Samourasun para mitra sadayana.
Langkung ti payun sarehna munggah Ramadhan sim kuring sakulawargi neda
dihapunten samudaya kelelepatan. Mugia urang sadayana dina salebeting
ngalaksanakeun ibadah saum sing dipaparinan kakiatan lahir batin, sing ditampi
ibahadah urang sadaya ku Allah Nu Murbeng Alam. Amin.
Salajeng dina acara Salasa Nyunda dinten ieu sim kuring bade medar hiji
riwayat. Dina Basa Sunda upami aya dua jalmi pasea hog-hag sok diibaratkeun
“Siga ucing jeung ajing”. Sakumaha kauninga ucing sareng ajing teh upami
numutkeun
sipat alamiahna mah kenging disebatkeun “musuh kabuyutan”. Namung upami
parantos direkayasa mah tiasa oge ucing teh nyobat sareng anjing. Naon margina
ucing teh ‘musuh kabuyutan” ajing. Ieu riwayatna;
Sakumaha kauninga kusadayana dina jamam Nabi Nuh umat ajeuna teu kinten
seueurna anu ngajalankeun kamaksiatan
dugi ka kasohhor dongeng SODOM & GOMORAH. Kukituna Allah ngalaknat umat
Nabi Nuh ku jalan ngabanjiran ieu dunya. Sateuacana ngabajiran dunya Allah
miwarang Nabi Nuh ngadamel kapal anu ageung kanggo nyalametkeun jalmi-jalmi anu
iman sareng sasatoan sajodo-sajodo. Saparantosna kapal rengse sareng
jalmi-jalmi tur sasatoan dimuatkeun kana kapal Allah nimbulkeun banjir.
Dunya kakeueum kucai. Aya hiji putra Nabi Nuh anu teu iman tilelep dina
banjir.
Ku margi Nabi Nuh teu uninga bade sabaraha lamina eta banjir mantena
ngabewarakeun ka sadayana anu aya dina kapal omat-omat ulah ngumbar napsu birahi
margi upmai sadayana anak baranahan kapal bakal kalebuh. Tapi anjing teu kiat
nahan napsu sahwatna. Susulumputan lakian dinu buni kaleresan ucing ngaliwat;
nungali ajing keur lakian.
Gura giru manehna lapor ka Nabi Nuh. Nampi laporan ti ucing Nabi Nuh teu
kinten benduna. Saur nabi Nuh ka ajing
maraneh bakal dilaknat ku Allah sabab teu nurut kana papadon kaula. Ka
ucing Nabi Nuh nyarios maneh oge bakal dibenduan ku Allah sabab sok usil ka
batur.
Buktos laknat ti Allah ka ajing nyaeta upami ajing lakian teu biaseun
susulumputan siga dina kapal margi anjing lakianana teu tiasa sakedap margi
kedah gancet. Ari ucing kumargi usil tea upami ucing bade lakian sok ribut
pahaong-haong nu bikang kedah diudag-udag heula ku nu jalu. Biasana ajing
sareng ucing teh usum lakianana dina sasih Sapar taun Hijriah.
Ku ayana kitu urang Islam mah teu kenging nikahkeun dina sasih Sapar margi
sasih eta mah khusus kanggo anjing sareng ucing. Sim kuring teu terang leres
henteuna ieu riwayat. Wallahu ‘alam.
Dede