Mugi para mitra, boh nu di Ostrali boh nu di lembur, aya dina ginanjar kawilujengan ginulur karahayuan.
Bakating ku sono, sababaraha anggota MSWA nu dina danget ieu nuju aya di "lembur" & anggota MSWA nu parantos 'for good' ngusulkeun 'Reuni MSWA'.
Saparantos badanten, acara nu dimaksad bade diayakeun dina dinten Minggu kaping 29 Januari 2017 di Bandung. Perkawis tempatna insya Allah saenggalna didugikeun.
Manawi Bapa/Ibu/Akang/Teteh/Ayi/Eneng aya waktos & bade ngersakeun hadir dihaturanan. Tiasa daptar ngalangkungan email sim kuring,
suhend...@yahoo.com. Hatur nuhun.
Wassalam,
Suhendra