Salasa Nyunda

333 views
Skip to first unread message

Dede Sujatna

unread,
Sep 23, 2015, 2:23:27 AM9/23/15
to mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun para Mitra
 
Waktus botram dina dinten Saptu anu kalangkung (19-9-2015) Teh Hetty sareng Kang Wawan naros ka sim kuring kunaon cenah acara “salasa Nyunda” teu aya terasna. Saur sim kuring teh bawiraos teu aya gunana margi henteu seueur anu masihan komentar kana naon anu “dipostimg” ku sim kuring. Kukituna sim kuring gaduh kasimpulan naon anu diserat ku sim kuring teh teu aya gunana kanggo para Mitra. Namung saur Teh Hetty anjeunna tar luput maos naon di serat ku sim kuring sareng saurna dina seratan sim kuring teh seueur pulunganeunnana. Upami leres kitu ayana mangga sim kuring bade neraskeun acara “Salasa Nyunda” namung pamugi para mitra kersa maparinan komentar teu kedah ku Basa Sunda- mangga ku Bahasa Indonesia oge teu sawios.
Dina acara botram teh sim kuring neda sangu koneng sareng “hayam dimasak kecap”. Sangu koneng teh diasakanana dina “Rice Cooker”. Sim kuring jadi emut jaman sim kuring keur budak kumaha carana pun biang nyangu. Teu sapertos ayeuna nyangu teh teu hese mung tinggal ngalebetkeun beas kana “rice cooker”; tambihan cai; sambungkeun “rice cooker” kana stop kontak saparantos 20 menit sangu parantos asak. Praktis! Teu sapertos jaman baheula nyangu teh mangrupi proses anu lami. Ngawitan beas teh diisikan heula nyaeta dilebetkeun kana boboko teras bibanjur ku cai teras digeroh saparntos digeroh dikelabkeun deui ku cai teras dituuskeun sakedap sateuacanna diseupan. Kanggo nyeupan beas kedah naheur cai dina seeng. Seeng tambaga disimpen dina hawu anu aya dina parako. Kanggo manaskeun seeng kedah meuleum suluh. Beas anu paratos dituuskeun teras dilebetkeun kana aseupan anu parantos aya dina seeng. Upami beasna parantos janten gigih aseupan diangkat tina seeng lajeng beas gigihb teh di tamplokeun kana dulang teras dibanjur ku cai ngagolak tina seeng teras digalo kucentong. Kumargi cai dina seeng tos dianggo ngagigihan kedah ditambihan deui ku cai tiis. Upami cai dina dulang paratos nyerep kana gigih, sangu gigih teh dilebetkeun deui kana aseupan anu teras dilebetkeun deui kana seeng.Kirang langkung 20 menit diseupan gigih teh parantos asak jadi sangu. Aseupan anu pinuh kusangu teh diangkat tina seeng teras sanguna ditamplokeun deui kana dulang. Ayeuna sangu asak teh diakeul ku centong bari dihihidan ngarah saabna kaluar. Tah sangu anu tos diakeul jadi sangu pulen. Sangu pulen teu kinten nikmatna upami dituang dasarengan ku ku pais peda beuruem sareng sambel cabe hejo. Mangga cobian.
 
 
Dede

rika zikriyyah

unread,
Sep 23, 2015, 3:44:00 AM9/23/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Duh hatur nuhun Pa Dede 'postinganna'..
Janten emut nuju alit emam sangu nu diasakanana sapertos kitu Pa Dede..
Asa langkung nikmat emam teh :) 
Abdi mah kapungkur sok emam sangu pulen nu nembe asak teras diakeul dicampur sareng uyah teras dikeupeul..nikmaaatt..



Salam,

Rika

Wawan Hermawan

unread,
Sep 23, 2015, 3:59:15 AM9/23/15
to rika zikriyyah, Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Hatur nuhun Pak Dede...meni asa waraas..

Muhun Teh Rika abdi oge kapungkur sok nuang 'sangu keupeul', atanapi sangu pulen nu dibabarkeun diluhur kurupuk, masih nyelebung..:-)

Kapungkur oge nikmat pisan nuang kerak sangu nu dikerikkan dina langseng teras di uyahan...

Pak Dede, kapungkur abdi oge sok dipiwarang ngalaan sereh ku pun biang, kan beas teh di tapi heula ngangge nyiru sateuacan di siksikan teh....

Eta teh muhun kitu namina teh sereh beas anu aya cangkangan keneh teh?


salam,
Wawan



suhendra_upi

unread,
Sep 23, 2015, 4:55:51 AM9/23/15
to Wawan Hermawan, rika zikriyyah, Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Rampesss ...

Hatur nuhun kana kintunan seratan Pa Dede. Janten emut pangalaman nuju budak upami pere sakola di Sumedang. Ku pun nini sok dipangdamelkeun sangu keupeul haneut dicampur uyah & dipurulukan bubuk ranginang/opak beuleum teras dicoelkeun kana sambel goang .. dugi ka seuhah cipanonan bakat ku lada tapi nikmaaat ;-)

Leres pisan Neng Rika & Kang Wawan .. meni waas & janten ngadadak lapaaarrr .. hehehe. 

Upami Pa Dede 'proses' nyangu ngawitan tina ngisikan beas, kapungkur pun nini nuju jumeneng aya kalana 'proses' nyangu ngawitan tina napi beas dina nyiru (miceunan serah) teras diisikan dina boboko. 

Simkuring oge nganuhunkeun ka Pa Dede nu parantos ngawitan deui ngintun seratan dina raraga 'Salasa Nyunda'. Ku sadaya kamaklum rehna 'posting' seratan dina milis (email) henteu saepektip & sagampil dina pesbuk. Namung teu aya lepatna media milis MSWA ieu tetep dipiara tur diramekeun sapertos grup Mitra Sunda dina pesbuk/whatsapp. Mugi salajengna ihtiar urang miara & ngamumule Basa Sunda teras mayeng deui. 


Wassalam, 


Suhendra






Sent from Samsung Mobile

Dede Sujatna

unread,
Sep 23, 2015, 8:10:30 AM9/23/15
to Wawan Hermawan, rika zikriyyah, mitra-su...@googlegroups.com
Kang Wawan,
 
Nuhun kana komentarna. Namung sim kuring henteu ngartos naon anu dimaksad ku “sereh beas”. Sakaterang sim kuring mah beas anu aya kulitan keneh teh disebatna “gabah”. Sim kuring teu kantos nyaksian aya beas disiksikan.
 
Salam
Dede
 
Sent: Wednesday, September 23, 2015 3:59 PM

No virus found in this message.
Checked by AVG - www.avg.com
Version: 2015.0.6140 / Virus Database: 4419/10686 - Release Date: 09/23/15

Dede Sujatna

unread,
Sep 23, 2015, 8:16:59 AM9/23/15
to suhendra_upi, Wawan Hermawan, rika zikriyyah, mitra-su...@googlegroups.com
Salam  Pa Suhendra,
 
Hatur nuhun kana komentarna. Bingah seratan sim kuring aya anu ngometran. Kacipta Cep Hendra alit reumbay ku cisoca bari seuseuhah bakat ku lada.
Kumaha Pa Suhendra uninga naon anu dipaksad ku Kang Wawan “sereh beas” ?
 
Dede
 
 
 
Sent: Wednesday, September 23, 2015 4:55 PM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

No virus found in this message.

wher...@gmail.com

unread,
Sep 23, 2015, 8:44:36 AM9/23/15
to Dede Sujatna, rika zikriyyah, mitra-su...@googlegroups.com
Pak Dede,
Manawi abdi tumaros, ari kapungkur mah asana mah sereh atanapi serah, hilap deui. Sami sareng ngumbah beas dina boboko, istilahna teh 'nyiksikan' atanapi 'ngisikan'?

Upami maca waleran Pak Suhendra mah beas nu aya keneh cangkangna namina 'serah' teras ngumbah beas istilahna 'ngisikan'. 

Salam,
Wawan

Sent from my iPhone

suhendra suhendra

unread,
Sep 23, 2015, 8:53:49 AM9/23/15
to Dede Sujatna, Wawan Hermawan, rika zikriyyah, mitra-su...@googlegroups.com
Wa'alaikum salam, 

Leres pisan, Pa Dede .. 'sangu keupeul haneut' .. nikmat sejuta rasanyaaah .. hehehe. Hatur salam ka Ibu miwah putra putu sadaya.

Sonona mah nataku upami ras emut ka dulur-dulur anggota MSWA, banyol & 'ngadu bako', ngariung balakecrakan ;-)  Mugi hiji waktos abdi tiasa deui ka Perth tepang sareng Bapa/Ibu/Akang/Teteh sakalih.

Rupina nu dimaksad ku Kang Wawan 'sereh beas' upami di abdi mah disebat 'serah' (butiran padi atau pasir/batu kecil yang ikut bercampur dengan beras yang akan ditanak). Perkawis beas nu 'disiksikan' (diiris) rupina maksadna 'diisikan' (dicuci). Hapunten Kang  Wawan bilih komentar abdi lepat ;-)


Wassalam, 


Suhendra





Sent from Yahoo7 Mail on Android


From:"Dede Sujatna" <dsuj...@optusnet.com.au>
Date:Wed, 23 Sep, 2015 at 7:16 PM
Subject:Re: Salasa Nyunda

Ike

unread,
Sep 25, 2015, 12:14:29 PM9/25/15
to suhendra suhendra, Dede Sujatna, Wawan Hermawan, rika zikriyyah, mitra-su...@googlegroups.com
Salam, 

Haturnuhun pak Dede, ada perasaan senang dari Nasi Kuning alias sangu koneng jadi sebuah cerita. Kebayang kalau nulis resep seperti ala ibu/nenek kita dahulu, tahap-tahap memasak, betapa panjangnya prosesi untuk suatu sajian makanan lezat...., sepertinya malah sebagian orang menjadi malas ke dapur, he he... Padahal biasanya makanan yg lezat prosesnya suka lama...


Salam,
Ike Wawan 

Sent from my iPhone

Ninot

unread,
Sep 25, 2015, 6:58:09 PM9/25/15
to mitra-su...@googlegroups.com
Nuhun Pa Dede kintunanna..
Wkwkwk Teh ike..Buku masakna sajudul bs 10 jilid tah..

Upami abdi mah asa emut nuju alit.. Abdi teu kenging angkat sakola ku pun biang sateuacan nuang sarupaning 'paket sehat' yakni Susu, Minyak Ikan, Vit C sareng sagelas cai Tajin 😝😝.. cai tajin teh kaldu tina ngagigihan beas upami teu lepat mah..rasana? Nyooosss gleg glug 😖😛...

Katingalna pun putra bakal lolos tina 'paket sehat' warisan pun nini da sapertos pak dede seratkeun, jaman kiwari mah masak nasi teh nganggo rice cooker..kari colokeun trus cuzzzz 🍚😁😁

*Punten sunda Bogor nu 'lemes' tea heheh

Salam,
Dinna..
Sent from My Meowwww

Dede Sujatna

unread,
Sep 25, 2015, 7:55:27 PM9/25/15
to Ninot, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Teh Dina sareng Teh Ike
 
Bingah nampi komentarna ti dua Teteh cingcirining seratan sim kuring teh diaraos ku para Mitra. Mugi-mugi bae sim kuring tiasa neraskeun acara Salasa Nyunda. Dugi ka tepang deui minggu payun.
 
Salam
Dede

Version: 2015.0.6140 / Virus Database: 4419/10700 - Release Date: 09/25/15

alina marlin

unread,
Sep 26, 2015, 7:16:41 PM9/26/15
to Dede Sujatna, dinna saptiyani, mitra-su...@googlegroups.com

Salam Pak Dede

Bade naros ari Cingcirining teh artinya apa yah pak?
Nuhun sateuacana.

Salam
Alina

Ade Scaf

unread,
Sep 26, 2015, 8:17:19 PM9/26/15
to Ninot, mitra-su...@googlegroups.com
Alhamdulillah rame deui geningan...hapunten daerah gosnells nuju di permak perkabelan komunikasi. 

Maklum gosnells mah kalebet daerah old european settlement.  Janten sajaba pendudukna seueurna karolot, pasilitasna oge kalebet arantik.

Sanaos abdi teu nyerat, abdi ngaos pami kabagian koneksi.


Salam sono kasadayana

AdeScaf 



Sent from my Samsung device

Dede Sujatna

unread,
Sep 27, 2015, 12:25:50 AM9/27/15
to alina marlin, dinna saptiyani, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Teg Alina,
 
Hatur nuhun kana patarosannana.”Cingcirining”  teh upami dina Bahasa Indonesia mah hartosna “ Itu tandanya bahwa.......”
 
Salam
Dede

wher...@gmail.com

unread,
Sep 27, 2015, 1:37:06 AM9/27/15
to Dede Sujatna, alina marlin, dinna saptiyani, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Pak Dede,

Teh Alina naroskeun hartos bawarios oge di pesbuk, mugi dijelaskeun hartosna.

Nuhun,
Salam,
Wawan

Sent from my iPhone

Dede Sujatna

unread,
Sep 27, 2015, 2:50:35 AM9/27/15
to wher...@gmail.com, alina marlin, dinna saptiyani, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Kang Wawan,
 
Hartosna “bawiraos” upami dina Bahasa Indonesia mah hartosna “ menurut pendapat/persaan saya”.
 
Hatur nuhun kana patarosannana.
 
Dede

Version: 2015.0.6140 / Virus Database: 4419/10708 - Release Date: 09/27/15

wher...@gmail.com

unread,
Sep 28, 2015, 11:30:01 AM9/28/15
to Dede Sujatna, alina marlin, dinna saptiyani, mitra-su...@googlegroups.com
Hatur nuhun Pak Dede.

Kumaha Teh Alina, kahartos?

Salam,
Wawan

Sent from my iPhone

Dede Sujatna

unread,
Sep 29, 2015, 5:27:08 AM9/29/15
to mitra-su...@googlegroups.com
 
Sampurasun para Mitra.
 
Khusus ka Kang Wawan,  nyuhunkeun tulung ieu tulisan sim kuring diunggahkeun kana Face book supados seueur anu komentar sapertos minggu anu kalangkung. Hatur nuhun sateuacanna.
 
Dina riungan dua minggu anu kalangkung sajabina ti neda sangu koneng teh sim kuring oge neda  emihbaso anu disayagikeun ku Ibu Ade mani sapanci ageung. Nuhun ka Idu Ade, eta basona mani raos pisan ,bubuhan basona buata Ibu Ade anu parantos kagungan pabrik baso di Gosnells.
 
Sakumaha anu kasaksian ku sim kuring, ayeuna mah dina unggal riungan boh di MSWA boh di Konjen atanapi di Wisma oge dina unggal bazar,
baso teh tara luput mangrupi hiji sajian anu kedah aya. Kukituna baso teh ayeuna mah parantos janten katuangan bangsa Indonesia anu lumrah. Di Indonesia di unggal kota salamina aya anu icalan basa : aya nu di tanggung, aya anu di dina roda dorong , anu dina jongko sareng aya anu khusus rumah makan baso. Malihan di unggal lebur oge ayeuna mah sok aya bae anu dagang baso. Dina taun 1990 waktos sim kuring sareng pun bojo munggah haji di Mekah aya urang Sunda (Kang Dadang) anu muka warung Baso Bandung anu ayana pas pisan dipayuneun panto Marwa tempat Sa’i.
 
Salerena mah baso teh asalna sanes katuangan bangsa Sunda/Indonesia tapi kadaharan bangsa Cina. Kukituna basa sim kuring budak keneh, nyaeta dina jaman Walanda sareng jaman Jepang sim kuring nyaksian anu dagang baso teh mung bangsa Cina wungkul. Tukang baso teh biasana nganggo sapedah atanapi ditanggung. Tukang baso teh tara ngider ka lembur tapi mapay-mapay toko Cina anu araya di sisi jalan. Baso teh haram kanggo bangsa Sunda/Indonesia margi dagingna daging babi.Saluyu sareng ngaranna anu ngawitan kecap  “BA” nyaeta Babi. Kadaharan Cina sanesna anu haram kanggo urang Sunda nyaeta Bapaw, sabangsa roti anu dieusian daging babi.
 
Dina jaman harita mah katuangan urang Sunda anu lumrah teh seueur pisan . Di dieu sim kuring bade nyobian ngeceskeun naon wae katuangan urang Sunda dina jaman harita.
 
1. Katunagan anu biasana diicalna diiderkeun ka lembur-lembur:
    Cobro, Misro, Cuhcur, Katimus, Ali agrem, Bugis, Keremes, Kelepon, Lupis, Nagasari, Tangtang angin, geblong, Kueh Pisang, Onggol-onggol, Onde—       onde, leupeut sareng gorengan, kulub susuk sareng kacang tanah, Borondong jagong, Peuyeum sampeuOpak sareng renginang.
2. Katuangan anu diicicalna dina tanggungan atanapi dina jongko:
    Tahu kupat, Emih kocok, Kulub janggong sareng beuleum jagong, Bubur ketan hideung sareng kacang hejo, Loek, karedok, rujak uleg, colenak, sate,     pisang goreng, beuleum ketan+sarundeng, bandros, surabi, Gulali sareng aromanis.
3. Kutuangan anu khas ti hiji kota:
    Dodol Garut, Wajit Cillin, Oncom Bandung, Tahu Sumedang, Doclang sareng toge gendot Bogor, Pais Gumane ti Tasik +Ciamis, Empal geentong ti         Cirebon, Hui ti Cilembu
4. Leueueteun khas urang Sunda:
    Bajigur, Bandrek, Cendol, Cingcaw, Lahang, Es kalapa kopyor.
 
Para Mitra tah mung skitu anu kaemut ku sim kuring dina danget ieu. Mangga ditarambihan ku para Mitra naon-naon anu teu kasebat ku sim kuring.
Hatur nuhun.
 
Salam
 
Dede

Dewi Winarto

unread,
Sep 29, 2015, 7:30:48 AM9/29/15
to Dede Sujatna, <mitra-sunda-perth@googlegroups.com>
Rampes ..

Pa Dede, 

Leueuteun:
Goyobod

Rencang sangu:
Ulukutek Leunca, Pencok, 

Opieun:
Nagasari, kurupuk malarat, Hucap ( Kuningan ) tahu Gejrot , Cilok, Cireng. 

Sareng sajabina ti eta.

Hatur nuhun 

dw 

Sent from my iPhone

Ade Scaf

unread,
Sep 29, 2015, 7:34:20 AM9/29/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Mani bingah ningali pak Dede gaduh asisten kang Wawan....katingalina harmonis pisan...

Mangga geura lungsurkeun sagala elmu na pak Dede...mung ulah elmu peletna we bilih neng Ike ngamuk...haha heureuy sakedik atuh...

Sami2 pak Dede...mugia anu nuang sareng anu ngadamel basona dipaparinan jembar manah...jembar elmu...jembar sagala galana...aminn.

Pami bade jujur mah di kulawargi abdi katingalina ngonsumsi emie langkung ti sangu.

Aya bisik2 tatangga saurna mah masih aya darah tionghoana. Ditambih ku soca anu paretet. Mun abdi seuri ngagakgak teh sok nepi kapeureum. Jigana mah mun ditaringgalkeun nyumput oge abdi mah noal nyaho...

Aya hiji deui..keur alit nami landian abdi teh Noi.

Sababaraha tahun kapungkur basa keur udud di canningvale market...aya anu gogorowokan. ..Noiii...Noii...abdi teh reuwas naha aya anu nuahoeun ngaran abdi Noi. Langsung atoh...pasti aya urang leuwidahu ieu mah...

Tapi saatos diteangan...anu manggil Noi Noi an teh urang Thailand ibu2.

Sing horeng teh manehna keur neangan anakna anu ngereles.

Ku abdi ditanya kamu nyari sata bari pede...diwaler lain saya mah neangan anak awewe saya cenah...

Saatosna ngobrol ngaler ngidul...Noi dina bahasa Thailand teh panggilan Eneng...

Jangan2...abdi teh si eneng palid ti thsiland...kspanggih dina tempat sampah terus dipungut ku ibu jeung bapa...tah eta jawabanana mun abdi nanya ari abdi teh anak pungut sanes...

Atos ah abdi mani celembeng...maklum tos diparaban cau ladies finger ku si abah yusuf

Hatur nuhun


Salam baktos

AdeScaf 



Sent from my Samsung device


-------- Original message --------
From: Dede Sujatna <dsuj...@optusnet.com.au>
Date: 29/09/2015 16:50 (GMT+08:00)
To: mitra-su...@googlegroups.com

Hilman Sobir

unread,
Sep 29, 2015, 8:24:44 AM9/29/15
to Dewi Winarto, Dede Sujatna, <mitra-sunda-perth@googlegroups.com>
Jiga na aya nu ka langkung nyaeta " Rujak Hiris " mang taun taun sim kuring kaleungiteun nuang rujak hiris da duka dimana ayeuna mah jalmi anu aya keneh melak Hiris.

Mung Alhamdulillah dina sasih July anu kapengker kaleresan abdi ngahaja pesen  ka rerencangan supados di pang milarian keun rujak hiris di Bdg......

Duh gening pedo pesanya eta rujak hiris teh😀😀😀👍

Salam

HS

Sent from my iPhone

Dewi Winarto

unread,
Sep 29, 2015, 9:03:33 AM9/29/15
to Hilman Sobir, Dede Sujatna, <mitra-sunda-perth@googlegroups.com>
Kang HS
Aya keneh rujak Hiris di Bandung mah didaerah Cibogo.. Anu ngider.., 

Ngan edas we ari nuju usum hileud meni pi sieuneun hideung... napuk !

dw 

Sent from my iPhone

Wawan Hermawan

unread,
Sep 29, 2015, 10:06:14 AM9/29/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com

Salam Pak Dede,

 

Hatur nuhun kana kintunan na. Ku abdi tos di tayangkeun di pesbuk. Dugi ka abdi nyerat email ieu, seratan Pak Dede teh tos di aos ku 12 urang di pesbuk. Biasana mah teras nambih, cingcirining ‘animo’ para mitra teh ageung pikeun diajar Bahasa Sunda. Mugi sing janteun mangfaat ka urang sadayana sareng mudah-mudahan Alloh masihan ganjaran kana sagala amal kasaean Pak Dede ngajarkeun Bahasa Sunda ka para mitra sadayana. Aamiin ya Rabbal alamin.

 

Saterasna perkawis tuangeun urang lembur, kapungkur abdi gaduh tatanggi anu gaduh usaha ngadameul odading sareung getuk lindri. Abdi emut keneh weungi-weungi sok dipiwarang meser odading ku pun bapa ka tatanggi langsung di pabrikna. Biasana odading teh sapaket sareung cakueh sareung kueh tambang. Masih kabayang dugi ka ayeuna ku abdi suasana ‘dapur’ pabrik odading teh pararanas, dindingna hararideung da ngagorengna teh ku suluh, sareng pagawe-pagawena teh dibaluligir, karesangan da panas meureun.

 

Tatanggi nu sanes deui gaduh pabrik getuk lindri di bumina. Didameulna teh tinu sampe, di diancurkeun teras diulek-ulek dina tolombong ageung.  Salajeungna sakeupeul dua keupeul di lebetkeun kana citakan nana, teras digiling kaluar sapertos emih. Sateuacan dilebetkeun ka gilingan nana teh dipasihan pewarna heula, hilap deui nami pewarna na mung diwadahan kanu toples alit, sami sareung nu diangge ku tukang es lilin sareung tukang es nu di serut. Tah upami tos digiling teh teras di pincukan ngangge daun cau, teras dipurulukan ku kalapa kenging marud....aduh raos pisan, komo mun haneut keneh mah. Sami sareung tukang odading, pagawe-pagawe na teh dibaluligir, da hareudang panginteun ngulek-ngulek sampeu dina tolombong teh. Panginten sakeuclak dua keclak mah nyampur sareung kesang eta getuk teh...aahh tong di emutan eta na mah, nu penting raos di tuang na......

 

Salam,

Wawan

 

 

Sent from Mail for Windows 10

 

 


From: Dede Sujatna
Sent: Tuesday, 29 September 2015 5:27 PM
To: mitra-su...@googlegroups.com
Subject: Salasa Nyunda

 

 

 

Sampurasun para Mitra.

Hilman Sobir

unread,
Sep 29, 2015, 10:16:53 AM9/29/15
to Wawan Hermawan, Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Tah eta nu matak nikmatna teh kesang sakeclak....sok asa imut zaman kueh Roburnya

Sent from my iPhone

Ade Scaf

unread,
Sep 29, 2015, 9:30:14 PM9/29/15
to Hilman Sobir, Wawan Hermawan, Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Ku abdi ditambihan ku kue balok...anu bentukna memang siga balok rasana siga kue pancong manis tapi kurangin telor sareng mantegana...

That's my number #1fav food...KUE BALOK KEBON KALAPA...dijual disisi.jalan di tukang cikopi dituang panas2 bari udud...yaummyyyy


Masa muda oh masa muda...akankah kau kembali



Sent from my Samsung device


-------- Original message --------
From: "'Hilman Sobir' via Mitra Sunda Western Australia (MSWA)" <mitra-su...@googlegroups.com>
Date: 29/09/2015 22:17 (GMT+08:00)
To: Wawan Hermawan <wher...@gmail.com>
Cc: Dede Sujatna <dsuj...@optusnet.com.au>, mitra-su...@googlegroups.com
Subject: Re: Salasa Nyunda

Ike

unread,
Sep 29, 2015, 10:07:26 PM9/29/15
to Dewi Winarto, Dede Sujatna, <mitra-sunda-perth@googlegroups.com>
Salam, 

Pa Dede, nuhun kintunan Salasa Nyunda na, bade Nambihan opieun : 
- Rarawuan, aya nu emut? ya tante Dewi parantos ngadamel, he he...
- Grontol, kulub jagong nu jagong na teh bareukah, di purulukan ku kalapa parud asin, emut jajanan esde. 
- Kuweh Balok, raos diopi haneut-haneut sareng kopi Aroma jl. Braga.

Teh Ade "Noi", he he he...

Salam, 
Ike Wawan 

Sent from ikephone

Dewi Winarto

unread,
Sep 30, 2015, 4:33:45 AM9/30/15
to Ike, Dede Sujatna, <mitra-sunda-perth@googlegroups.com>
Neng Ike kopi Aroma teh anu du jalan Banceuy tea sanes ? 
Kopi jozzz eta  mah moal aya dua. 

dw

Sent from my iPhone

Ade Scaf

unread,
Sep 30, 2015, 6:52:38 AM9/30/15
to Ike, Dewi Winarto, Dede Sujatna, <mitra-sunda-perth@googlegroups.com>
Kumaha aneh sesa masa kecil abdi teu leungit, khusus ku urang MSWA abdi dipanggil Noi we atuh...ameh asa awet ngora huhuuyyy



Sent from my Samsung device


-------- Original message --------
From: Ike <ikar...@gmail.com>
Date: 30/09/2015 10:07 (GMT+08:00)
To: Dewi Winarto <dewiw...@yahoo.com>
Cc: Dede Sujatna <dsuj...@optusnet.com.au>, "<mitra-su...@googlegroups.com>" <mitra-su...@googlegroups.com>
Subject: Re: Salasa Nyunda

Hetty Mukmin

unread,
Sep 30, 2015, 9:52:22 AM9/30/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Salam para Mitra

Hatur nuhun Pa Dede parantos neuraskeun deui acara " Salasa Nyunda"

Kapungkur bumi abdi di Cipaera Bandung cakeut pisan ti pasar Kosambi.
Anu icalan sagala aya sareung marirah.
Di payuneun bumi seueur anu ngalangkung icalan tuangeun.

Pun bapa upami tuang sangu keudah puleun kareuseupna tuang gejos angeun kacang, peda dan masakan Garut dari daerah nya.
Ema abdi turunan Baduy (Banten) tapi upami ngajar masak sesering nya reusep Belanda.
Sedangkan abdi sesering nya tuang lotek meser ti tatanggi.
Abdi sateuacan nikah keluarga live to eat sanes eat to live hahaha.

Bade tumaros
Apa abdi=pun bapa
Ema abdi=pun Ema?

Salam


To: mitra-su...@googlegroups.com
Subject: Salasa Nyunda
Date: Tue, 29 Sep 2015 16:50:38 +0800

Ike

unread,
Sep 30, 2015, 11:05:35 AM9/30/15
to Dewi Winarto, Dede Sujatna, <mitra-sunda-perth@googlegroups.com>
Oh iya, tante Dewi....kopi aroma mah di jl Banceuy yah..., naha bet emutna jl. Braga? Punten ah lepat abdi :) 

Sent from ikephone

Dede Sujatna

unread,
Oct 5, 2015, 10:19:26 PM10/5/15
to mitra-su...@googlegroups.com
 
Sampurasun para Mitra
 
Wilujeng enjing sareng kumaha daramang? Sim kuring dina danget ieu alhamdulillah nuju dipaparinan kasehatan, mugo mugi bae Allah saterasna maparinan kasehtan ka sim kuring.
 
Sababaraha sasih anu kalangkung sim kuirng kantos masihan patarosan ka para Mitra naon hartosna warna beureum sareng bodas dina bandera Indonesia. Namung dugi ka ayeuna teu aya anu ngawaler. Kukituna dinten ieu sim kuring bade nerangkeun naon hartosna warna beureun sareng bodas dina bandera “Sang Merah Putih”. Ieu dua warna teh saleresna lambang dua warna dina getih manusa. Getuh manusa teh ngadung dua elemen nyaeta getih beureum(haemoglobin) sareng getih bodas (getih bening). Getih teh mangrupi bagian badan manusa anu ngajamin hirupna  manusa. Hirupna sareng sehatna manusa teh tergantung kana sehatna getihna. Getih beureum teh kapan anu ngabagikeun kadaharan kana sadaya bagian badan manusa sedengkeun getih bodas teh anu ngabasmi sagala panyakit anu tumiba kana badan manusa.
 
Tah kukituna bandera beureum bodas teh lambang hirupna jiwa raga bangsa Indonesia. Urang Sunda ngagaduhan kabiasan nyaeta upami aya istri anu nembean ngandung dina yuswa kandunganana tujuh sasih sok diibakan ku cai kembang tujuh rupi. Sarengsena diibakan sok dipiwarang ngical rujak bebek anu dibayar ku artos tina kenteng anu tos dibuleudkeun siga artos. Numutkeun kapercantenan upami rujak teh rasana amis hatorna jabang bayi anu dikandung teh istri; sawangsulna upami rujak teh rasana lada hartosna jabang bayi teh pameget. Saparantosna teras ngabagikeun bubur beureum –bodas.
Bubur beureum-bodas teh mangrupikuen harepan supados jabang bayi teh getihna sing sehat.
 
Basa sim kuring budak keneh sering nyaksian upami aya anu ngadamel bumi; dina waktos masang palang suhunan sateuacanna masang kaso-kaso sareng ereng teh tukang hayu tek soh ngabeulitan palang suhunanana ku lawon beureum-bodas teras ngagantungkeun pare sageugeus, cau saturuy, sareng daun hanjuang sabeungkeut. Eta teh simbul harepan mugi-mugi anu kagungan bumi teh sing salamet, sehat sareng parek rejekina kalawan ditebihkeun balaina.
 
Sajabina ti eta sim kuring oge sering nungali upami aya istri anu nembe ngalahirkeun; Ema paraji teh sok nanjebkeun sate dua cabe beureun, dua bawang beureum sareng dua bawang bodas dina luhureun panto bumi anu nembe ngalahirkeun. Eta teh simbul pangeling-eling ka caroge anu nembe ngalahirkeun yen anjeuna teu kenging sapatemon sareng istrina anu nembe ngalahirkeun salami genep minggu. Cabe beureum ngalambangkeun yen si istri dina lebet dua minggu anu pertama masih ngaluarkeun getih beureum. Bawang beureum hartosna dina minggu katilu sareng kaopat getihna tos teu patos beureum, dina minggu kalima sareng kagenep masih keneh getihan tapi getihna parantos bodas. Nembe dina minggu katujuh sang caroge kenging sapatemon sareng istrina.
 
Para Mitra tah mung sakitu katerang sim kuring perkawis warna beureum-bodas dina bandera Indonesia. Ayeuna sim kuring tilu patarosan kanggo para Mitra:
 
1. Nagara mana anu banderana sami sareng Indonesia ?
2. Nagara mana anu banderana ampir sami sareng Indonesia,nyeata warna bodasna diluhur beureumna dihandap?
3. Nagara mana anu banderana sami beureum bodas tapi di juru warna beureumna aya gambar bulan-bintang?
 
Mangga diantos waleranana. Hatur nuhun.
 
Dede

rizki syafari

unread,
Oct 5, 2015, 11:17:01 PM10/5/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Pa Dede upami teu lepat 

1. Nagara banderana sami sareng Indonesia nyaeta Monaco
2. Nagara  anu banderana ampir sami sareng Indonesia, nyeata warna bodasna diluhur beureumna dihandap nyaeta Polandia.
3. Nagara anu banderana sami beureum bodas tapi di juru warna beureumna aya gambar bulan-bintang nyaeta Singapore.

Mangga dileureuskeun upami lepat.

Hatur nuhun
Rizki

Wawan Hermawan

unread,
Oct 5, 2015, 11:26:36 PM10/5/15
to rizki syafari, Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Pak Dede,

hatur nuhun kitunan Salasa Nyunda na. Ti kapungkur abdi teu terang maksad si emang tukang masang bandera di suhunan teh, kutan teh eta maksadna.

Oge kapungkur abdi sok ningal cabe di luhureun panto bumi teh ari manawi teh kangge ngusir sarupaning ririwa makhluk halus supados teu lebet ka bumi. Sihoreng teh kangge peringatan  ka para caroge supados tong waka campur sareng istri na pas nuju nifas.

Perkawis patarosan pak Dede, abdi satuju ka waleran nu di luhur.


Salam,
Wawan

Dede Sujatna

unread,
Oct 6, 2015, 2:34:44 AM10/6/15
to Wawan Hermawan, rizki syafari, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Kang Wawan sareng Kang Rizki,
 
Nuhun kana waleranana. Sadayana leres.
 
Salam
 
Dede
 
Sent: Tuesday, October 06, 2015 11:26 AM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

No virus found in this message.


Checked by AVG - www.avg.com

Version: 2015.0.6140 / Virus Database: 4435/10767 - Release Date: 10/06/15

alina marlin

unread,
Oct 6, 2015, 10:45:32 AM10/6/15
to Dede Sujatna, Wawan Hermawan, dinna saptiyani, mitra-su...@googlegroups.com

Salam Pa Dede & Kang Wawan

Hatur nuhun jawabanana saya dapet 2 kosakata sunda baru "Cingcirining " & "bawiraos" mugi2 teu hilap hartosna :)

Nuhun
Alina

Ike

unread,
Oct 8, 2015, 8:37:13 AM10/8/15
to Dede Sujatna, <mitra-sunda-perth@googlegroups.com>
Salam...

Haturnuhun Pak Dede, kintunan Salasa Sunda na, "Beureum -Bodas" meni sarat makna pisan, sumuhun janten emut kapungkur kebiasaan para sepuh, leres pisan...

Perkawis pertanyaan pak Dede, atos sae sareng satuju ku jawaban nu ti payun. Alhamdulillah...

Diemut-emut mah, panginten..sae na meren ieu tulisan pak Dede aya nu nerjemahkan ka bahasa Indonesia, biasa na kang Suhendra, he he... 
Kulantaran jarang maca basa sunda, pas maca meni nyureng-nyureng...(ieu mah abi pisan...nu sanes mah panginten henteu...) Padahal setiap tulisan pak Dede selalu sarat ilmu dan budaya sunda, yang sudah sebaiknya dilestarikan dan dikabarkan pada anak cucu...
Alhamdulillah unggal dinten salasa refresh maca baca Sunda...

Salam, 
Ike 

Sent from ikephone

Dede Sujatna

unread,
Oct 9, 2015, 12:47:29 AM10/9/15
to Ike, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Teh Ike,
 
Aduh mani bingah nampi komentar ti Teh Ike teh. Kalihna ti eta bingah nampi komentar rehna tulisan sim kuring teh henteu mangrupi tulisan runtah. Kumaha upami Teh Ike nyuhunkeun Kang Dicky janten juru tarjamahna margi Kang Suhendra mah rupina paratos sibuk  tugas-tugas di UPI. Kitu oge upami Kang Dicky na henteu kaabotan. Hhatur nuhun kana saran ti Teh Ike.
 
Salam
 
Dede
 
From: Ike
Sent: Thursday, October 08, 2015 8:37 PM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

No virus found in this message.


Checked by AVG - www.avg.com

Version: 2015.0.6140 / Virus Database: 4435/10783 - Release Date: 10/08/15

Dicky Maulana

unread,
Oct 9, 2015, 5:25:11 AM10/9/15
to dsuj...@optusnet.com.au, ikar...@gmail.com, mitra-su...@googlegroups.com
Salam,

Mangga Insya Allah kapayunna sim kuring bade nyobian narjamahkeun satiasa-tiasa.

Hatur nuhun,

suhendra suhendra

unread,
Oct 9, 2015, 7:35:15 PM10/9/15
to Ike, Dede Sujatna, <mitra-sunda-perth@googlegroups.com>
Wa'alaikum salam,

Satiasana .. insya Allah syiiiyaaap, Teh Ike ;-) 

From:"Ike" <ikar...@gmail.com>
Date:Thu, 8 Oct, 2015 at 7:37 PM
Subject:Re: Salasa Nyunda

Dede Sujatna

unread,
Oct 12, 2015, 11:33:52 PM10/12/15
to mitra-su...@googlegroups.com
 
Sampurasun para Mitra,
 
Wilujeng enjing kasadayana. Sim kuring seja ngarojong kana maksad MSWA  mintonkeun kadeudeuh ka wargi-wargi urang di lemah cai anu nuju ngarandapan musibah haseup tinakahuruan leuweung di Sumatra sareng di Kalimantan ku jalan ngempelkeun sumbangan artos. Mangga urang sami-sami nembongkeun kaheman. Mugi-mugi bae kaikhlasann urang sadayana ditampi ku Allah SWT.
 
Dinten ieu sim kuring bade medar naon margina dina basa Sunda aya ungkapan “TEU UYAHAN” . Sakumaha kauninga ku sadayana rehna ieu ungkapan teh mintonkeun sipat manusa anu teu pikeresepeun. Contona dina kalimat: “ Kuring mah teu pati resep ka si eta teh sabab manehna teu uyahan”. “UYAH” teh  mangrupi hiji bahan kimia anu salamina dianggo dina masakan. Upami masakan kirang uyahna sok hambar. Upami badan urang kirang  ngadung uyah matak nimbulkeun panyawat “godongeun” nyaeta bareuh dina careham.
 
Naon hubunganana uyah sareng sipat manusa anu teu pikaresepeun? Sadaya manusa seleresna ngagaduhan dulur kembaran nyaeta “BALI”(Placenta). Salami orok aya dina kandungan ibuna anu mulasara hirupna orok teh kapan Bali tea. Sagala anu diperlukeun ku orok disayagikeun ku bali anu disalurkeun ngalangkungan tali ari-ari dina udel orok. Kukituna numutkeun para karuhun Sunda bali teh mangrupi dulur kembaran urang. Baheula mah upami aya anu ngalahirkeun “ema paraji” teh sajabina ti mulasara si ibu anu nembe ngalahirkeun sareng orokna teh oge gaduh tugas mulasara bali. Kumaha carana mulasara bali? Ngawitan bali teh dikumbah dugi ka beresih teras dilebetkeun kana pendil anu parantos dialasan ku daun waru. Sateucana dilebetkeun kana pendil bali ten digaloan heula ku uyah sareng asem. Saterasna dilebetkeun kana pendil artos sareng tulisan Sunda ,Arab sareng Latin. Saparntos eta pendil teh ditutupan ku coet taneuh teras dibungkus ku lawon bodas. Salami mungkus pendil ku lawon bodas ema paraji teh mapatkeun jangjawokan. Aya dua cara micuen pendil nyaeta :
 
1. Dikubur di pipir bumi upami miharep so orok teh jagana sing tetep hirup di lembur matuh pamatuhan.
2. Dipalidkeun ka walungan upami miharep si orok teh jagana sing lampar tiasa ngalalana di dunya.
 
Numut kapercayaan urang Sunda baheula upami si ema paraji teh dina waktos mulasra bali tea teu cekap ngalebet uyah kana bali tea nya akibatna sibudak teh bakal ngagaduhan sipat “TEU UYAHAN”.
 
Tah mung sakitu para Mitra sakaterang sim kuring.
 
Salam
 
Dede

Augy Wilangkara

unread,
Oct 13, 2015, 3:05:36 AM10/13/15
to 'Ade Scaf' via Mitra Sunda Western Australia, Dede Sujatna

Rampes Pa Dede,

Hatur nuhun artikelna mani sakitu sae-na. Ari dina perkawis mungkus ari-ari, upami teu lepat mah, dilebet bungkusan na sok ditambihan artos benggolan. Ari jaman sim kuring alit keneh mah, artos na teh nu aya gambar Diponegoro. 

 Tah, dupi ieu hartosna naon Pa?

Salam,
Augy

Dede Sujatna

unread,
Oct 13, 2015, 4:02:25 AM10/13/15
to Augy Wilangkara, 'Ade Scaf' via Mitra Sunda Western Australia
Salam Kang Augy.
 
Hatur nuhun kana komentarna. Artos receh benggolan dina jaman harita mangrupikeun artos receh (coin) anu didamel tina tambaga anu pangaosna pang anggeungna.Artos receh anu shandapeun sabenggol teh nyaeta sapeser( 1/2 sen) sareng sasen. Artos receh (coin) anu saluhureun ti benggol nyaeta 5 sen  sareng seketip (10 sen) anu didamelna tina perak (silver coin). Dupi anu disebat  artos receh teh nyaeta artos anu teu seueur pangaosna. Silver coin anu pangaosna saluhureun tina saketip nyaeta satalen (25 sen), lima ketip (50 sen) saperak (100 sen) sareng saringgit (250 sen). Kumargi bali teh bade dipiceun atuh lebar teuing upami coin anu dilebetkeun kana pendil teh  silver coin . Margi dina jaman harita mah artos sasen oge tiasa dianggo ngagaleuh es lilin atanapi coklat. Artos bengolan anu dilebetkeun kana kendil mangrupikeun harepan ti sepuh orok mugi-mugi budak teh sing janten jalmi anu sugih mukti. Dupi gambar Diponegoro mah eta mah mungkaleresan bae.
 
Salam
 
Dede

No virus found in this message.


Checked by AVG - www.avg.com

Version: 2015.0.6172 / Virus Database: 4447/10809 - Release Date: 10/12/15

Dicky Maulana

unread,
Oct 13, 2015, 8:24:56 AM10/13/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Terjemahan Salasa Nyunda


Sampurasun para Mitra,
 
Wilujeng enjing kasadayana. Sim kuring seja ngarojong kana maksad MSWA  mintonkeun kadeudeuh ka wargi-wargi urang di lemah cai anu nuju ngarandapan musibah haseup tinakahuruan leuweung di Sumatra sareng di Kalimantan ku jalan ngempelkeun sumbangan artos. Mangga urang sami-sami nembongkeun kaheman. Mugi-mugi bae kaikhlasann urang sadayana ditampi ku Allah SWT.

Selamat pagi semuanya. Saya mendukung rencana MSWA untuk menunjukkan rasa sayangnya ke saudara-saudara kita di tanah air yang sedang ditimpa musibah asap karena kebakaran hutan di Sumatera dan Kalimantan dengan cara mengumpulkan sumbangan. Mari kita sama-sama menunjukkan empati. Semoga keikhlasan kita semua diterima Allah Swt.

Dinten ieu sim kuring bade medar naon margina dina basa Sunda aya ungkapan “TEU UYAHAN” . Sakumaha kauninga ku sadayana rehna ieu ungkapan teh mintonkeun sipat manusa anu teu pikeresepeun. Contona dina kalimat: “ Kuring mah teu pati resep ka si eta teh sabab manehna teu uyahan”. “UYAH” teh  mangrupi hiji bahan kimia anu salamina dianggo dina masakan. Upami masakan kirang uyahna sok hambar. Upami badan urang kirang  ngadung uyah matak nimbulkeun panyawat “godongeun” nyaeta bareuh dina careham.

Hari ini saya akan menjelaskan mengapa di baa sunda ada ungkapan "Teu Uyahan". Sebagaimana diketahui oleh semuanya, ungkapan ini ditujukan ke seseorang yang punya sifat menyebalkan. Contohnya dalam kalimat: " Saya tidak terlalu suka sama dia karena dia orangnya menyebalkan". "Uyah/Garam" adalah salah satu bahan masak. Apabila masakan kurang garam akan terasa hambar. Apabila kandungan garam di tubuh kita kurang, bisa menimbukan penyakit "Gondongeun" yaitu  Bengkak Geraham

Naon hubunganana uyah sareng sipat manusa anu teu pikaresepeun? Sadaya manusa seleresna ngagaduhan dulur kembaran nyaeta “BALI”(Placenta). Salami orok aya dina kandungan ibuna anu mulasara hirupna orok teh kapan Bali tea. Sagala anu diperlukeun ku orok disayagikeun ku bali anu disalurkeun ngalangkungan tali ari-ari dina udel orok. Kukituna numutkeun para karuhun Sunda bali teh mangrupi dulur kembaran urang. Baheula mah upami aya anu ngalahirkeun “ema paraji” teh sajabina ti mulasara si ibu anu nembe ngalahirkeun sareng orokna teh oge gaduh tugas mulasara bali. Kumaha carana mulasara bali? Ngawitan bali teh dikumbah dugi ka beresih teras dilebetkeun kana pendil anu parantos dialasan ku daun waru. Sateucana dilebetkeun kana pendil bali ten digaloan heula ku uyah sareng asem. Saterasna dilebetkeun kana pendil artos sareng tulisan Sunda ,Arab sareng Latin. Saparntos eta pendil teh ditutupan ku coet taneuh teras dibungkus ku lawon bodas. Salami mungkus pendil ku lawon bodas ema paraji teh mapatkeun jangjawokan. Aya dua cara micuen pendil nyaeta :
 
1. Dikubur di pipir bumi upami miharep so orok teh jagana sing tetep hirup di lembur matuh pamatuhan.
2. Dipalidkeun ka walungan upami miharep si orok teh jagana sing lampar tiasa ngalalana di dunya.

Apa hubungannya antara garam dengan sifat meyebalkan? Semua manusia sebenarnya mempunyai kembaran yaitu plasenta. Selama bayi dalam kandungan ibunya, yang menunjang hidupnya adalah plasenta. Semua kebutuhan bayi disediakan plasenta dan disalurkan melalui tali ari-ari di pusar bayi. Oleh karena itu, menurut nenek moyang Sunda, Plasenta dianggap kembaran kita. Paraji atau dukun bayi yang membantu persalinan zaman dulu, punya tugas selain merawat ibu dan bayinya, juga merawat plasenta. Bagamana caranya? Dumulai dengan mencuci plasenta sampai bersih terus dimasukkan ke dalam periuk yang sudah dialasi daun waru. Sebelu dimasukkan ke dalam periuk, plasenta itu diaduk dengan garam dan asem. Kemudian dimasukkan bersama uang dan tulisan Sunda, Arab dan Latin. Setelah itu, periuk itu ditutup dengan Coet* (Punten, teu terang Basa Indonesiana) dan dibungkus oleh kain putih. Sewaktu membungkus periuk itu, ema paraji sambil baca jampi. Ada dua cara untuk membuang periuk itu yaitu :
1. Dikubur di pinggir rumah apabila berharap sang bayi akan tetap tinggal di kampung dan menetap
2. Dihanyutkan di sungai apabila berharap sang Bayi akan berkelana nantinya.
 
Numut kapercayaan urang Sunda baheula upami si ema paraji teh dina waktos mulasra bali tea teu cekap ngalebet uyah kana bali tea nya akibatna sibudak teh bakal ngagaduhan sipat “TEU UYAHAN”.

Berdasarkan kepercayaan orang Sunda dahulu, apabila Ema Paraji ketika sedang mengurus plasena itu kurang dalam memasukkan garam ke plasenta, si anak akan "Kurang Uyaheun" alias menyebalkan.
 
Tah mung sakitu para Mitra sakaterang sim kuring.
 Hanya segitu para mitra sepengetahuan saya.

Salam
 
Dede


Wawan Hermawan

unread,
Oct 13, 2015, 8:52:03 AM10/13/15
to Dicky Maulana, Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Hatur nuhun Pak Dede, Kang Dicky..

Tuh..nambihan pangartos deui...janten terang ayeuna mah asal muasal 'teu uyahan' teh, sanaos teu acan kantos ngangge mung saukur sok ngadangu kapungkur basa sok masih ngadangukeun 'Si Kundang' di radio.

Salam,
Wawan

Augy Wilangkara

unread,
Oct 13, 2015, 6:16:49 PM10/13/15
to Dede Sujatna, 'Ade Scaf' via Mitra Sunda Western Australia
Hatur Nuhun Pa Dede, waleran na mani jelas sareng kumplit.

Salam,
Augy

Dede Sujatna

unread,
Oct 14, 2015, 12:59:47 AM10/14/15
to mitra-su...@googlegroups.com
 
Salam Kang Dicky
 
Hatur nuhun parantos kersa ngalih basakeun tulisan sim kuring tina basa Sunda kana Bahasa Indonesia. Mugi-mugi bae atuh para Mitra anu teu patos lancar basa Sundana tiasa ngartos naon anu diserat ku sim kuring. Bilih palay uninga coet teh dina Bahasa Indonesia disebatna “cobek”. Ari basa Sunda mah cobek teh nyaeta sarupaning katuangan anu dibeuleum teras disambaraan supados rasana gahar contona “cobek oncom”.
 
Teh Ike kumaha tos teu nyureng-nyureng deui ayena mah ?
 
Salam
 
Dede

Ike

unread,
Oct 14, 2015, 4:21:53 AM10/14/15
to Dede Sujatna, <mitra-sunda-perth@googlegroups.com>
Salam MSWA, 

Haturnuhun pisan pak Dede kintunan Salasa Nyunda edisi "Teu uyahan" . Muhun..., bengras pisan ayena mah...., pak Dede...:) haturnuhun kang Dicky tos nerjemahkeun, ka Kang Suhendra oge, haturnuhun sateu acan na...:) 

Sumuhun eta perkawis malidkeun pendil bali, leres pisan pak Dede, saur sepuh cenah, mun dikurebkeun cakeut bumi eta nu gaduh bali orok na teh jaga moal tebih2 ti kampung halaman, tah mun dipalidkeun ka walungan, saurna sok ngalalana ngumbara..., tah jiga na orang Sunda anu aya di Australia, bali na di palidkeun ka walungan citarum atanapi cikapundung, janten weh ngumbara dugi kadieu :-)). 

Haturnuhun pisan, tos teu nyureng-nyureng deui....diantos pisan edisi Salasa Sunda berikutnya...

Hapunten bilih aya kalepatan basa...🙏

Salam, 
Ike Wawan 

Sent from ikephone

Dede Sujatna

unread,
Oct 19, 2015, 7:08:57 PM10/19/15
to mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun para Mitra
 
Khusus ka Kang Dicky saparakanca regu mengbal MSWA sim kuring ngiring bingah sareng reueus rehna PERSIB parantos janten jawara  Presiden Cup 2015. Kacipta Kang Dicky saparakanca dina wengi Minggu anu kalangkung ngaronyok di KJRI janten bobotoh sareng sarurak nalika gol kahiji sareng kadua.
Sajabina ti eta sim kuring oge bingah rehna para bobotoh sareng Jakmania henteu garelut margi pulisi sareng TNI ngerahkeun rebuan anggotana kanggo ngamankeun situasi. Hanjakal pisan para bobotoh teh teu burung ngantunkeun coretan-coretan sareng runtah di GKB. Saena bae Kang Emil nugaskeun baladna kanggo meresihan coretan-coretan dina tembok GKB tea. Upami diemut-emut ieu acara teh parantos nyeepkeun tanaga, pikiran sareng dana anu kalintang seueurna kanggo ngamankeun situasi ti samemehna. salami sareng sarengsena pertandingan. Hal ieu teh dilantarankeun ku sipat “Hooliganism” Jakmania. Saemut sim kuring baheula mah bangsa Indonsia teh teu ngagaduhan sipat “hooligansim”. Namung dina taun tujuh puluhan di Inggris ngawitan aya “hooliganism” anu teras nyebar ka nagara-nagara sanesna di Eropa. Ayeuna bangsa Indonesia oge tuturut munding.  Sakumaha ilaharna upami hiji kota janten juara sok ngayakeun pesta, arak-arakan. Kota Bandung oge tangtos bakal ngayakeun pesta “kemenangan”. Pa Suhendra  kumaha kinten-kinten tiasa masihan laporan kumaha kayaan kota Bandung dina denget ieu? Hatur nuhun sateuacana.
 
Salam
 
Dede

Dicky Maulana

unread,
Oct 20, 2015, 12:48:09 AM10/20/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Salam,

Hatur nuhun Pa Dede kangge kintunanna. Sumuhun meni resep sim kuring saparakanca surak. KJRI janten biru pinuh ku bobotoh ti MSWA ti kawit Bu Pupuhu dugi Ka murangkalih. 

Terjemahan salasa Nyunda :
Sampurasun para Mitra
 
Khusus ka Kang Dicky saparakanca regu mengbal MSWA sim kuring ngiring bingah sareng reueus rehna PERSIB parantos janten jawara  Presiden Cup 2015. Kacipta Kang Dicky saparakanca dina wengi Minggu anu kalangkung ngaronyok di KJRI janten bobotoh sareng sarurak nalika gol kahiji sareng kadua.

*Khusus ka Kang Dicky dan kawan-kawan tim sepak bola MSWA, saya ikut senang dan bangga karena PERSIB sudah menjadi Juara Piala Presiden 2015. Terbayang Kang Dicky dan kawan-kawan di minggu malam yang lalu berkumpul Di KJRI menjadi bobotoh dan bersorak menyaksikan gol pertama dan kedua.

Sajabina ti eta sim kuring oge bingah rehna para bobotoh sareng Jakmania henteu garelut margi pulisi sareng TNI ngerahkeun rebuan anggotana kanggo ngamankeun situasi. Hanjakal pisan para bobotoh teh teu burung ngantunkeun coretan-coretan sareng runtah di GKB. Saena bae Kang Emil nugaskeun baladna kanggo meresihan coretan-coretan dina tembok GKB tea. 

*selain itu, saya juga senang karena para bobotoh dan Jakmania tidak berkelahi karena Polisi dan TNI mengerahkan ribuan anggotanya untuk menjaga situasi.

Upami diemut-emut ieu acara teh parantos nyeepkeun tanaga, pikiran sareng dana anu kalintang seueurna kanggo ngamankeun situasi ti samemehna. salami sareng sarengsena pertandingan. Hal ieu teh dilantarankeun ku sipat “Hooliganism” Jakmania. Saemut sim kuring baheula mah bangsa Indonsia teh teu ngagaduhan sipat “hooligansim”. Namung dina taun tujuh puluhan di Inggris ngawitan aya “hooliganism” anu teras nyebar ka nagara-nagara sanesna di Eropa. Ayeuna bangsa Indonesia oge tuturut munding.

* Kalau difikir-fikir, acara ini sudah menyita tenaga, fikiran dan dana yang sangat banyak  untuk mengamankan situasi Dari sebelumnya. Ini dikarenakan sifat "Holiganisme" Jakmania. Seingat saya, dulu Bangsa Indonesia tidak punya sifat ini. Para tahun Tujuh Puluhan, mulai ada "Holiganisme" Di Inggris dan menyebar Di Eropa. Sekarang Bangsa Indonesia juga ikut-ikutan. 

  Sakumaha ilaharna upami hiji kota janten juara sok ngayakeun pesta, arak-arakan. Kota Bandung oge tangtos bakal ngayakeun pesta “kemenangan”. Pa Suhendra  kumaha kinten-kinten tiasa masihan laporan kumaha kayaan kota Bandung dina denget ieu? Hatur nuhun sateuacana.

*sebagaimana biasanya apabila suatu Kota jadi juara suka mengadakan pesta, arak-arakan. Kota Bandung tentunya akan mengadakan pesta kemenangan. Pak Suhendra, kira-kira bisa memberi laporan bagaimana keadaan Bandung saat ini?
Terima kasih sebelumnya
 
Salam
 
Dede

Wawan Hermawan

unread,
Oct 20, 2015, 8:55:29 AM10/20/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Hatur nuhun Pak Dede kintunan na. Dupi kapungkur kumaha upami Persib maen sareng Persija, naha sok garelut? Sareng naha bobotoh Persib teh disebatna Viking, aya hubunganna sareng bangsa Skandinavia kitu Bandung teh? Naha timana kawitna ngangge istilah Viking teh? Kaleresan ayeuna abdi nuju nonton serial Viking di Netflix :-).

Salam,
Wawan

Sent from my iPhone

Dede Sujatna

unread,
Oct 20, 2015, 10:56:42 PM10/20/15
to Wawan Hermawan, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Kang Wawan,
 
Nuhun kana patrosanana. Sakumaha anu diterangkeun ka Teh Endah kapungkur mah tara aya anu garelut saparntos pertandingan teh. Upami teu lepat mah sim kuring emut dina taun 80-han sabada pertandingan Persija><Persibaya; kumargi Persibaya eleh rombongan bobotoh Persibaya dina selebeting mulang ka Surabaya ngaruksak kareta api anu ngankut maraneh sareng sajajalan teu kedat maledogan setasion anu diliwatan ku maranehna. Tah ti harita bangsa Indonsia ngawitan katepaan panyakit “hooliganism”. Dupi ngaran Viking eta mah ciptaan ka beh dieunakan da kapungkur mah bobotah Persib teh disebatna “Maung Bandung”. Ku pangemut sim kuring istilah Viking teh ciptaan ayeuna sopados keren nganggo istilah Barat. Teu aya hubunganana sareng “The Vikings”  bangsa Skandinavia anu jugala di Eropah dina abad pertengahan.
 
Dede
 
Sent: Tuesday, October 20, 2015 8:55 PM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

No virus found in this message.


Checked by AVG - www.avg.com

Version: 2015.0.6172 / Virus Database: 4447/10854 - Release Date: 10/20/15

Dede Sujatna

unread,
Oct 26, 2015, 10:56:10 PM10/26/15
to mitra-su...@googlegroups.com
 
Sampurasun para Mitra
 
Wilujeng enjing sareng kumaha daramang? Wilujeng patepang deui dina acara “Salasa Nyunda”.
 
Sim kuring teh dina dinten Minggu anu kalangkung ngiring riungan dina acara pertemuan RUKMARIWA (Rukun Masyarakat RI di Western Australia) anu diayakeun di Centenary Pavilion, Bentley. Pak Konjen oge hadir. Harita sim kuring janten emut kana lagu Sunda “PEUYEUM BANDUNG”. Dina eta lagu teh aya kalimat-kalimat anu saluyu sareng kayaan dina danget ayeuna nyaeta :'” Dimana-mana. Dikampung di kota. Tos kakoncara ku nikmat rasana.........Ku sadayana kagaleuh sepuh jeung murangkalih”.
 
Tah eta kilamat-kalimat teh sami sareng kayaan jaman ayeuna. Tapi sanes peuyeum anu kagaleuh ku sadayana teh sanaos pangaosna henteu mirah sapertos peuyeum Bandung oge. Eta barang teh nyaeta HP (mobile phone). Sakumaha kauninga ku sadayana meh unggal jalmi ngagaduhan HP. Saur paribasana mah “Teu kolot teu budak ayeuna mah baroga HP”  sanaos pangaosna henteu mirah siga peuyeum Bandung. Anu kasaksian ku sim kuring di mana-mana boh di kantor ,di sakola, di rumah sakit, di Bandara, di shopping centre ,malah di Masjid oge waktos Jumahaan sok aya anu ngagukeun HP, pokona mah di mana bae upami aya jalmi anu langkung ti saurang pasti aya anu ngagaduhan HP. Ku kitu tea mah kahartos margi HP teh hiji barang anu kenging disebakteun salah sawios “Kebutuhan utama” dina hirup kumbuhna manusa dina abad ka 21. Jalmi anu teu ngagaduhan HP tiasa disebatkeun “ketinggaleun jaman”. Sim kuring pribadi sanaos gaduh HP ngaraos katinggaleun jaman margina sim kuring mah teu terang naon anu disebat facebook, wassap, twitter, istigram sareng sajabina ti eta. Sakapeung mah sim kuring sok hayang seuri upami papaliwat sareng jalmi anu gomong sorangan siga jalmi owah kurang saeundan, padahal eta jalmi teh nuju hubungan telepon HP nganggo “ear phone”.
 
Sim kuring oge nyaksian sajabina dianggo alat komunikasi HP oge dianggo kanggo “selfie” utamina ku ibu-ibu. Di mana-mana upami aya riungan kedah bae aya aktivitas selfie . Malah Presiden Obama oge sok sering selfie. Kantos diberitakeun dina chanel 7 ieu aktivitas selfie teh sok sering ngabahayeun margina sipat jalmi hayang beda ti batur. Contona selfie di tempat anu ngahayakeun sapertos di sisi jurang atanapi, di puncak menara, di sisi kahuruan leuweung .
 
Salam,
 
Dede
 

Augy Wilangkara

unread,
Oct 27, 2015, 6:41:47 AM10/27/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Rampes Pa Dede,

Hatur nuhun kintunan na. Leres pisan kiwari teh HP tos ngawasa dina kahirupan sadidinten, komo deui pami dibandingkeun sareng peuyeum mah....

Nyeta nu matak waas salah sahiji tuangeun tina peuyeum teh colenak tea. Kapungkur mah seueur nu icalan na di daerah Cicadas. Duka tah ayeuna mah, asa tara kakuping deui. Duka tos janten kios pulsa, kitu?

Salam,
Augy

Dede Sujatna

unread,
Oct 27, 2015, 7:23:04 AM10/27/15
to Augy Wilangkara, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Kang Augy.
 
Hatur nuhun kana komentarna.Bingah tulisan sim kuring aya anu ngomentaran. Bawiraos ayeuna mah tos teu aya deui anu icalan colenak margi tos dianggap katuangan kampungan. Rupina colenak teh parantos kasilih ku baso sareng Mc Donald.
 
Salam
 
Dede
 
Sent: Tuesday, October 27, 2015 6:41 PM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

No virus found in this message.


Checked by AVG - www.avg.com

Version: 2015.0.6173 / Virus Database: 4455/10898 - Release Date: 10/27/15

Ike

unread,
Oct 27, 2015, 11:22:00 PM10/27/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Salam..

Haturnuhun pak Dede kintunan Salasa Sunda na, aya nyebat peuyeum Bandung...didieu ge aya nu ngadamel peuyeum Bandung, atanapi sok aya di Toko Jakarta, candak ti Indonesia...abdi mah teu acan ngadamel peuyeum Bandung mah, tapi mun ngadamel Bolu peuyeum osok, tergantung aya henteu na...kantenan raos oge pami didamel bolu peuyeum, atanapi bluder tape...😋

Salam, 
Ike Wawan

Sent from ikephone

Dicky Maulana

unread,
Oct 27, 2015, 11:36:13 PM10/27/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Terjemahan Salasa Nyunda. Maaf telat terjemahannya.

Sampurasun para Mitra
 
Wilujeng enjing sareng kumaha daramang? Wilujeng patepang deui dina acara “Salasa Nyunda”.
Selamat pagi,  Sehat semua? Selamat berjumpa lagi dalam acara Salasa Nyunda
 
Sim kuring teh dina dinten Minggu anu kalangkung ngiring riungan dina acara pertemuan RUKMARIWA (Rukun Masyarakat RI di Western Australia) anu diayakeun di Centenary Pavilion, Bentley. Pak Konjen oge hadir. Harita sim kuring janten emut kana lagu Sunda “PEUYEUM BANDUNG”. Dina eta lagu teh aya kalimat-kalimat anu saluyu sareng kayaan dina danget ayeuna nyaeta :'” Dimana-mana. Dikampung di kota. Tos kakoncara ku nikmat rasana.........Ku sadayana kagaleuh sepuh jeung murangkalih”.

Saya pada hari minggu yang lalu ikut pertemuan RUKMARIWA (Rukun Masyarakat RI di Western Australia) yang diadakan di Centenary Pavilion, Bentley. Pak Konjen juga hadir. Ketika itu saya teringat lagu sunda "Peuyeum Bandung" dalam lagu itu ada kalimat-kalimat yang sejalan dengan keadaan saat ini :
"Dimana-mana. Dikampung di kota. Sudah terkenal nikmat rasanya.........Oleh semua juga terbeli,  tua dan muda”.
 
Tah eta kilamat-kalimat teh sami sareng kayaan jaman ayeuna. Tapi sanes peuyeum anu kagaleuh ku sadayana teh sanaos pangaosna henteu mirah sapertos peuyeum Bandung oge. Eta barang teh nyaeta HP (mobile phone). Sakumaha kauninga ku sadayana meh unggal jalmi ngagaduhan HP. Saur paribasana mah “Teu kolot teu budak ayeuna mah baroga HP”  sanaos pangaosna henteu mirah siga peuyeum Bandung. Anu kasaksian ku sim kuring di mana-mana boh di kantor ,di sakola, di rumah sakit, di Bandara, di shopping centre ,malah di Masjid oge waktos Jumahaan sok aya anu ngagukeun HP, pokona mah di mana bae upami aya jalmi anu langkung ti saurang pasti aya anu ngagaduhan HP. Ku kitu tea mah kahartos margi HP teh hiji barang anu kenging disebakteun salah sawios “Kebutuhan utama” dina hirup kumbuhna manusa dina abad ka 21. Jalmi anu teu ngagaduhan HP tiasa disebatkeun “ketinggaleun jaman”. Sim kuring pribadi sanaos gaduh HP ngaraos katinggaleun jaman margina sim kuring mah teu terang naon anu disebat facebook, wassap, twitter, istigram sareng sajabina ti eta. Sakapeung mah sim kuring sok hayang seuri upami papaliwat sareng jalmi anu gomong sorangan siga jalmi owah kurang saeundan, padahal eta jalmi teh nuju hubungan telepon HP nganggo “ear phone”.
Kalimat tersebut sama dengan keadaan saat ini. tapi bukan peuyeum yang terbeli oleh semua, meskipun harganya tidak semurh peuyeum. Barang yang dimaksud adalah HP. Baik tua maupun muda semua sudah punya HP. Yang saya lihat, di mana-mana, baik di kantor, sekolah, Rma sakit, bandara, shopping centre, malah di Masjid juga ketika Shlat Jumat ada aja yang mendengarkan HP. Pokoknya dimana ada kumpulan lebih dari 1 orang, pasti ada yang punya HP. Bis dimengerti karena HP sudah bisa disebut sebagai salah satu kebutuhan utama dalam hidup manusia abad ke 21 ini.Yang tidak punya HP disebut ketinggalan zaman. Saya pribadi meskipun punya HP masih merasa ketingalan Zaman karena tidak mengerti apa yang disebut Facebook, Wassap, twitter, instagram dan sebagainya. Terkadang suka ingin ketawa sendiri ketika berpapasan dengan orang yang bicara sendiri, padahal orng itu lagi menelpon dengan menggunakan ear phone.

Sim kuring oge nyaksian sajabina dianggo alat komunikasi HP oge dianggo kanggo “selfie” utamina ku ibu-ibu. Di  mana-mana upami aya riungan kedah bae aya aktivitas selfie . Malah Presiden Obama oge sok sering selfie. Kantos diberitakeun dina chanel 7 ieu aktivitas selfie teh sok sering ngabahayeun margina sipat jalmi hayang beda ti batur. Contona selfie di tempat anu ngahayakeun sapertos di sisi jurang atanapi, di puncak menara, di sisi kahuruan leuweung .

Saya juga lihat selain jadi alat komunikasi, HP juga dipakai untuk selfie terutama oleh ibu-ibu. di mana-mana apabila ada kumpulan, pasti ada yang selfie. Malah Presiden Obama juga sering Selfie. Pernah diberitakan di Cahnnel 7 bahwa aktifitas Selfie sering membahayakan karena sifat orang yang ingin beda dengan yang lain. Contohnya selfie di tempat yang bahaya seperti pinggir jurang, atau puncak menara atau di dekat kebakaran hutan.
 
Salam,
 
Dede
 


Dede Sujatna

unread,
Oct 28, 2015, 4:41:12 AM10/28/15
to Dicky Maulana, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Kang Dicky.
 
Nuhun tulisan sim kuring parantos dialih bahasa keun. Mugi-mugi bae para Mitra anu teu patos ngartos kana basa Sunda sim kuring tiasa ngartos sajelasna. Sakali deui hatur nuhun.
 
Salam
 
Dede
 
Sent: Wednesday, October 28, 2015 11:36 AM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

No virus found in this message.
Checked by AVG - www.avg.com

Version: 2015.0.6173 / Virus Database: 4455/10900 - Release Date: 10/27/15

Dede Sujatna

unread,
Oct 28, 2015, 4:43:48 AM10/28/15
to Ike, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Tek Ike
 
Ulah hilap upami Teh Ike pareng ngadamel bolu peuyeum sim kuring hoyong ngaraosan. Hatur nuhun sateuacanna.
 
Salam
 
Dede
 
From: Ike
Sent: Wednesday, October 28, 2015 11:21 AM
Subject: Re: Salasa Nyunda

No virus found in this message.

Dede Sujatna

unread,
Nov 2, 2015, 8:20:32 PM11/2/15
to mitra-su...@googlegroups.com
 
Sampurasun para Mitra
 
Aya hiji kalangenan urang Sunda di kalangan kaum istri anu parantos sirna tina kabudayaan Sunda utamina di kota-kota ageung. Eta kalangenan teh nyaeta “NGALEMAR” anu dina basa loma disebat “NYEUPAH’. Sim kuring  ngaraos yakin di antawis para Teteh Mitra Sunda anu dina  danget ieu yuswana teu acan 50 taun teu kantos ngalaman “ngalemar(nyeupah)”.
 
Kanggo “ngalemar/nyeupah” kedah nyayagikeun bahan-bahanna nyaeta: daun seureuh, apu, gambir, kapol laga, daun saga, cengkeh ,jambe anu parantos dikeureutan aripis nganggo kacip sareng bako mole. Sajabina ti eta oge kedah aya “pangludahan” anu dina basa loma disebat “tampolong”. Bahan-bahan kanggo “ngalemar/nyeupah” teh biasana disimpen dina ‘wadah seupaheun” anu dina bahasa Indonesia disebat “Cerana”.
 
Carana “ngalemar/nyeupah” teh sapertos kieu: dua lambar daun seureuh diolesan ku apu teras ditambihan ku gambir,kapol laga, daun saga, cengkeh sareng jambe. Saparantos kumplit daun seureuh teh ditilep-tilep dugi sadaya bahan anu aya dina daun seureuh teh kabungkus sadayana. Eta bungkusan daun seureuh teh dilebetkeun kana baham teras digayem. Sapantos sababaraha lamina dina baham teh bakal aya cairan anu teras diludahkeun kana “pangludahan/tampolong”. Ieu aktivitas teh dilaksanakeun sababaraha kali dugi ka dina baham teh mung tigal hampasna bahan-bahan tea. Salami ngagayem seupah teh sok diselang ku ngabaresihan lambey sareng waos anu pinuh ku ludah nganggo bako mole anu dusebat “susur/sisig”.
 
Sakumaha anu disebatkeun tadi “ngalemar/nyeupah” teh utamina ngarupikeun kalangenan kaum istri. Baheula mah upami aya tamu susuguh anu pang payunna disanggakeun ka payuneun tamu teh sanes cai teh/kopi sareng kueh-kueh tapi “lemareun/seupaheun” anu ngarupikeun lambang panghormatan (hospitality) ka tamu. Anu kagungan bumi sareng tamu teh caralik dina amparan/samak bari aremok henteu dina korsi margi bumina bumi panggung anu aya kolongan. Di kolong teh sok dianggo miara hayam atanapi entog. Panganggona sarung batik sareng kabaya, rambut disanggul teu nganggo erok sareng rambut pondok.
 
Saleresna “ngalemar/nyeupah” teh sajabina ti ngarupikeun lambang “hospitality” oge ageung khasiatna kanggo kasehatan waos supados teu enggal koropos, margi baheula mah teu acan aya dokter gigi sareng “Pepsodent sareng Colgate”. Sim kuring emut ka pun Nini anu waosna utuh dugi ka pupusna dina yuswa 90 taun.Dina taun 1968  Duta Besar RI di Australia teh urang Sunda. Ibu duta teh urang Banten anu dugi ka danget harita masih keneh ngagem kalangenan “ngalemar”. Panganggona oge salamina nganggo sarung batik sareng kabaya, rembutna disanggul.Salami di Australia unggal angkat ka mana tara ngantunkeun “lemareun”. Waktos Bapa Duta miwah Ibu ngalaksanakeun “Offcial Visit” ka Western Austrlia aranjeuna dijamu numpak  kapal ti Perth ka Fremantle. Dina kapal teh Ibu Duta “ngalemar” sareng nyandak “pangludahan/tampolong”. Hal eta teu kinten jadi bahan utama berita dina koran West Australian. Foto Ibu Duta nuju “ngalemar” dimuat dina koran West Australian.
 
“Ngalemar” teh saestuna ngarupikeun hiji aspek kabudayaan anu penting sanes bae di kalangan masakat Sunda tapi oge di kalangan masarakat bangsa-bangsa Asia sareng Afrika. Dina basa Sunda tina kecap “ngalemar” teh timbul kecap “NGALAMAR” dina basa loma disebat “NANYAAN’ anu hartosna nyuhunkeun supados istri anu dipikabogoh rido ditikahkeun ku walina ka anu narosan. Numutkeun tradisi baheula dina waktos ‘ngalamar’ teh cacandakan si pameget anu pang utamana nyaeta “lemareun”. Dina Bahasa Indonesia jambe teh disebatna “PINANG”. Tina kecap “pinang” timbul kecapa”MEMINANG”= “NGALAMAR” anu hartosna nyanggakeun jambe sapuratina ti pihak pameget ka pihak istri.
 
Salam
 
Dede

Hilman Sobir

unread,
Nov 2, 2015, 9:09:34 PM11/2/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Pak Dede kumaha damang? Mugia pak Dede sakulawargi aya dina panangtayungan Gusti Allah ......

Jadi emut japungkur sok ngiringan nyobian ngalemar sareng pun biang mung tara kanggo SISIG margina ari rasa bako mah rada benten ladana.....

Hs

Sent from my iPhone

Dede Sujatna

unread,
Nov 2, 2015, 9:56:47 PM11/2/15
to Hilman Sobir, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Pa Hilman
 
Alahamdulliah pangesto dina danget ieu mah. Hatur nuhun kana pang du’ana. Kumaha golf na parantos janten juara?
 
Dede
 
Sent: Tuesday, November 03, 2015 10:09 AM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

No virus found in this message.


Checked by AVG - www.avg.com

Version: 2015.0.6173 / Virus Database: 4457/10937 - Release Date: 11/02/15

suhendra_upi

unread,
Nov 2, 2015, 10:01:36 PM11/2/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com, *AKU SUHENDRA
Rampes ...

Mugi Pa Dede miwah Ibu sakulawargi aya dina ginanjar kawilujengan. 

* Semoga Pak Dede beserta Ibu dan keluarga senantiasa ada dalam lindungan-Nya. 

Sae pisan kintunan Bapa ngeunaan 'ngalemar'. Janten emut ka pun nini almarhumah nu waktos jumenengna tara kakantun bahan lemareun sareng tampolongna ;-)

* Bagus sekali kiriman Bapak tentang 'menyirih/bersirih'. Jadi inget mendiang nenek saya yang waktu masih hidup tidak pernah tertinggal bahan untuk menyirih beserta tempolongnya ;-)

Abdi saluyu sareng naon nu didugikeun ku Bapa, 'ngalemar' sanes mung saukur kagiatan nu sipatna 'individual' namung oge kalebet kagiatan nu sipatna kolektip kolegial (diplomasi & 'hospitality') .. upami istilah ayeuna mah "kearifan lokal".

* Saya sepakat dengan apa yang disampaikan oleh Bapa, 'menyirih' bukan sekadar kegiatan yang bersifat invidual tetapi juga termasuk kegiatan yang bersifat kolektif kolegial (diplomasi & 'hospitality') .. kalo istilah sekarang "kearifan lokal".

Iraha anggota MSWA bade kontes 'ngalemar' ? ;-)


Wassalam, 


Suhendra


Hilman Sobir

unread,
Nov 2, 2015, 11:11:07 PM11/2/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Alhamdulillah pak Dede ....ayeuna mah jarang ical bola  na 😀😀😀

Sent from my iPhone

Dewi Winarto

unread,
Nov 2, 2015, 11:50:00 PM11/2/15
to suhendra_upi, Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Hapunten kasadayana, abdi ngawagel yeuh sono ka Pa Suhendra.

Pa Suhendra,
Bagea .. Tepang deui di milis, mugi berkah salamet sadayana di Bandung.

Waas eta tampolong, sim kuring 
kantos dipiwarang ku pun bibi ngumbah tampolong kagungan Ema Nini, kedah dugi ka ngagurilap da eta tampolong teh tina bahan tambaga.

Meni bibirigidigan bakat ku teu wasa ngumbah na teh, maklum keur budak keneh. Padahal mah teu pira oge ngaludahkeun sepah meni beureum ..Ledok

Salam,
dw
 



Sent from my iPhone

suhendra_upi

unread,
Nov 3, 2015, 12:33:04 AM11/3/15
to Dewi Winarto, Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Sawangsulna, Bu Dewi .. abdi oge sono 'piece sun' .. hehehe .. Perth & MSWA selalu di hati ;-)  Mugi Bu Dewi kalih Pa Hadi salamina aya dina kawilujengan. 

Sarupi .. tampolong pun Nini nu didamel tina kuningan oge salawasna kedah digosok ku braso supados herang ngagurilap .. heuheu. 

Hatur salam ka Pa Hadi & dulur2 anggota MSWA .. sonona mah nataku, Bu ;-)


Wassalam, 


Suhendra & Leny 


Dede Sujatna

unread,
Nov 3, 2015, 3:30:43 AM11/3/15
to suhendra_upi, mitra-su...@googlegroups.com, *AKU SUHENDRA
Salam Pa Suhendra
 
Bingah pisan nampi komentar ti Pa Suhendra teh margi parantos lami pisan teu kakuping wartosna. Mani sono. Kumaha suasana kota Bandung nalika Persib janten juara? Hatur nuhun.
 
Dede
 

No virus found in this message.

Ade Scaf

unread,
Nov 3, 2015, 3:26:29 PM11/3/15
to Dewi Winarto, suhendra_upi, Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Mitra Sunda,

Ka kang Suhendra sareng teh Lenny wilujeng parantos jadi aki sareng Nini. 

Mugia kelahiran dan kehadiran incu pertamana menambah kebahagiaan keluarga. 

Oge incuna sing bageur,  dan selalu menjadi cucu yg berbakti kepada kedua.orang tuana oge.aki.nini na...tahh.kasebut kang suhe ...aamiinn 

Ngiring bingah ti kulawargi Gosnells.sadayana


Wassalam 
AdeScaf 


Sent from my Samsung device


-------- Original message --------
From: "'Dewi Winarto' via Mitra Sunda Western Australia (MSWA)" <mitra-su...@googlegroups.com>
Date: 03/11/2015 12:49 (GMT+08:00)
To: suhendra_upi <suhend...@yahoo.com>
Cc: Dede Sujatna <dsuj...@optusnet.com.au>, mitra-su...@googlegroups.com
Subject: Re: Salasa Nyunda

Hapunten kasadayana, abdi ngawagel yeuh sono ka Pa Suhendra.

Pa Suhendra,
Bagea .. Tepang deui di milis, mugi berkah salamet sadayana di Bandung.

Waas eta tampolong, sim kuring 
kantos dipiwarang ku pun bibi ngumbah tampolong kagungan Ema Nini, kedah dugi ka ngagurilap da eta tampolong teh tina bahan tambaga.

Meni bibirigidigan bakat ku teu wasa ngumbah na teh, maklum keur budak keneh. Padahal mah teu pira oge ngaludahkeun sepah meni beureum ..Ledok

Salam,
dw
 



Sent from my iPhone

Dewi Winarto

unread,
Nov 3, 2015, 3:46:41 PM11/3/15
to Ade Scaf, suhend...@yahoo.com, mitra-su...@googlegroups.com, dsuj...@optusnet.com.au, dsuj...@optusnet.com.au
Alhamdulillah .....
Pa Suhendra miwah Neng Leni 
Ngiring bingah, ngaduakeun mugi sing awet Anom.

Incu anu sehat anu bakal ngareuah reuah kulawargi nambihan kebahagiaan dunia akherat.

Nuhun infona Neng Ade.

dw


Sent from my iPhone

suhendra suhendra

unread,
Nov 3, 2015, 6:36:52 PM11/3/15
to Dewi Winarto, Ade Scaf, mitra-su...@googlegroups.com, dsuj...@optusnet.com.au, dsuj...@optusnet.com.au
Aamiin yaa robbal 'aalamiin .. Ceu Ade & Bu Dewi hatur nuhun kana perhatosan sareng du'a kanggo simkuring sarimbit. Alhamdulillah atos 2 mingguan simkuring 'gaul' sareng nini-nini .. heuheu. 

Sakumaha dongeng Pa Dede, pun bojo kedah ngawitan diajar 'nyisig/ngalemar' da atos kalebet nini2 .. sumawona abdi, kedah diajar mersihan tampolong da atos kalebet aki2 .. heuheuy deudeuh .. 

Ka para mitra hapunten nu kasuhun .. warta aki & nini lebet kana milis ;-)



Sent from Yahoo7 Mail on Android


From:"Dewi Winarto" <dewiw...@yahoo.com>
Date:Wed, 4 Nov, 2015 at 3:46 AM
Subject:Re: Salasa Nyunda

Dede Sujatna

unread,
Nov 3, 2015, 10:05:52 PM11/3/15
to suhendra suhendra, Dewi Winarto, Ade Scaf, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Pa Suhendra
 
Ngiring bingah nampi wartos ti Bu Ade rehna Pa Suhendra sarimbit parantos 2 minggu janten Nini sareng Aki. Upamin saur basa Inggris mah “Joint my club”. Kacipta upami Ibu Leny ngalemar bari nganggo susur engke teh saur tuang putu:”Ey , sisig Nini nyendol hidueng!”. Sakumaha anu karaos ku sim kuring nyaahna ka putu mah benten sareng nyaah ka putra. Sagala anu dipidamel ku putu mah matak janten reueus Nini sareng Aki. Tangtos ayeuna mah teu acan karaos ku Ibu Leny sareng Pa Suhendra margi tuang putu teh yuswana nembe dua minggu. Mugi-mugi bae atuh putu sing janten jalmi anu saur sepuh mah”jageur, bageur, bener, pinter”.
 
Dede

No virus found in this message.
Checked by AVG - www.avg.com

Version: 2015.0.6173 / Virus Database: 4457/10944 - Release Date: 11/03/15

Dede Sujatna

unread,
Nov 9, 2015, 7:08:57 PM11/9/15
to mitra-su...@googlegroups.com
 
Sampurasun para Mitra
 
 
Wilujeng enjing! Kumaha daramang?
 
Dinten ieu sim kuring moal ngadongeng tapi bade masiha Tatarucingan paribasa Sunda. Di handap ieu aya sababaraha pairibasa Sunda anu kaemut ku sim kuring. Sing saha anu uninnga naon anu dimaksad ku eta paribasa mangga kintunkeun ka sim kuring. Diantos  waleranana ti para Mitra. Hatur nuhun sateuacana.
 
Dede
 
1. Neukteuk nyieun anggeus
 
2.  Teu dipiceun sasieur
 
3. Landung kandungan laer aisan
 
4. Teu gugur kalinduan teu gedag kaanginan
 
5. Adean ku kuda beureum
 
6. Tikoro andon peso
 
7. Diangeun careuheun
 
8. Anu burung diangklungan, anu gelo dodogdogan, anu edan dikendangan
 
9. Melengkung bekas nyalahan
 
10. Ngadagoan belut sisikan, oray jangjangan

Dicky Maulana

unread,
Nov 9, 2015, 10:05:16 PM11/9/15
to mitra-su...@googlegroups.com, Dede Sujatna
Rampes,

Hatur nuhun kintunna Pa Dede, hapunten anu minggon kamari teu kantos ditarjamahkeun salasa nyundana. 

Para mitra, di bawah sudah diterjemahkan pengantarnya, tapi peribahasanya sengaja saya tidak terjemahkan. Nanti setelah ada jawaban saya akan terjemahkan lagi. 

Nuhun 
Dicky 


Sampurasun para Mitra
 
 
Wilujeng enjing! Kumaha daramang?
*selamat pagi! Pada sehat?
 
Dinten ieu sim kuring moal ngadongeng tapi bade masiha Tatarucingan paribasa Sunda. Di handap ieu aya sababaraha pairibasa Sunda anu kaemut ku sim kuring. Sing saha anu uninnga naon anu dimaksad ku eta paribasa mangga kintunkeun ka sim kuring. Diantos  waleranana ti para Mitra. Hatur nuhun sateuacana.
*hari ini saya tidak Akan bercerita tapi akan memberi tebakan peribahasa Sunda. Di bawah ini ada beberapa peribahasa yang teringat oleh saya. Ayo siapa yang tahu apa maksudnya silakan kirim ke saya. Ditunggu jawabannya para mitra. Terima kasih sebelumnya.

Wawan Hermawan

unread,
Nov 9, 2015, 10:14:26 PM11/9/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Pak Dede,

Teungteuingeun Pak Dede masihan tatarucingan teh meni hese.

Abdi taluk ah..mangga nu sanes.

Salam,
Wawan

Sent from my iPhone

rizki syafari

unread,
Nov 9, 2015, 11:22:16 PM11/9/15
to Wawan Hermawan, Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Pa Dede,

Nu abdi uninga mung nu ieu :

3. Pemaaf
5. Sombong ku banda batur atanapi Beunghar ku barang titipan.

Abdi oge taluk ah,

salam
rizki

Hilman Sobir

unread,
Nov 9, 2015, 11:30:20 PM11/9/15
to rizki syafari, Wawan Hermawan, Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
1. Gagabah ceroboh
2.mirip sarupA
3.bijaksana
4.konsisten
5.sombong
6.sakti
7.
8. Teu jelas , zaman geus teu puguh
9.
10.siasia mubajir

Sent from my iPhone

Dede Sujatna

unread,
Nov 9, 2015, 11:50:34 PM11/9/15
to rizki syafari, Wawan Hermawan, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Kang Rizki.
 
Nuhun kana waleranana. Duanana leres.
 
Salam
 
Dede
 
Sent: Tuesday, November 10, 2015 12:22 PM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

No virus found in this message.


Checked by AVG - www.avg.com

Version: 2015.0.6173 / Virus Database: 4457/10973 - Release Date: 11/10/15

Dede Sujatna

unread,
Nov 9, 2015, 11:57:35 PM11/9/15
to Hilman Sobir, rizki syafari, Wawan Hermawan, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Pa Hilman
 
Nuhun kana waleranana. Anu no.6 sareng no. 8 lepat sanes kitu hartosna. Nu sanesna leres.
 
Salam
 
Dede
 
Sent: Tuesday, November 10, 2015 12:30 PM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

No virus found in this message.

Augy Wilangkara

unread,
Nov 10, 2015, 3:00:13 AM11/10/15
to Dede Sujatna, Hilman Sobir, rizki syafari, Wawan Hermawan, mitra-su...@googlegroups.com
Pa Dede,

Nyobian ngiring nambihan:

6. Ngasongkeun kana nu mawa cilaka.

9. Kolot bangor

Salam
Augy

Dewi Winarto

unread,
Nov 10, 2015, 4:08:28 AM11/10/15
to Dede Sujatna, Hilman Sobir, rizki syafari, Wawan Hermawan, mitra-su...@googlegroups.com
Haturan Pa Dede.... 
Ngiringan yeuh 

No.6

Rek dahar naon wae oge aya, da geus sadia... 

Sent from my iPhone

Dede Sujatna

unread,
Nov 10, 2015, 10:30:55 PM11/10/15
to Augy Wilangkara, Hilman Sobir, rizki syafari, Wawan Hermawan, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Kang Augy,
 
Nuhun kana waleranana. Tiasa dilarapkeun kana waleranana namung kirang tepat. Mangga engke urang bandingkeun sareng katerangan ti sim kuring minggu payun.
 
Salam
 
Dede

Version: 2015.0.6173 / Virus Database: 4460/10973 - Release Date: 11/10/15

Dede Sujatna

unread,
Nov 16, 2015, 8:05:59 PM11/16/15
to mitra-su...@googlegroups.com
 
Sampurasun para Mitra.
 
Wilujeng enjing! Mugi-mugi bae sadayana daramang .
 
Hatur nuhun ka para Mitra anu dina minggu anu kalangkung parantos maparinan waleran kana tatarucingan paribasa. Sabagian aya anu leres, sabagian deui aya anu lepat. Malah Kang Wawan mah dugi ka serah bongkokan,majarkeun teh sim kuring teungteuingeun. Kukituna bilih aya anu panasaran palay uninga naon hartosna eta sadaya paribasa teh di dieu sim kuring bade nerangkeun hartosna sadaya paribasana.
 
1.Neukteuk nyieun anggeus hartosna “Megatkeun tali mimitran”. Contona upami aya dua jalmi anu tadinya nyobat namung kumargi aya pasalia pahan dugi ka timbul pacoggregan anu antukna janten mumusuhan dugi ka kaluar kecap “ teu hayang wawwuh deui jeung manehna”.
 
2. Teu dipiceun sasieur , hartosnaSami pisan”. Contona aya murangkalih pameget anu nambleg siga ramana, atanapi murangkalih istri nambleg siga ibuna.
 
3. Landung kandungan laer aisan ieu teh netelakeun ka jalmi anu “ageung timbangan” gampil ngahapunten ka anu lepat.
 
4. Teu gugur kalinduan teu gedag kaanginan hartosna sipat jalmi anu pageuh pamadeganana teu gampil kapangaruhan ku anu sanes.
 
5. Adean ku kuda beureum hartosna agul ka barang anu kenging nambut. Contona aya jalmi anu agul-agul ka batur kagungan mobil Mercedes padahal eta mobil teh kenging nambut ti baturna.
 
6. Tokoro andon peso hartosna “Serah bongkokan”. Contona upami aya bangsat anu kabur ti tahanan pulisi tapi saparantos sababaraha dinten kumargi teu gaduh tempat keur nyumput, kapaksa masrahkeun maneh ka pulisi.
 
7. Diangeun careuhkeun hartosna “teu dipalire” Contona aya tamu teras disuguhan tapi susuguh teh teu di toel-toel acan ku tamu teh.
 
8. Anu burung diangklungan, anu gelo didogdogan, anu edan dikendangan “Ngahaminan jalmi gedebul rahul”. Contona aya jalmi anu gede bohong ngadongeng anun pinuh ku bohong teras ku urang teh dihaminan pura-pura urang percaya kana dongeng manehna.
 
9, Melengkung bekas nyalahan hartosna jalmi anu keur budakna bageur tapi ari geus kolot jadi jahat.
 
10. Ngadagoan belut sisikan, oray jangjangan hartosna ngaharepkeun hiji hal hal anu mustahil bakal kajadian, moal kaalaman. Contona aya jalma anu SD oge teu tamat tapi hayang jadi Presiden.
 
Mugi-mugi bae ieu tatarucingan teh tiasa nabihan kosa kata para Mitra. Kang Dicky mugi kersa ngalih basakeun kana Bahasa Indonesia.Hatur nuhun sateuacana. Kang Wawan mangga diemutekeun sadayana. Kanggo pamungkas ieu aya dua tatarucingan paribasa anu rada cawokah mangga diantos waleranana.
 
1. Ngaboretekeun liang tai di pasar.
 
2. Nginjeum sirit ka anu kawin.
 
Salam,
 
Dede

Dicky Maulana

unread,
Nov 16, 2015, 10:38:36 PM11/16/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun para Mitra.
 
Wilujeng enjing! Mugi-mugi bae sadayana daramang .
Selamat Pagi! Semoga semuanya dalam keadaan sehat.

Hatur nuhun ka para Mitra anu dina minggu anu kalangkung parantos maparinan waleran kana tatarucingan paribasa. Sabagian aya anu leres, sabagian deui aya anu lepat. Malah Kang Wawan mah dugi ka serah bongkokan,majarkeun teh sim kuring teungteuingeun. Kukituna bilih aya anu panasaran palay uninga naon hartosna eta sadaya paribasa teh di dieu sim kuring bade nerangkeun hartosna sadaya paribasana.
Terima kasih untuk para mitra yang pada minggu lalu sudah memberi jawaban atas pertanyaan peribahasa. Sebagian ada yang benar, sebagian ada yang salah. Malah Kang Wawam sampai ke "Serah Bongkokan" (Takluk), katanya saya tega ngasih pertanyaannya. Oleh karena itu biar tidak penasaran, saya akan menerangkan artinya dari peribahasa tersebut.

1.Neukteuk nyieun anggeus hartosna “Megatkeun tali mimitran”. Contona upami aya dua jalmi anu tadinya nyobat namung kumargi aya pasalia pahan dugi ka timbul pacoggregan anu antukna janten mumusuhan dugi ka kaluar kecap “ teu hayang wawwuh deui jeung manehna”.

Artinya : Memutus tali silaturahmi. Contohnya apabila ada dua orang yang dulunya bersahabat, namun timbul salah faham sampai terjadi perselisihan dan bermusuhan sampai keluar kata "Gak mau kenal lagi"

2. Teu dipiceun sasieur , hartosnaSami pisan”. Contona aya murangkalih pameget anu nambleg siga ramana, atanapi murangkalih istri nambleg siga ibuna.

Artinya : Sama persis. Contohnya ada anak laki-laki yang sama persis bapaknya, aatau anak perempuan yang sama persis ibunya.
 

3. Landung kandungan laer aisan ieu teh netelakeun ka jalmi anu “ageung timbangan” gampil ngahapunten ka anu lepat.
 
Artinya : Orang yang mudah memberi maaf ke yang salah

4. Teu gugur kalinduan teu gedag kaanginan hartosna sipat jalmi anu pageuh pamadeganana teu gampil kapangaruhan ku anu sanes.
 
Artinya Sifat orang yang teguh pendirian, tidak mudah terpengaruh oleh orang lain.

5. Adean ku kuda beureum hartosna agul ka barang anu kenging nambut. Contona aya jalmi anu agul-agul ka batur kagungan mobil Mercedes padahal eta mobil teh kenging nambut ti baturna.
 
Artinya : bangga dengan barang hasil pinjam. Contohnya ada orang yang sombong bahwa dia punya mobil Mercedes, padahal mobil itu punya orang lain.

6. Tokoro andon peso hartosna “Serah bongkokan”. Contona upami aya bangsat anu kabur ti tahanan pulisi tapi saparantos sababaraha dinten kumargi teu gaduh tempat keur nyumput, kapaksa masrahkeun maneh ka pulisi.
 
Artinya Takluk. Contohnya ada tahanan yang kabur dari penjara, tapi menyerahkan diri lagi ke Polisi setelah beberapa hari karena tidak menemukan tempat untuk sembunyi.

7. Diangeun careuhkeun hartosna “teu dipalire” Contona aya tamu teras disuguhan tapi susuguh teh teu di toel-toel acan ku tamu teh.

Artinya : Tidak diperhatikan. Contohnya ada tamu yang disuguhi makanan, tapi suguhan itu tidak disentuh sama sekali oleh sang tamu. 

8. Anu burung diangklungan, anu gelo didogdogan, anu edan dikendangan “Ngahaminan jalmi gedebul rahul”. Contona aya jalmi anu gede bohong ngadongeng anun pinuh ku bohong teras ku urang teh dihaminan pura-pura urang percaya kana dongeng manehna.
 
Artinya nangap orang yang berbohong. Contohnya ada orang yang cerita bohong, oleh kita diiyakan seolah-olah kita percaya akan cerita dia. 

9, Melengkung bekas nyalahan hartosna jalmi anu keur budakna bageur tapi ari geus kolot jadi jahat.

Artinya : orang yang pas mudanya baik, ketika sudah dewasa jadi jahat

10. Ngadagoan belut sisikan, oray jangjangan hartosna ngaharepkeun hiji hal hal anu mustahil bakal kajadian, moal kaalaman. Contona aya jalma anu SD oge teu tamat tapi hayang jadi Presiden.
 
Artinya Mengharapkan hal-hal yang mustahil terjadi. seperti orang yang tidak tamat SD untuk jadi Presiden

Mugi-mugi bae ieu tatarucingan teh tiasa nabihan kosa kata para Mitra. Kang Dicky mugi kersa ngalih basakeun kana Bahasa Indonesia.Hatur nuhun sateuacana. Kang Wawan mangga diemutekeun sadayana. Kanggo pamungkas ieu aya dua tatarucingan paribasa anu rada cawokah mangga diantos waleranana.
Semoga peribahasa di atas bisa menambah perbedaharaan kosa kota para mitra. Untuk penutup, di bawah ada pertanyaan mengenai arti peribahasa yang agak Jorang/porno. Silakan ditunggu jawabannya

Ike

unread,
Nov 17, 2015, 3:49:55 AM11/17/15
to Dicky Maulana, Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Mitra Sunda, 

Haturnuhun pak Dede kana kintunan Salasa Nyunda. Kedah di bookmark ieu mah, sae pisan aya peribahasa Sunda, abdi mah ngan olohok weh....teu arapal..., asa janten isin, ngaku urang Sunda, tapi peribahasa na mun sakeudik nu tiasa ....istilahna basa Sunda wae balelol komo peribahasa... Diantos pisan...peribahasa nu sanesna. 

Kantenan taluk eta 2 tatarucingan na, ngiring nyimak weh...he he..

Panginten, ieu mah panginteeen , nyobian..., punten pami lepat.....

1. Ngaboretekeun liang tai di pasar.
Panginten : mempermalukan diri sendiri dihadapan orang banyak? 

 
2. Nginjeum sirit ka anu kawin.
Panginten : Minjam barang sama orang, sementara orang iu pake barang itu. 

Salam, 
Ike Wawan 

Sent from ikephone

Mubarak Omo

unread,
Nov 17, 2015, 8:13:14 AM11/17/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com

Salam kasadayana, hapunten Pak Dede sok sanaos simkuring tara nyerat mung tetep sok maosan dimana bade Mondok mung sok teras weh bari babacaan teh sok langsung Peureum. Maklum da ari damel 7hari non stop mah kitu buktosna. Ayeuna bade diajar deui bahasa sunda anu leres. Oge nyobian ngawaler
1. Hartosna: ngabukakeun arena strange.
2.: Namut barang anu nuju dianggo.

Sanity mugi bae leres ieu waleran.
Wassalam
Pun Mumu Mubarak

Mubarak Omo

unread,
Nov 17, 2015, 8:17:47 AM11/17/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com

Punten lepat type margi nganggo hp. Na anu optometric.
1.Hatosna ngabukakeun aebna sorangan

Wawan Hermawan

unread,
Nov 17, 2015, 10:34:35 AM11/17/15
to mitra-su...@googlegroups.com

Hatur nuhun Pak Dede tos masihan konci jawabana 😊

 

Aduh...eta paribahasa teh meni vulgar kitu nya 😊.

 

Jawaban abdi mah sami sareng pun bojo, supados katingal kompak he..he..

 

Salam,

Wawan

 

 

Sent from Mail for Windows 10

Dede Sujatna

unread,
Nov 17, 2015, 8:56:55 PM11/17/15
to mitra-su...@googlegroups.com, Wawan Hermawan
Salam Kang Wawan sareng Teh Ike.
 
Hatur nuhun kana waleranana. Waleran Teh Ike leres pisan duanana. Kang Wawan eta dua pari basa teh sumuhun karaosna vulgar tapi eta nanadakeun yen kabudayaan urang  Sunda teh beunghar.
 
Dede

No virus found in this message.


Checked by AVG - www.avg.com

Version: 2015.0.6176 / Virus Database: 4460/11015 - Release Date: 11/17/15

Dede Sujatna

unread,
Nov 17, 2015, 9:05:38 PM11/17/15
to Mubarak Omo, mitra-su...@googlegroups.com
Asalamu’alaikum Ustad,
 
Aduh mani bingah nampi email ti Ustad teh. Tara-tara ti sasari. Nuhun atuh ari email ti Bapa sok diaos ; cingcirining aya perhatosan ti Ustad. Ustad didamel 7 dinten samingg cingcirining Ustad teh dipikanyaah ku Allah. Peupeuriheun batur mah nganggur nepi ka kudu menta dole ti Centre Link.
Jawaban ti Ustad leres duanana.
 
Salam
 
Dede.
 
Sent: Tuesday, November 17, 2015 9:17 PM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

Punten lepat type margi nganggo hp. Na anu optometric.
1.Hatosna ngabukakeun aebna sorangan

No virus found in this message.

Dede Sujatna

unread,
Nov 23, 2015, 7:38:27 PM11/23/15
to mitra-su...@googlegroups.com
 
Sampurasun para Mitra.
 
Wilujeng enjing ka sadayana. Kumaha daramang?
 
Upami teu lepat ,sakaterang sim kuring di Pulo Jawa di sadayana puseur dayeuh Kabupaten atanapi Kasultanan aya alun-alun. Nyaeta tanah pasagi opat anu aya dipayuneun Karaton atanapi dipayuneun Pendopo Kabupaten. Alun-alun di kota Bandung ayana di Jalan Asia Afrika anu di jaman Walanda mah disebatna Groote Postweg. Waas basa sim kuring budak keneh alun-alun Bandung teh mani asri,  jukutna hejo ngemploh, di kurilingan ku tangkal caringin, sareng seueur korsi beusi kanggo caralik anu arameng di dinya. Saur sepuh alun-alun teh mangrupi siloka  kanggo pangeling-eling ka rahayat kota Bandung. Alun-alun Bandung teh ayana di payuneun Pedopo Kabupaten Bandung nyaeta palinggihan Bupati Bandung harita R.A.Wiranata Kusumah. Pendopo Kabupaten teh ayana di  palih kidul alun-alun ; di palih kulonna aya Masjid Agung; dipalih kalerna aya Bank sareng panjara Banceuy; di palih wetanna aya tilu bioskop anu kapungkur mah namina Majestik, Varia sareng Oriental. Di palih kiwa ti Pendopo aya Kantor Pulisi. Di sagedengeun bioskop aya PUJASERA (puast jajan serba selera).Rupi-rupi katuangan aya di dinya. Basa sim kuring budak keneh sering dibantun ku pun bapa jajan di dinya. Aya tukang tahu kupat anu kasohor di dinya nyaeta Pa Ono. Di payunneun bioskop aya tempat parkir delman sareng kahar margi harita mah di Bandung teh mung aya delman sareng kareta mesin kanggo bangsa pribumi mah. Mobil sareng motor biasana kanggo bangsa Walanda, pulisi sareng militer Walanda. Kukituna jalan-jalan di kota Bandung teh harita mah henteu pinuh ku kedaraan sipertos ayeuna margi Bandung teh teu acan heurin ku tangtung. Te acan aya beca, angkot, beus kota, ojeg. Jan-jalan di kota Bandung bareresih sareng ariuh kahieuman ku tatangkalan kanari atanapi mahoni. Eta margina harita Bandung teh katelah “Pareis van Java”. Ayeuna mah “Pareis van Java” teh nami Pusat Perotokoan anu ayana di Jalan Sukajadi. Saurna jukut di alun-alun Bandung teh ku Kang Emil tos digentos ku jukut artificial. Pendopo Kabupaten ayeuna mas janten palinggihan Walikota (Kang Emil).
 
Naon siloka anu dikandung ku alun-alun Bandung teh ? Alun-alun teh baheulana mah mangrupikeun tempat kumpulna rahayat kota Bandung upami Bupati (Pamarentah) bade ngaembarakeun “peraturan” anu enggal.Rahayat kudu tumut kana sagala aturan Pamarentah. Sing saha  anu baha ka Pamarentah bakal ditangkep ku pulisi terus diasupkeun ka panjara Banceuy. Lamun jelema teu hayang di tangkep ku Pulisi sarta di jebloskeun ka Panjara kudu jadi jelema bener, sing getol salat di Masjid  sarta ulah loba teuing resep lalajo bioskop jeung jajan.
Tah mung sakitu anu tiasa kapihatur dinten ieu.
 
Minggu anu kalangkung Teh Ike nyuhunkeun dipaparinan deui paribasa Sunda. Ieu aya opat paribasa anu sami hartosna nyaeta:”Jalmi miskin hoyong disamikeun sareng anu beunghar”
 
1.Pacikrak ngalawan merak.
2.Bonteng ngalawan kadu.
3 Cecendet mande kiara.
4.Cileuncang mande sagara.
 
Dede
 

suhendra_upi

unread,
Nov 23, 2015, 8:22:56 PM11/23/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Rampesss ...

Wilujeng enjing, Pa Dede miwah dulur2 di WA .. mugi sadaya aya dina kawilujengan. 

Leres, Pa .. jaman kapungkur alun-alun "wajib" hukumna kedah aya di unggal puseur dayeuh. Ilaharna di 4 sisi aya masjid, pendopo kabupaten, panjara, bioskop/pertokoan. Di tengahna aya lapang tempat kagiatan masyarakat. Emut jaman nuju budak, di lapang Alun-alun Bandung unggal taun aya 'Bandung Fair' .. sarupi sareng 'Jakarta Fair'. 


Sono ti Bandung, 


Suhendra



Sent from Samsung Mobile


-------- Original message --------
From: Dede Sujatna
Date:24/11/2015 7:38 AM (GMT+07:00)
Subject: Salasa Nyunda

Hilman Sobir

unread,
Nov 23, 2015, 11:24:50 PM11/23/15
to suhendra_upi, Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Rampesss.....

Konsep eta teh ayeuna robih ku konsep "bisnis ekonomi liberal kapilatis..." Tea janten konsep MALL....

Cirina kita kedah aya MALL tea.....

Salam
Hs

Sent from my iPhone

Augy Wilangkara

unread,
Nov 24, 2015, 12:35:55 AM11/24/15
to suhendra_upi, Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Nuhun Pa Dede, Kang Hendra & Kang Hilman,

Nu didugikeun ku Pa Dede teh pami teu lepat mah disebatna Catur Gatra sanes?

Salam
Augy




On 24 Nov 2015, at 9:22 AM, 'suhendra_upi' via Mitra Sunda Western Australia (MSWA) <mitra-su...@googlegroups.com> wrote:

Wawan Hermawan

unread,
Nov 24, 2015, 5:12:28 AM11/24/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com

Hatur nuhun Pak Dede kana kintuan nana. Meni waas suasana alun-alun kapungkur. Dupi air mancur kapungkur tos aya? Da ti ngawitan abdi ka alun-alun (nuju SD) tos aya eta air mancur teh.

 

Salam,

Wawan

 


From: Dede Sujatna
Sent: Tuesday, 24 November 2015 8:38 AM
To: mitra-su...@googlegroups.com
Subject: Salasa Nyunda

 

 

 

Sampurasun para Mitra.

Dede Sujatna

unread,
Nov 24, 2015, 5:20:03 AM11/24/15
to Augy Wilangkara, suhendra_upi, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Kang Augy,
 
Hapunten sim kuring teu kantos nguping istilah “Catur Gatra”. Dina Kamus Basa Sunda “gatra” teh hartosna pangajak. Janten tiasa dihartoskeun  “Opat pangajak”. Rupina eta istilah ciptaan ABRI.
 
Salam
 
Dede
 
Sent: Tuesday, November 24, 2015 1:35 PM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

No virus found in this message.


Checked by AVG - www.avg.com

Version: 2015.0.6176 / Virus Database: 4460/11054 - Release Date: 11/23/15

Dede Sujatna

unread,
Nov 24, 2015, 5:21:46 AM11/24/15
to mitra-su...@googlegroups.com, Wawan Hermawan
Salam Kang Wawan
 
Kantenan parantos aya.
 
 
Dede
 
Sent: Tuesday, November 24, 2015 6:12 PM
Subject: RE: Salasa Nyunda
 

Hatur nuhun Pak Dede kana kintuan nana. Meni waas suasana alun-alun kapungkur. Dupi air mancur kapungkur tos aya? Da ti ngawitan abdi ka alun-alun (nuju SD) tos aya eta air mancur teh.

No virus found in this message.


Checked by AVG - www.avg.com

Version: 2015.0.6176 / Virus Database: 4460/11056 - Release Date: 11/24/15

Ike

unread,
Nov 25, 2015, 12:51:11 AM11/25/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Salam, 

Haturnuhun pak Dede, nambihan deui peribahasa sunda. Sanaos tos sareng hartosna geuning asa rada nyureng, punten bade tumaros,  ari pacikrak, teh naon yah? Sareng 'mande' , 'sagara', asa abdi mah hilap deui....punten....:-) 

Salam,
Ike 

Sent from ikephone

Dede Sujatna

unread,
Nov 25, 2015, 3:18:15 AM11/25/15
to Ike, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Teh Ike
 
Pacikrak teh sabangsa manuk alit; “mande” hartosna ngalawan; “sagara” hartosna lautan atanapi samudra. Ieu aya hiji deui paribasa anu nganggo kecpa “sagara”. Bebek ngoyor di sagara rek nginum neangan cai anu hartosna Di hiji nagara anu beunghar rahayatna miskin margi ekonomi eta nagara teh dikuasai ku bangsa asing ; siga bangsa Indonesia dina jaman penjajahan Walanda.
 
Dede
 
From: Ike
Sent: Wednesday, November 25, 2015 1:51 PM
Subject: Re: Salasa Nyunda

No virus found in this message.


Checked by AVG - www.avg.com

Version: 2015.0.6176 / Virus Database: 4460/11060 - Release Date: 11/24/15

Ike

unread,
Nov 25, 2015, 6:36:08 PM11/25/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Salam, 

Haturnuhun pisan Pak Dede, nambih elmu...anu teu teurang janten terang, anu hilap, emut deui. Haturnuhun...

Ike

Sent from ikephone

Dede Sujatna

unread,
Nov 30, 2015, 7:14:34 PM11/30/15
to mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun para Mitra
 
Wilujeng enjing ka sadayana mugi-mugi sadayana daramang.
 
Sim kuring teu kinten ngaraos tugenah sareng ijid ka Habib Rizieq ,ketua Front Pembela Islam, anu parantos ngahina khususna kabudayaan Sunda. Waktos anjeuna masihan ceramah di Purwakarta sababaraha minggu anu kalangkung Habib Rizieq parantos nyoledatkeun alun salam urang Sunda “SAPURASUN’ janten “CAMPUR RACUN’. Anjeuna nyarankeun “Sampurasun” ulah dianggo kanggo ngagentos “Assalamu ‘alaikum”. Kumargi eta urang Sunda ngarambek. Kang Emil. Wali Kota Bandung, sareng Bupati Purwakarta, miharep supados Habib Rizieq menta dihampura ka urang Sunda. Barisan Pemuda Siliwangi parantos ngalaporkeun Habib Rizieq ka Polda  Jawa Barat.
 
Sakaterang sim kuring mah FPI teh  mangrupi hiji organisasi Islam anu teu kinten fanatikna. Anggotana ngarasa  asa aing pang benerna, pang sucina, sareng calon sorga. Sadaya tindak tanduk FPI teh teu mintonkeun yen Islam teh “Rahmatan lil ‘alamin”. Habib Rizieq urang Arab anu teu terang basa Sunda teu terang naon hartosna “Sampurasun”. Padahal “Sampurasun teh sami hartosna sareng “Assalamu ‘alaikum”. “Sampura = salamet” “Insun= aranjeun”. Sampurasun = Mugi-mugi aranjeun saralamet.
 
Dede
 

Dicky Maulana

unread,
Nov 30, 2015, 10:07:04 PM11/30/15
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com


Sampurasun para Mitra
 
Wilujeng enjing ka sadayana mugi-mugi sadayana daramang.
Selamat pagi. Semoga semuanya dalam keadan sehat.
 
Sim kuring teu kinten ngaraos tugenah sareng ijid ka Habib Rizieq ,ketua Front Pembela Islam, anu parantos ngahina khususna kabudayaan Sunda. Waktos anjeuna masihan ceramah di Purwakarta sababaraha minggu anu kalangkung Habib Rizieq parantos nyoledatkeun alun salam urang Sunda “SAPURASUN’ janten “CAMPUR RACUN’. Anjeuna nyarankeun “Sampurasun” ulah dianggo kanggo ngagentos “Assalamu ‘alaikum”. Kumargi eta urang Sunda ngarambek. Kang Emil. Wali Kota Bandung, sareng Bupati Purwakarta, miharep supados Habib Rizieq menta dihampura ka urang Sunda. Barisan Pemuda Siliwangi parantos ngalaporkeun Habib Rizieq ka Polda  Jawa Barat.

Saya merasa tidak enak hati dan jijik ke Habieb Rizieq, Ketua Front Pembela Islam, yang sudah menghina kebudayaan sunda. Ketika beliau berceramah di Purwakarta beberapa minggu yang lalu sudah mempelesetkan panggilan salam orang Sunda "Sampurasun" jadi "Campur Racun". Beliau menyarankan agar "Sampurasun" jangan dipakai untuk mengganti "Assalamualaikum". Oleh karena itu, orang Sunda pada marah. Kang Emil, Walikota bandung dan  Bupati Purwakarta berharap agar Habieb Rizieq meminta maaf ke orang Sunda. Barisan Pemuda Siliwangi sudah melaporkan beliau ke Polda Jawa barat.

Sakaterang sim kuring mah FPI teh  mangrupi hiji organisasi Islam anu teu kinten fanatikna. Anggotana ngarasa  asa aing pang benerna, pang sucina, sareng calon sorga. Sadaya tindak tanduk FPI teh teu mintonkeun yen Islam teh “Rahmatan lil ‘alamin”. Habib Rizieq urang Arab anu teu terang basa Sunda teu terang naon hartosna “Sampurasun”. Padahal “Sampurasun teh sami hartosna sareng “Assalamu ‘alaikum”. “Sampura = salamet” “Insun= aranjeun”. Sampurasun = Mugi-mugi aranjeun saralamet.

 Sepengetahuan saya, FPI adalah salah satu organisasi  Islam yang sangat fanatik. Anggotanya merasa paling bener, paling suci, dan calon surga. Semua tidak tanduk FPI tidak menunjukkan bahwa Islam itu "Rahmatan lil'Alamin". Habieb Rizieq orang Arab yang tidak tahu Bahasa Sunda dan tidak tahu arti "Sampurasun". Padahal "Sampurasun" itu sama artinya dengan "Assalamualaikum". "Sampura=Selamat", "Insun"=Kalian. "Sampurasun" = Semoga kalian semua selamat.

Dede
 


It is loading more messages.
0 new messages