Bls: Salasa Nyunda

172 views
Skip to first unread message

Ratna Nirmala

unread,
Aug 18, 2014, 9:44:08 PM8/18/14
to Yati Winfield, Dede Sujatna, Mitra Sunda
ari pileuleuyan artina naon ??? :)))

Ratna


Pada Senin, 18 Agustus 2014 20:31, Yati Winfield <yatiwin...@gmail.com> menulis:


----- Pesan yang Diteruskan -----

Boxbe This message is eligible for Automatic Cleanup! (yatiwin...@gmail.com) Add cleanup rule | More info
Pak dede, geningan selenting teh bahasa sunda. Sami sareng bhs indonesia nya hartosna oge sami geuning??
On 18/08/2014 7:16 PM, "Dede Sujatna" <dsuj...@optusnet.com.au> wrote:
>
>  
> Salam para Mitra.
>  
> Dina Basa Sunda aya sababaraha ungkapan anu nganggo kecap “ANGIN”.  Angin teh nyaeta hawa anu gerak: Angin mani ngagelebug. Aya rupa-rupa angin contona: angin barat nyaeta ngin anu jolna ti arah kulon-kaler. Angin darat nyaeta angin anu niup ti darat ka laut. Angin laut – angin anu niup ti laut ka darat. Angin puyuh nyaeta angin anu muih nurutkeun arah jarum jam di Amerika disebatna Tornado. Angi ribut = angin anu teu puguh jurusanana. Angin topan = angin anu pohara hebatna. Sajabina ti eta sababaraha ungkapan anu nganggo kecap angin:
> 1.Hujan angin = Hujan ageung dibarung ku angin ngagelebug
> 2.Liang angin = Lolongkran di antara dua gunung anu nepungkeun dua padataran anu lega
> 3.Puhu angin = Ti mana datangna angin.  Nu moro mencektara ngintip dina puhu angin bisi kaburu kaambeueun manten.
> 4. Kumaha anginna = Kumaha ramena.Si Eta mah biasana sok ula-ilu ; sok ngadagoan kumaha anginna.
> 5. Ban angin = Ban anu sok dikompa.
> 6. Selenting bawaning angin = Beja anu teu acan pasti. Selenting bawaning angin Pa Wali kota bade diangkat jadi Gubernur.
> 7. Asup angin = Panyakit panas tiris. Kabiasaan anu asup angin sok dikerok nepi ka bareureum.
> 8.Tantang angin = Ngran kadaharan tina beas anu bibungkus ku daun awi, bangunna juru tilu.
> 9.Teu gugur teu angin = Teu puguh alesanana . Ku naon ieu teh teu gugur teu angin jol-jol ambek ambekan?
> 10.Di angin-angin = Teu dipoe di nu panas. Tong dipoe di nu panas bisi belel, diangin-angin bae di nu iuh.
> 11.Angin-anginan = Teu angger adatna. Entong kaget da si Eta mah sok angin-anginan; sakapeung pikeresepeun sakapeung pikasebeleun.
> 12. Kareta angin = Sepedah/ Kereta mesin. Baheula mah sepedah teh disebutna kareta  angin.
> 13. Angin-anginan = Cicing di nu aya angin. Ulah angin-anginan kapan kakara cangeur. Bisi asup angin.
> 14. Perangin-angin = Ngaran salah sahiji marga dina suku Batak
>  
> Dede


Dede Sujatna

unread,
Aug 19, 2014, 12:32:36 AM8/19/14
to Ratna Nirmala, Yati Winfield, Mitra Sunda
Salam Teh Yatie.
 
Nuhun parantos maos Salasa Nyunda. Sumuhun sami kapan Bahasa Indonesia teh sok nambutan kosa kata tina Basa daerah contona anu sanes : amburadul, juntrungan, selentingan,mangkrak, salingkuh jst.
 
Teh  Ratna,
 
Pileuleuyan upami disa Basa Inggris mah “Goobye”.Dina Basa Jepang mah “Sayoonara”. Dina Basa Walnda mah “Tot Zien” Dina Bahasa Indonesia mah “Sampai bertemu lagi”

Dewi Ratih Naim

unread,
Oct 20, 2014, 10:41:43 PM10/20/14
to Mitra Sunda, mitra-sunda-perth@googlegroups com
Salam semuanya,

Sekedar menyebarluaskan session berikut (lihat flyer - attached). Siapa tau ada yg berminat untuk hadir.

image.jpeg

rustam...@yahoo.co.id

unread,
Oct 21, 2014, 2:16:13 AM10/21/14
to Dewi Ratih Naim, Mitra Sunda, mitra-sunda-perth@googlegroups com
Hatur nuhun inpo na Teh Atjeu...

Sent from my iPhone

> On 21 Oct 2014, at 10:41 am, Dewi Ratih Naim <naimde...@gmail.com> wrote:
>
> Salam semuanya,
>
> Sekedar menyebarluaskan session berikut (lihat flyer - attached). Siapa tau ada yg berminat untuk hadir.
>
> <image.jpeg>

dfmaulana

unread,
Oct 22, 2014, 12:29:22 AM10/22/14
to naimde...@gmail.com, mitras...@gmail.com, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Teh Atje,

Hatur nuhun infonya. Izin share ya... 
Mangga bilih ada yang mau datang..

Wassalam,
Dicky F Maulana
Reply all
Reply to author
Forward
0 new messages