Ojo mah nami Sunda atuh pak Su, pan angklung Ojo tos terkenal pisan ti jawa barat..
-------- Original message --------
From: "'suhendra suhendra' via Mitra Sunda Western Australia (MSWA)"
Date:29/04/2014 12:21 PM (GMT+08:00)
To:
mitra-su...@googlegroups.com,Dede Sujatna
Subject: Re: Salasa Nyunda
Rampesss ...
Pa Dede, hatur nuhun kana kintunan materi "Salasa Nyunda"-na. Sae tur manpaat.
Agar lebih dipahami oleh lebih banyak anggota, mangga Kang Dicky cs (Bidang Pendidikan & Pemnberdayaan Kesundaan MSWA) sebagaimana biasa untuk menerjemahkannya ke dalam Bahasa Indonesia. Semoga menjadi amal kebajikan ;-)
Pa Dede, bade tumaros ... dupi Kang Ojo teh urang Jawa? Sanes hartosna OJO dina Basa Jawa teh ULAH alias JANGAN ... hehehe
Salam,
Suhendra
--------------------------------------------
On Mon, 28/4/14, Dede Sujatna <
dsuj...@optusnet.com.au> wrote:
Subject: Salasa Nynda
To:
mitra-su...@googlegroups.com Received: Monday, 28 April, 2014, 3:49 AM
Sampurasun para mitra sadayana.
Ibu Dewi sareng Pa Suhendra parantos ngintun obrolan di
antawis Kabayan
sareng Iteung, lajeng di antawis Diding sareng Dudung anu
nganggo basa loma,
nyaeta basa anu dianggo ku sasama anu parantos lami kenal.
Sedengken obrolan di
antawis Tatang sareng Titing nganggo basa hormat/basa lemes
dianggona ku sasama
anu teu acan kenal.
Di dieu sim kuring bade nyobian midamel obrolan di
antawis pangsiunan
Bupati (B) sareng supirna Kang Ojo (O ). Di dieu “undak
usuk” basa Sunda kedah
dianggo margi aya saluhureun sareng sahandapeun. Kanggo
rujukan di dieu sim
kuring ngalampirkeun daptar undak usuk Basa Sunda.
B: Euh, Ojo geus datang.
O: Sumuhun . Nembe pisan dongkap.
B: Jam sabarah tadi indit ti mah ?
O: Tabuh satengah tujuh.
B: Numpak naon? Angkot atawa ojek?
O: Ngangge angkot.
B: Geus sarapan? Lamun acan jig menta dahar heula ka si
Ijoh di dapur ,
sabab poe ieu urang rek nyaba ka Tasik.
O: Bade angkat ka Tasik? Bade aya naon?
B: Aya ondangan ti adi sayah. Nyundatan anakna.
O: Oh, bade ka anu yepitan putrana. Du Enggah sareng
Enggah istri bade
kulem di Tasik teh? Upami bade kulem abdi kedah ngabantun
pakean kanggo salin
heula.
B: Ah, moal ngendong. Urang pulang poe bae. Tapi
balikna hayang nyimpang
heula ka Garut. Urang meuli dodol Garut.
JO, memeh indit pariksa heula
bengsin jeung oli mobil.
Lamun perlu meuli heula bengsinna.
O: Mangga.
B: Kumaha kudu meuli bengsin heula?
O: Teu kedah. Masih seueur keneh. Ngagaleuh bengsin mah
engke bae di
Tasik.
B: Enya atuh. Jo , cing pang meulikeun heula roko.
Gudang garam.
O: Mangga. (Ojo indit ka warung meuli roko ).
Balik ti warung: Enggah
mangga ieu sesepeun teh.
B:Tah Ibu geus siap. Hayu urang berangkat!
Dede
Sujatna
U1/69 Corbel Street
Shelley WA
6148