Kahatur Kang Wawan miwah Teh Ade
Sim kuring
teu kinten ngaraos bingah, bingah amarwatasuta bingahna ka giri-giri , sarehna
Kang Wawan parantos jembar manah kalayan luntur galih sayagi bade ngemban amanah
ti para mitra MSWA kanggo ngageroh hirupna MSWA kapayun saparantosna dikantun ku
Teh Ade. Mugi-mugi bae atuh hirupna MSWA teh sing mulus rahayu tug dumugi henteu
janten paguyuban anu sipatna Geledug-Ces. Amin.
Khususna ka
Teh Ade sing kuring seja ngahaturkeun rebu nuhun laksa keti pamuji sarehna Teh
Ade parantos ikhlas ngaraksa-ngariksa MSWA sadikantunna ku Kang Suhendra tug
dumigi ka ayeuna. Sim kuring yakin yen Teh Ade teh parantos ngorbankeun
harta banda sajabina ti tanaga, emutan sareng paraosan dina salebeting icikibung
ngageroh hirupma MSWA. Teh Ade tara suwung ngiring ulubiung dina sagala rupi
acara boh di KJRI atanapi organisasi sanesna. Mugi-mugi bae samudaya kaheman teh
Ade di rahmat ku Allas SWT. Amin.
Wassalam
Dede