Salasa Nyunda

16 views
Skip to first unread message

Dede Sujatna

unread,
Sep 22, 2014, 6:39:01 PM9/22/14
to mitra-su...@googlegroups.com
Salam para Mitra.

Upami diperhatoskeun basa teh hirup siga manusa margi basa teh tiasa diibaratkeun salaku hiji bagian tina kahirupan manusa. Kukituna basa teh sairing sareng perkembangan jaman anu hatosna aya bagian basa ( kosa kata)anu leungit sareng aya bagian basa (kosa kata) anu enggal.
Contona dina soal ukuran panjang kosa kata sajeungkal, salengkah, shasta, saelo, parantos tara dianggo deui; paratos digentos ku meter, kilometer. mil.
Kosa kata bilangan salawe, sawidak, salaksa, saketi, parantos digentos ku saratus, sarebu, sajuta, samilyar.
Kosa kata ukuran lega tanah sabata, satumbak, sabau, sa are digentos ku sameter pasagi, sahektar
Kosa kata ukuran beurat sakati, sapanggulan, satanggungan, digentos ku sakilo, saton
Waktus sim kuring budak keneh nyaeta dina jamam pejajahan Belanda kosa kata harga artos anu umum teh sapeser, sasen, sabenggol, saketip, satalen, saperak sareng saringgit. Tapi ayeuna anu umum dianggo teh sarupiah, sarebu, sajuta, saren sa M.

Dede

Shelley WA 6148

rustam...@yahoo.co.id

unread,
Sep 22, 2014, 10:08:25 PM9/22/14
to Dede Sujatna, <mitra-sunda-perth@googlegroups.com>
Sampurasun,

Hatur nuhun Pak Dede kana kintunana, hapunten abdi bade nambihan kosakata ukuran waktu dina basa sunda. Nu kirang langkung ditunjukeun dina foto dihandap ieu.
Nyuhunkeun dikoreksi....

Nuhun
Indra

image.jpeg
Sent from my iPhone

Sent from my iPhone

Dede Sujatna

unread,
Sep 22, 2014, 10:46:50 PM9/22/14
to rustam...@yahoo.co.id, mitra-su...@googlegroups.com
Rampes.

Kang Indra, Nuhun kana panambihna. Sakumaha anu kaalaman ku sim kuring ayeuna eta ukuran waktu teh ayeuna dianggona teh ukur carpon dina Mangle. Sakali deui hatur nuhun.

Dede
image.jpeg

Ade Scaf

unread,
Sep 23, 2014, 6:12:39 PM9/23/14
to Dede Sujatna, rustam...@yahoo.co.id, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Mitra Sunda,

Euleuuhh2 abdi beuki ngaraos isin sebagai orang sunda...seuseur kata2 anu ku pak Dede sareng kang Indra diseratkeun diluhur, abdi teu pernah terang sareng ningal.

Hatur nuhun pisan pak Dede sareng bu Dewi anu parantos kersa ngasuh Salasa Nyunda, alhamdulillah elmu basa sunda abdi nambihan.

Wilujeng enjing wilujeng beraktifitas ka sadayana, mugia Allah nangtayungan, maparinan barokah, maparinan hidayah sareng maparinan rezeki halal anu tiasa nyumponan kabutuhan urang sadayana, amin Ya Allah Ya Rabb

Salam baktos

Ade Scaf

Sent from Samsung Mobile

Dede Sujatna

unread,
Sep 24, 2014, 4:55:58 AM9/24/14
to Ade Scaf, rustam...@yahoo.co.id, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Kang Indra,

Diemut-emut eta tambihan jadwal waktos dina basa Sunda teu kinten saena upami Kang Indra kersa nerangkeun kunaon eta waktos disebat kitu .Contona kunaon disebat pecat sawed dst. Hatur nuhun sateuacana.

Dede

Sent: Wednesday, September 24, 2014 6:13 AM
Subject: Re: Salasa Nyunda

Salam Mitra Sunda,

Euleuuhh2 abdi beuki ngaraos isin sebagai orang sunda...seuseur kata2 anu ku pak Dede sareng kang Indra diseratkeun diluhur, abdi teu pernah terang sareng ningal.

Hatur nuhun pisan pak Dede sareng bu Dewi anu parantos kersa ngasuh Salasa Nyunda, alhamdulillah elmu basa sunda abdi nambihan.

Wilujeng enjing wilujeng beraktifitas ka sadayana, mugia Allah nangtayungan, maparinan barokah, maparinan hidayah sareng maparinan rezeki halal anu tiasa nyumponan kabutuhan urang sadayana, amin Ya Allah Ya Rabb

Salam baktos

Ade Scaf

Sent from Samsung Mobile

-------- Original message --------

From: Dede Sujatna <dsuj...@optusnet.com.au>

Date:23/09/2014  10:46  (GMT+08:00)

To: rustam...@yahoo.co.id

Cc: mitra-su...@googlegroups.com

Subject: Re: Salasa Nyunda

Rampes.

Kang Indra, Nuhun kana panambihna. Sakumaha anu kaalaman ku sim kuring ayeuna eta ukuran waktu teh ayeuna dianggona teh ukur carpon dina Mangle. Sakali deui hatur nuhun.

Dede

From: rustama_jati via Mitra Sunda Western Australia (MSWA)
Sent: Tuesday, September 23, 2014 10:08 AM
To: Dede Sujatna
Cc: mailto:mitra-su...@googlegroups.com
Subject: Re: Salasa Nyunda

Sampurasun,

Hatur nuhun Pak Dede kana kintunana, hapunten abdi bade nambihan kosakata ukuran waktu dina basa sunda. Nu kirang langkung ditunjukeun dina foto dihandap ieu.
Nyuhunkeun dikoreksi....

Nuhun
Indra

rustam...@yahoo.co.id

unread,
Sep 24, 2014, 4:59:00 AM9/24/14
to Dede Sujatna, Ade Scaf, <mitra-sunda-perth@googlegroups.com>
Waalaikum salam,

Mangga Pak, tspi urang kokoreh heula elmuna.... Hehe. Maklum abdi ge awam detailna mah ....

Nuhun
Indra

Sent from my iPhone

Yati Winfield

unread,
Sep 25, 2014, 8:26:24 AM9/25/14
to Dede Sujatna, Mitra Sunda

Hatur nuhun pak dede, abdi mah nembe nguping ukuran SAELO, eta teh kanggo ngukur naon?

Hapunten da abdi mah lahirna entragan jon trapolta, sanes jaman walanda. Hahahaaa..!!

Pidua ti abdi kanggo pak dede. Sing sehat salawasna. Amin!

Dede Sujatna

unread,
Sep 25, 2014, 11:06:10 PM9/25/14
to Yati Winfield, Mitra Sunda
Salam Teh Yati.

Hatur nuhun kana pidu’ana. Alhamdullilah sim kuring parantos sehat. Mugi-mugi bae atuh berkat pangdu’ana ti sadayana sim kuring sing teras sehat.
Nuhun kan patarosanana. Ieu waleranana. Sateuacana sepuh-sepuh urang kana sistim decimal anu hartosna sadaya bilangan teh ngawitan ti hiji dugi ka sapuluh sareng kalipetanana nu dianggo ukuran panjang teh sanes sameter tapi saelo anu panjangna kinten-kinten 90 cm.

Dede

rustam...@yahoo.co.id

unread,
Oct 4, 2014, 3:41:02 AM10/4/14
to Dede Sujatna, <mitra-sunda-perth@googlegroups.com>, mitras...@gmail.com
Sampurasun

Numutkeun jangji ka Pak Dede perkawis jam "made in" Sunda sareng hartina

image.jpeg

Hartina :....

WANCI TANGANGÉ = panon poé keur manceran

WANCI LINGSIR = panon poé mimiti ngagilir (ka kulon)

WANCI KALANGKANG SATANGTUNG = ukuran kalangkang sarua jeung tangtungan

WANCI MÉNGOK = méngkol/déngdék (ka kulon),

WANCI PANON POÉ TUNGGANG
GUNUNG = panon poé kawas nu keur tunggang dina luhur gunung,

WANCI SARIAK LAYUNG = mangsa layung rék lekasan,

WANCI SANDÉKALA (WANCI SAREUPNA)=panon poé kakara surup(waktu magrib),

WANCI SURUP (SURUP PANON POÉ) = panon poé asup kana cakrawala beulah kulon

WANCI HARIEUM BEUNGEUT = reyem-reyem (diibaratkeun urang ningal beungeut batur rememg-remeng).

WANCI SAREUREUH BUDAK = mangsana saré budak

WANCI TUMOKÉ = meujeuhna ka luar sora toké

WANCI SAREUREUH KOLOT = mangsana kolot reureuh/saré/leleson

WANCI INDUNG PEUTING = meujeuhna ka luar méga hideung gegeblogan (indung peuting téh nyaéta istilah séjén tina méga hideung)

WANCI TENGAH PEUTING = tengah-tengah dina mangsa peuting

WANCI TUMORÉK = keur meujeuhna jempling pisan, nepi ka dédéngéan urang asa ngahiung katorékan saking ku jemplingna.

WANCI JANARI GEDÉ = janarina gedé kénéh can kasilih ku subuh

WANCI JANARI LEUTIK = janari mimiti kaséréd ku subuh (ngagayuh/maju ka subuh)

WANCI KONGKORONGOK HAYAM = mimiti hayam raong kongkorongok

WANCI BALÉBAT = udat-udat bodas di beulah wétan

WANCI CARANGCANG TIHANG = tetempoan reyem-reyem diibaratkeun mun nempo tihang carangcang keneh, can atra.

WANCI MELETÉK PANON POÉ = mimiti témbong panon poé

WANCI NGALULUH TANEUH = mangsana patani ngaleyekan/nincakan taneuh pikeun galengan sawah (biasana patani téh saméméh ngagarap sawahna sok nyieun atawa ngoméan heula galengan)

WANCI HANEUT MOYAN = panon poé meujeuhna haneut/karasa ni'mat mun moyan

WANCI RUMANGSANG = panon poé mimiti karasa panas

WANCI PECAT SAWED= sawed téh tali paranti mageuhan pasangan munding kana kai dina mangsa ngawuluku/ngagarap sawah sangkan munding henteu pisah/babarengan, dipasangna dina beuheungna. Ari PECAT=lésot. Jadi mangsana 'lésot sawed' nyaéta ngagarap sawah ku munding bérés.

(Nyalin ti berbagai sumber.... Edisi indonesia menyusul ya...)

Hatur nuhun
Indra

Dede Sujatna

unread,
Oct 5, 2014, 3:10:26 AM10/5/14
to rustam...@yahoo.co.id, mitra-su...@googlegroups.com, mitras...@gmail.com
Rampes,

Kang Indra, nuhun pisan kana kintunan katerangan perkawis ukuran waktos dina basa Sunda. Di dieu sim kuring hoyong nambihan  katerangan kunaon dina basa Sunda aya ukuran waktos sakumaha anu diterangkeun ku Kang Indra. Ku pangemut sim kuring ukuran waktos sekon, menit sareng jam teh diciptakeun ku manusa saparantosna lahir agama Islam anu ngulik elmu astronomi  anu ngabagi sadinten janten 24 jam.  Sakumaha kauninga agama Islam teh kapan agama anu ngulik rupi-rupi elmu anu ayeuna ilahar disebat”science” sapertos matematika, fisika, kimia sareng sajabina ti eta. Tah kukituna para karuhun urang Sunda teh dina jaman samemeh ngagem aga Islam mah upami nyebatkeun ukuran waktos teh nganggunakeun fenomena alam sapertos di mana posisi panon poe dina danget harita contona wanci tangange, kumaha kaayaan sakurilingeun urang dina danget harata contona wanci harieum beunget, aya sora naon dina danget harita contona wanci kongkorongok hayam sareng sajabina ti eta.
image.jpeg
Reply all
Reply to author
Forward
0 new messages