra MSWA
 
Wirehing Boboran Siam 1437 Hijriah ,sim kuring sakulawagi seja ngahaturkeun WILUJENG BOBORAN SIAM, SARENG NEDA DIHAPUNTEN SAMUDAYA KALEPATAN, KALULUPTUTAN LAHIR BATIN. Mugi-mugi sadaya ibadah urang sadayana ditampi ku Allah SWT. Mugi-mugi uarang sadayana dipaparinan kasehatan sarta kasalematan dunya aherat. Amin.
 
Wassalam,
 
Dede

Dewi Winarto

unread,
Jul 5, 2016, 1:09:35 AM7/5/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Kahatur 
Pak Dede sakulawargi,
Sareng wargi Mitra Sunda sadayana, 

Taqobbalallahu minna wa minkum 
Barakallahu Fiikum. 
1 Syawal 1437 H 

Hapunten lahir batin 

Hadi & Dewi Winarto
 
Samprasun para Mitra MSWA
Sent from my iPhone

Suhendra

unread,
Jul 5, 2016, 1:33:27 AM7/5/16
to Dewi Winarto, Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Rampes ... 

Kahatur Pa Dede miwah Ibu, Ibu Dewi miwah Pa Hadi, tur sakumna anggota MSWA di pangumbaraan .. sim kuring sarimbit neda dihapunten samudaya kalepatan miwah kaluluputan. Taqabbalallahu minna waminkum, shiyaamana wa shiyaamakum, waghafarallahu lana walakum. Mugi saba'da Ramadhan urang langkung sae sagala rupina .. insya Allah

Wassalam,


Suhendra sarimbit

Wawan Hermawan

unread,
Jul 5, 2016, 2:21:24 AM7/5/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Sami-samo Pak Dede. Mugia dihapunten tina sagala kalepatan, bilih aya cariosan atanapi laku lampah nu matak raheut kana manah. Mugi hate urang sadayana diberesihkeun deui tina sagala kokotor salami satahun kapengkeur. Aamiin ya rabbal alamin.

Salam,
Wawan & Kel.

Sent from my iPhone

Augy Wilangkara

unread,
Jul 5, 2016, 6:08:10 AM7/5/16
to Wawan Hermawan, Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun para wargi sadayana,

Sim kuring sarimbit kitu oge nyuhunkeun dihapunten samudaya kalepatan lahir batin. oge ngahaturkeun, Wilujeng Boboran Shiam 1437H ka wargi salembur sadayana, mugi aya dina kasalametan . 
Salam
Augy & kulawargi 

Dede Sujatna

unread,
Jul 5, 2016, 7:45:11 PM7/5/16
to mitra-su...@googlegroups.com
 
Sampurasun para MItra MSWA
 
Dinten ieu teh Rebo 6 Juli 2016 dintenan Lebaran. Sing kuring ngaraos waas nuju  jaman budak keneh ari dina dinten Lebaran teh sok dianggoan acuk weuteuh mani asa ginding sorangan. Sajabina ti eta oge saku seueur eusian margina waktos munjungan ka  para sepuh nyaeta ti Aki& Nini oge ti Uwa-uwa sareng Emang & Bibi sok dipaparinan artos pitrah. Kumargi seueur artos sim kuring sok meser petasan mani resp nyeungeut petasan teh. Aya rupi-rupi petasan teh. Kumargi sim kuring mah budak leutik keneh nyeungeut petasan teh anu aralit anu disebat petasan cecengekan sareng cacabean. Sajabina ti eta sim kuring oge waas ku seueurna katuangan di unggal bumi. Katuangan anu khas dina dinten Lebaran teh nu kaemut ku sim kuring mah nyaeta kupat, sambel goreng ati, angeun lodeh sareng kurupuk. Kumaha panglaman para Mitra MSWA dina dinten Lebaran di lembur? Mangga urang bagi-bagi pangalaman. Diantos dongengna ti para Mitra MSWA. hatur nuhun sateucana.
 
Salam
 
Dede

yaniosyana

unread,
Jul 7, 2016, 6:32:16 PM7/7/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Assalamualaikum wr.wb pak Dede sareng mitra sadayana,

Kami sekeluarga mengucapkan

تَقَبَّلَ اللّهُ مِنَّا وَ مِنْكُمْ صِيَمَنَا وَ صِيَمَكُمْ كُلُّ عَامٍ وَ أَنْتُمْ بِخَيْرٍ

Taqabballahu minna wa minkum, shiyaamana wa shiyamakum. Kullu’aam wa antum bikhair

Semoga amalanku dan amalanmu, puasaku dan puasamu diterimaNya serta disempurnakanNya. Baarakallahu fiikum. Aamiin ya rabbal 'alaamiin

Selamat Hari Raya Idul Fitri 1 Syawal 1437 H. Mohon maaf Lahir dan Bathin

Belebat idul fitri tos ngahiyap-hiyap nganteur kalangkang catetan amal nu meh wekasan, bilih aya saur nu teu ka ukur, basa nu teu kareka, ucapan anu lepat, janji anu jalir, sumpah nu sulaya, tur tingkah paripolah nu heunteu merenah kana manah, ka iring ku hate nu simpe, kereteg hate nu simpe sareng manah anu genah, clik putih clak herang, pribados neda dihapunten tina sanes kanten samudaya kalepatan, lahir tumakaning, bathin kasadayana. Taqoballahu Minnaa Waminkum, Shiyamanaa Washiyamakum

Wassalam, 

Yani Dino Naufal

Sent on the go with Vodafone

Dede Sujatna

unread,
Jul 13, 2016, 1:20:09 AM7/13/16
to mitra-su...@googlegroups.com
 
Sampurasun para Mitra MSWA.
 
Dina hiji wengi ,dua minggu sateuacana Ramadhan sim kuring kasumpingan ku Ibu Ade Scaf, pupuhu MSWA, anu diserangan ku Kang Dicky sareng putrana, Kang Wawan sapiri umpi sareng Kang Yudhi sarimbit. Sim kuring teu kinten bingahna margi Ibu Ade ngintun baso sapanci ageung sareng sapuratina tina bungbu dugi ka mangkokna sareng sendokna kumplit, sajabina ti baso Ibu Ade oge ngintun Snow crab sabaskom ageung. Pun bojo teu kinten bingaheunana margina manehna mah sedep pisan kana kapiting teh. Baso anu masih panakeneh di taruang kusadayana dugi ka wararareg malih masih keneh seueur sesana. Sim kuring teh sajabina ti ngaraos bingah oge ngaraos hemeng kunaon tara-tara tisasari ieu pangurus MSWA sarumping ka rorompok.
 
Saparantos rengse taruang Ibu Ade ngawitan cumarios. Sihoreng Ibu Ade teh bendu ka para anggota pangurus MSWA margina nalika anjeuna neda bantuan ti para anggota pangurus MSWA teu aya saurang-urang acan anu kersa masihan bantuan ka Ibu Ade. Janten Ibu Ade teh bade pundung sareng bade “mengundurkan diri sebagai Sesepuh MSWA”. Dupi anu janten alatan kunaon Ibu Ade bade pundung teh nyaeta kieu:
 
Aya urang Sunda anu jenenganana Pa Jimmy anu parantos lami ngumbara di Perth tapi tara campur sareng Sunda anu sanesna. Anjeuna nyewa gudang (shed) di bumi hiji kulawarga Itali. Kulawarga Pa Jimmy teh ayana di Indonesia.Takdir Allah SWT Pa Jimmy teh tilar dunya di gudang tea. Kumargi kulawarga Itali teh teu terageun saha anu kedah dihubungi atuh anu dihubungi teh Pulisi. Salajengna Pulisi ngahubungi Kedutaan Indonesia di Canberra nerangkeun aya uarng Indonesia asal ti Bandung anu pupus di Perth sareng teu gaduh kulawarga. Kumargi Pulisi nyebatkeun urang Bandung KBRI nyarankeun ka Pulisi supados ngahubungi ketua Mitra Sunda di Perth nyaeta Ibu Ade. Atuh Ibu Ade teh teu wudu sibukna ngalereskeun naon anu kedah dilakukeun ke ajeuna. Kukituna Ibu Ade teh nyuhunkeun bantuan ka paa pangururs MSWA tapi saur Ibu Ade teu aya anu sayagi mantuan Ibu Ade padahal teu kinten seueurna anu kedah diurus ti ngawitan acara penguburan dugi ka urusan panghsiunna Pa Jimmy. Tah eta margina Ibu Ade bendu teh. Dugi ka danget ieu sim kuring teu terang naha Ibu Ade teh masih keneh janten Pupuhu MSWA atanapi henteu. M<ugi-mugi bae Ibu Ade teh sing ikhlas dina selebeting ngurus persoalan Pa Jimmy.
 
Sim kuring emat dina basa Sunda aya paribasa anu nyebatkeun :”JELEMA MAH LEUTIK RINGKANG GEDE BUGANG” anu hartosna jelema mah benten sareng sato nyaeta upami maot seueur urusanana komo upami maotna di panyabaan atanapi di pangumbaraan. Kukituna jalmi mah upami di pangumbaraan kedah seueur batur. Sim kuring emut waktos masih keneh sakola di SD sok ngapalkkeun pupuh Sinom anu kieu unina:
UTAMANA JALMA KUDU REA BATUR
KEUR SILIH TULUNGNGAN
SILIH TITPKEUN NYA DIRI
KABAGJAAN LANTARAN LANTARAN TI PADA JALMA.
 
Salam
 
Dede
 
  

Dede Sujatna

unread,
Jul 20, 2016, 1:20:55 AM7/20/16
to mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun para Mitra MSWA.
 
Punten ieu sim kuring nembe sempet kintun tatarucingan.
 
Dina Basa Sunda naon disebatna upami urang nuang kalapa ngora sareng gula beureum,  atanapi nuang kurupuk sareng bonteng atah ?
 
Mangga diantos waleranana.
 
Dede

Ike

unread,
Jul 21, 2016, 4:17:19 AM7/21/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Rampes pa Dede, 

Punten ah, abdi taluk, teu tiasa ngawaler, sigana dicoret dari jajaran MSWA 😂😂😂 tidak bisa basa Sunda yang baik dan benar. Ari kurupuk sareng bonteng mah osok nuang jaman alit keneh, kalapa sareng gula beureum oge kangtos..

Diantos ah...jawabannya dari semua,  hoyong terang ...☺️ haturnuhun.....

Salam, 
Ike Wawan

Sent from ikephone

Wawan Hermawan

unread,
Jul 21, 2016, 4:28:03 AM7/21/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Pak Dede,

Nuang bonteng sareng kurupuk mah nikmat kasebatna Pak Dede :-). Dugi ka ayeuna abdi masih resep nuang bonteng sareng kurupuk.

Salam,
Wawan

Sent from my iPhone

On 20 Jul 2016, at 1:20 PM, Dede Sujatna <dsuj...@optusnet.com.au> wrote:

Dede Sujatna

unread,
Jul 26, 2016, 11:51:35 PM7/26/16
to mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun para Mitra MSWA
 
Hapunten sim kuring teu tiasa ngintun e-mail kamari (Salasa) margi telephone line Optus di rorompok aya gangguan janten komputer sim kuring teu tiasa dihubungkeun kana internet. Nembe tadi enjing-enjing aya petugas ti Optus anu ngalereskeun telephone line na.
 
Minggu anu kalangkung sim kuring ngintunkeun tatarucingan perkawis naon disebana tuang kalapa ngora sareng gula beureun , oge tuang kurupuk sareng bonteng. Hatur nuhun ka Teh Endah, Kang Wawan sareng Teh Ike anu parantos ngintunkeun waleranana sanaos bari teras taluk = teu uninga jawabanana.
 
Nuang kalapa ngora + gula beureum atanapi nuang kurupuk + bonteng teh mangrupi kalangenan urang Sunda kapungkur sateuacana uarang Sunda dikenalkeun kana es teler atanapi baso sareng siomay. Kukituna kombinasi kalapa ngora+gula beureum sareng kurupuk+ bonteng teh karaosna ku letah urang Sunda dina waktos harita teu kinten raosna. Saur Kang Wawan oge disebatna “nikmat”. Eta kecap teh kecap basa Arab. Dina basa Sunda mah ieu kalangenan teh disebatna “arewe de’et”.
 
Dede

Dicky Maulana

unread,
Jul 27, 2016, 12:45:13 AM7/27/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Terjemahan Salasa Nyunda


Sampurasun para Mitra MSWA
 
Hapunten sim kuring teu tiasa ngintun e-mail kamari (Salasa) margi telephone line Optus di rorompok aya gangguan janten komputer sim kuring teu tiasa dihubungkeun kana internet. Nembe tadi enjing-enjing aya petugas ti Optus anu ngalereskeun telephone line na.
 Mohon maaf hari Selasa kemarin saya tidak bisa mengirimkan email karena jalur telpon di rumah mengalami gangguan. Baru tadi pagi ada petugas yang memperbaikinya.

Minggu anu kalangkung sim kuring ngintunkeun tatarucingan perkawis naon disebana tuang kalapa ngora sareng gula beureun , oge tuang kurupuk sareng bonteng. Hatur nuhun ka Teh Endah, Kang Wawan sareng Teh Ike anu parantos ngintunkeun waleranana sanaos bari teras taluk = teu uninga jawabanana.
 Minggu lalu saya mengirimkan pertanyaan tentang mengapa makan kelapa muda dengan gula merah, juga kerupuk dengan timun. Terima kasih untuk Teh Endah, Kang Wawan dan Teh Ike yang sudah mencoba menjawab meskipun sambil takluk tidak tau jawabannya.


Nuang kalapa ngora + gula beureum atanapi nuang kurupuk + bonteng teh mangrupi kalangenan urang Sunda kapungkur sateuacana uarang Sunda dikenalkeun kana es teler atanapi baso sareng siomay. Kukituna kombinasi kalapa ngora+gula beureum sareng kurupuk+ bonteng teh karaosna ku letah urang Sunda dina waktos harita teu kinten raosna. Saur Kang Wawan oge disebatna “nikmat”. Eta kecap teh kecap basa Arab. Dina basa Sunda mah ieu kalangenan teh disebatna “arewe de’et”.
 Makan kelapa muda+gula merah atau kerupuk+timun merupakan kegemaran orang Sunda dahulu sebelum mengenal es teler atau baso dan siomay. Oleh karena itu, kombinasi makanan itu di lidah sunda waktu itu sangatlah enak. Kata Kang Wawan juga disebutnya 'nikmat'. Itu adalah kata dari Bahasa Arab. Dalam bahasa Sunda, kegemaran ini disebutnya arewe de’et”.

Dede

Dede Sujatna

unread,
Aug 1, 2016, 7:31:19 PM8/1/16
to mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun para Mitra MSWA,
 
Mangga urang  tatarucingan deui.
 
Neng Otih putra Pa Walikota , mojang anu geulis tur pinter.  Lulusan Curtin Universty kenging gelar MBA. Ayeuna kagungan kalungguhan janten Wakil Direktur perusahaan swasta di Bandung. Parantos kagungan bumi ku anjeun . Angkat ka Kantor oge nganggo mobil.
 
Kang Eman keleresan bumina caket bumina Neng Otih. Kang Eman teh lulusan SMA didammel di Kota Madya di bagian keuangan. Unggal dinten sok
tepang sareng Neng Otih. Kumargi sering tepang sareng anu geulis Kang Eman teh kagembang ku kageulisan Neng Otih. Bogoh nyoso, beak karep. Ti peuting kaimpi-impi, ti beurang kapirasa. Kacipta kumaha gumibirana lamun seug diparengkeun tiasa ngadahup ka Neng Otih.
 
Dina Basa Sunda aya opat paribasa anu tiasa dilarapkeun kana kahayang Kang Eman. Cobi para Mitra sim kuring hoyong terang naon eta opat paribasa Sunda teh ?   Diantos waleranana.
 
 
Dede

Wawan Hermawan

unread,
Aug 1, 2016, 7:53:38 PM8/1/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Hatur nuhun Pak Dede,

Bade nyobian:
1. Aya hate kadua leutik

Kang Eman aya hate kadua leutik ka Neng Otih

Mung hiji heula, ke bade ngemut deui

Salam,
Wawan

Sent from my iPhone

suhendra suhendra

unread,
Aug 1, 2016, 10:14:13 PM8/1/16
to Wawan Hermawan, Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Rampesss ...

Mugia dulur-dulur mitra Sunda di pangumbaraan aya dina kawilujengan.

Pa Dede, abdi bade nyobian neraskeun waleran Kang Wawan.

1)      ‘Henteu nalipak maneh’ atawa ‘Henteu ngukur ka kujur’: enteu ningali kaayaan dirina
2)      ‘Beunghar memeh boga’: Boba kahayang nu teu saimbang jeung kaayaan dirina
3)      ‘Ngajul bentang ku asiwung’: Hal anu pamohalan kalaksanakeun
4)      ‘Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir’: Mikahayang anu henteu layak pikeun dirina
5)       Ngudag-ngudag kalangkang heulang’: Miharep perkara anu samar bakal kalaksanakeun
6)       ‘Kawas hayam keur endogan’: Teu daek cicing geus teu sabar ngadagoan nu diarep-arep
7)       ‘Daluang katinggang mangsi ‘: Susuganan kanasiban aya jodo



Sono ti lembur,


Suhendra

Dede Sujatna

unread,
Aug 1, 2016, 11:58:46 PM8/1/16
to suhendra suhendra, Wawan Hermawan, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Pa Suhendra
 
Hatur nuhun kana waleranana. Mani sono ka sadayana wargi di lembur Bandung. Duka iraha abdi tiasa tepang sareng sadayana. Nineung keur jaman katukang. Waas kacipta Bandung sateuacana “heurin ku tangtung”, basa Bandung halimunan.
 
Dede
 
Sent: Tuesday, August 02, 2016 10:14 AM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

No virus found in this message.
Checked by AVG - www.avg.com
Version: 2016.0.7690 / Virus Database: 4613/12726 - Release Date: 08/01/16

Dede Sujatna

unread,
Aug 8, 2016, 8:24:30 PM8/8/16
to mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun para Mitra MSWA
 
Ieu mah dongeng. Aya urang Jawa turunan priyayi jenenganana Raden Sastro. Parantos lami dumuk di Australi malih parantos janten WNA. Kapungkur didamel janten dosen di salah sawios Univesitas di Melbourne. Ayeuna parantos pangsiun. Aya anu nyarios waktos anjeuna ngawulang di Universitas upami ajeuna “memperkenalkan dirina” ka para mahasiswana so nyebatkeun “ My name is Raden Satro. I am a Javanese. In Javanese language Raden means  priyayi, an aristocrat”. Sim kuring teu terang naon maksadna anjeuna nyebatkeun kitu naha mung saukur nerangkeung kabudayaan Jawa atanapi palay dihormat ku para mahasiswana. Anu kabandungan ku sim kuring anjeuna teh  salamina barlaku formal, ka rerencanganana salamina nyaur ku nami utamana.Contona upami nyarios sareng sim kuring salamina nyebat sim kuring Sdr.Sujatna tara nyebat  Sdr.Dede. Di kantor tara tara gaul sareng kolehana. Sumping ka Universitas lebet ka kantorna, tara kaluar ti kantorna kajabi upami bade masihan kuliah atanapi hadir dina rapat para dosen. Sarengsena maparin kuliah langsung mulih. Di bumi tara meresihan bumi atanapi ngurus kebon tapi getol maos buku janten “kutu buku”. Kukituna kenging disebatkeun hiji dosen anu seueur elmuna. Dina unggal seminar anjeuna sering ngadebat atanapi masihan patarosan-patarosan anu rumit.
 
Geureuhana parantos  lami tilar dunya. Di bumina direncangan ku saurang mahasiswa Indonesia. Ku margi tara kersa ngurus bumi atuh bumina teh teu kaurus, kalotor sareng rareksak. Sabada pangsiun sok sering teu damang malih kantos dirawat sababaraha kali di rumah sakit. Di rumah sakit tara aya anu ngalongok da tara gaul sareng batur. Di rumah sakit anjeuna kenalkeun dirina Mr.Raden. Janten sadayana perawat nyebat Raden ka anjeuna.
 
Para Mitra sim kuring gaduh patarosan paribasa Sunda naon anu tiasa dilarapkeun kana sipat Raden Satro ? Diantos waleranana. Hatur nuhun.
 
Dede

Dede Sujatna

unread,
Aug 15, 2016, 11:53:11 PM8/15/16
to mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun para Mitra MSWA
 
Dina Basa Sunda aya istilah “kecap rajekan” anu dina Bahasa Indonesia disebatna “kata ulang”, contona “tiba-tiba; kadang-kadang” dll.
Ku pangemut sim kuring Basa Sunda teh beunghar ku “kecap rajekan”. Di handap ieu sim kuring bade masihan sababaraha conto  “kecap rajekan” dina Basa Sunda.
 
1.Subah-subuh manehna geus ngurunyung rek menta duit keur meuli roko cenah.
2.Isuk-isuk kuring mumuluk ku kupat tahu.
3.Buru-buru atuh dangdan teh bisi katinggaleun bus.
4.Asa-asa geus panggih jeung jelema eta teh tapi teu inget di mana.
5.Unggal isuk kuring jalan-jalan opat puluh lima menit.
6. Aya Nini-nini jeung Aki-aki anu keur ngobrol di tepas hareup.
7. Budak teh leutik-leutik peupeuleukeuk.
8. Sing ati-ati di jalan ulah talingeuh bisi cilaka.
9.Kini-kini teh anak papatong.
10.Ditanya teh pura-pura teu ngadenge.
11.Api-api gering da embung sakola.
12.Tong olo-olo silaing bisi digebug ku dewek.
13.Boro-boro mere dahar mere nginum ge henteu.
14.Abong-abong loba duit mani sagala dibeuli.
15.Kena-kena geus jadi gegeden mani embung wawuh jeung kuring.
16.Amit-amit jabang bayi ulah siga manehna.
17.Alon-alon asal kalakonan.
18.Konaon jelema teh teu pupuguh ujug-ujug labuh.
19.Budak teh teu bisa ngomong sigana keuna ku euereup-eureup.
20. Kuring rek meuli peuyeum jeung dodol keur  oleh-oleh.
21.Mahasiswa di universitas ieu rata-rata anak nu beunghar.
22.Kumaha kira-kirana daekeun lamun diajak kawin ku kuring?
23.Sukuna bareuh sigana mah boga panyakit bir-biri.
 
Tah mung sakitu anu kaemut ku sim kuring mah. Mangga ditambihan ku para Mitra upami aya anu teu kasebat ku sim kuring.Diantos waleranana.
Hatur nuhun.
 
Dede

Ike

unread,
Aug 16, 2016, 1:39:08 AM8/16/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Haturnuhun pak Dede kintunan salasa sunda na , asa jadi bray emut jaman sakola, kecap ajekan teh hehe...

- pulang paling
- udar ider 
- bulak balik

Sakitu nu emut..., hehe..

Salam, 
Ike 

Sent from ikephone

Wawan Hermawan

unread,
Aug 16, 2016, 8:16:54 PM8/16/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Salam pak Dede,

bade nyobian..

- Kang Omod gura giru balik ka imah da sieun dicarekan ku pamajikan nana
- Jang Emed kutatang koteteng ka kolong kasur neangan sendal capit manehna 


sok nu sanes mangga....

salam,
wawan

Dede Sujatna

unread,
Aug 17, 2016, 12:43:24 AM8/17/16
to Wawan Hermawan, mitra-su...@googlegroups.com
Nuhun Kang Wawan kana tambihanana oge ka Teh Ike sami nuhunna
 
Dede
 
Sent: Wednesday, August 17, 2016 8:16 AM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

No virus found in this message.


Checked by AVG - www.avg.com

Version: 2016.0.7752 / Virus Database: 4647/12824 - Release Date: 08/17/16

Dede Sujatna

unread,
Aug 22, 2016, 9:21:13 PM8/22/16
to mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun para Mitra MSWA
 
 
Hatur nuhun ka Kang Wawan, Ustadz Mumuh, Teh Ike sareng Teh Tuzie anu parantos masihan tambihan sareng patarosan kana tulisan sim kuring minggu anu kalangkung ngeuaan “kecap rajekan”. Dinten ieu sim kuring bade nambihan conto-conto “kecap rajekan” anu benten sareng naon anu parantos kasanggakeun.
 
1. Aya kecap rajekan anu mintonkeun jugala (pertandingan) anu dicirian ku awalan “PA’+ kecap rajekan.
   Contona:    Pabisa-bisa cieun kueh anu ngeunah.
                      Patarik-tarik lumpat
                      Paalus-alus gambar
                      Paheula-heula ngaanggeuskeun pagawean
                      Palila-lila teuleum
2. Aya kecap rajekan anu salah sawios sorana digentos
    Contona:    Cicing di imah atuh ,ulah udar-ider bae
                       Nyeri beuteung, bulak balik ka toilet
                       Jalma panjang leungeun mah  sok resep puak-paok
                       Si eta mah cunihin  sok resep tual-toel ka awewe
                        Budak teh karalang-kuriling neangan  duitna anu ragrag di kebon
3. Aya kecap rajekan anu nganggo kecap sabalikna (lawan kata).
    Contona:      Numpak angkot mah jauh-deukeut mayarna sarua bae .
                         Kolot-budak kabeh beuki dahar duren.
                         Lamun maca Qur’an kudu bener pajang-pondokna ucapan
                        
Dede
                         
                          
                                               
                      
                              

Dede Sujatna

unread,
Aug 29, 2016, 7:49:57 PM8/29/16
to mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun para Mitra MSWA
 
Dina Basa Sunda aya sababaraha anu disebat kecap panganteb. Dina Bahasa Indonesia disebatna kata penekan arti. Ieu kecap teh teu tiasa diterjemahkeun kana basa anu sanes. Sakaterang sim kuring dina Basa Betawi aya dua kecap panganteb nyaeta dong  sareng sih. Contona dina kalimat:
 
1. Ayo dong kita pergi sekarang!
2. Siapa sih yang mau berteman dengan dia?
 
Kecap panganteb dina Basa Sunda anu pang seringna dianggo nyaeta mah.teh, atuh. Sajabina ti eta cing, pek, sok, tah, ah. Contona dina kalimat:
 
1. Kang abdi mah alim dicandung.
2. Bumi saha eta teh mani sigrong?
3. Ulah kitu atuh ari ka kolot mah.
4. Cing atuh digawe teh sing bener!
5. Pek geura dahar atuh ari geus lapar mah.
6. Sok saha nu wani gelut jeung kuring?
7. Tah ari nu ieu sabaraha hargana ?
8. Ah abdi mah kumaha Bapa bae.
 
Dede

Suhendra

unread,
Aug 29, 2016, 9:17:13 PM8/29/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Rampesss ...

Aya nu sanesna .. 'euy', 'cik', 'lah'

Tumaros Pa Dede .. naon bentenna kecap 'wae' sareng 'bae'? Nu leres, ka mana wae .. ka mana wae? 


Wassalam,


Suhendra






-------- Original message --------
From: Dede Sujatna <dsuj...@optusnet.com.au>
Date: 30/08/2016 06:49 (GMT+07:00)
To: mitra-su...@googlegroups.com
Subject: Salasa Nyunda

Augy Wilangkara

unread,
Aug 29, 2016, 9:37:41 PM8/29/16
to Suhendra, Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Rampes Kang Hendra , Pa Dede,

Ngiring tumaros, dupi kecap 'jug', 'har' lebet kana kecap panganteb oge?

Salam,
Augy

LIA LIA

unread,
Aug 29, 2016, 9:57:01 PM8/29/16
to mitra-su...@googlegroups.com, Dede Sujatna
Rampess,

Lamun di Rangkasbitung, Banten mah aya kecap "Jing" artina kirang leuwih "dong"

Conto:
"Ulah kitu, jing.." artina "Jangan gitu, dong.."

Tong kaget upami ka Rangkasbitung. Ieu teh sanes ngahina pake kecap "anjing" tapi kecap panganteb wungkul 😁

Salam,

Dede Sujatna

unread,
Aug 29, 2016, 10:41:58 PM8/29/16
to Suhendra, mitra-su...@googlegroups.com
Pa Suhendra
 
Hatur nuhun kana panambihna. Sakaterang abdi mah wae sareng bae sami hartosna tiasa dipacorokkeun (interchangeable)
 
Salam
 
Dede
Sent: Tuesday, August 30, 2016 9:17 AM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

No virus found in this message.


Checked by AVG - www.avg.com

Version: 2016.0.7752 / Virus Database: 4649/12906 - Release Date: 08/29/16

Dede Sujatna

unread,
Aug 29, 2016, 10:45:59 PM8/29/16
to Augy Wilangkara, Suhendra, mitra-su...@googlegroups.com
Kang Augy
 
Nuhun kana patarosanana. Ku pangemut sim kuring har kalebet kana kecap panganteb. Sedengkeun jug mah eta teh singgetan tina kecap rajekan ujug-ujug.
 
Salam
 
Dede
 
Sent: Tuesday, August 30, 2016 9:37 AM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

No virus found in this message.

Dede Sujatna

unread,
Aug 29, 2016, 10:48:57 PM8/29/16
to LIA LIA, mitra-su...@googlegroups.com
Teh Lia
 
Hatur nuhun kana tambihan kateranganana.
 
Salam
 
Dede

No virus found in this message.

Dede Sujatna

unread,
Sep 5, 2016, 9:05:07 PM9/5/16
to mitra-su...@googlegroups.com
 
Sampurasun para Mitra MSWA
 
Minggu anu kalangkung Ibu Ade Scaf ngintunkeun patarosan kieu: “Naha dina basa Sunda osok aya kata2 dan gerakan yang dibunyikan ? Contoh : Torolong ngomong; Blem dihuapkeun; Gek diuk sareng sajabina”. Ku sim kuring diwaler patarosan Ibu Ade teh bade dipedar dinten ieu.
 
Dina Basa Sunda kecap “torolong, blem, gek”  teh disebatna “kecap panganteur pagawean”. Basa Sunda ngagaduhan seueur “kecap panganteur pagawean”. Kecap panganteur pagawean teh  benten-benten di hiji daerah sareng daerah sanesna. Di dieu sim kuring bade masihan conto sababaraha  kecap panganteur pagawean sakaterang sim kuring. Upami para Mitra uninga conto anu sanesna mangga dikintunkeun kana acara Salasa Nyunda. Hatur nuhun sateuacana.
 
Jung nangtung – Gek diuk – Gog nagog – Jrut turun – Reup peureum – Dug sare – Nyeh imut – Hing ceurik – Terekel naek – Pok ngomong – Korejat hudang – Dut hitut – Blug labuh – Berebet lumpat – Belenyeng lumpat tarik pisan – Bek neunggeul – Pes pareum – Bray caang – Eureuleu teurab – Lep teuleum – Ngok nyium – Gubrag ragrag – Barakatak seuri – Brus ancrub – Blak nangkarak – Bleng dialungkeun – Am diahuapkeun – Cor dikucurkeun – Bray dibukakeun – Sup diasupkeun.
 
Dede

Suhendra

unread,
Sep 6, 2016, 11:28:30 AM9/6/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Rampesss ...

Topik nu sae pisan kanggo dibahas. Hatur nuhun Pa Dede & Ceu Ade. Abdi bade ngiringan tumalapung nambihan kecap panganteur nu sanesna.

Reup sare (tidur), gantawang nyarekan (marah), belenyeh imut (tersenyum), plok nyabok (menempeleng) ... Mangga nu sanesna.

Wassalam,


Suhendra 





-------- Original message --------
From: Dede Sujatna <dsuj...@optusnet.com.au>
Date: 06/09/2016 08:04 (GMT+07:00)
To: mitra-su...@googlegroups.com
Subject: Salasa Nyunda

Dede Sujatna

unread,
Sep 6, 2016, 10:04:34 PM9/6/16
to Suhendra, mitra-su...@googlegroups.com
Nuhun Pa Suhendra kana tambihanana
 
Salam
 
Dede
 
From: Suhendra
Sent: Tuesday, September 06, 2016 11:27 PM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

No virus found in this message.


Checked by AVG - www.avg.com

Version: 2016.0.7752 / Virus Database: 4649/12952 - Release Date: 09/05/16

Dewi Winarto

unread,
Sep 6, 2016, 11:14:43 PM9/6/16
to Dede Sujatna, Suhendra, mitra-su...@googlegroups.com
Rampes 
Cik ieu leres nteu?

Reuy geuneuk - 
Ray pias - 
Bru nambru - 
Kerewek ditewak - 
Gabrug dirangkul - 

😀😀😀

dw

Sent from my iPhone

Dede Sujatna

unread,
Sep 6, 2016, 11:55:29 PM9/6/16
to Dewi Winarto, Suhendra, mitra-su...@googlegroups.com
Ibu Dewi,
 
Nuhun kana panambihna.Leres pisan sadayana.
 
Dede
 
Sent: Wednesday, September 07, 2016 11:14 AM

Version: 2016.0.7752 / Virus Database: 4649/12959 - Release Date: 09/06/16

Dede Sujatna

unread,
Sep 12, 2016, 8:19:47 PM9/12/16
to mitra-su...@googlegroups.com
 
Sampurasun para Mitra, Assalamu ‘alaikum Wr.Wb.
 
Sarehna Boboran Haji sim kuring seja ngahaturkeun Wilujeng Iedul Adha ka sadayana mitra MSWA anu parantos gelar Haji sareng Hajjah mugi-mugi urang sadayana ginuluran kaberkahan di rahmat ku Allah SWAT ku kasalametan dunya aherat. Amien.
 
Dina acara Salasa Nyunda dinten ieu sim kuring bade masihan sababaraha conto naon anu disebat “kecap memet”  anu mangrupikeun singketan kalimat anu ngagambarkeun hiji barang anatapi hiji pagawean janten hiji kecap. Contona:
 
1. Sampeu diparud teras dikeupeulan ditengahna dilebetan gula beureum atanapi sambel oncom teras digoreng disebtna amis dijerona atanapi oncom dijerona disingketkeun janten kecap memet “misro atanapi combro”
2. Sampeu diparud dicampuran kacang beureum dibungkus ku daun cau teras diseupan disebatna sampeu sareng kacang disingket janten kecap memet ‘peucang”
3. Aci dibuleud-buleud dicolok ku tusuk sate teras digoreng kecap memetna “cilok”
4. Aci diemple-emple dibungbuan teras digoreng kecap memetna “cireng”
5. Tahu dibungkus ku adonan baso teras dogoreng dituangna dicampur sareng bungbu kacang sareng kecap. Kecap memetna “batagor”. Mani raos pisan.
    Basa perpisahan sareng pelatih angklung Kang Ian sareng Kang Adit, Teh Wulan nyandak batagor sabaskom ageung mani sakolepat seep ditaruang ku sadayana.
6. Upami aya santri anu suhud tara ngantunkeun solat malah tara ngaengkekeun waktu solat jadi upami dur bedug langsung cong solat disebatna “durcong”.
7. Aya bangsat bade ditewak ku pulisi tapi ngalawan, kapaksa dibedil ku pulisi tepika maot disebatna di‘dorhos”.
8. Jalmi anu pangedulan teu daek digawe disebatna “sihardolin” anu hartosna dahar ,modol, ulin.
9. Upami urang siangna cape pisan digawe, teras wengina biasana sok tunduh pisan dugika barang ngagoler kana bantal langsung tribra disebatna “dugsek”.
10. Upami nguseup kaleresen seueur laukna dugika tara lami eupan teh langsung disanggut disebatna “clomgunyunyut”.
11. Dina taun 1980 sim kuring kantos mudik ka lembur aya rerencangan anu nyebatkeun digigireun Gedong Sate ari wengi saurna sok sueuer “jerkut”.
      Sim kuring naroskeun naon “Jerkut” teh?  Saurna eta teh kecap memet  tina “nojer kana jukut”. Didinya teh ari wengi sok seueur PSK kelas murahan         anu konsumenna kelas tukang beca. Janten henteu dicandak ka hotel tapi digarap dina jukut bae. Awewena ngkarak dina jukut lalakina nojer kana         jukut.
 
Upami para Mitra uninga kecep memet sanesna mangga dipidangkeun dina ieu acara. Hatur nuhun sateuacan.
 
 
Dede
 

Wawan Hermawan

unread,
Sep 14, 2016, 8:47:32 AM9/14/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Pak Dede,

Nuhun kintunannana. Bade nyobian

"Si ujang mah ari nyarios teh sok pok torolong, tara dipikir heula"

Salam,
Wawan

Sent from my iPhone

Dewi Winarto

unread,
Sep 14, 2016, 10:40:24 AM9/14/16
to Wawan Hermawan, Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Rames pa Dede, 

Cep Wawan,

Sigana mah ..
Pok torolong mah upami dipiwara.... Langsung dipidamel😀
Sigana "pok sang"  ari nyarios teu di emut heula mah. 

Urang taroskeun ka pa Dede sareng Pa Suhendra .

Salam 
dw 

Sent from my iPhone

Ninot

unread,
Sep 14, 2016, 9:22:02 PM9/14/16
to mitra-su...@googlegroups.com

Wa'alaykumsalam wr wb..

Wilujeng Eid Adha kanggo pa Dede sareng MSWA sakulawargi..Nambihan memet nu sok dicarioskeun ku Kang Kiki teh teu tebih2 tina PERSIB: 

Bobolot : Bobotoh kolot
Bobongor : Bobotoh ngora
Bobocil : Bobotoh cilik

Dinna💖
Grateful is the infinite of happiness💗💗
Sent from my iMiaww

Wawan Hermawan

unread,
Sep 14, 2016, 9:31:18 PM9/14/16
to Dewi Winarto, Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Muhun sigana mah lepat sareng katingalna mah sanes kecap memet pok torolong mah.

Salam,
Wawan

Sent from my iPhone

Dede Sujatna

unread,
Sep 14, 2016, 11:14:57 PM9/14/16
to Dewi Winarto, Wawan Hermawan, mitra-su...@googlegroups.com
Kang Wawan
 
Naon anu diterangkeun ku Ibu Dewi leres. Pok torolong mah sanes kecap memet sareng hartos sakumaha anu disebatkeun ku Ibu Dewi. Hatur nuhun ka Ibu Dewi kana kintunanana.
 
Dede
 
Sent: Wednesday, September 14, 2016 10:40 PM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

No virus found in this message.


Checked by AVG - www.avg.com

Version: 2016.0.7797 / Virus Database: 4656/13013 - Release Date: 09/13/16

Dede Sujatna

unread,
Sep 19, 2016, 8:37:40 PM9/19/16
to mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun para Mitra MSWA.
 
Kamari sim kuring napi wartos ti Ibu Ade (Pupuhu MSWA) anu  nyarioskeun yen MSWA bade urun rempug dina aktivitas KJRI Perth ku jalan bade masang jongko  “Warung Ade” dina acara Perth Royal Show anu bade diayakeun minggu payun. Sim kuring teu kinten ngaraos bingah ku alpukahna Ibu Ade anu teu kendat-kendat ngiring rumojong kana samudaya aktivitas masarakat Indonesia di Perth. Mugi-mugi bae  jongko “Warung Ade” sing kajojo ku para tamu Royal Show Perth.Wilujeng Bu Ade !
Sim kuring parantos seepeun ide naon anu kedah dipedar dina acara “Salasa Nyunda”. Kukituna dina dinten ieu sim kuring bade tumaros ka para Mitra MSWA naon bentenna diantawis :  digoreng sareng disangray—dikulub sareng diseupan --- dipais sareng dibubuy --- dibeuleum sareng dipanggang. Upami urang nyebatkeun “beuleum jagong, beuleum peuyuem, beuleum ketan” etah leres atanapi lepat?
Dede

Ahmad Komara

unread,
Sep 19, 2016, 9:13:26 PM9/19/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com

Assalamu’alaikum wr wb…


Bade ngiring nyobian ngawaler patarosan pak Dede.

§  digoreng sareng disangray—

ü digoreng: diasakan dina kawali (ilaharna) ngango minyak; contona: goreng lauk gurame

ü disangray: diasakan dina kawali henteu nganggo minyak; contona: sangray jaat, sangray suuk; atanapi nganggo media sanes sapertos pasir (kurupuk malarat di Cirebon)

§  dikulub sareng diseupan ---

ü dikulub: diasakan dina panci nganggo cai; contona: kulub jagong

ü diseupan: diasakan dina wadah khusus sapertos aseupan nganggo aseup atanapi uap anu panas; contona: seupan cau saba

§  dipais sareng dibubuy ---

ü dipais: biasana dibungkus ku daun cau teras diasakan dina kawali kucara di panasan; contona: pais supa kotok, pais lauk emas

ü dibubuy: diasakan kucara dibebeskeun kana lebu anu masih panas: contona: bubuy bulan…hehehe, bubuy tarasi, bubuy peuteuy

§  dibeuleum sareng dipanggang.

ü Dibeuleum: diasakan kucara dilebetkeun kana suluh atanapi areng api anu masih burahay beureum; contona: beuleum sampeu

ü Dipanggang: diasakan diluhur api anu burahay beureum bari digeberan; contona: sate embe

 

Upami urang nyebatkeun “beuleum jagong, beuleum peuyuem, beuleum ketan” etah leres atanapi lepat?

§  Raraosan mah…jagong teh dipanggang sanes dibeuleum, peuyeum oge tara dibeuleum aya oge sampe anu dibeuleum,  ketan oge sami raraosan mah tara dibeuleum.

 

Saterasna….perkawis ide atanapi topik bahasan di Salasa Nyunda…abdi usul upami tiasa mah nuhunkeun Pak Dede ngabahas masalah elmu kasenian atanapi kabudayaan sunda anu sanesna Pak, tiasa alatna sapertos suling, kacapi sareng sajabina…atanapi jinis na sapertos pupuh…atanapi sajarah kasundaan. 


Wilujeung oge kanggo Ibu Pupuhu...mugia sukses sareng barokah saterasna... 

 

Hatur nuhun,

Wassalamu'alaikum wr wb

Komara

Dede Sujatna

unread,
Sep 19, 2016, 10:37:52 PM9/19/16
to Ahmad Komara, mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun Kang Ahmad,
 
Hatur rebu nuhun laksa kabingahan nampi waleran ti Kang Ahmad teh. Mani enggal ngawalerna teu kantos dienjingkeun. Sadayana waleranteh leres eta teh cingcirining Kang Ahmad reh masih  keneh urang Sunda pituin. Oge hatur nuhun kana saran naon anu saena dibahas ke sim kuring dina acara Salasa Nyunda kapayunna.
 
Salam
 
Dede
 
Sent: Tuesday, September 20, 2016 9:13 AM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

Assalamu’alaikum wr wb…

No virus found in this message.


Checked by AVG - www.avg.com

Version: 2016.0.7797 / Virus Database: 4656/13048 - Release Date: 09/19/16

Suhendra

unread,
Sep 20, 2016, 11:12:53 AM9/20/16
to Dede Sujatna, Ahmad Komara, mitra-su...@googlegroups.com
Wa'alaikum salam .. Rampesss ..

Bingah tur reueus porum 'Salasa Nyunda' MSWA masih aya. Hatur nuhun Pa Dede miwah dulur2 anggota MSWA nu teras miara ieu porum.

Kang Komara .. aya ku pinterrr .. urang Cirebon nu nyunda tea ;-)

Bade ngiring komentar, kenging?

1) .. pasir (kurupuk malarat di Cirebon). Kecap 'pasir' dina Basa Sunda hartosna 'bukit' (Indo)/'hill' (Eng) .. rupina maksad Kang Komara 'keusik' .. hehehe

2) .. areng api anu masih burahay beureum. Rupina maksad Kang Komara 'seuneu' (fire - Eng) .. 'api-api' dina Basa Sunda hartosna 'pura-pura' .. janten 'api' hartosna 'pura' .. hihihi

3) Saluyu sareng Kang Komara .. jagong, peuyeum, ketan persisna sanes 'dibeuleum' tapi 'digarang' (diasakan dina luhureun seuneu/areng ruhay). 

Pa Dede & Kang Komara .. hapunten, mung saukur ngiring tumalapung .. hatur nuhun.


Wassalam,


Suhendra

 


-------- Original message --------
From: Dede Sujatna <dsuj...@optusnet.com.au>

Dede Sujatna

unread,
Sep 20, 2016, 6:19:15 PM9/20/16
to Suhendra, Ahmad Komara, mitra-su...@googlegroups.com
Wa’allaiku salaam,
 
Pa Suhendra, Hatur nuhun kana koreksina. Bingah aya reaksi ti Pa Suhendra teh margina maksad sim kuring dina acara Salasa Nyunda hoyong aya interaksi di antawis para Mitra sadayana. Sakumaha anu disebatkeun dina agaran dasar MSWA urang teh kedah Sileih asaha, silih asih sareng silih asuh.
 
Salam kasadaya mitra MSWA anu parantos “Kebo mulih pakandangan” utamina Kang Dicky sakulawargi.
 
Dede

Ahmad Komara

unread,
Sep 20, 2016, 8:15:12 PM9/20/16
to Dede Sujatna, Suhendra, mitra-su...@googlegroups.com

Assalamu’alaikum…

 

Tah...tah…tah…jawarana medal ti padepokan…hehehe…nuhun Kang Suhendra.

Leres pisan Pak Dede…upami waleran abdi sampurna manawi Kang Suhendra oge moal medal ka pakalangan….hehehe

 

Mung aya hiji patarosan ti abdi Kang Suhendra sareng Pak Dede…kecap “api” (sanes api-api) teh saleresna aya atanapi henteu nya dina basa Sunda? Abdi milarian dina sababaraha edisi kamus Bahasa Sunda henteu mendakan. Di wewengkon abdi…kecap “api” teh langkung lumrah digunakeun sadidinten tibatan “seuneu”. Teras sapamendak abdi...teu aya anu nyarios “kareta seuneu”, sadaya oge nyariosna teh “kareta api”. Kang Suhendra ngarendengkeun kecap “api” sareng “api-api” anu benten pisan hartosna, nah…sakantena naroskeun…naha eta kecap teh aya patula-patalina sareng kecap “kuda” anu tiasa oge direndengkeun sareng kecap “kuda-kuda”…anu ngandung hartos benten pisan?

 

Punten hiji deui…eta paripaos - “Kebo” mulih pakandangan - …kunaon henteu ngango kecap “Munding” mulih pakandangan - nya? Raraosan mah kebo teh ayana di basa Jawa.

Mangga ah…hatur nuhun sateuacana.

 

Wassalamu’alaikum,

Komara

Dede Sujatna

unread,
Sep 21, 2016, 1:00:56 AM9/21/16
to Ahmad Komara, Suhendra, mitra-su...@googlegroups.com
Wa ‘alaikum salaam.
 
Taaah ari kieu mah resep ngeusian acara Salasa Nyunda teh margi aya anu ngawaler kana naon anu diserat ku sim kuring. Nuhn Kang Ahmad. Mugi sing sering ngintunkeun patarosan atanapi usulan. Upami tiasa bade diwaler ku sim kuring; upami teu tiasa sim kuring bade balaka bae. Kecap “API” teh teu aya dina kamusna margi ieu kecap teh dianggona dina kecap rajekan “ api-api”sakumaha anu disebatkeun ku Pa Suhendra anu dina Bahasa Indonesiana “pura-pura”. Sajabina ti eta kecap “api” dianggo dina kecap rajekan “api lain” anu hartosna pura-pura teu kenal atanapi teu paduli.
 
Unggal bahasa parantos lumrah sok silih tambutan kecap. Kecap anu ditambut tina  Basaha sejen teh disebatna “kecap injeuman” dina Ilmu Linguistic disebatna “borrowed word”. Dina basa Sunda “api” teh “seuneu”. Janten kecap “Kareta api” teh sanes kecap Sunda asli. Ieu dua kecap teh ditambut ku basa Sunda tina Bahasa Melayu. Dina basa Sunda asli teu aya kecap “kareta”. Ayeuna perkawis kecap “kebo”. Leres ieu kecap teh sanes asli kecap basa Sunda malih mah paribasa “Kebo mulih pakandangan” ieu tilu kecap sanes kecap basa Sunda tapi ditambut tina Basa Kawi (Jawa Kuno). Kumargi ieu tilu kecap mangrupi paribasa teu tiasa dirobih margi parantos patent kitu. Kukituna “Kebo mulih pakandangan teh”  teu kenging digentos ku “Muding balik ka kandangna”? Kunaon atuh basa Sunda teh make kedah nambut kecap-kecap tina Basa Jawi? Basa Jawi teh nyaeta Basa patent dina pawayangan. Ki Dalang upami bade nyarioskeun hiji bab dina waktos ngadalang kedah nganggo Basa jawi anu disebat “Kakawen” m argina carita wayang teh sumberna aslina tina “Wayang Purwa” anu dicarioskeun ku Basa Jawi dina Jaman Wali Songo. Ki Dalang teu kenging narjamahkeun “Kakawen” kana basa Sunda margina “Kakawen” dianggap basa karamat. Kaum Muslimin oge teu kenging solat ku basa sanes salian ti Basa Arab.
“Binneka Tunggal Ika” teu kenging digentos ku “Berlainan tetapi satu”. Mung sakit anu tiasa kapihatur. Mugi-mugi teu pajang teuing.
 
Salam
 
Dede
Sent: Wednesday, September 21, 2016 8:15 AM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

Version: 2016.0.7797 / Virus Database: 4656/13054 - Release Date: 09/20/16

Ahmad Komara

unread,
Sep 21, 2016, 8:00:18 PM9/21/16
to Dede Sujatna, Suhendra, mitra-su...@googlegroups.com
Assalamu'alaikum

Hatur nuhun Pak Dede....kana waleran anu lengkep sareng jelas na.
Reueus ngagaduhan sesepuh anu luhung ku elmu, jembar ku pangabisa
Benten sareng abdi anu sepi ku pangarti sepa kukatiasa...malahan henteu bodo-bodo acan dina widang kasundaan teh.
Hayu atuh saderek sadaya mitra Sunda MSWA...meungpeung urang ngagaduhan sesepuh sapertos Pak Dede...urang ulik deui elmu2 kasundaan...sapertos hiji kawih kieu:

...duh...aduh...jungjungkeun budaya sunda...
...swara jeung sastra warisan kolot baheula...
...nu kacatur katelah sabda bujangga....
...pek ulik...masing lastari...

Nuhun.

Wassalamu'alaikum,
Komara

2016-09-21 12:00 GMT+07:00 Dede Sujatna <dsuj...@optusnet.com.au>:
Wa ‘alaikum salaam.
 
Taaah ari kieu mah resep ngeusian acara Salasa Nyunda teh margi aya anu ngawaler kana naon anu diserat ku sim kuring. Nuhn Kang Ahmad. Mugi sing sering ngintunkeun patarosan atanapi usulan. Upami tiasa bade diwaler ku sim kuring; upami teu tiasa sim kuring bade balaka bae. Kecap “API” teh teu aya dina kamusna margi ieu kecap teh dianggona dina kecap rajekan “ api-api”sakumaha anu disebatkeun ku Pa Suhendra anu dina Bahasa Indonesiana “pura-pura”. Sajabina ti eta kecap “api” dianggo dina kecap rajekan “api lain” anu hartosna pura-pura teu kenal atanapi teu paduli.
 
Unggal bahasa parantos lumrah sok silih tambutan kecap. Kecap anu ditambut tina  Basaha sejen teh disebatna “kecap injeuman” dina Ilmu Linguistic disebatna “borrowed word”. Dina basa Sunda “api” teh “seuneu”. Janten kecap “Kareta api” teh sanes kecap Sunda asli. Ieu dua kecap teh ditambut ku basa Sunda tina Bahasa Melayu. Dina basa Sunda asli teu aya kecap “kareta”. Ayeuna perkawis kecap “kebo”. Leres ieu kecap teh sanes asli kecap basa Sunda malih mah paribasa “Kebo mulih pakandangan” ieu tilu kecap sanes kecap basa Sunda tapi ditambut tina Basa Kawi (Jawa Kuno). Kumargi ieu tilu kecap mangrupi paribasa teu tiasa dirobih margi parantos patent kitu. Kukituna “Kebo mulih pakandangan teh”  teu kenging digentos ku “Muding balik ka kandangna”? Kunaon atuh basa Sunda teh make kedah nambut kecap-kecap tina Basa Jawi? Basa Jawi teh nyaeta Basa patent dina pawayangan. Ki Dalang upami bade nyarioskeun hiji bab dina waktos ngadalang kedah nganggo Basa jawi anu disebat “Kakawen” m argina carita wayang teh sumberna aslina tina “Wayang Purwa” anu dicarioskeun ku Basa Jawi dina Jaman Wali Songo. Ki Dalang teu kenging narjamahkeun “Kakawen” kana basa Sunda margina “Kakawen” dianggap basa karamat. Kaum Muslimin oge teu kenging solat ku basa sanes salian ti Basa Arab.
“Binneka Tunggal Ika” teu kenging digentos ku “Berlainan tetapi satu”. Mung sakit anu tiasa kapihatur. Mugi-mugi teu pajang teuing.
 
Salam
 
Dede
Sent: Wednesday, September 21, 2016 8:15 AM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

Dede Sujatna

unread,
Sep 26, 2016, 5:41:17 PM9/26/16
to mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun para Mitra MSWA.
 
Minggu  anu kalangkung Kang Ahmad Komara kantos ngintunkeun patarosan ka Pa Suhendra anu kieu unina :” Kang Suhendra ngarendengkeun kecap “api” sareng “api-api” anu benten pisan hartosna, nah....sakantenan naroskeun....naha eta kecap teh aya patula-patalina sareng kecap “kuda” anu tiasa oge direndengkeun sareng kecap “kuda-kuda” anu ngandung hartos benten pisan?”.
 
Simkuring parantos masihan jawaban  dina perkawis hubungan antawis kecap “api” sareng “api-api” sakantenan sareng nerangkeun hartosna paribasa Kawi “Kebo mulih pakandangan”. Namung sim kuring hilap henteu nerangkeun hubungan antawis kecap “kuda” sareng kecap “kuda-kuda”. Ku pangemut sim kuring kuda teh hiji sato anu seueur jasana dina selebeting kahirupan manusa boh dina widang ekonomi atanapi pertanian , peperangan atanapi olah raga.Kukituna kecap “kuda” sering dianggo kanggo bahan ngabandingkeun hiji hal sareng kuda. Aya tilu kecap dina basa Sunda anu dianggo perbandingan sareng  kuda nyatea : “kukudaan”, “kuda-kuda” sareng “napsu-kuda”. Eta tilu kecap teh hartosna “siga kuda” tapi sanes kuda. “Kukudaan” sareng “napsu-kuda” mah parantos jelas siga kudana. Tah ayeuna naon hubunganana “kuda-kuda” sareng “kuda”. Upami jalmi numpak kuda aya dua hal anu dibentenkeun dina ngalumpatkeun kudana. Dina balap kuda lumpat kuda teh dina Basa Inggris disebatna “gallop”, dina balap bendi lumpat kudana dusebatna “trotting”. Punten sim kuring teu terang  naon istilahna dina basa Sunda. “Gallop” hartosna dua suku hareup sareng suku tukangna singkron gerakna bareng hartosna upami dua suku hareupna bareng maju ka hareup suku tukangna oge bareng nojer mundur ka tukang. Dina balap bendi upami suku anu hareup anu katuhuna anu maju suku tukangna anu kenca anu maju; upami suku hareup anu kenca anu maju suku tukang anu katuhuna anu maju.Tah kecap “kuda-kuda” teh hartosna siga kuda anu keur “trotting” nyaeta sikap ajeg dina penca silat sateuacana ngalakukeun jurus-jurusna. Kumaha sikap ajeg “kuda-kuda” teh? Upami suku katuhu anu kapayun leunguen kenca anu nyodor kapayun; sabalikna upami suku kenca anu kapayun leunguen katuhun anu nyodor kapayun. Hal ieu teh saleresna sipat takdir ti Allah supados badan saimbang teu gampil digulingkeun. Kacap “Silat” asalna tina kecap “kilat” anu hatorna gerakan anu enggal pisan siga kilat. Di tatar Sunda elmu silat teh aya rupi-rupi. Sakaterang sim kuring aya gaya “Cikalong”, “Cimande”, “Pamacan”, “Pamonyet” sareng sajabina. Kumargi silat teh sipatna elmu bela diri kukituna seueur anu disarengan ku elmu kadigjaayan. Gerakan Silat teh sok sering dipintonkeun dina kariaan nyepitan kalawan diiring ku parangkat Kedang penca anu digelar ku opat jalmi nyaeta dua tukang kedang. saurang tukang goong sareng saurang tukang tarompet. Irama anu lumbrah dianggo nyaeta tepak dua, tepak tilu, tepak paleredan sareng golempang.Mung sakitu keterang sim kuring mah. Mangga ditambihan kateranganana ku para Mitra  MSWA. Hatur nuhun sateuacana.
 
Salam
 
Dede
 

Ahmad Komara

unread,
Sep 26, 2016, 9:04:13 PM9/26/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com

Rampes Pak Dede…

 

Assalamu’alaikum para mitra sadaya…

 

Hatur nuhun Pak Dede parantos kersa neraskeun katerangan anu kalangkung….

Estu pisan eta sadaya nambihan wawasan sim abdi anu sepi kupangarti…

Namung punten…aya saperkawis patarosan deui…

Dina basa sunda aya paripaos “adean ku kuda beureum”…naha eta teh aya oge patalina sareng kecap kuda anu nembe pisan dibahas?

Teras…abdi kungsi ngadangu wireh penca silat teh bibitna tina “panca kaki silaturahmi”….punten pasihan abdi pencerahan….

 

Hatur nuhun,


Wassalamu’alaikum

Komara 

Dede Sujatna

unread,
Sep 26, 2016, 9:59:36 PM9/26/16
to Ahmad Komara, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Kang Ahmad.
 
Hatur nuhun kana patarosanana. Aya dua paribasa anu nganggo kecap “kuda”: 1. “Adean ku kuda beureum'’ anu hartosna agul ku hiji barang padahal eta barang teh kenging nambut ti batur. Contona upami sim kuring pamer ka batur pedah nganggo mobil Roll Roys padahal eta mobil teh sanes mobil milik sim kuring pribadi. Ku pangemut sim kuring dina ieu paribasa kecap “kuda” henteu aya hubunganana sareng kuda dina tilu kecap anu disebatkeun ti payun. Tapi dina paribasa 2. “Siga kuda leupas tigedogan” anu ngagambarkeun laku lampahmah hiji jalmi anu tadina bageur  robih jadi jalmi anu badeur ; ieu kecap “kuda” teh jelas aya hubunganana sareng kuda dina bungkeuleukanana.
Sim kuring teu kantos nguping kecap penca teh aya hubunganana sareng “panca kaki”.
 
Dede
 
Sent: Tuesday, September 27, 2016 9:04 AM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

Rampes Pak Dede…

No virus found in this message.


Checked by AVG - www.avg.com

Version: 2016.0.7797 / Virus Database: 4656/13091 - Release Date: 09/26/16

Dede Sujatna

unread,
Oct 3, 2016, 8:02:44 PM10/3/16
to mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun para Mitra MSWA.
 
Dua minggu anu kalangkung Kang Ahmad Komara kantos ngusulkeun supados sim kuring ngabahas kabudayaan Sunda. Sakaterang sim kuring kabudayaan Sunda teh seueur rupi-rupina . Aya anu parantos leungit nyaeta ‘Beluk” , “Pantun”,” Rangkong” sareng “Ketuk tilu”. Anu masih keneh gumelar dugi ka ayeuna nyaeta :Calung, Angklung, Reog,  Mamaos/ Nembang Cianjuran, Kliningan, Rampak Sekar, Kawih model Ibu Upit Sarimanah+/ Titim Patimah, Kawih model kreasi Mang Koko (Kanca Indihiang sareng Taman Cangkurileung), Kacapi Suling, Degung, Rampak Kendang, Jaipongan, Ngibing/ Serimpi, Sandiwara/Pagelaran, Wayang golek sareng Debus.
 
Beluk teh ngadongeng bari ditembangkeun. Biasana diayakeun di hiji bumi waktosna wengi. Anu ngadongeng bari nembang teh biasana pameget. Anu didongengkeun teh biasana carios Wawacan contona “Wawacan Mudinglaya dikusumah”. Pantun sami sareng Beluk tapi nembangna dipirig ku kacapi. Rangkong teh nembang bari nanggung geugeusan pare biasana dipintonkeun ku duaan atanapi ku opatan anu ngagambarkeun ngakut pare sabada dibuat ka leuit. Ketuk tilu mangrupi tontonan ngigel anu dipintonkeun ku istri-istri anu disebat ronggeng.Gaya ngigelna erotik ani tiasa nimbulkeun gairah sex. Kukituna ketuk tilu teh biasana dipintonkeun wengi di tempat anu singkur sareng poek mung dicaangan ku obor atanapi lampu patromax. Para ronggeng teh ngarigel dipirig ku gamelan salendro anu mangrupi saron, kendang, bonang, kempul , rebab sareng dua goong. Anu nongton ketik tilu teh pameget dewasa wungkul tara aya istri atanapi murangkalih margina kenging disebatkeun Ketuk tilu teh usaha palacuran “terselubung”. Anu nongton kenging ngiringan ngigel sereng ronggeng anu kapilih ku anjeuna tapi kedah mayar. Cara mayarna biasana artos teh ku sipameget digegel teras diasongkeun ka si ronggeng anu kedah nampi artos teh sanes ku pananganana tapi kedah digegel jadi siga anu pacium-cium atanapi artos teh ku si pameget diselapkeun kana kutang si ronggeng bari nyepeng pinareupna.Si pameget teh tiasa oge ngajak si ronggeng ka tempat anu peok anu diteraskeun ku acara “jerkut”, anu tangtos bayaranana benten deui sareng anu parantos dipasihkeun waktus ngigel. Ketuk tilu teh sanes bae kalangenan rakyat biasa tapi oge mangrupi kalangenan para menak. Kengjeng dalem biasana ngodang rombongan ketuk tilu ka kabupaten anu diulem kana acara ieu teh biasa para Camat sareng Wadana. Baro nongton para ronggeng ngarigel tamu-tamu teh disuguhan leueutan bir, wisky atanapi jenewer. Kangjeng Dalem teras ngahayoh-hayoh para tamu supados  ngigelan para ronggeng. Bari satengah mabok tamu tamu teh pili genti ngigelan para ronggeng. Ayeuna mah ketuk tilu teh parantos digentos ku Jaiopongan.
 
Dede
 

Ahmad Komara

unread,
Oct 3, 2016, 9:13:25 PM10/3/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com

Assalamu’alaikum wr wb…wargi MSWA sadaya

Rampes Pak Dede,

 

Hatur nuhun sateuacana ka Pak Dede anu parantos ngabulkan usulan ti sim abdi. Katerangan anu di dugi keun ku Pak Dede estu pisan nambihan pangatahuan sim abdi, insya Allah oge sadaya wargi MSWA.

Kapungkur nuju masih di lembur, calung, reog, sareng wayang golek teh meni populer. Eta kasenian teh biasana ditanggap ku jalmi-2 anu ngagaduhan hajat, boh nikahkeun atanapi nyunatan. Barudak SD sareng pamuda-pamudi anggota Karang Taruna oge masih dialajar maen calung sareng reog. Tiap acara 17-an atanapi PORSENI SD dugi ka tingkat kacamatan oge sok mintonkeun kasenian eta sadaya kalebet wayang golek ku dalang cilik. Malahan aya rencang abdi anu ngahaja guguru ngadalang ka dalang nu kakoncara harita. Perkawis calung, pami teu lepat Kang Darso nya anu kapungkur ngiring mopulerkeun kasenian eta teh. Sim abdi resep pisan tah ngadangukeun lalaguanana dina radio. Aya hiji lagu anu abdi masih emut keneh…kieu sakedik sair na teh “…Karnadi bandar bangkong…meunangkeun nu geulis bati ngabohong…” duka tah judulna mah naon. Nah…upami pantun, sakaterang abdi eta mah ditanggap ku jalmi anu bade ngarajah rompokna….leres kitu eta pantun di wewengkon Pak Dede oge sapertos kitu?

Namung hanjakal, kiwari mah eta sadaya hampir-hampir parantos sirna, kagentos ku tongtonan anyar nyaeta layar tancep…saurna mah kumargi langkung praktis sareng ekonomis….duka tah leres kitu? Mangga wargi MSWA diantos komentarna….

 

Wassalamu’alaikum wr wb

Komara

Wawan Hermawan

unread,
Oct 4, 2016, 8:37:00 AM10/4/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Hatur nuhun Pak Dede,

nembe uninga kutan ketuk tilu teh budaya anu teu selaras sareng agama. Naha budaya anu kararitu teh aya oge di budaya sunda. Manawi teh budaya sunda teh budaya anu luhur tebih tina nu kararitu.

Salam,
Wawan

Suhendra

unread,
Oct 4, 2016, 8:05:36 PM10/4/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Rampesss ..

Hatur nuhun Pa Dede kana kintunan bahasan ngeunaan kasenian Sundana. Sae kanggo nambihan wawasan kasundaan urang.

Nuju abdi budak pun Bapa kantos nanggap Beluk. Eusina kana ngeunaan piwuruk moral, sae pisan .. mung kesel nongtonna .. laaami .. hehe.

Pa Dede tumaros, upami kasenian Rangkong naon bentenna sareng Tarawangsa? 

Mugi Pa Dede miwah dulur2 MSWA di mana wae salamina aya dina kawilujengan.

Sono ti Bandung,


Suhendra



-------- Original message --------
From: Dede Sujatna <dsuj...@optusnet.com.au>
Date: 04/10/2016 07:02 (GMT+07:00)
To: mitra-su...@googlegroups.com
Subject: Salasa Nyunda

Dede Sujatna

unread,
Oct 4, 2016, 11:51:35 PM10/4/16
to Suhendra, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Pa Suhendra.
 
Bingah nampi patarosan ti Pa Suhendra teh. Rangkong sareng taranwangsa benten pisan, Rangkong mah henteu nganggo alat musik mung nembang bari nanggung pare. Tarawangsa mah jenengan alat musik Sunda anu siga  rebab tapi jangkung. Aya sisindiran anu unina kieu: “Teu benang direbab jangkung mung bati nalangsa”.
 
Dede
 
Sent: Wednesday, October 05, 2016 8:05 AM
Subject: Re: Salasa Nyunda

No virus found in this message.


Checked by AVG - www.avg.com

Version: 2016.0.7797 / Virus Database: 4656/13149 - Release Date: 10/04/16

Dede Sujatna

unread,
Oct 5, 2016, 12:01:44 AM10/5/16
to Wawan Hermawan, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Kang Wawan.
 
Nuhun kana patarosanana.  Ulah kaget bisnis esek-esek teh henteu di jaman kapungkur bae ,malah dina jaman ayeuna oge masih lumrah mung benten “penyajianana” bae. Mangga upami Kang Wawan angkat ka Bandung di Tegallega upami wengi aya tenda anu nyayagikeun pintonan Jaipongan anu sipatna sami sareng  Ketuk tilu nyaeta “pelacuran terselubung”. Dina basa Inggris aya paribasa “Prostitution is the oldest uccupation in the world”.
 
Dede
 
Sent: Tuesday, October 04, 2016 8:36 PM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

No virus found in this message.

Dewi Winarto

unread,
Oct 5, 2016, 6:12:06 AM10/5/16
to Dede Sujatna, Wawan Hermawan, mitra-su...@googlegroups.com

Palangsiang geuning Pa Dede meni uninga sareng apal ka tempat tempat pelacuran di Bandung ..? 
😱

Sent from my iPhone

Dede Sujatna

unread,
Oct 6, 2016, 2:51:03 AM10/6/16
to Dewi Winarto, Wawan Hermawan, mitra-su...@googlegroups.com
Kahartos upami Ibu Dewi kagungan kasimpulan kitu. Saleresna perkawis “Jerkut” sareng Tenda Jaipongan di Tegal lega teh sanes pangalaman abdi pribadi tapi pangalaman rerencangan sareng pun alo anu sok resep cala-culu. Namung upami Ibu Dewi kagungan emutan kitu teu sawios. Dtampi ku hasta kalih.
 
Salam Dede

Version: 2016.0.7797 / Virus Database: 4656/13154 - Release Date: 10/05/16

Dewi Winarto

unread,
Oct 6, 2016, 7:49:37 AM10/6/16
to Dede Sujatna, Wawan Hermawan, mitra-su...@googlegroups.com
Hehehehe 
Meni seueur kecap anu buhun... hasta kalih, cala culu... ( tos lami teu ngadangu ) 
Hatur nuhun kana perhatosan Psk Dede. 

 

Sent from my iPhone

Dede Sujatna

unread,
Oct 10, 2016, 9:03:05 PM10/10/16
to mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun para Mitra MSWA.
 
Minggu anu kalangkung sim kuring ngabahas budaya Sunda Ketuk Tilu. Hatur nuhun ka sadayana anu parantos maparinan patarosan sareng komentarna.
Dinten ieu sim kuring bade nyobian ngabahas aspek budaya Sunda anu sanesna nyaeta Jaipongan sareng Ibing Tayuban sareng Sirimpi. Sakaterang sim kuring Jaipongan teh kreasi Asep Gugum Gumbira dina taun 1970-an katompernakeun margina dina taun 1975 waktos sim kuring cuti ka Bandung teu kantos nguping aya Igel jaipongan. Nembe dina taun 1980 sim kuring nembe ningali Jaipongan . Sakumaha anu kasaksian ku simkuring dina waktos harita Jaipongan teh dipirigna sanes ku gamelan selendro tapi ku kendang penca. Gerakanana taya sanes mung jurus silat anu dtambihan ku variasi gerakan anu enggal janten kenging disebatkeun Jaipongan teh “Penca Silat Modern”. Dupi ngaran Jaipongan teh rupina dicandak tina sora kendang “pang-ping-pong, pang-ping-pong”, Kawitna mah anu ngigel Jaipongan teh pameget wungkul. Namung Saluyu sareng parobihan jaman anu ngigel Jaipongan teh sanes pameget bae tapi oge istri sarta dipirig ku gamelan salendro. Malih ayeuna mah seuseueurrnana anu mintonkeun Jaipongan teh istri.
 
Sajabina ti Ketuk Tilu aya oge anu disebat Ibing Tayuban kanggo pameget sareng Ibing Sirimpi kanggo istri. Ketuk tilu teh kenging disebarkeun kelangenan rakyat jelata sedengkeung Tayuban / Sirimpi mah kalangenan kaum ningrat anu biasana dipintonkeun di lebet gedong tara diluar. Anu ngibingna kedah nganggo raksukan anu rapih  atanapi kostum anu sapertos wayang nyaeta kedah ngannggo dodot. makuta, kemben, sampur. susumping, kilat bahu sareng sajababina. Gamelan anu mirig kedah gamelan pelog. Gerakan dina Tayuban/Sirimpi mah kedah numutkeun kaidah anu disebat, “Calik”, “Sembah”, “Adeg-adeg”, “Jangkung ilo”, ‘Trisik” sareng sajabina. Ibing Tayuban/Sirimpi biasana ngagambarkeun satria atanapi putri dina lalakon wayang. Aya sababaraha nami tarian anu sim kuring masih emut dugi ka ayeuna “Sulintang”, “Sekar Putri”, “Anjasmara”, “Tari Kukupu”, “Tari Merak”, “Tari Samba”, Tari Panji”, “Kendit Birayung” sareng “Tari Topeng Menak Jingga”.
 
Dina taun 1950-an Presiden Sukarno sering ngulem tamu-tamu agung ti manca nagara. Unggal tamu agung teh salamina sok dihibur ku kasian Indonesia di Istana Bogor atanapi di Istana Jakarta. Kasenian Sunda tara luput kedah ngiring ngahibur para tamu agung. Dua kasenian Sunda anu sok dipintonkeun teh Angklung Modern sareng Tari Suna. Sakumaha kauninga ku sadayana Bung Karno teh salamina kedah diriung ku istri anu gareulis. Kukituna para penari Sunda anu dipintonkeun ka tamu agung teh anu gareulis. Kaleresan di Bangdung aya hiji Badan Kesenian anu mangrupi bagian tina Departemen PDK anu dipingpin ku Tubagus Oemay Martakusumah anu dibantu guru tari Raden Cece Sumantri alamatna di Jalan Naripan. Didinya unggal minggu diayakeun latihan tari khusus kanggo mojang-mojang siwa SMA pilhan anu gareulis anu disiapkeun kanggo nyumponan ulemab ti Bungkarno. Sim kuring kantos ngiring diajar tari didinya kukituna terang jenegan sababaraha mojang anu gareulis nyatea Indrawati Purwo, Irawati Durban, Karmilah, Imas, Rumsilah, Tati Saleh. Indrawati ayeuna kagungan Padepokan Tari. Irawati ayeuna janten Dosen tari di ASTI ( anu ayeuna parantos janten Perguruan Tinggi) di Jalan Buah Batu. Tari anu biasana dipintonkeun di Istana Presiden teh nyaeta “Tari Kukupu” atanapi “Tari Merak”
 
Dede

Wawan Hermawan

unread,
Oct 12, 2016, 9:34:15 AM10/12/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Hatur nuhun Pak Dede kintunanna. Nembe terang Tati Saleh teh kantos janteun penari Istana. Manawi teh anjeuna nu ngarang Jaipongan teh padahal sanes.

Salam,

Wawan

Dede Sujatna

unread,
Oct 12, 2016, 7:23:15 PM10/12/16
to Wawan Hermawan, mitra-su...@googlegroups.com
Kang Wawan
 
Uninga ka Tati Saleh . Rupina  ajneuna masih keneh wargi Kang Wawan?
 
Dede
Sent: Wednesday, October 12, 2016 9:34 PM
Subject: Re: Salasa Nyunda

No virus found in this message.


Checked by AVG - www.avg.com

Version: 2016.0.7797 / Virus Database: 4656/13194 - Release Date: 10/12/16

Wawan Hermawan

unread,
Oct 12, 2016, 8:47:35 PM10/12/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
sanes wargi Pak Dede. Mung kapungkur sok ningal Tati Saleh di bumi pun uwa nu kalerasan kapungkur sok ngalatih Jaipongan.

salam,
Wawan

2016-10-13 7:23 GMT+08:00 Dede Sujatna <dsuj...@optusnet.com.au>:
Kang Wawan
 
Uninga ka Tati Saleh . Rupina  ajneuna masih keneh wargi Kang Wawan?
 
Dede
Sent: Wednesday, October 12, 2016 9:34 PM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

Ahmad Komara

unread,
Oct 12, 2016, 9:13:00 PM10/12/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Assalamu'alaikum wr wb

Rampes Pak Dede....

Kintunan anu sae pikeun nambih wawasan....hatur nuhun Pak Dede.

Hapunten sakedik mengpar tina bahasan...abdi teh sok pabaliut upami ngagunakeun kecap panginten, dikinten, manawi, bilih sareng meureun. Mugi Pak Dede tiasa masihan katerangan sareng contona. 

Hatur nuhun sateuacana...

Wassalam,
Komara

 

Dede Sujatna

unread,
Oct 13, 2016, 1:03:31 AM10/13/16
to Wawan Hermawan, mitra-su...@googlegroups.com
Kang Wawan.
 
Sim kuring oge kantos Jaipongan di rorompokna pun adi (Tien Rostini) di Bogor. Waktos jaman Bung Karno mah teu acan aya Jaipongan.
 
Dede
 
Sent: Thursday, October 13, 2016 8:47 AM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

Version: 2016.0.7797 / Virus Database: 4664/13197 - Release Date: 10/12/16

Dede Sujatna

unread,
Oct 13, 2016, 1:23:08 AM10/13/16
to Ahmad Komara, mitra-su...@googlegroups.com
Kang Ahmad
 
“Panginten” teh lemesna  tina “Meureun” sareng “Boa” Contona dina kalimat:
 
Kamana nya Pa Agus teh tos lami teu katingal ameng ka dieu? – Nuju angkat ka luar negri panginten.
Kamana nya si Ujang teh geus lila teu elol-elol kadieu? ---Keur gering meureun/boa
 
“Dikinten” sareng “Manawi” teh lemesna tina “Sugan” Contona dina kalimat:
Dikinten/Manawi teh sane bapa anu nuju nyarios sareng Pa Jokowi teh.
Sugan teh lain maneh anu kalana-kulunu subuh-subuh.
 
“Bilih” teh lemesna tina “Bisi” Contona dina kalimat:
 
Enggal atuh tuangna bilih kakantun bus.
Gancang atuh dahar teh bisi tinggaleun bus
 
Dede
 
Sent: Thursday, October 13, 2016 9:12 AM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

No virus found in this message.

Ahmad Komara

unread,
Oct 13, 2016, 4:07:36 AM10/13/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Hatur nuhun pisan Pak Dede....


Komara

Dede Sujatna

unread,
Oct 17, 2016, 11:09:41 PM10/17/16
to mitra-su...@googlegroups.com
 
Sampurasun para Mitra MSWA
 
Taun 1940 Indonesia teh masih keneh dijajah ku Walanda. Kota Bandung masih keneh nyadang gelar “Parijs van Java” sarta teu acan  jadi “Heurin ku tangtung”. Padumukan sim kuring waktos harita di Desa Sukajadi anu masih keneh pinuh ku kebon awi sareng pasawahan. Harieum sareng tiiseun. Unggal tengah wengi sim kuring sok kahudangkeun tu tukang ronda anu ngurilingan lembur kuring bari nabeuhan kohkol awi sarta bari gegeroan “Tanghi, tanghi!”. Kohkolna teh nyaeta sabuku awi anu disopak di tengahna.
 
Taun 1945 Indonesia ngalaksanakeunn revolusi kamerdekaan. Walanda dibantu ku Amerika sareng Inggris nyerang kota Bandung. Tentara Indonesia kadesek kapaksa kedah evakuasi ka luar kota sarta Bandung janten “Lautan api”. Sim kuring dibantun ngungsi ku pun Bapa sareng pun Biang ka Cirangrang caket Margahayu. Di dinya pun Bapa pupus dikubur di sisi susukan. Kumargi Walanda ngangsek sim kuring dibantun ngungsi ka Cililin. Di Cililin  tukang ronda teh nguriling bari nabeuhan angklung laguna “ciir-gobang-gociir”.
 
Taun 1949 Indonesia diangken sabage nagara Merdeka. Sim kuring dibantun mulang ka Bandung sarta teras lebet sakola di SD Jalan Cipaganti. Kasaksian ku sim kuring harita sok aya anu ngamen angklung ngider ka unggal lembur. Angklungna sababaraha hiji  digantungkeun dina gantungan anu ditanggung.
Taun 1952 sim kuring lebet ka SGA kawitna di Jalan Citarum teras dialihkeun ka Jalan Papandayan. Di SGA sim kuring diajar musik ku guru musik jenenganana Pa Daeng Sutigna anu kagungan gagasan palay ngaronjatkeun harkat darajatna budaya angklung supados tiasa diapresiasi sanes bae ku urang Sunda tapi oge dunya luar.Nya anjeunna ngawitan ngarobih sora sistim sora angklung tina sistim “pentatonic” (da-mi-na-ti-la) kana sistim “diatonic” (do-re-mi-fa-sol-la-si). Teras diajarkeun ka murid-muridna. Alhamdulilah sukses dugi ka ayeuna angklung Sunda teh parantos ngambah ka manca nagara. Waktos jaman Bung Karno angklung teh sering dipintonkeun di istana di payuneun para tamu agung. Lagu anu biasana diointonkeun teh nyaeta Walz ciptaan Johna Strauss “THE BLUE DANUBE”.
 
Dede

Wawan Hermawan

unread,
Oct 19, 2016, 8:47:15 AM10/19/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Hatur nuhun Pak Dede kintunan na. Sok waas upami ngemut Bandung jaman baheula.

Abdi mah kapungkur alit di Jl. Astana Anyar, sok mapah ka Taman Lalu Lintas sareng jenatna pun aki. Kapungkur mah seger keneh udara Bandung teh, teu sapertos ayeuna.

Salam,
Wawan

Ahmad Komara

unread,
Oct 20, 2016, 9:00:12 PM10/20/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Nuhun pisan kintunanana Pa Dede. 

Leres saur Kang Wawan...meni waas upami nyarioskeun jaman anu parantos kalangkung.
Mungggaran abdi ka Bandung teh nuju masih SD sakinten taun 80an awal. Eta meni tiis...dugi ka ngahodhod kabulusan di Lembang teh.
Perkawis angklung...salut abdi ka anu parantos ngajungjungkeun budaya urang sunda dugi ka tingkat internasional...luar biasa...mugi tiasa dipiara salamina.

Wassalam,
Komara
 

Dede Sujatna

unread,
Oct 24, 2016, 9:33:45 PM10/24/16
to mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun para Mitra MSWA
 
Sakumaha kauninga ku sadayana rehna aya hiji aspek kabudayaan Indonesia anu disebat Wayang. Kecap “wayang’ teh mangrupi singgetan tina dua kecap dina Basa Jawa kuno “Wong Hiyang”. Kecap ‘wong” hartosna  mahluk/jalmi, kecap “hiyang” hatorsna leungit/tilem. Janten Wong Hiyang teh hartosna mahluk/ jalmi anu teu aya dikieuna. Kukituna wayang teh ngandung hartos dongeng anu ngeunaan mahluk anu teu aya dikieuna.
 
Tina kecap hiyang timbul kecap hilang(leungit). Daerah tempat padumukan urang Sunda disebatna “Parahiyangan” disingget jaten “Priangan” anu hartosna tempat jalmi-jalmi anu parantos teu aya dikieuna nyaeta Prabu Siliwangi raja  di karajaan Pajajaran miwah kulawargina anu tilem nalika dipaksa kedah lebet Islam ku putrana nyaeta Prabu Kiansantang.
 
Tina kecap wayang timbul kecap “bayang” anu dina Bahasa Indonesia janten kecap “bayang-bayang” (kalangkang). Eta margina anu janten wiwitian kasenian Wayang teh nyaeta wayang kulit. Sakumaha kauninga ku sadayana dina wayang kulit mah anu dotongton teh sanes wayangna tapi kalangkangna dina layar bodas. Kasenian wayang kulit teh nyebar ti Jawa Timur ka Bali , ka Malaysia. Ka jawa Barat mah  robih janren wayang golek.
 
Lalakon wayang teh salamina dicutat tina sumberna nyaeta legenda  epic agama Hindu di India anu disebat  Mahabarata sareng Ramayana. Kanging disebatkeun Mahabarata /Ramayana teh ibarat Haditz dina agama Islam anu ngandung ajaran akhlak sareng moral. Buku sucina agama Hindu disebatna Kitab Weda (Reg Weda, Yajur Weda, Atharwa Weda).
 
Agama Hindu nyebar ka Indonesia sateuacana agama Islam kukituna kabudayaan bangsa Indonesia khususna di Jawa sareng Sumatra dina mangsa harita mangrupi kabudayaan Hindu.Salajengna agama Islam nyebar ka Indonesia. Khususna di Pulo Jawa agama Islam teh dibesarkeunana ku para Wali anu disebat Walisongo (Salapan Wali). Salah sawios ti para Wali teh aya anu kasohor anu disebat Sunankalijogo anu kagungan gagasan palay nyebarkeun Da’wah Islam nganggo media kasenian supados dipikaresep ku balarea. Nya anjeuna  anu ngawitan nyiptakeun Wayang kulit anu disebat Wayang Purwa. Mangga bae ciptakeun upami kedah ngupingkeun dalang ngadongeng  ti ba’da Isha dugi ka Subuh matak bosen. Kukituna tontonan wayang teh disarengan ku gamelan sareng ku sinden. Sajabina ti eta wayangna oge ditambihan ku tilu tokoh wayang anu teu aya dina carios Mahabarata  anu dina Wayang kulit disebatna Semar, Petruk, sareng Gareng. Dina Wayang Golek disebatna Semar, Dawala sareng Cepot. Ieu tilu tokoh wayang anu disebatna Punakawan teh biasana kaluarna tengah wengi  anu tugasna kanggo ngabodor supados anu nongton saleuseurian. Naon margina tengah wengi? Margina tengah wengi teh anu narongton biasana sok ngawitan narundutan. Janten upami dipasihan pikaseurieun mah janten calenghar duei. Aya kapercantenan saurna upami nongton wayang kedah digi ka subuh. Upami teu kiat dugi ka subuh kedah mulih sateuacana Punakawan kaluar margina upami mulih saparantos kaluar Punakawan bakal dirawu Kelong anu balukarna nyasab moal dugi ka bumi.
 
Dina salebeting ngadugikeun eusi lalakon Ki Dalang teu weleh nyebarkeun filsafat Islam. Kaleresan Pamdawa lilima teh sami sareng Rukun Islam anu tangtos bakal unggul dina selebitng jurit sareng  Kurawa Astina. Sim kuring emut dina hiji lalakon Judistira ngagunakeun jimat “Kalimusada” kanggo numpes Kurawa Astina. Diemut-emut “Kalimusada” teh samaran tina “Kalimat Sahadat”. Dugi ka ayeuna masih keneh aya jalmi anu percanten tokoh wayang teh mangrupi mahluk anu ngahyiang kukituna sok dipuja-puja. Buktosna saur batur Pak Suharto kapungkur sok munjung ka Guha Semar.Nnami-nami tokoh wayang seueur anu dianggo jenengan jalmi ayeuna sapertos Bima, Permadi, Gatot.Pandu.
 
Dede

Augy Wilangkara

unread,
Oct 25, 2016, 12:37:31 AM10/25/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Rampes Pa Dede,

Hatur nuhun pisan kintunan / bahasan na.  Sim kuring aya patarosan, dupi wayang teh asalna teh ti budaya Hindu? 
Kantos oge sim kuring ningal tongtonan sarupi wayang di Thailand. Lalakon sareng tokoh na oge sarupi sareng nu di lemah cai. 

Salam, 
Augy

Dede Sujatna

unread,
Oct 25, 2016, 1:24:31 AM10/25/16
to Augy Wilangkara, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Kang Augy
 
Hatur nuhun kana patarosanana. Dina Agama Hindu (di India) mah teu aya wayang. Anu aya teh epic (dongeng) anu dibukukeun ngeunaan para pahlawan dina agama Hindu. Eta buku teh disebatna Mahabarata anu ngagambarkeun tarung antawis sipat anu sae sareng sipat anu jahat anu ahirna mintonkeun sipat anu sae anu unggul. Di India mah ieu dongeng teh dipentaskeunana sanes nganggo wayang tapiku jalmi (sandiwara). Di Indonesia mah ieu dongeng teh dipentaskeunana nganggo wayang.
 
Dede
 
Sent: Tuesday, October 25, 2016 12:37 PM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

No virus found in this message.


Checked by AVG - www.avg.com

Version: 2016.0.7859 / Virus Database: 4664/13267 - Release Date: 10/24/16

Dewi Winarto

unread,
Oct 25, 2016, 6:56:37 PM10/25/16
to Dede Sujatna, Augy Wilangkara, mitra-su...@googlegroups.com
Rampes Pa Dede, Kang Augy .

Ngiringan ngarewong ah, ieu aya tambihan inpo perkawis asal usul sajarah wayang ti mang Google.



Sent from my iPhone

Dede Sujatna

unread,
Oct 25, 2016, 7:25:52 PM10/25/16
to Dewi Winarto, Augy Wilangkara, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Bu Dewi
 
Hatur nuhun kana tambihan inpona.
 
Dede
 
Sent: Wednesday, October 26, 2016 6:56 AM

Dede Sujatna

unread,
Oct 31, 2016, 6:55:19 PM10/31/16
to mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun para Mitra
 
Ieu aya dongeng alit.
 
Pa Iwa jajan lotek
 
A= Tukang lotek
B= Pa iwa
 
 
A: Wilujeng sumping Bapa. Bade pesen naon?
B: Aya lotek, Bu ?
A: Aya, bade pesen sabaraha porsi?
B: Dua porsi
A: Porsi ageung atanapi alit?
B: Porsi ageung
A: Bade dituang di dieu atanapi bade dibungkus?
B: Dibungkus. Hiji keur abdi hiji deui keur pun bojo
A: Bade nganggo cengek?
B: Muhun
A: Sabaraha hiji cengekna?
B: Nu keur pun bojo hiji cengekna, anu keur abdi sapuluh
A: Bade nganggo kangkung?
B: Muhun
A: Bade nganggo waluh?
B: Mangga
A: Bade nganggo engkol?
B; Enya sip laah!
A: Kacang suukna bade direndos atanapi diblender?
B: Ah kuma sia we! (Dina jerohatena: Kasebelan tukang lotek teh)
 
Dede

Ahmad Komara

unread,
Oct 31, 2016, 7:03:59 PM10/31/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Hehehe....pikasebeleun tah si tukang lotek teh nya....
Nanging asa teu acan tamat eta carios teh...diantos ah sambunganana....

Komara (Ahmad)

Dede Sujatna

unread,
Nov 7, 2016, 6:43:54 PM11/7/16
to mitra-su...@googlegroups.com
 
Sampurasun para mitra.
 
Sakumaha kauninga dina Basa Sunda teu aya sora “F” sareng “V”. Kukituna seuseur urang Sunda anu teu tiasaeun ngucapkeun ata dua sora teras digentos ku ku sora “P”. Contona  “televisi” janten “telepisi”; “manfa’at” janten “mangpa’at”.
 
Dina hiji dinten minggu Kang Eman jalan-jalan ka Frematle Market ningal aya anu dagang apple. Applena mani arageung sareng bareureum. Kang Eman palay ngagaleuh apple. “Apple how much?” saur Kang Eman bari nunjuk kana apple anu arageung. “Fifty cents each” saur nu dangang apple.
“Gipe me pipe” saur Kang Eman. “I don’t sell pipe; only apples” saur nu dagang apple teh. Kang Eman kuram kireum.
 
Dede
Reply all
Reply to author
Forward
0 new messages