Re: Salasa Nyunda

368 views
Skip to first unread message

Dadang Sofyan

unread,
Jan 6, 2016, 1:12:10 PM1/6/16
to mitra-su...@googlegroups.com
Kembang cau disebatna téh jantung
Kembang kadu alias durén disebatna olohok, ngembang kadu = molohok
Kembang céngék disebatna méncéngés, upami kembang cabé disebatna bolotot
Kembang laja disebatna jamotrot, kembang bako disebatna bosongot
Kembang nangka disebatna tongtolang, kawinan bapa téa, poé salasa.
Kembang jambu batu disebatna karuk
Kembang jéngkol disebatna merekenyengnyeng
Kembang hui boléd disebatna téla
Kembang peuteuy disebatna pendul
Kembang jambé disebatna mayang
Kembang tangkil disebatna uceng
Kembang salak disebatna sedek

Salajengna, rupi-rupi kekembangan nu sanés, mangga ditambihan:
(punten upami lepat e-taling sareng e-pepet na, mangga waé dikoréksi ku para sepuh):

awi: eumbreuk
bawang: ulated
bolang: ancal
cengkéh: upami teu lepat mah méncéngés ogé
cikur: jelengut
eurih: ancul
gedang: ingwang
génjér: gelenyé
hoé: bubuay
honjé: comrang/rombéh
jaat: jalinger
jambu aér: lenyap
jarak: uing
jati: janiti
jeruk: angkruk/angkes
jotang: puntung
kalapa: suligar
kaso: ciriwis
kawung: pengis
kelewih: beled
kiray: julaeu
koneng: unyang-unyeng/badul
kulur/kelewih: pélépés
leunca: pengit
limus: seleksek
lopang/oyong: cacas
muncang: rinduy
paré: ringsang
sampeu: dingdet
seréh: ancol
surawung: solasih
taleus: ancal
tanjung: padma
térong: moncorong
tiwu: badaus
waluh: aléwoh

--------------------------------------------
On Tue, 8/12/15, Dede Sujatna <dsuj...@optusnet.com.au> wrote:

Subject: Salasa Nyunda
To: mitra-su...@googlegroups.com
Received: Tuesday, 8 December, 2015, 8:14 AM





 
Sampurasun

para Mitra
 
Wilujeng

enjing ,wilujeng patepang deui dina acara Salasa Nyunda. Sim
kuring bade unjuk
uninga rehna acara Salasa Nyunda dinten ieu teh acara anu
panyeepan kanggo taun
ieu. Minggu payun sim kuring bade nganteur pun incu sareng
ninina ka Jakatra.
Kanggo dinten ieu sim kuring gaduh tatarucingan anu gampil
margi para mitra
parantos aruninga kana jawabanana. Ieu mah etang-etang tamba
kesel bae sanes
bade ngabejaan bulu tuur. Sakumaha kauninga dina basa Sunda
aya sababaraha nami
kembang. Di handap ieu sim kuring bade merelekeun sababaraha
nami kembang namung
susunanana lepat. Ku kituna mangga dilereskeun ku para
mitra. Mangga diantos
waleranana. Hatur nuhun sateuacana sareng dugi ka tepang
deui taun payun.
 
Dede
 
Kembang
cau
disebatna tela
Kembang

duren disebatna jamotrot
Kembang

cengek disebatna jantung
Kembang

nangka disebatna uceng
Kembang

laja disebatna olohok
Kembang

jambu disebatna mencenges
Kembang 

jengkol disebatna tongtolang
Kembang
hui
disebatna pendul
Kembang

peuteuy disebatna mayang
Kembang 

jambe disebatna sadek
Kembang

tangkil disebatna merekenyengnyeng
Kembang

salak disebatna karuk
 
 
 

Dede Sujatna

unread,
Jan 11, 2016, 8:37:32 PM1/11/16
to mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun para Mitra.
 
 
Wlijeng enjing sareng wilujeng patepang deui dina acara Salasa Nyunda. Sajabina ti eta oge sim kuring  bade ngahaturkeun “Wilujeng  Taun Anyar 2016”
mugia urang sadayana dina taun ieu ginuluran kasehatan sareng kasalametan. Sim kuring nembe opat dinten mulang ti lemah cai saparantosna tilu minggu nganjrek di Sukabumi sareng di Jakarta. Bingah tiasa tepang sareng dihormat ku para wargi sareng ku para mitra alumni Perth anu parantos jareneng kalungguhan anu anu maroyan. Teu kinten hanjeluna margi satadina mah gaduh rencana hoyong ka Garut nedunan pangangkir ti nu kagungan “Kampung Sampireun” namung ku margi ninina pun incu ngadadak panas tiris. Barang diparios getihna kabuktosan pun bojo teh keuna ku gajela tipes. Kapaksa kedah ngendong di rumah sakit tilu dinten. Sakaluarna ti rumah sakit kedah istirahat total. Atuh teu tiasa ka mana-mana. Nembe pisaminggueun kana waktosna wangsul ka Australia nembe kenging ka Jakarta.
Di Bangdung sim kuring mung tiasa ngedong sawengi di rorormpokna pun adi di Sanggar Hurip. Alhamdulilah tiasa sempet nginngali alun-alun, pasar baru, Jalan Braga, Jalan Sukajadi sareng bagian kaler kota Bandung. Di Masjid Agung Bandung sim kuring sempet solat Asar. Sim kuring teu kinten ngaraos sedih nungali kota Bandung ayeuna anu benten pisan ti basa sim kurimg hirup di Bandung 48 taun nu kalangkung. Bandung heurin ku tangtung teh leres-leres kabuktosan, mani heurin usik. Di jalan-jalan mobil sareng motor mani pajejel. Alun-alun pinuh ku jalmi sepuh  jeung murangkalih. Alun-alun parantos ditata disae-sae ku Kang Emil teu katingali saena lir ibarat kueh panganten anu parantos dipapaes tapi pinuh digembrong sireum.Jalan Braga teu katingali saena da pinuh ku anu icalan lukisan. Jalan Pasar Baru pinuh ku rebuan motor.
 
Dede

Augy Wilangkara

unread,
Jan 12, 2016, 9:33:58 AM1/12/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Rampes Pa Dede,

Geuningan diantosan teh, mani nembe pucunghul deui. Mani hawatos geuningan ngadangu Bu Dede kenging panyawat di ditu, tapi alhamdulilah geuning pas tepang Kamari ieu, katingalna tos jagjag sabihara bihari.

Mangga atuh diantos deui tatarucingan na.

Salam baktos,
Augy

Dewi Winarto

unread,
Jan 12, 2016, 9:54:50 AM1/12/16
to Augy Wilangkara, Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Rampes Pa Dede,

Mugi Bu Dede sehat tos mulih deui ka Perth mah. 

Aya ku kabita jalan jalan ngurillingan Bandung, mugi eta jalan Sukajadi palebah lapang Panglayungan masih siga anu baheula, hanjakal bumi anu heubeul rancangan walanda tos ampir seep dipugar janten hotel sareng restoran.

dw

Sent from my iPhone

Ade Scaf

unread,
Jan 13, 2016, 5:28:19 AM1/13/16
to Dadang Sofyan, mitra-su...@googlegroups.com
Naha kang Dadang ngadadak pinter bahasa Sundana ari tos uih ka indo mah...😅😅😅



Sent from my Samsung device

Dede Sujatna

unread,
Jan 18, 2016, 7:28:05 PM1/18/16
to mitra-su...@googlegroups.com
 
Sampurasun para Mitra
 
Wilujeng enjing ka sadayana. Kumaha daramang?
 
Ka Ibu Dewi, Kang Augy sareng Kang Maman sim kuring seja ngahaturkeun nuhun kana kintunan komentarna minggu anu kalangkung. Bu Dewi, leres ayeuna Jalan Sukajadi teh parantos pinuh ku Hotel sareng Restoran. Malih mah sanes Jalan Sukajadi bae anu pinuh ku Hotel sareng Restoran teh; Jalan-jalan ageung anu sanesna oge sami pinuh : Jalan Setiabudi, Jalan Dago, Jalan Cipaganti tos puguh Jalan-jalan anu aya di puseur kota Bandung mah. Sim kuring teu wudu ngaraos hemeng margina numutkeun berita mah kapan ekonomi Indonesia teh  teu sae siga Malaysia, tapi anu kasaksian ku sim kuring mah geuning di payuneun sadayana  restoran teh ngajrengjreng mobil-mobil anu sarae atuh dilebet restoran-restoran teh pinuh ku anu taruang-leueut.
Sakumaha kauninga  sadayana jalan di Pulo Jawa padadet ku mobil sareng motor dugi ka macet di mana-mana. Eta teh cingciirining  rahayat Indonesia teh ayeuna parantos baleunghar.
Salami di Indonesia sim kuring pang lamina di Sukabumi ngendong teh di bumina pun adi anu kaleresan ayana di sisi jalan ageung. Ti ngawitan tabuh 4 subuh dugi ka tabuh 12 wengi eta jalan teh pinuh bae ku kendaraan: mobil, truk, motor, bus, delman, beca motor, angkot. Unggal wengi sim kuring tara tiasa  tibra mondok margi gandeng ku sora  kendaraan. Tabuh 4 subuh dugi tabuh 6 ngabring motor sareng angkot anu marulih balanja ti pasar pinuh ku balanjaan. Tabuh 7 pinuh ku motor anu nganteur barudak ka sakola.
Buktos yen rahayat Indonesia baleunghar sim kuring nyaksian di Sukabumi  ampir sadayana beca parantos dipermak jadi beca motor nyaeta tukang beca teh ayena mah teu kedah ngaboseh becana margi bagian tukangna parantos di gentos ku motor. Sajabina ti eta tukang beca teh ngagaduhan HP.Waktos pun bojo bade ka Rumah Sakit manggil tukang beca teh nganggo HP. Sanes tukang beca bae anu ngagaduahn HP teh, waktos pun adi pesen lotek sareng bubur hayam oge cekap ku nganggo HP. Pa Tani di kampung oge ngarit jukut kanggo parab munding teh sanes ditanggung tapi jukutna ditumpukkeun dina motor.
Kang Augy, Insha Allah tatarucinganana kasanggakeun kapayun. Kang Wawan sim kuring teu tisa ngabayangkeun Kang Emil bakal tiasa mereskeun Bandung  dugi ka siga baheula.
 
Salam
 
Dede

Dede Sujatna

unread,
Jan 25, 2016, 5:48:41 PM1/25/16
to mitra-su...@googlegroups.com
 
Sampurasun Para Mitra.
 
Wilijeng enjing sareng kumaha daramang?
 
Kanggo dinten ieu sim kuring bade tumaros ka para mitra tina soal paramasatra Sunda. Dina basa Sunda teh aya anu disebat “kecap pagawean” (kata kerja), aya anu disebat “raranken ditukang”(akhiran), sareng aya anu disebat “raranken di hareup”(awalan). Di dieu sim kuring bade tumaros tina soal naon bentenna“penggunaan” raranken ditukang “ an” sareng raranken ditukang “keun”?. Contona naon bentenna diantawis : “dikiriman” sareng “dikirimkeun”, “dicalikan” sareng “dicalikkeun”, “dibaledogan” sareng “dibaledogkeun”, “diasupan” sareng “diasupkeun”.
Mangga diantos waleranana. Hatur nuhun.
 
 
Dede
 
 

Wawan Hermawan

unread,
Jan 25, 2016, 8:45:26 PM1/25/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com

Salam Pak Dede,

 

Hatur nuhun kitunan na.

 

Ieu waleran ti Teh Ade..

 

Bade nyobian ngawaler ahhh...
Bentena DIKIRIMAN sareng DIKIRIMKEUN...dikiriman mah object na anu datang ka urang....ari dikirimkeun mah...objectna anu indit ti urang....DICALIKAN sareng DICALIKEUN....dicalikan mah objectna menderita karena katindihan ku urang...ari dicalikeun mah, urang dipaksa dititah calik.....DIBALEDOGAN sareng DIBALEDOGKEUN.?..dibaledogan mah urangna anu jadi korban, ari dibaledogkeun mah, batur anu jadi korban karena ku urang dibaledog....DIASUPAN sareng DIASUPKEUN....diasupan mah kita kecolongan karena yg masuk diam2, diasupkeun mah ada faktor kesengajaan ketika memasukkannya....
Semoga jawaban saya semua benar.....dan kalau kurang benarbjuga semoga sama pak Dede dibener-benerin, agar saya berkurang malunya....masa Pupuhuna MSWA bahasa sundana jelek...isiiiinn atuhhh

 

Sent from Mail for Windows 10

Dicky Maulana

unread,
Jan 25, 2016, 8:52:08 PM1/25/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Terjemahan Salasa Nyunda

Sampurasun Para Mitra.
 
Wilijeng enjing sareng kumaha daramang?
Selamat Pagi dan semua sehat?
 
Kanggo dinten ieu sim kuring bade tumaros ka para mitra tina soal paramasatra Sunda. Dina basa Sunda teh aya anu disebat “kecap pagawean” (kata kerja), aya anu disebat “raranken ditukang”(akhiran), sareng aya anu disebat “raranken di hareup”(awalan). Di dieu sim kuring bade tumaros tina soal naon bentenna“penggunaan” raranken ditukang “ an” sareng raranken ditukang “keun”?. Contona naon bentenna diantawis : “dikiriman” sareng “dikirimkeun”, “dicalikan” sareng “dicalikkeun”, “dibaledogan” sareng “dibaledogkeun”, “diasupan” sareng “diasupkeun”.
Mangga diantos waleranana. Hatur nuhun.

Untuk pagi ini, saya akan bertanya pada para mitra. dalam bahasa Sunda ada yang disebut kata kerja, ada akhiran, dan ada awalan. Saya akan bertanya mengenai perbedaan penggunaan akhiran "an" dan akhiran "Keun"? Contohnya antara lain apa perbedaan :
1. dikiriman dan dikirimkeun,
2. dicalikan dan dicalikeun,
3. dibaledogan dan dibaledogkeun
4. diasuoan dan diasupkeun

Silakan ditunggu jawabannya. Terima Kasih

Dede
 
 




Dede Sujatna

unread,
Feb 1, 2016, 6:23:23 PM2/1/16
to mitra-su...@googlegroups.com
 
Sampurasun para Mitra.
 
Kanggo acara  dinten ieu sim kuring bade masihan Tatarucingan. Dina Kasusastraan Sunda aya anu disebat  “sisindiran”, “paparikan” sareng “siloka”.
Anu dimaksad ku “siloka” nyaeta dua jajar anu disebat “cangkang” sareng “eusi”.
Contona:
Aya nu dianjing cai (cangkangna)
Aya nu diheroan (eusina)
 
Dina cangkangna aya kecap “anjing cai” ieu anu dimaksad ku siloka. Naon anu dimaksad ku “Ajing cai” teh ? Jawabna aya dina eusina nyaeta dina kecap “diheroan”. Ieu kecap teh ngadung sora “hero” anu ampir sami sareng sora “sero”. Kukituna anu dimaksad ku “anjing cai “ teh nyaeta sero. Di handap ieu sim kuring gaduh lima siloka. Naon anu dimaksad ku eta siloka teh? Mangga diantos waleranana ti para mitra.
 
1, Teu beunang disurawung gunung
     Teu beunang dipikaasih
 
2. Teu beunang ditiwu leuweung
    Teu beunang dipikasono
 
3. Teu beunang dihurang sawah
    Teu beunang dipikameumeut
 
4, Langgir cai leumpang gigir
    Katingal kayap keyepna
 
5. Balndongan ngujur jalan
    Sok hayang geura los indit
 
Dede

Wawan Hermawan

unread,
Feb 2, 2016, 6:08:06 PM2/2/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Harur nuhun Pak Dede kintunan na. Mung hapunten bari isin oge abdi teu acan tiada ngawaler pertanyaan nana. Sok atuh nu sanes bilih bade nyobian ngawaler...

Salam,
Wawan

Sent from my iPhone

suhendra suhendra

unread,
Feb 2, 2016, 6:52:31 PM2/2/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Rampesss ...

Kintunan Pa Dede kalintang saena kanggo dilenyepan. Hatur nuhun, Pa Dede. Eusina leubeut ku pepeling nu pakait sareng 'kearifan lokal' Ki Sunda namung sipatna universal. Mung hanjakal sim kuring kirang elmu, janten teu acan wantun ngawaler. Cindekna, bade ngantos kintunan 'konci jawaban'-na waeee ;-) 

* Kiriman Pak Dede sangat bermanfaat untuk ditafakuri. Terima kasih, Pak Dede. Isinya penuh dengan nasehat yang berkaitan dengan 'kearifan lokal' kesundaan namun sifatnya universal. Sayangnya ilmu saya terbatas, sehingga belum berani menjawab. Pendeknya, mau nunggu kiriman 'kunci jawaban'-nya ajaaah ;-)


Wassalam,


Suhendra 




From:"Dede Sujatna" <dsuj...@optusnet.com.au>
Date:Tue, 2 Feb, 2016 at 6:23 am
Subject:Salasa Nyunda

Dede Sujatna

unread,
Feb 8, 2016, 7:42:26 PM2/8/16
to mitra-su...@googlegroups.com
 
Sampurasun para Mitra
 
Wilujeng enjing wilujeng patepang deui dina acara Salasa Nyunda. Kamaha teu kapanasan? Kade ulah lami teuing di luar bumi bilih katuralengan.
Minggu nu kalangkung sim kuring ngintun tatarucingan Siloka. Teu kinten hanjakalna mung aya saurang anu nyobi ngawaler tatarucinganana nyaeta Teh Endah. Pa Suhendra sareng Kang Wawan maparinan appresiasi kana kintunan sim kuring namung teu ngawaler kana tatarucinganana pajarna teh teu terang hartosna.Bade ngantosan kana koncina bae. Mangga di handap ieu sim kuring bade masihan jawaban tatarucinganana.
 
1. Teu beunang disurawung gunung  = solasih
    Teu beunang dipikaasih
 
2. Teu beunang ditiwu leuweung  = kaso
     Teu beunang dipikasono
 
3. Teu beunang dihurang sawah  = simeut
    Teu beunang dipikameumeut
 
4. Langgir cai lleumpang gigir  = keuyeup
    Katingan kayap keyepna
 
5. Balandongan ngjur jalan  = elos pasar
    Sok hayang geura los indit
 
Ieu aya babanyolan urang Batak
 
Si Pamohalan rek ngengken pantalon ka Panjaitan di Pasaribu. Di jalan di pegat ku Sinaga anu rek mahala ka manehna.Si Pamohalan nyabut bedog rek ngadek Sinaga tapi hanjakal bedogna Sitompul. Kapaksa maneh lumpat neangan Parlindungan.Barang nepi ka Parlingdungan di dinya aya Rajagukguk atuh kapaksa manehna lumpat bari Butar-butar tuluy balik ka Prabumulih.
 
Dede

Wawan Hermawan

unread,
Feb 9, 2016, 11:11:28 PM2/9/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Hatur nuhun Pak Dede tos dipasihan terang konci jawabanna. 

Geuning batak sareng sunda teh nyambung nya 😀

Salam,
Wawan

Sent from my iPhone

Dede Sujatna

unread,
Feb 15, 2016, 6:19:00 PM2/15/16
to mitra-su...@googlegroups.com
 
Sampurasun para Mitra.
 
Wilujeng enjing ka sadayana. Kumaha henteu kapasan? Hareudang bayeungyang. Mugi-mugi minggu payun mah sugan tiasa rada tiis.
Kamari nampi ebaran ti Kang Dicky perkawis rencana MSWA bade piknik ka Cillie. Hanjakal sim kuring mah moal tiasa ngiring margi parantos gaduh uleman ti Rukmariwa sareng WULAN. Mugi-mugi bae atuh sing seueur mitra MSWA anu ngiring piknik supados rame.
 
Sakumaha ka uninga ku sadayana rehna dina taun payun di Indonesia bade dilaksanakeun PILKADA serentak. Kukituna ti ngawitan taun ieu sadayana Partai Polotik ngawitan kampanye bari netepkeun calon Partai anu bade didukung ku ku masing-masing Partai. GERINDRA parantos netepkeun 9 urang anu bade didukung ku GERINDRA diantawisna Kang Emil (Wali Kota Bandung). NASDEM parntos netepkeun bade ngadukung AHOK. PDIP oge saurna bade ngadukung AHOK oge.
 
Di dieu sim kuring bade tumaros ka para mitra MSWA kumaha numutkeun pangemut para mitra saupami Kang Emil nampi pencalonan ti GERINDRA teras ngiring tanding sareng AHOK? Kumaha kinten-kintena Kang Emil tiasa ngelehkeun AHOK, janten Gubernur DKI? Pa Ade Komarudin (Ketua DPR) kantos nyebatkeun yen anjeuna teu ridho upama Kang Emil janten Gubernur DKI, saurna teh Kang Emil bogana urang Sunda kukituna Kang Emil mah sakedahna sanes janten Gubernur DKI tapi janten Gubernur Jawa Barat.
 
Mangga sim kuring bade ngantosan waleran ti para Mitra kamaha pamadegan para mitra MSWA dina perkawis ieu. Hatur nuhun sateuacana.
 
Dede

Ike

unread,
Feb 15, 2016, 9:05:02 PM2/15/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Wilujeng enjing pak Dede sareng para Mitra, 

Haturnuhun kintunan Salasa Nyunda na. Sami, sim kuring oge teu ridho pami kang Emil jadi Gubernur DKI, tanggung, janten RI 1 wae, hehe... Bandung - Jabar masih butuh tangan kang Emil, pekerjaan belum selesai, jangan ditinggalkan gara2 ke DKI, tak rela.... He heh...

Salam, 

Ike


Sent from ikephone

Ninot

unread,
Feb 15, 2016, 10:41:02 PM2/15/16
to mitra-su...@googlegroups.com
Wilujeng siang pa Dede n mswa,

Aduuh mun tiasa koprol ngiringaaan piknik uy 😔😔..
Kaleresan didieu mah teu kapanasan, nu aya jibrug da di Bogor mah hujan wae unggal dinten..

Pendapat pribados mah Kang Emil moal cocok ka Jakarta..Benten medan perangna..Tos lah cocok di Jawa Barat..sapertos nu teh ike waler..seeur keneh padamelan di Jawa Barat..tong buru2 ka Jakarta lah..Teu ridho mun kang Emil teu dihargaan di jakarta..

Tapi teu ridho oge mun Gub Jakartana Ahmad Dhani 😜..

Dinna💖
Grateful is the infinite of happiness💗💗
Sent from my iMiaww

Dicky Maulana

unread,
Feb 16, 2016, 10:09:47 PM2/16/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Rampes..

Hatur nuhun kintunanna Pa Dede. Hanjakal Pa Dede teu tiasa sumping piknik sasarengan sareng MSWA. Padahal tos sono ka Pa Dede, tos lami teu papendak.
Perkawis pilkada, rugi urang sadaya nu dumuk di luar nagri mah, moal tiasa ngiringan teu sapertos Pilpres nu kalangkung.

Salam,
Dicky



From: Dede Sujatna <dsuj...@optusnet.com.au>
To: mitra-su...@googlegroups.com
Sent: Tuesday, February 16, 2016 7:18 AM
Subject: Salasa Nyunda

Dede Sujatna

unread,
Feb 22, 2016, 11:40:27 PM2/22/16
to mitra-su...@googlegroups.com
 
Sampurasun para Mitra.
 
Langkung ti payun sim kuring seja ngawilujengkeun sareng ngiring bingah ka Kang Wafi+Teh Miya, Kang Arya + Teh Raysa, Kang Indra + Teh Mila anu pantos ginuluran kawilujengan di percanten ku Allah SWT tiasa nambihan jumlahna urang Sunda anu aya di Perth.WA. Mugi-mugi bae atuh eta tilu murangkalih  teh sing janten jalmi anu dipikaasih ku Allah SWT, Sing disehatkeun sehat jasmanina sareng rohanina, pait dagingna pahang tulangna, sing janten jalmi anu balageur, balener sareng palinter.Amien.
 
Waktos sim kuring di Sukabumi kantos maos hiji artikel dina koran Pikiran Rakyat perkawis perkawis Kang Cecep Arif Rachman (42 taun). Anjeuna teh urang Sucinaraja, Garut anu padamelanana anu tetep mah nyaeta guru Basa Inggris di SMP IT Nurul Iman di Desa Tegalpanjang.  Kang Cecep oge tiasa nyarios Basa Jepang sareng Basa Arab. Sajabina ti tiasa capetang dina tilu Basa, Kang Cecep teh kagungan kahebatan anu sanes nyaeta jago silat. Ajeuna teh juara silat Nasional sareng SEA Games di Thailand. Tah ieu kahebatan teh anu ngalantarankeun Kang Cecep kapeto janten “Peran Utama” dina Film Hollywood “THE RAID 2” salaku  The Assassin. Naon margina Kang Cecep kapilih janten The Assassin? Kumargi Kang Cecep teh mung hihi-hijina jago silat anu tiasa ngagunakeun peso Karambit. Ieu peso teh asal usulna mah ti Mingakabau. Ieu peso teh mangrupikeun hiji peso anu paling merlayakeun margi sajabina ti kanggo ngadek , ngeureut oge tiasa dianggo  nyokel. Shooting kanggo film The Raid 2 teh dilaksanakeun di Jakarta salami sasasih. Kaleresan shooting na teh sasih Ramadhan kukituna Kang Cecep tiasa bebas tina ngajar di SMP IT Nurul Iman.Upami bade Shooting biasa sok didugdag ti Garur ka Jakarta.
 
Kang Cecep teh parantos rimbitan. Jenengan geureuhanaYani Suryani (35 taun). Kagungan 3 putra :Faris Fajar (11), Qorina Rahmah Aulia (8), Muhammad Al Bara (3).
 
Dede

Wawan Hermawan

unread,
Feb 24, 2016, 5:39:37 PM2/24/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com

Waleran Teh Ade di Facebook

 

Alhamdulillah mani bangga pisan ngadanguna, reh aya urang sunda anu Go International....mung masih tetep impian abdi mah anu masih ka impi-impi yen hiji waktos bakalan aya urang sunda anu janten Persiden nagara RI...hayu atuh urang sunda urang tingalikeun yen suku urang oge tiasa janten pamingpin anu amanah...Pertarosan kanggo pak Dede...nahanya kunaon dugi ka ayeuna teu acan bae aya...kinten2 eta teh kumargi urang sunda mah handap asor osok ngelehan bae jentenna teu tiasa berkompetisi sanes karena tidak punya skills tapi saking ku sopanna kitu...diantos waleran penjelasan pak Dede....

 

 

 

From: Dede Sujatna
Sent: Tuesday, 23 February 2016 12:40 PM
To: mitra-su...@googlegroups.com
Subject: Salasa Nyunda

 

 

Sampurasun para Mitra.

Dede Sujatna

unread,
Feb 25, 2016, 5:28:32 AM2/25/16
to mitra-su...@googlegroups.com, Wawan Hermawan
Sampurasun Ibu Ade
 
Hatur nuhun kana patarosan ti Ibu Ade. Wallahu alam sim kuring teu tiasa masihan waleran anu yakin kanggo patarosan Ibu Ade mung Allah SWT anu tiasa ngawaler patarosan Ibu Ade teh. Di dieu sim kuring mung bade nyobi-nyobi nga analisa ku naon dugi ka ayeuna teu acan aya Presiden RI urang Sunda.
1. Urang Sunda teh henteu mangrupikeun mayoritas penduduk Indonesia. Urang Jawa mayoritas penduduk Indonesia kukituna kabudayaan Indonesia kenging disebatkeun “secara keseluruhan dipengaruhi oleh kebudayaan feodal  Jawa” anu diwariskeun ku Karajaan Majapahit.
2. Ku kituna kabudayaan Indonesia kenging disebatkeun kebudayaan feodal. Buktosna bahasa -bahasa di Indonesia masih keneh ngagunakeun undak-usuk nyaeta masih keneh aya basa lemes sareng basa kasar.
3. Agama Islam disebarkeun di Indonesia ku “WALI SONGO” anu mayoritasna urang Jawa diantawisna Suna Kalijogo anu terkenal nyebtkeun yen Indonesia teh bakal di parentah ku NOTONAGORO. Kukituna urang Jawa gaduh kapercayaan yen Indonesia teh salamina bakal dipingpin ku urang Jawa.
4. Urang Jawa gaduh kapercayaan Presiden Indonesia teh kedah urang Jawa, pameget sareng agamana kedah Islam. Buktosna Megawati sareng Habibie teu tiasa lami jadi President Indonesia.
5. Urang Jawa bakal satekah polah milih presiden urang Jawa kumargi ngarasa mayoritas.
6 Di kalangan urang Sunda aya kapercanten urang Jawa teh langkung sepuh batan urang Sunda. Kukituna aya sabagian urang Sunda anu percaten yen pameget Jawa kenging nikah sareng istri Sunda tapi pameget Sunda teu kenging nikah ka istri Jawa. Tah tiasa janten ieu kapercayaan teh anu ngalantarankeun urang Sunda sok ngelehan maneh ka urang Jawa.
7. Mugi-mugi bae ka payun sing aya urang Sunda anu nyongcolang pribadina dugi ka tiasa kapilih janten Presiden.
 
Bu Ade , mung sakitu anu tiasa kapihatur.
 
Salam
Dede

Dede Sujatna

unread,
Feb 29, 2016, 6:54:26 PM2/29/16
to mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun para Mitra.
 
Dua minggu anu kalangkung sim kuring kantos ngintukeun patarosan ka para Mitra anu maksagna hoyong terang kumaha pamendak para Mitra naha Kang Emil (Walikota Bandung) saena ngiring pilkada DKI ngalawan AHOK atanapi entong. Sim kuring mung nampi dua waleren ti dua Teteh sareng  ti Ibu Pupuhu (Bu Ade). Sim kuring teu kinten ngaraos hanjelu margi ngemutkeun jumlah anggota MSWA teh langjkung ti 100 jalmi, nganging upami sim kuring masihan tatarucingan atanapi patarosan tara seueur anu masihan “respond”. Kukituna sim kuring gaduh kasimpulan yen acara “Salasa Nyunda” teh teu aya gunana kanggo para Mitra, buktosna para Mitra saur basa Ingrissna mah “ I can’t be bothered with this nonsense”. Tah kumargi eta sim kuring moal nersakeun acara Salasa Nyunda. Hatur nuhun ka para Mitra anu parantos maparinan kana acara ieu.
 
Dede

Ade Scaf

unread,
Mar 1, 2016, 6:06:34 AM3/1/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Kahatur pak Dede anu dipakadeudeuh kgususna ku sim kuring...

Hapunten pisan anu kasuhun atas nami Pupuhu MSWA, upami pak Dede ngaraos disapelekeun jalaran sakedik pisan anu ngarespond kana seratan2 bapak dinu program salasa nyunda...

Abdi moal ngawakilan anu sanes dina danget ieu, tapi bade ngawakilan diri sorangan heula..

Upami pak Dede ngaraos anu dipidamel pak Dede mubazir, teu aya gunana khususna kanggo abdi, punten abdi teu satuju.

Ti saprakna aya salasa nyunda basa sunda abdi majeng pisan. Abdi tos terang papatong...abdi tos terang nami2 anak2an binatang sareng sarupaning kekembangan...bahkan abdi wani nyeratan ngangge basa sunda ka wargi abdi di indo.

Masalahna leres abdi teh lepat, kirang inter aktifna anu janten buktos yen seratan pak Dede teh ku abdi di aos....upami ditaros alesan.kunaon mah abdi paling tiasa masihan alesan...itu anu dianggo pastina alesan kegiatan ngabuleud buleud bakso...nyuksikan bawang...meeting mswa...meeting ieu meeting itu...
Tapi abdi ngartos itu tdk bisa dijadikan alesan untuk tidak menghargai waktos anu parantos di sayogikeun ku pak Dede kanggo ngasuh acara program salasa nyunda...untuk.itu sekali lagi saya mohon dimaafkan setulus tulusnya...

Tapi satu yg saya bisa janjikan ke pak Dede...Insya Allah saya sudah membaca dan selalu mengikuti semua tulisan bapak...

Mengenai keputusan bapak untuk mengakhiri.program ini, sayapun akan sangat mengerti kekesalan bapak...jangankan bapak..kadang kita ngumumin misalna ajakan piknik we...saena mah memang bade ngiring henteuna teh di waler...paling oge ngetik sababaraha baris nembongkeun bahwa urang ngaos eta bewara..

Upami di umpakan mah seperti ini...kita berada di satu ruangan...yg satu ngomong dan say hello sambil masihan elmu garatisan...tapi henteu dijawab salamna dll...sumuhun eta teh saleresna mah asa teu pantes...


Di balik tulisan2 itu ada penulisnya...dibelakang layar itu ada orangnya...mudah2an kita masih keneh ngangge tatakrama sunda anu someah...minimal mah senyum dan menjawab salam....senyummu dan jawaban salammu mohon diganti ke bentuk tulisan...

Pak Dede abdi nyanggakeun sadaya daya...naon keputusan pak Dede ku abdi ditampi..da ieu mah memang lepatna aya di abdi...

Mugi2 pak dede mung keuheul hungkul ka abdi2 didieu...tapi entong bendu atuhh pak dede sepuh abdi anu bageuutrr...pak dede anu berehan sareng jembar pangampura....

We loved you yesterday...we are loving you today...and we will always love you to the moon and back no matter what...


Salam sungkem ti abdi

Ade scaf

NB: punten pami kirang nyambung...abdi nyeratna rada emosional...sedihh bari sedikit ceurik

Hampura bapak abdi hampura....



Sent from my Samsung device


-------- Original message --------
From: Dede Sujatna <dsuj...@optusnet.com.au>
Date: 1/03/2016 07:54 (GMT+08:00)
To: mitra-su...@googlegroups.com
Subject: Salasa Nyunda

Dede Sujatna

unread,
Mar 1, 2016, 9:38:59 PM3/1/16
to Ade Scaf, mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun.
 
Ibu Ade Scaf, Pupuhu MSWA, anu dipihormat .
 
Rebu nuhun laksa kabingahan nampi waleran ti Ibu Ade teh. Naon anu diutarakeun ku Ibu Ade sadayana kahartos pisan ku sim kuring. Kacipta sabadana nyerat eta waleran teh soca Ibu Ade rambisak ku cisoca. Kukituna sim kuring neda hapunten rehna parantos ngaruntagkeun manah Ibu Ade. Jempar pangampurana anu kasuhun. Kadeudeuh sareng kaheman Ibu Ade  ka diri sim kuring katampi ku hasta kalih, disimpen dina ati sanubari moal bade       dimomorekeun. Sajabina ti eta sim kuring ngaraos bingah rehna sadayana  naon anu parantos diserat ku sim kuring  dina acara Salasa Nyunda teh parantos tiasa ngaronjatkeun katiasa Ibu Ade dina ngalarapkeun Basa Sunda.
 
Pamugi Ibu Ade ulah lepat paham rehna sim kuring teu pisan-pisan bade ngalepatkeun Ibu Ade atanapi para mitra MSWA anu sanesna dina perkawis kirangna “interaktif”. Sim kuring yakin Ibu Ade teh kagungan tanggel waler anu seueur sajabina ti janten Pupuhu MSWA oge kedah ngaraksa-ngariksa kulawargi sareng usaha pabrik baso. Mugi-mugi bae Allah SWT salamina maparin kakiatan, kasehatan, katawekalan, sareng kasabaran ka Ibu Ade dina selebeting ngemban amanah ti Allah SWT. Amien.
 
Sim teu weleh munajat ka Allah SWT mugi-mugi Allah marengkeun MSWA teh sing panjang yuswana, jembar pangaruhna ka para mitrana tur ulah dugi saur paribasana “geledug cesss”.
 
Mung sakitu anu kapihatur. Sakali deui  mugi Ibu Ade cukup lumur jembar panganpurana, landung ayunan laer aisan, hapuntena anu kasuhun ti luhur sausap rambut ti handap sausap dampal.
 
Hatur nuhun,
 
Baktosna
 
Dede
 
 
 
Sent: Tuesday, March 01, 2016 7:03 PM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

suhendra_upi

unread,
Mar 1, 2016, 10:49:37 PM3/1/16
to Dede Sujatna, Ade Scaf, mitra-su...@googlegroups.com
Rampes ...

Kalintang hanjakalna upami forum "Salasa Nyunda" nu diasuh ku sepuh urang Pa Dede Sujatna dilirenkeun alatan teu aya 'respons' ti para mitra. Kawitna diayakeunna forum "Salasa Nyunda" dina raraga ngamumule & ngaronjatkeun 'kemampuan' Basa Sunda anggota MSWA. Rupina kedah dipilari cukang lantaranana supados salajengna naon nu didugikeun ku Pa Dede luyu sareng kaperyogian para mitra anggota MSWA. Saestuna kasayogian Pa Dede janten pangasuh forum "Salasa Nyunda" berkah kanggo MSWA. Sesah milari narasumber Basa Sunda nu kersa ngasuh forum rutin bari teu aya honorna .. hehe

* Menyesal sekali jika forum "Salasa Nyunda" yang diasuh oleh orang tua kita Pak Dede Sujatna dihentikan karena tidak ada 'respons' dari para mitra. Semula diadakannya forum "Salasa Nyunda" dalam rangka memelihara & meningkatkan kemampuan Bahasa Sunda anggota MSWA. Tampaknya harus dicari latar belakangnya agar selanjutnya apa yang disampaikan oleh Pak Dede selaras dengan kebutuhan para mitra anggota MSWA. Sebenarnya kesediaan Pak Dede menjadi pengasuh forum "Salasa Nyunda" adalah berkah untuk MSWA. Susah mencari narasumber Bahasa Sunda yang bersedia mengasuh forum rutin tanpa honor .. hehe

Sono ti lembur,


Suhendra 

Wawan Hermawan

unread,
Mar 2, 2016, 1:12:00 AM3/2/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Pak Dede,

kalintang hanjakalna yen Salasa Nyunda teh bade atosan ngemutkeun manfaatna nu teu kaetang seueurna kangge urang sadayana, khususna generasi abdi kahandap nu basa Sunda na balelol sareng awut-awutan. Nanging abdi ngartos pisan sareng nampi kana alesan nu diajeungkeun ku Pak Dede. Sanaos kitu, abdi tetep yakin, sanaos para mitra teh langki komentar atanapi nimbrung, seratan Pak Dede teh di aos ku para mitra. Di facebook oge upami ku abdi di posting teh sok seueur anu nga 'Like' atanapi masihan jempol cingcirining seratan Pak Dede teh di aos, sanaos teu disarengan ku komentar.

Alesan teu komentar teh panginteun sagala rupi., diantawisna panginteun ku kasibukan, da nyerat sareng maca teh benten pisan. Upami maca mah teu kedah mikir, gampang dilakukeun dimana wae, upami nyerat mah panginten kedah mikir, sareng panginteun aya nu teu nyaman upami ngabales email ngangge hp. Kadang abdi oge mun bade ngareply email teh ditunda dugi ka bumi da langkung raos ngangge keyboard, ngan tos dugi ka bumi sok hilap deui kabebenjokeun ku nu sanes.
Alesan nu sanesna panginten isin, palaur lepat nyarios. maklum sareng sepuh bilih aya bahasa nu teu meureunah. Panginteun masih seueur alesan nu sanesna.

Abdi sadayana ngahaturkeun nuhun kana waktos sareng kasaean Pak Dede ngabagi elmu sareng ngasuh Salasa Nyunda. Nyuhunkeun dihapunteun kana sagala kakhilafan, tutur lampah nu teu saluyu sareung manah Pak Dede. Mugi Pak Dede sareung Bu Dede salawasna aya dina kasehatan jasmani sareng rohani sareng aya dina ginanjar kawilujeungan sareng teu weleh aya dina lindungan Allah SWT. Aamiin.

Salam,
Wawan


Ike

unread,
Mar 2, 2016, 2:03:14 AM3/2/16
to Dede Sujatna, Ade Scaf, mitra-su...@googlegroups.com
Assalamu'alaikum wrwb 

Kahatur Pa Dede, maos Salasa Nyunda ayena sim kuring asa saredih...meski jarang komentar tapi InshaaAlloh sok dibaca ku abdi. Ti pa Dede seueur nambah perbendaharaan basa Sunda, ti Pa Dede sim kuring janten emut ka lembur, emut ka pun bapa pun biang, pun nini aki, karuhun sunda di Bandung. Asa nu jauh panineungan culak cileuk di Ostrali, ari maca email ti pa Dede asa nyessss...kawakilan ka sono ka lembur tanah priangan...

Di page Facebook MSWA, seratan pa Dede unggal Salasa sok diposting ku pun lanceuk, Kang Wawan, Alhamdulillah sok seueur anu nga-Like sareng seueur nu ningali, kadang aya nu komentar, anu teu komen teh panginten mah sok isin nulis basa Sunda, padahal sim kuring oge basa Sunda na amburadul ararisin, 🙏🙏
Asa beuki tebih panineungan mun pa Dede tos teu nyerat deui...teu acan aya gentosna...saredih kieu...hiks hiks....

Hapunten samudaya kalepatan ti sim kuring, bilih aya basa nu teu raos, maaf lahir bathin 🙏 kahoyong mah teras pa Dede..., demi ngamumule basa Sunda, hapunten pisaaan 🙏 seueur kahoyong 🙏🙏

Salam, 
Ike Wawan 


Sent from ikephone

Dede Sujatna

unread,
Mar 2, 2016, 8:42:17 PM3/2/16
to mitra-su...@googlegroups.com
 
Sampurasun para Mitra
 
Mangkukna, dinten Salasa anu kalangkung, enjing-enjing, sim kuring ngintun e-mail anu nyebatkeun sim kuring moal bade neraskeun acara Salasa Nyunda. Dupi anu janten marga lantaranan nyaeta sim kuring ngaraos acara Salasa Nyunda teh teu aya gunana kanggo para Mitra jalaran sim kuring henteu seueur nampi waleran ti para Mitra. Sim kuring ngaraos hanjelu sareng ngaraos asa “Cape gawe teu kapake”. Siangna sim kuring nampi email ti Teh Endah anu nyebatkeun anjeuna nuju sibuk dugi ka teu kagungan waktos kanggo ngawaler email sim kuring. Sontenna sim kuring nampi email ti Ibu Ade, Pupuhu MSWA, anu maksadna bade sasadu sareng tamada kalayan asmana sadaya anggota MSWA nyuhunkeun dihapunten samudata kajoledaran para Mitra. Ibu Ade nyebatkeun khusus kanggo diri pribadina acara Salasa Nyunda teh seueur pulunganneunana boh dina undak-usuk basa boh dina kosa-katana. Ibu Ade ayeuna tiasa nyeratan ka kulawargina di Indonesia ngaggo Basa Sunda.
 
Kamari enjing-enjing sim kuring nampi email ti Pa Suhendra anu mang hajajkalkeun upami acara Salasa Nyunda henteu diteraskeun, Pasisiangna Ninina pun incu barang dongkap ti pangaosan nyebatkeun Ibu-Ibu di pangaosan naroskeun kunaon Pa Dede moal neraskeun acara Salasa Nyunda padahal aranjeuna salamina sok maos naon anu diserat ku Pa Dede dina acara Salasa Nyunda.Pasosontenna sim kuring nampi dua email ti Teh Ike sareng ti Kang Wawan anu maksadna sami mang hanjakalkeun upami acara Salasa Nyunda teu diteraskeun. Kang Wawan nyebatkeun anjeuna unggal-unggal aya email ti simkuring ku anjeuna sok diunggahkeun kana fecebook. Saur Kang Wawan unggal seratan ti sim kuring sok seueur anu ngarespond.
 
Wengi kamari waktos sim kuring nuju nongton TV aya nu ngetrokan panto. Barang dibuka sihoreng aya Ibu Ade sareng Kang Wawan. Nya atuh dihaturanan lebet.Ku sim kuring parantos kateguh naon maksadna aranjeuna sarumping ka rorompok. Ibu Ade ngintun baso tilu mangkok sareng maparin “snow crab”. Ku sim kuring langsung kateguh Ibu Ade teh bade ngupahan ka sim kuring supados ulah pundung. Kang Wawan oge mintonkeun dina HP na aya sabaraha urang anggota MSWA anu parantos maos tulisan sim kuring sareng sabaraha urang anu parantos masihan appresiasi. Ku Kang Wawan kahartos upami sim kuring ngaraos “Cape gawe teu kapake” kukituna Kang Wawan bade nampi kaputusan naon anu bade ditetepkeun ku sim kuring.
 
Ku kasumpingan ku Ide Ade sareng Kang Wawan sim kuring janten terang acara Salas Nyunda teh henteu mubazir anu hartosna aya gunana kanggo para Mitra MSWA. Ku kituna Insha Allah sim kuring bade neraskeun acara Salasa Nyunda. Diteda pang du’ana ti sadayana mugi-mugi sim kuring tiasa teras kenging ilham kanggo ngeusian acara Salasa Nyunda.
 
 
Dugi ka tepang deui minggu payun.
 
Salam,
Dede

Ahmad Komara

unread,
Mar 2, 2016, 10:33:34 PM3/2/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Alhamdulillah meni reugreug karaosna saparantos abdi ngaos kaputusan Bapa kanggo neraskeun acara Salasa Nyunda. Sim abdi rumaos mangrupikeun salah sahiji mitra anu joledar, tara ngawaler kana seratan-seratan Bapa. Hapunten anu kasuhun. Nanging kitu, abdi henteu kendat pami ngaos seratan sareng ngabandungan kana sadaya perkembangan mah. Leres pisan saur para mitra sanesna yen seuer anu tiasa dicandak tina seratan-seratan Bapa anu diunggah di acara Salasa Nyunda teh.

Hatur nuhun, mugia Bapa sareng kulawargi salamina aya dina ginanjar kawilujeungan. Amiin YRA.

Wassalam,
Komara
 

Ade Scaf

unread,
Mar 2, 2016, 10:42:13 PM3/2/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Nahhh gituu donggg...alhamdulillah 

Wi lap yu pul pak dede...
Tu de mun en bek udar ider kukurilingan lahh pokookna mah


Lots and lots and lots of love

Ade Scaf
Your luvly Pupuhu



Sent from my Samsung device


-------- Original message --------
From: Dede Sujatna <dsuj...@optusnet.com.au>
Date: 3/03/2016 09:42 (GMT+08:00)
To: mitra-su...@googlegroups.com
Subject: Salasa Nyunda

Wawan Hermawan

unread,
Mar 2, 2016, 10:43:46 PM3/2/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Alhamdulillah...hatur nuhun Pak Dede. Mugia Pak Dede sakulawargi salamina dipasihan kasehatan sareng aya dina ginanjar kawilujengan. Mugia Allah SWT ngabales kana kasaean Pak Dede ngabagi elmu ka para mitra sadayana. Aamiin.

Salam,
Wawan

2016-03-03 9:42 GMT+08:00 Dede Sujatna <dsuj...@optusnet.com.au>:

Helmi

unread,
Mar 2, 2016, 11:35:56 PM3/2/16
to Ade Scaf, Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Alhamdulillah 
Di teraskeun deui Selasa Nyunda na.
 Walaupun abdi jarang membalas tapi sering di baca emainya.

Top lah p Dede.
Hatur Nuhun 

Sent from my iPhone

Dede Sujatna

unread,
Mar 7, 2016, 7:48:39 PM3/7/16
to mitra-su...@googlegroups.com
 
Sampurasun para Mitra
 
Langkung ti payun sim kuring bade ngahaturkeun rebu nuhun laksa kabingahan ka Teh Helmi, Teh Endah, Teh Rani Yulisti, Teh Rinna Hegar, Ibu Ade Scaf, Kang Wawan sareng Kang Ahmad Komara anu dina minggu anu kalangkung parantos maparinan apresiasi kana naon anu diserat ku sim kuring dina acara ‘Salasa Nyunda”. Teh Rinna maparinan katerangan anu panjang lebar dina bahasa Indonesia anu teu kinten saena dina nga-analisa “Sabab-lantaran” naon margina seueur mitra MSWA anu teu masihan respond kana tulisan sim kuring. Nuhun Teh Rinna kahartos pisan. Kukituna upami para mitra ngaraos kirang menguasai basa Sunda mangga diantos respond na dina bahasa Indonesia atanapi Inggris oge teu sawios-wios supados aya ‘interaksi’ antawis sim kuring sareng para mitra sadayana. Khusus ka Ibu Ade : tararengkyu por yor repon. ai lap yu tu pery mac. wen yu plai tu de mun dont porget to kam bek to di eurt. til wi mit egen sam taim.ciirs.
 
Para Mitra kanggo dinten ieu sim bade masihan conto Uleman kana pernikahan dina “attachment”. Bilih bae aya diantawis para Mitra anu bade nikahkeun wargi tiasa niron ieu conto. Dina conto teh aya tilu kolom anu maksadna ieu uleman teh kedah dilipet tilu. Kolom anu palih kiwa dilipet ka palih tengen. Kolom anu palih tengen dilipet ka palih kiwa. Tulisan anu din kolom palih kiwa sakedahna di serat di luar. Mugi-mugi bae kahartos ku para Mitra.
 
Salam
 
Dede
 
 
 
 
 
 
 
 
U L E M A N.docx

Augy Wilangkara

unread,
Mar 8, 2016, 7:33:28 PM3/8/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Rampes Pa Dede,

Hatur nuhun kintunan na, panginten tiasa kaanggo ku anggota nu tereh bade nikahkeun.

Teu karaos ku sim kuring oge, manawi barudak teh tos arageung. 

Ngiring tumaros, upami dina acara pernikahan Adat Sunda, kumaha tah Tata carana, panginten tiasa dibahas ke Pa Dede. 

Hatur nuhun pisan,
Augy
<U L E M A N.docx>

Dicky Maulana

unread,
Mar 8, 2016, 10:04:57 PM3/8/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Pa Dede sareng para mitra sadaya.

Langkung tipayun, sim kuring bade neda dihapunten ka Pa Dede sareng para mitra sadaya dumeh sim kuring sok belang betong dina narjamahkeun Salasa Nyunda. Hatur nuhun ka Pa Dede tos kersa neraskeun ngasuh acara Salasa Nyunda.



Salasa Nyunda
Asuhan Pak Dede Sujatna

Para Mitra kanggo dinten ieu sim bade masihan conto Uleman kana pernikahan dina “attachment”. Bilih bae aya diantawis para Mitra anu bade nikahkeun wargi tiasa niron ieu conto. Dina conto teh aya tilu kolom anu maksadna ieu uleman teh kedah dilipet tilu. Kolom anu palih kiwa dilipet ka palih tengen. Kolom anu palih tengen dilipet ka palih kiwa. Tulisan anu din kolom palih kiwa sakedahna di serat di luar. Mugi-mugi bae kahartos ku para Mitra.

Para mitra, untuk hari ini saya akan memberi contoh undangan pernikahan di "attachment" (sudah disajikan di bawah oleh Kang Wawan). Apabila ada para mitra yang akan menikahkan bisa nyontek dari contoh ini. Di contoh, ada tiga kolom yang maksudnya undangan ini harus dilipat tiga. Kolom yang paling kiri dilipat ke kolom kanannya. kolom paling kanan dilipat ke kiri. Tulisan pada kolom paling kiri seharusnya ada di sisi luar dan terbaca dari luar. Mudah-mudahan dapat dimengerti oleh para mitra.

Salam
Dede

U L E M A N (UNDANGAN)

Dinten,ping,taun (Hari, tanggal, tahun)

Kahatur: (Kepada )
Bapa/Ibu/Saderek: (Bapak/Ibu/saudara)
Jenengan sareng alamat anu diulem (Nama dan alamat yang diundang)
Hapunten bilih aya kelepatan nyerat jenengan atanapi gelar (mohon maaf apabila ada kesalahan penulisan nama maupun gelar)

NGADAHUP (MENIKAH)
Jenengan panganten istri ( Nama mempelai wanita)
Ka (Ke/dengan)
Jenengan panganten pameget ( Nama mempelai pria)

Dinten, ping.taun (Hari, tanggal, tahun)
Tabuh…… (Pukul)
Tempatna……(tempat)
Diiriing ku pangajeng-ngajeng: (Turut mengundang)
Jenengan kulawargi panganten sakalih (Nama keluarga mempelai semuanya)
Perth, kaping, taun. (Perth, tanggal, tahun)
Bismillahir rohmanir rohim
Assalamu ‘alaikum Wr.Wb.
Tiiran malati (Rangakaian bunga melati) sinusun mangle papasangan asih tinemu sahate bihari (dahulu) katulis dipasinikeun
kiwari subaya dilaksanakeun (sekarang akan dilaksanakan)
Dinten, ping ,taun (Hari, tanggal, tahun)
Tabuh…… (Pukul)
Tempatna……(tempat)

Pidu’ana anu kasuhun (Mohon do'a restu)
Sangkan dina nyubadanan papantunanana dangdeung katanjeuran ageung (Agar dalam memenuhi janji agung yang sudah diucapkan)
tinemu agung rahayuna aya dina rido Gusti (Selalu dalam Ridho Alla Swt.)

Wassalmu ‘alaikum Wr.Wb.
Jenengan rama+ ibu panganten istri (Nama Bapak+Ibu mempelai wanita)
Jenengan rama+ibu panganten pameget (Nama Bapak+Ibu mempelai pria)

Notes : Hapunten untuk kalimat pertama, sim kuring teu tiasa nerjemahkeun tepat. bilih lepat pami dipaksakeun

Salam,
Dicky F Maulana
Sent: Tuesday, March 8, 2016 8:48 AM
Subject: Salasa Nyunda

Dede Sujatna

unread,
Mar 9, 2016, 12:17:55 AM3/9/16
to Augy Wilangkara, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Kang Augy. Hatur nohon kana patarosanana. Insha Allah mangga bede diterangkeun  minggu payun.
 
Dede
 
Sent: Wednesday, March 09, 2016 8:25 AM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

Dede Sujatna

unread,
Mar 14, 2016, 9:56:06 PM3/14/16
to mitra-su...@googlegroups.com
 
Sampurasun para Mitra
 
Minggu anu kalangkung saparantosna maos conto serat uleman ti sim kuiring, Kang Augy Wilangkara masihan patarosan anu kieu:
Teu karaos ku sim kuring, manawi barudak tos arageung. Ngiring tomaros, upami dina acara pernikahan adat Sunda kumaha tata carana? Panginten tiasa dibahas ku Pa Dede”
Sim kuring yakin rehna sadayana para Mitra parantos ngalaman janten panganten. Masing-masing kagungan pangalaman anu benten-benten dina salebeting ngalaksanakeun upacara pernikahannana. Hal ieu teh dilantarankeun ku benten-bentena situasi sareng kondisi masarakat miwah ekonomi dina danget para Mitra ditikahkeun. Sajabina ti eta pagaruh jaman moderen parantos ngarobih sabagian adat istiadat, sareng kabuadayaan para karuhun Sunda. Sakumaha kauninga ku sadaya para Mitra dina jaman eyeuna mah upami aya jakaja anu micinta hiji wanoja biasana langsung ngedalkeun eusi hatena ka wanoja tea. Upami ditampi ku si wanoja tea nya teras bae papacangan teu kedah ngantosan restu ti sepuhna. Hubungan tatali asih teh rupi-rupi aya guru sareng murid, aya koleha rerencangan sakantor, aya rerencangan sakola sareng sajabina.Anu pappacangan teh biasana tara enggal-engal ngawartosan sepuhna yen aranjeuna tos papacangan. Upami parantos gilig bade nikah nembe wawartos ka para sepuhna.  Sepuh si jajaka sareng si wanoja nembe sibuk upami parantos bade nikahkeun. Hal ieu teh parantos lumrah dikalangan masarakat Sunda di perkotaan. Upacara walimahna oge benten-benten aya anu bumi ,di Masjid, di KUA atanapi di gedung tempat pesta pernikahan.
 
Di dieu sim kuring bade nerangkeun kumaha carana pernikahan numutkeun adat Sunda anu asli.
Upami aya jajaka anu neundeun hate ka haiji wanoja biasana si jajaka teh unjukan ka spuhna yen anjeuna naksir ka si wanoja. Sepuh si jajaka nganjang ka epuh si wanoja anu maksad bade naroskeun ka sepuh si wanoja manawi putrina parantos kagungan papacangan atanapi teu acan. Upami waleranana “teu aca aya nu gaduh”  sepuh si jajaka nyebatkeun yen putrana aya maksad miharep ka si wanoja. Upami sepuh si wanoja saluyu sareng pamaksadan si jajaka biasana diayakeun perempugan anu disebat “neundeun omong”. Dina perkawin“neundeun omong” teu acan aya katangtosan (jaminan) yen si jajaka teh bakal ditikahkeun ka si wanoja, margi upami ahirna teu aya kasuluyuan ti dua pihakna tiasa janten papacangan teh batal.Kumargi kitu biasana hubungan “neundeun omong” teh sipatna  masih keneh rasiah, teu kenging betus ka batur.
Biasana saparntos “neundeun omong” sepuh si jajaka sareng sepuh si wanoja sok silih anjangan siga sareng saderek. silih kintunan katuangan.Sakapeung si wanoja sok dipiwirang babantu di bumi si jajaka utamina mantuan ibuna si jajaka di dapur. Salebeting babantu teh ibuna si jajaka merhatikeun kumaha padamelan si wanoja.Kumaha cara mereskeun paparabotan: upami teu beres eta tandana bakal moal tiasa meresan hate caroge anu hartosna moal tiasa nyenangkeun caroge. Waktu masak oge diperhatikeun naha sanguna pulen sareng dulangna beresih eta tandana sae padamelanana sareng seueur akalna.  Utamina dina waktos ngadamel sambel margina sambel teh mangrupi rencang sangu anu utami. samaos teu aya lauk pauk asal aya sambel sareng sangu pulen, bakal nikmat tuangna. Upami sambelna teu raos sok disebat “Awewe goreng gogog,heuras tagog, badag sambel , heuras cokor” . Kukituna elmu ngadamel sambel teh teu kinten diutamakeun margi aya paribasa:” Awewe mah lamun ngeunah sambelna , dirina oge tangtu ngeunah”. Sajabina ti eta ibu si jajaka teu kinten merhatoskeun sipat-sipat si wanoja anu sanesna.
 
Nya kitu oge sepuh si wanoja sok sering nyuhunkeun dibantuan ku si jajaka supados tiasa merhatoskeun sipat-sipat si jajaka, samalih mah sanes bae merhatoskeun sipat si jajaka sepuh si wanoja oge merhatoskeun sipat sareng tabi’at sepuhna si jajaka. Margi sipat sareng tabia’t sepuh teh sok turun ka murangkalihna. Dina basa Sunda aya paribasa “Kua adat batan warah” anu hartosna tabi’at langkung kuwat ti batan didikan margi didikan mah datangna ti luar sedengkeun tabi’at mah titis bawaning ngajadi (turunan).
 
Saparantos sawatara sasih upami aya kasaluyuan di antawis sepuh sijajaka sareng sepuh si wanoja nembe sepuh si jajaka ngalamar ka sepuh si wanoja.
 
Tah sakitu bae heula kanggo minggu ieu urang teraskeun minggu payun.
 
HANCA (BERSAMBUNG)
 
Dede
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 

Augy Wilangkara

unread,
Mar 15, 2016, 6:24:53 PM3/15/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Pa Dede,

Hatur nuhun ku kintunan na nu lengkep sareng rinci. Sim kuring oge sapanuju sareng Pa Dede, seueur haturan budaya sareng talari Sunda nu tos robih kalawan ku seueurna panagaruh budaya sanes. 

Sim kuring rumaos bingah Pa Dede kersa masihan kauninga talari sunda Ka pala wargi sadaya.

Hatur nuhun Pa, diantos bagean saterasna.

Salam,
Augy

Wawan Hermawan

unread,
Mar 15, 2016, 8:15:53 PM3/15/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Hatur nuhun Pak Dede kana kintunan na.

” Awewe mah lamun ngeunah sambelna , dirina oge tangtu ngeunah”. Kutan teh kitu :-). Upami jajaka ditingal tinu naonna?

Salam,
wawan

Dede Sujatna

unread,
Mar 15, 2016, 10:31:51 PM3/15/16
to Wawan Hermawan, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Kang Wawan,
 
Lalaki mah ditingal tina naha kandel sakuna atanapi henteu.
 
Dede
 
Sent: Wednesday, March 16, 2016 8:15 AM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

Dicky Maulana

unread,
Mar 15, 2016, 10:44:46 PM3/15/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
 Terjemahan Salasa Nyunda :


Sampurasun para Mitra
 
Minggu anu kalangkung saparantosna maos conto serat uleman ti sim kuiring, Kang Augy Wilangkara masihan patarosan anu kieu:
Teu karaos ku sim kuring, manawi barudak tos arageung. Ngiring tomaros, upami dina acara pernikahan adat Sunda kumaha tata carana? Panginten tiasa dibahas ku Pa Dede”

Minggu lalu setelah membaca contoh surat undangan dari saya, Kang Augy Wilangkara bertanya sebagai berikut :
"Tidak terasa, ternyata anak-anak sudah besar. Ikut bertanya, gimana tata cara pernikahan adat sunda? Mungkin bis dibahas oleh Pak Dede."

Sim kuring yakin rehna sadayana para Mitra parantos ngalaman janten panganten. Masing-masing kagungan pangalaman anu benten-benten dina salebeting ngalaksanakeun upacara pernikahannana. Hal ieu teh dilantarankeun ku benten-bentena situasi sareng kondisi masarakat miwah ekonomi dina danget para Mitra ditikahkeun. Sajabina ti eta pagaruh jaman moderen parantos ngarobih sabagian adat istiadat, sareng kabuadayaan para karuhun Sunda. Sakumaha kauninga ku sadaya para Mitra dina jaman eyeuna mah upami aya jakaja anu micinta hiji wanoja biasana langsung ngedalkeun eusi hatena ka wanoja tea. Upami ditampi ku si wanoja tea nya teras bae papacangan teu kedah ngantosan restu ti sepuhna. Hubungan tatali asih teh rupi-rupi aya guru sareng murid, aya koleha rerencangan sakantor, aya rerencangan sakola sareng sajabina.Anu pappacangan teh biasana tara enggal-engal ngawartosan sepuhna yen aranjeuna tos papacangan. Upami parantos gilig bade nikah nembe wawartos ka para sepuhna.  Sepuh si jajaka sareng si wanoja nembe sibuk upami parantos bade nikahkeun. Hal ieu teh parantos lumrah dikalangan masarakat Sunda di perkotaan. Upacara walimahna oge benten-benten aya anu bumi ,di Masjid, di KUA atanapi di gedung tempat pesta pernikahan.
Saya yakin nahwa semua Mitra Sunda sudah mengalami jadi pengantin. Masing-masing mempunyai pengalaman yang berbeda dalam melaksanakan upacara pernikahannya. Hal ini disebabkan oleh perbedaan situasi dan kondisi masyarakat serrta ekonomi pada saat para mitra menikah. Selain dari itu, pengaruh zaman modern telah merubah sebagian adat istiadat dan kebudayaan warisan leluhur sunda. Seperti diketahui oleh para mitra, apabila ada jejaka yang mencinti seorang perempuan biasanya langsung saja mengungkapkan isi hatinya ke perempuan tersebut. Kalau diterima leh sang perempuan, langsung saja berpacaran tanpa menungu restu dari orangtuanya. Hubungan sayang itu bermacam-macam, ada guru-murid, ada antar tean sekantor, ada dengan teman sekolah dll. Yang pacaran/berpasangan biasanya tidak buru-buru memberi tahu ke orangtuanya bahwa mereka sudah berpacaran. Apabila sudah yakin mau menikah, baru bilang ke oramgtuanya.Orangtua sang lelaki dan peremuan baru sibuk ketika mau menikahkan. Hal ini sudah lumrah di kalangan masyarakat sunda di perkotaan. Upacaranya pun beda-beda, ada yang di rumah, Masjid, KUA atau gedung tempat pesta pernikahan. 
 
Di dieu sim kuring bade nerangkeun kumaha carana pernikahan numutkeun adat Sunda anu asli.
Upami aya jajaka anu neundeun hate ka haiji wanoja biasana si jajaka teh unjukan ka spuhna yen anjeuna naksir ka si wanoja. Sepuh si jajaka nganjang ka epuh si wanoja anu maksad bade naroskeun ka sepuh si wanoja manawi putrina parantos kagungan papacangan atanapi teu acan. Upami waleranana “teu aca aya nu gaduh”  sepuh si jajaka nyebatkeun yen putrana aya maksad miharep ka si wanoja. Upami sepuh si wanoja saluyu sareng pamaksadan si jajaka biasana diayakeun perempugan anu disebat “neundeun omong”. Dina perkawin“neundeun omong” teu acan aya katangtosan (jaminan) yen si jajaka teh bakal ditikahkeun ka si wanoja, margi upami ahirna teu aya kasuluyuan ti dua pihakna tiasa janten papacangan teh batal.Kumargi kitu biasana hubungan “neundeun omong” teh sipatna  masih keneh rasiah, teu kenging betus ka batur.
Di sini saya akan menerangkan bagaimana cara pernikahan menurut sunda yang asli. Apabila ada lelaki yang suka sama seorang perempuan, biasanya sang lelaki bilang ke orangtuanya kalau dia naksir si perempuan. Orangtua si lelaki bertamu ke orangtua sang perempuan untuk bertanya apakah putrinya sudah punya pasangan atau belum. Apabila jawabannya "Belum ada yang punya", orang tua sang lelaki akan bilang bahwa anaknya ada hati ke sang perempuan. Kalau orangtua perempuan setuju dengan maksud sang lelaki biasanya diadakan pertemuan yang disebut "Neundeun Omong (Nyimpen omongan)". Dalam hal "Neundeun Omong (Nyimpen omongan)" ini belum ada jaminan bahwa sang lelaki akan dinikahkan dengan sang perempuan, karena apabila tidak ada kesepakatan antara kedua pihak, perjodoan ini batal. oleh karena itu "Neundeun Omong (Nyimpen omongan)" ini sifatnya rahasia, tidak boleh bocor ke orang lain.

Biasana saparntos “neundeun omong” sepuh si jajaka sareng sepuh si wanoja sok silih anjangan siga sareng saderek. silih kintunan katuangan.Sakapeung si wanoja sok dipiwirang babantu di bumi si jajaka utamina mantuan ibuna si jajaka di dapur. Salebeting babantu teh ibuna si jajaka merhatikeun kumaha padamelan si wanoja.Kumaha cara mereskeun paparabotan: upami teu beres eta tandana bakal moal tiasa meresan hate caroge anu hartosna moal tiasa nyenangkeun caroge. Waktu masak oge diperhatikeun naha sanguna pulen sareng dulangna beresih eta tandana sae padamelanana sareng seueur akalna.  Utamina dina waktos ngadamel sambel margina sambel teh mangrupi rencang sangu anu utami. samaos teu aya lauk pauk asal aya sambel sareng sangu pulen, bakal nikmat tuangna. Upami sambelna teu raos sok disebat “Awewe goreng gogog,heuras tagog, badag sambel , heuras cokor” . Kukituna elmu ngadamel sambel teh teu kinten diutamakeun margi aya paribasa:” Awewe mah lamun ngeunah sambelna , dirina oge tangtu ngeunah”. Sajabina ti eta ibu si jajaka teu kinten merhatoskeun sipat-sipat si wanoja anu sanesna.
 
Biasanya setelah "Neundeun Omong (Nyimpen omongan)", orang tua lelaki dan orangtua perempuan saling berkunjung seperti dengan saudara. Terkadang si perempuan suka disuruh membantu di rumah sang lelaki, terutama bantu ibu sang lelaki di dapur. Ketika membantu ibunya, si lelaki memperhatikan bagaimana hasil kerja sang perempuan. Bagaimana caranya membereskan perabotan: kalau tidak beres tandanya tidak akan bisa beresin hati suami yang artinya tdak bisa menyenangkan suami. Ketika masak juga diperhatikan apakah nasinya pulen serta periuknya bersih, itu tandanya bagus pekerjaannya dan banyak akal. Terutama ketika buat sambal karena itu merupakan lauk yang utama. Meskupun tidak ada lauk-pauk selama ada sambal dan nasi pulen, bakal nikmat makannya. Apabila sambalnya tidak enak, suka disebut :"Awewe goreng gogog,heuras tagog, badag sambel , heuras cokor”. Oleh karena itu ilmu membuat sambal itu diutamakan karena ada peribahasa :"Awewe mah lamun ngeunah sambelna , dirina oge tangtu ngeunah”. Selain dari itu, tentu ibu sang lelaki juga memperhatikan sifat-sifat lain sang perempuan.

Nya kitu oge sepuh si wanoja sok sering nyuhunkeun dibantuan ku si jajaka supados tiasa merhatoskeun sipat-sipat si jajaka, samalih mah sanes bae merhatoskeun sipat si jajaka sepuh si wanoja oge merhatoskeun sipat sareng tabi’at sepuhna si jajaka. Margi sipat sareng tabia’t sepuh teh sok turun ka murangkalihna. Dina basa Sunda aya paribasa “Kuat adat batan warah” anu hartosna tabi’at langkung kuwat ti batan didikan margi didikan mah datangna ti luar sedengkeun tabi’at mah titis bawaning ngajadi (turunan).
 
Begitu juga orangtua sang perempuan, sering minta dibatu ang lelaki supaya bisa memperhatikan sifat-sifat sang lelaki, malahan selain memperhatikan sifat sang lelaki, orangtua sang perempuan juga memperhtka sifat calon besannya. Karena sifat dan tabiat orngtua seringkali menurun ke anaknya. Dalam basa sunda ada peribahasa:"“Kuat adat batan warah” yang artinya tabiat lebih kuat dibandingkan pendidikan karena pendidikan datangnya dari luar sedangkan tabiat turunan.
 
Saparantos sawatara sasih upami aya kasaluyuan di antawis sepuh sijajaka sareng sepuh si wanoja nembe sepuh si jajaka ngalamar ka sepuh si wanoja.
 Setelah beberapa bulan apabila ada kesepakatan antara kedua pihak, maka orang tua lelaki akan melamar ke orang tua sang perempuan.

Tah sakitu bae heula kanggo minggu ieu urang teraskeun minggu payun.
 Sampai di sini dulu untuk mingu ini, minggu depan dilanjutkan.
HANCA (BERSAMBUNG)
 
Dede
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 




Rina

unread,
Mar 16, 2016, 3:08:14 AM3/16/16
to Dede Sujatna, <mitra-sunda-perth@googlegroups.com>
Waaah untung jaman abdi mah teu dites nyambel.....😄😄😄

Pa Dede pami sejarah ngeyeuk seureuh....kmh?..emut basa bade nikah pun ibu ngayakeun acara eta.

Dede Sujatna

unread,
Mar 16, 2016, 7:53:42 AM3/16/16
to Rina, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Teh Rinna,
 
Nuhun kana komentarna. Insha Allah upacara “ngeuyeuk seureuh” bade diterangkeun dina dua minggu anu bade dongkap.
 
Dede

Dede Sujatna

unread,
Mar 16, 2016, 7:56:49 AM3/16/16
to Dicky Maulana, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Kang Dicky.
 
 
Hatur rebu nuhun parantos kersa ngalih basakeun seratan sim kuring. Mugi-mugi bae atuh sing langkung seueur Mitra MSWA anu ngartos kana naon anu diserat ku sim kuring. Sakali deui hatur nuhun. Mugi ulah bosen margi tpok pernikahan bade rada panjang.
 
Dede
 
Sent: Wednesday, March 16, 2016 10:44 AM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

Augy Wilangkara

unread,
Mar 16, 2016, 7:07:06 PM3/16/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com

Dicky Maulana

unread,
Mar 16, 2016, 8:53:11 PM3/16/16
to mitra-su...@googlegroups.com, Dede Sujatna
Salam Pa Dede,

Sawangsulna. Hatur nuhun pami kaangge.  Mugi-mugi nu ku abdi ditarjamahkeun leres sadayana. Nyuhunkeun diparios deui bilih aya nu lepat. Rumaos sim kuring mah teu patos sae basa sundana. Hapunten bilih rada telat narjamahkeunna, bubuhan ngerjakeunna pami parantos rengse damel. 

Salam,

LIA LIA

unread,
Mar 16, 2016, 9:19:54 PM3/16/16
to Dicky Maulana, mitra-su...@googlegroups.com, Dede Sujatna

Hatur nuhun "subtitile"na Kang Dicky

Pa Dede, di mitra sunda oge aya nu tacan ngalaman jadi panganten. Abdi, sareng rerencangan student nu sanes.
Tapi Alhamdulillah tiasa jadi bekel pikeun abdi sadayana.

Bade diajar nyambel pikeun  calon mertua *:) happy


Dede Sujatna

unread,
Mar 21, 2016, 11:15:53 PM3/21/16
to mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun para Mitra MSWA.
 
Minggu anu kalangkung sim kuring parantos ngabahas ngenaan “Nuendeun Omong”. Ayeun sim kuring bade neraskeun nerangkeun hal-hal anu aya patalina sareng “Ngalamar” atanapi sok disebat oge “Nyeureuhan”.
 
Saupami aya kasaluyuan diantawis sepuhna si jajaka sareng sepuhna si wanoja salajengna diteraskeun ku “Ngalamar”. Dina acara ieu sepuh si jajaka disarengan ku sababara urang wargi-wargina sumping ka bumina sepuh si wanoja bari nyandak kintunan anu utamina  mangrupi bahan-bahan lemareun sapuratina nyaeta seuereuh, apu, gambir jambe sareng bako. Sajabina ti eta kintunan teh sok disarengan ku rupi-rupi katuangan.Saparantos ngobrol kaditu-kadieu rama si jajaka nyarios ka ramana si wanoja reh anjeuna neda dipasihan waktos kanggo cumarios.
 
Sepuh si jajaka biasana sok nyuhunkeun tulung ka hiji sepuh anu pinter biantara dina basa Sunda anu sae kanggo nerangkeun pamaksadan sumpingna
kulawargi si jajajka ka bumi si wanoja. Sabadana adab salam Ki Sepuh teh nyarios kirang langkung kieu:” Sim kuring teh dongkap kana ieu riungan teh sanes datang tanpa larapan, tapi seja tumaros dupi tuang putra ( disebat jenengan si wanoja) teh kumaha parantos aya anu ngalamar? Supamina teu acan aya anu ngalamar kumaha kinten-kintena bade disaluyuan upami didahupkeun sareng pun incu (disebatkeun jenengan si jajaka)?
 
Ramana si wanoja teh biasana ngawaler pondok :” Teu aya pambengan nanaon. Saluyu”.
Ki Sepuh teras nyarios deui: Tah kujalaran parantos disaluyuan ku sepuhna  kalawan barudakna oge pantos ngayakeun tatali asih sim kuring bade nyanggakeun ieu artos artos kanggo tanda pameungkeut jangji pasini anu parantos dikedalkeun bareto. Artos ditampi ku sepuhna si wanoja. Salajengna para tamu dijamu tuang leueut ku sepuhna si wanoja. Sarengsena rombongan sepuh si jajaka marulih.
 
Adat Sunda “Ngalamar” atanapi “Nyeureuhan” mangrupi adat kabiasaan para karuhun Sunda ti baheula. Lima barang anu paling utami dina Nyeureuhan teh nyaeta seureuh, apu, gambir ,jambe sareng bako teh mangrupi lambang/ isarat/ siloka. Apu warnana bodas. Ieu teh lambang napsu birahi istri anu suci, aman sareng tumarima. Gambir warnana beureum ieu teh lambang napsu birahi pameget anu langkung kiat ti batan napsu istri. Jambe upami seueur teung dituang matak lieur.Ieu teh lambang lieurna si istri anu nuju gandrung  kapirangrung ku cintana ka pameget. Bako upami seueur teuing dianggo sisig atanapi roko matak lieur. Ieu teh lambang lieurna pameget anu liwung ku birahi ka istri. Seureuh teh ngandung sora “REUH” anu mangrupi sindiran tina kecap “REUREUH” (istirahat).
 
Dina ngalemar teh kapan apu, jambe, gambir sareng bako teh dicampurkeun sareng seureuh. Ieu teh lambang/isarat/ siloka anu hartosna napsu birahi istri sareng napsu pameget upami parantos ditepungkeun bakal “REUREUH”. Anu hartosna eta dua napsu teh upami parantos dilampiaskeun mah bakal tenang moal menggebu-gebu.
 
Saparantosna nampi lamaran ti si jajaka teh si wanoja ayeuna disebat “beubeureuh”na si jajaka anu hatorn anu bakal ngareureuhkeun napsu si jajaka.
 
Tah mung sakitu sakaterang sim kuring dina perkawis ngalamar teh. Minggu payun urang teraskeun ku “Ngeuyeuk seureuh”
 
Salam.
 
Dede
 
 
 
 
 
 
 
 
 
Ki Spuh teh t
 
 
 

Ade Scaf

unread,
Mar 22, 2016, 1:01:57 AM3/22/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Mitra Sunda wilujeng Salasa Nyunda..

Hatur nuhun pak Dede kintunana...
Abdi ngantosan versi terjemahan kang dicky heula..hehe seueur anu lebengna...


Salam baktos

AdeScaf 



Sent from my Samsung device


-------- Original message --------
From: Dede Sujatna <dsuj...@optusnet.com.au>
Date: 22/03/2016 11:15 (GMT+08:00)
To: mitra-su...@googlegroups.com
Subject: Salasa Nyunda

Dicky Maulana

unread,
Mar 22, 2016, 10:44:23 PM3/22/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com



Terjemahan Salasa Nyunda

Sampurasun para Mitra MSWA.
 
Minggu anu kalangkung sim kuring parantos ngabahas ngenaan “Nuendeun Omong”. Ayeun sim kuring bade neraskeun nerangkeun hal-hal anu aya patalina sareng “Ngalamar” atanapi sok disebat oge “Nyeureuhan”.
Minggu lalu saya sudah membahas mengenai "Neundeun Omong". Sekarang saya akan teruskan menerangkan hal-hal yang ada kaitannya dengan melamar atau yang disebut dengan "nyeureuhan"
 
Saupami aya kasaluyuan diantawis sepuhna si jajaka sareng sepuhna si wanoja salajengna diteraskeun ku “Ngalamar”. Dina acara ieu sepuh si jajaka disarengan ku sababara urang wargi-wargina sumping ka bumina sepuh si wanoja bari nyandak kintunan anu utamina  mangrupi bahan-bahan lemareun sapuratina nyaeta seuereuh, apu, gambir jambe sareng bako. Sajabina ti eta kintunan teh sok disarengan ku rupi-rupi katuangan.Saparantos ngobrol kaditu-kadieu rama si jajaka nyarios ka ramana si wanoja reh anjeuna neda dipasihan waktos kanggo cumarios.
 
Apabila tercapai kesepakatan antara prang tua sang lelaki dan orang tua perempuan, selanjutnya diteruskan ke melamar. Pada acara ini, orangtua si lelaki didampingi beberapa keluarganya datang ke rumah orang tua si perempuan sambil membawa bingkisan  berupa bahan yang disebut "lemareun" yaitu sirih, apu, gambir dan bako. Selain bingkisan tersebut, juga disertai dengan kiriman makanan. Setelah berbas-basi, Ayah sang lelaki bicara ke ayah sang perempuan meminta waktu untuk berbicara sesuatu.

Sepuh si jajaka biasana sok nyuhunkeun tulung ka hiji sepuh anu pinter biantara dina basa Sunda anu sae kanggo nerangkeun pamaksadan sumpingna
kulawargi si jajajka ka bumi si wanoja. Sabadana adab salam Ki Sepuh teh nyarios kirang langkung kieu:” Sim kuring teh dongkap kana ieu riungan teh sanes datang tanpa larapan, tapi seja tumaros dupi tuang putra ( disebat jenengan si wanoja) teh kumaha parantos aya anu ngalamar? Supamina teu acan aya anu ngalamar kumaha kinten-kintena bade disaluyuan upami didahupkeun sareng pun incu (disebatkeun jenengan si jajaka)?

Orang tua si lelaki biasanya minta tolong ke salah satu tokoh atau sesepuh yang pintar bercerita dalam basa sunda dan pintar dalam menyampaikan maksud keatangan mereka ke rumah orang tua si perempuan. Setelah mengucap salam, sang sesepuh bicara kurang lebih seperti ini: "Saya datang ke acara ini bukan tanpa maksud, tapi akn bertanya apakah (disbut nama sang perempuan) sudah ada yang melamar? Apabila belum, apakah sekiranya akan disetujui apabila dipasangkan dengan cucu kami (Sebut ama sang lelaki)?
 
Ramana si wanoja teh biasana ngawaler pondok :” Teu aya pambengan nanaon. Saluyu”.
Ki Sepuh teras nyarios deui: Tah kujalaran parantos disaluyuan ku sepuhna  kalawan barudakna oge pantos ngayakeun tatali asih sim kuring bade nyanggakeun ieu artos artos kanggo tanda pameungkeut jangji pasini anu parantos dikedalkeun bareto. Artos ditampi ku sepuhna si wanoja. Salajengna para tamu dijamu tuang leueut ku sepuhna si wanoja. Sarengsena rombongan sepuh si jajaka marulih.
 
Ayah sang lelaki biasanya akan menjawab pendek" Tidak ada keberatan. setuju"
Sang sesepuh terus bicara lagi: Karenasudah disetujui oleh orang tuanya, begitu pula anak-anak sudah saling suka, saya akan menyerahkn uang sebagai tanda mengikat janji yang sudah diucapkan dahulu. Uang diterima orang tua sang perempuan. Kemudian para tamu menikmati hidangan yang disediakan pihak sng perempuan. Stelah itu rombongan sang lelaki pulang.

Adat Sunda “Ngalamar” atanapi “Nyeureuhan” mangrupi adat kabiasaan para karuhun Sunda ti baheula. Lima barang anu paling utami dina Nyeureuhan teh nyaeta seureuh, apu, gambir ,jambe sareng bako teh mangrupi lambang/ isarat/ siloka. Apu warnana bodas. Ieu teh lambang napsu birahi istri anu suci, aman sareng tumarima. Gambir warnana beureum ieu teh lambang napsu birahi pameget anu langkung kiat ti batan napsu istri. Jambe upami seueur teung dituang matak lieur.Ieu teh lambang lieurna si istri anu nuju gandrung  kapirangrung ku cintana ka pameget. Bako upami seueur teuing dianggo sisig atanapi roko matak lieur. Ieu teh lambang lieurna pameget anu liwung ku birahi ka istri. Seureuh teh ngandung sora “REUH” anu mangrupi sindiran tina kecap “REUREUH” (istirahat).

Adat sunda "Ngalamar" atau "Nyeuruhan" merupakan adat istiadat para sesepuh sunda dari dahulu. Lma barang yang palng utama dalam "Nyeuruhan yaitu sirih, apu, gambir, jambe dan bako merupakan simbol. Apu berwarna putih. Ini melambangkan nafsu birahi perempuan yng suci, aman dan menerima. Gambir berwarna merah elambangkan nafsu birahi lelaki yang lebih kuat dibandngkan nafsu perempuan. Jambe apabila dimakan terlalu banyak akan mengakibatkan pusing, ini melambangkan pusingnya sang perempuan yang lagi dimabuk cinta ke sang lelaki. Bako apabila terlalu banyak dipakai dalam rokok bikin pusing, melambangkan lelaki yang penuh birahi ke perempuan. Sereh mengandung kata Reuh yang berupa sindiran agar "reureuh" atau istirahat.

 
Dina ngalemar teh kapan apu, jambe, gambir sareng bako teh dicampurkeun sareng seureuh. Ieu teh lambang/isarat/ siloka anu hartosna napsu birahi istri sareng napsu pameget upami parantos ditepungkeun bakal “REUREUH”. Anu hartosna eta dua napsu teh upami parantos dilampiaskeun mah bakal tenang moal menggebu-gebu.
 
Dalam ngalemar, apu, jambe, gambir dan bako dicapurkan dengan sirih. ini melambangkan nafsu birah perempuan dan lelaki kalau disatukan bakal butuh istirahat yang maksudnya aoabla kedua nafsu itu sudah dilampiaskan, akan tenang tidak mengebu-gebu.

Saparantosna nampi lamaran ti si jajaka teh si wanoja ayeuna disebat “beubeureuh”na si jajaka anu hatorn anu bakal ngareureuhkeun napsu si jajaka.
 
Setelah menerima lamaran dari sang lelaki, sekarang sang perempuan disebut “beubeureuh” nya sang lelaki artinya yang akan "ngareureuhkeun"/menghentikan nafsu sang lelaki.


Tah mung sakitu sakaterang sim kuring dina perkawis ngalamar teh. Minggu payun urang teraskeun ku “Ngeuyeuk seureuh”
 Segitu yang saya ketahui tentang melamar. Minggu depan akan dilanjutkan dengan
“Ngeuyeuk seureuh”

Salam.
 
Dede
 
 
 
 
 
 
 
 
 

 
 
 


Dede Sujatna

unread,
Mar 28, 2016, 8:24:46 PM3/28/16
to mitra-su...@googlegroups.com
 
Sampurasun para Mitra MSWA.
 
Dinten ieu sim kuring bade nerangkeun upacara “NGEUYEUK  SEUREUH”. Sanaos maksadna “Ngeuyeuk seureuh” teh sami nyaeta paneda ka Pangeran mugi-mugi panganten teh dina salebeting rumah tanggana sing diparengkeun repeh rapih, parek rejekina, dijauhkeun balaina, saralamet dunya aherat, namung acara ‘Ngueyeuk seureuh” teh benten-benten di hiji kampung sareng kampung sanesna. Di dieu sim kuring bade nerangkeun salah sawios  anu sim kuring terang.
 
Acara “Ngeuyek seureh”teh  biasana dilaksankeun sadinten samemeh acara akad nikah. Calon panganten istri dihias ku Dukun juru hias bari dijampean supados cahayaan katingal langkung geulis. Teras didangdosan nganggo dangdosan sederhana (sanes anggoan panganten). Buruhan kanggo Dukun hias teh biasana mangrupi beas lima kilo, endog hayam, rupi-rupi kueh, sareng artos anu disebat “perwanten”.
 
Salajengna di tengah bumi diamparkeun sarung palekat. Dina luhureun sarung teh disimpen baki anu dieusi ku seureuh , apu, gambir, jambe sareng bako.Aya hiji bokor anu anu dieusi ku beas, koneng temen anu parantis disisikan sareng artos logam. Seueuerna artos logam anu dilebetkeun kana bokor teh sami sareng jumlah hurup dina jenengan calon panganten istri sareng calon panganten pameget anu disebat “repok”. Sajabina ti eta aya oge bokor anu dieusi cai sareng kembang tujuh rupi. Lulumpang batu.Daun jawer kotok sareng daun hanjuang. Salajengna eta barang-barang teh ditutupan ku lawon bodas. Lulumpang batu teras dicandak ku Dukun hias teras diketigkeun di unggal juru lawon bodas teras dipasihkeun ka calon panganten istri sina tiketigkeun haluna kana lulumpang sapartosna dipasihkeun calon panganten pameget supados diketigkeun haluna kana lulumpang.
 
Sabadana ti eta calon panganten istri sareng pameget teh dipiwarang calik papayun-payun teras dipasihan bola.Calon panganten istri sina nyepeng hiji tungtung bola, calon panganten pameget sina nyepeng tungtung bola nu hiji deui teras dipiwarang silih bedol bola tea dugi ka pegat. Eta teh mangrupi lambang nasehat ka calon panganten istri+pameget dina selebeting rumah tangga ulah sok ngaraos bener sorangan margi akibatna tali asih bakal pegat.
 
Salajengna calon panganten istri+pameget dipiwarang calik papayun-payun dipayuneun bokor anu dieusi beas sareng artos logam anu tos ditutupan
kolawon bodas teras dipiwarang nyandak artos nu aya dina bokor sakali rawu teu kenging milih. Saha anu tiasa nyandak artos pangseueurna eta tandana anu bakal kagungan rejeki anu pang seueurna. Saparantosna artos logam anu dicarandak ku calon panganten istri+pameget dilebetkeun kana “kanjut kundang”  teu kenging dibalanjakeun tapi kedah disimpen kanggo jimat. Acara “Ngeuyeuk seureuh” rengse saparantosna ditutup ku du’a.
 
Dede
 
 
 
 
 
 
 
 
 

Dicky Maulana

unread,
Mar 28, 2016, 11:26:13 PM3/28/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Terjemahan Salasa Nyunda


Sampurasun para Mitra MSWA.
 
Dinten ieu sim kuring bade nerangkeun upacara “NGEUYEUK  SEUREUH”. Sanaos maksadna “Ngeuyeuk seureuh” teh sami nyaeta paneda ka Pangeran mugi-mugi panganten teh dina salebeting rumah tanggana sing diparengkeun repeh rapih, parek rejekina, dijauhkeun balaina, saralamet dunya aherat, namung acara ‘Ngueyeuk seureuh” teh benten-benten di hiji kampung sareng kampung sanesna. Di dieu sim kuring bade nerangkeun salah sawios  anu sim kuring terang.
 
Hari ini saya akan menjelaskan mengenai acara "NGEUYEUK SEUREUH". Meskipun maksudnya sama, yaitu permintaan kepada Tuhan agarpengantin dalam menjalankan rumah tangganya agar akur, banyak rezekinya, dijauhkan dari musibah, selamat dunia akhirat, namun acara "NGEUYEUK SEUREUH" berbeda antara satu kampung dengan lainnya. Di sini saya akan menerangkan salah satunya yang saya ketahui.

Acara “Ngeuyek seureh”teh  biasana dilaksankeun sadinten samemeh acara akad nikah. Calon panganten istri dihias ku Dukun juru hias bari dijampean supados cahayaan katingal langkung geulis. Teras didangdosan nganggo dangdosan sederhana (sanes anggoan panganten). Buruhan kanggo Dukun hias teh biasana mangrupi beas lima kilo, endog hayam, rupi-rupi kueh, sareng artos anu disebat “perwanten”.

Acara "NGEUYEUK SEUREUH" biasanya dilaksanakan sehari sebelum acara akad nikah. Calon Pengantin perempuan dirias oleh Juru rias sambil dikasih jampi-jampi agar terlhat bercahaya dan lebih cantik. Kemudian didandanin pakai dandanan sederhana (bukan pakaian pengantin). Upah untuk juru rias biasanya berupa beras 5 kg, telur ayam, macam-macam kue, dan uang yang disebut "perwanten"

Salajengna di tengah bumi diamparkeun sarung palekat. Dina luhureun sarung teh disimpen baki anu dieusi ku seureuh , apu, gambir, jambe sareng bako.Aya hiji bokor anu anu dieusi ku beas, koneng temen anu parantis disisikan sareng artos logam. Seueuerna artos logam anu dilebetkeun kana bokor teh sami sareng jumlah hurup dina jenengan calon panganten istri sareng calon panganten pameget anu disebat “repok”. Sajabina ti eta aya oge bokor anu dieusi cai sareng kembang tujuh rupi. Lulumpang batu.Daun jawer kotok sareng daun hanjuang. Salajengna eta barang-barang teh ditutupan ku lawon bodas. Lulumpang batu teras dicandak ku Dukun hias teras diketigkeun di unggal juru lawon bodas teras dipasihkeun ka calon panganten istri sina tiketigkeun haluna kana lulumpang sapartosna dipasihkeun calon panganten pameget supados diketigkeun haluna kana lulumpang.
Selanjutnya di tengah rumah digelar sarung. Di atas sarung disimpan baki yang diisi sirih, apu, gambir, jambe dan bako. Ada satu bokor yang diisi beras, kunyit yang sudah dibersihkan bareng dengan uang logam. Jumlah uang logam yang dimasukkan ke dalam bokor sama dengan jumlah huruf nama calon pengantin perempuan dan laki-laki yang biasa disebut "reprok". Selain dari itu, ada juga bokor yang diisi air dan bunga tjuh rupa. Lekukan batu. Daun jeger ayam dan daun hanjuang. Selanjutnya barang-barang tersebut ditutup oleh kain putih. Batu kemudian diambil oleh juru rias untuk diketukkan di setiap ujung kain putih, kemudian diberikan ke calon pengantin perempuan untuk diketukkan halu-nya ke lekukan batu dan diikuti oleh calon penganti laki-laki.
 
Sabadana ti eta calon panganten istri sareng pameget teh dipiwarang calik papayun-payun teras dipasihan bola.Calon panganten istri sina nyepeng hiji tungtung bola, calon panganten pameget sina nyepeng tungtung bola nu hiji deui teras dipiwarang silih bedol bola tea dugi ka pegat. Eta teh mangrupi lambang nasehat ka calon panganten istri+pameget dina selebeting rumah tangga ulah sok ngaraos bener sorangan margi akibatna tali asih bakal pegat.
 
Setelah itu calon pengantin perempuan dan laki-laki disuruh untuk duduk berhadapan dan diberi benang. Calon penganti perempuan memegang ujung benang dan calon pengantin laki-laki memegang ujung benang lainnya. Mereka harus menarik benang itu sampai putus. Ini merupaka simbol nasihat agar dalam ruma tangga jangan merasa paling benar sendiri karena bisa berakibat putusnya ikatan pernikahan.

Salajengna calon panganten istri+pameget dipiwarang calik papayun-payun dipayuneun bokor anu dieusi beas sareng artos logam anu tos ditutupan
kolawon bodas teras dipiwarang nyandak artos nu aya dina bokor sakali rawu teu kenging milih. Saha anu tiasa nyandak artos pangseueurna eta tandana anu bakal kagungan rejeki anu pang seueurna. Saparantosna artos logam anu dicarandak ku calon panganten istri+pameget dilebetkeun kana “kanjut kundang”  teu kenging dibalanjakeun tapi kedah disimpen kanggo jimat. Acara “Ngeuyeuk seureuh” rengse saparantosna ditutup ku du’a.

Kemudian mereka duduk berhadapn di depan bokor yang berisi beras dan uang. mereka harus mengambil uang dalam bokor dalam sekali meraup tanpa melihat. Yang mendapat uang paling banyak tandanya akan mendapat rezeki paling banyak. Setelah itu uang yang diambil calon pengantin dimasukkan ke dala, "kanjut kundang" tidak boleh dibelanjakan tapi harus disimpan sebagai jimat. Acara "NGEUYEUK SEUREUH" kemudian ditutup oleh doa.
 
Dede
 
 
 
 
 
 
 
 
 




Wawan Hermawan

unread,
Mar 29, 2016, 10:09:28 AM3/29/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Hatur nuhun Pak Dede. Meni rumit prosesi bade nikah teh, kapungkur abdi mah henteu dugi ka kitu. Naha jaman kiwari aya keneh henteu nya prosesi ngeuyeuk sereh teh?

Salam,
Wawan

Sent from my iPhone

Elang Soeriaatmadja

unread,
Mar 29, 2016, 10:41:04 AM3/29/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Hatur Nuhun pa Dede kana penjelasanna.  Ka sebat DUKUN...asa sieun ari dijampe2 mah.....😄😄😄

Rina

unread,
Mar 29, 2016, 11:41:35 AM3/29/16
to Dede Sujatna, <mitra-sunda-perth@googlegroups.com>
Hatur Nuhun pisan Pak Dede 👍

Dede Sujatna

unread,
Apr 4, 2016, 10:05:44 PM4/4/16
to mitra-su...@googlegroups.com
 
Sampurasun para MItra MSWA
 
Minggu anu kalangkung saparantosna sim kuring nerangkeun acara ‘Ngeuyeuk Seureuh’, sim kuring nampi patarosan ti Kang Wawan anu unggelna kieu :” Mani rumit proses bade nikah teh. Kapungkur abdi mah henteu dugi ka kitu. Naha jaman kiwari aya keneh henteu nya proses ngeuyeuk seureuh teh ?”
 
Sakaterang sim kuring mah dugi ka danget ieu masih keneh aya kulawrgi anu ngalaksanakeun acara ngeuyeuk seureuh sanaos henteu seueur, utamina di kulawargi anu anu masih keneh kiat rasa kasundaanana. Bukotosna Teh Rinna waktos bade nikah sareng Kang Hegar ,kulawragina ngayakeun acara ngeuyeuk seureuh. Di kampung-kampung di antawis kulawargi anu beunghar ngueyeuk seureuh teh masih keneh dilaksanakeun. Sim kuring nyebatkeun kulawargi anu beunghar margina acara ieu teh seueur biayana.
 
Di kota-kota angeung mah tiasa disebatkeun acara ngeuyeuk seureuh teh parantos bade punah jalaran ku rupi-rupi kaayaan pangaruh jaman modern. Jalmi-jalmi di kota parantos nganggap acara ieu teh henteu praktis sareng henteu ngartos naon maksadna.Padahal acara ieu teh pinuh ku siloka sareng pepeling ti para sepuh kanggo bakal panganten.
 
Sajabina ti eta sim kuring gaduh sangkaan ku margi mayoritas urang Sunda teh ngagem agama Islam tiasa janten acara ngeuyeuk seureuh teh dianggap “BID”AH” khususna ku muslim anu fundamentalis.
 
Ayeuna sim kuring bade nerangkeun acara pernikahan numutkeun adat Sunda anu ngagem agama Islam. Sim kuring teu terang kumaha cara pernikahan urang Sunda anu ngagem agama sanes islam. Dina agama Islam aya lima sarat anu kedah aya supados sahna pernikahan nyaeta: 1 panganten istri, 2. panganten pameget, 3. wali panganten istri, 4. saksi, 5. ijab kabul.Acara pernikahan teh umumna dilaksakeun di bumi sepuhna panganten istri. Namung aya oge anu dilaksakeun di Masjid atanapi di KUA.
Saparantosna panganten istri sareng panganten pameget didangdosan teras dicalikeun ngarendeng mayunan Pa Na’ib anu bade ngalaksankeun ijab kabul. Mastaka panganten istri sareng panganten pameget di tiungan ku karembong. Sateuacana ngalaksakeun ijab kabul Pa Na’b naros ka wali panganten istri saha anu bade ngalaksakeun ijab kabulna nahabade ku ramana atanapi walina panganten istri atanapi ngawakilkeun ka Pa Na’ib. Umumna ramana panganten istri teh sok ngawakilkeun ka Pa Na’ib.
 
Sateuacana ngalaksakeun ijab kabul Pa Na’ib biasana maparinan piwejangheula ka panganten sakalih naon anu kedah diperhatoskeun dina selebeting hirup rumah tangga supados janten kulawargi anu sakinah. Teras Pa Na’ib naros ka panganten pameget naon makskawina naha bade artos  atanapi barang anu sanesna, sareng naha bade dibayar kontan atanapi dihutang? Upami maskawin mangrupi artos biasana kedah sapuluh kali jumlah artos anu dipasihkeun nalika ngalamar. Saparantosna resmi ijab kabul Pa Na’ib ngado’a kanggo kasalematan sadayana.
 
Sarengsena acara ijab kabul panganten teh dicalikeun ngerendeng dina korsi di butuan payuneun bumi bari dipayungan bade disawer. Sawer panganten teh biasan dilaksakeun ku istri anu ahli nyawer. Nyawer teh nyaeta maparinan pepeling ka panganten istri pameget bari ditembangkeun ku lagu kidung diselang ku ngawurkeun beas anu tos dicampur ku siksikan koneng temen sareng artos logam. Beas teh lambang kahirupan, artos teh lambang kakayaan  koneng temen teh lambang kajujuran. Jadi maksadna sawer teh ngadu’akeun panganten mugi-mugi sing bagja hirupna, sing loba rejekina sareng sing jujur dina enggoning rumah tanggana.
 
Sabada disawer panganten istri dipiwarang meuleum tujuh harupat teras disimpen dina taneuh sareng endog.Panganten pameget dipiwarang nicak harupat sareng endog dugi ka peupeus, panganten istri dipiwarang ngumbah sampean pameget nganggo cai anu aya dina kendi alit. Eta uopacara teh saleresna mah lambang peppeling ka panganten pameget ulah sok getas harupateun. Harupat teh nyaeta nyere injuk anu teuas tapi rapuh babari potong; dibeuleum. Eta maksadna panganten pemeget ulah siga harupat babari potong maksadna ulah babari bendu. Nicak endog teh mangrupi lambang panganten pameget teh bakal meupeuskeun endogna panganten istri nyaeta sperma panganten pameget bakal nembus endogna panganten istri anu satersna dimumle ku pangnaten istri dina kandunganana. Namung ayeuna mah seueur pangnaten istri anu teu kersa ngalaksakeun nincak endog margi katingalina saolah-olah istri teh aya dina dapal pameget padaha sanes kitu maksadna.
 
Sabadana disawer diteraskeun ku acara “Buka Pintu” sareng  “Huap Lingkung”
 
Dede
 
 
 
 
 
 
 
 

Wawan Hermawan

unread,
Apr 5, 2016, 9:21:09 PM4/5/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Hatur nuhun Pak Dede...

tah upami sawer sareung huap lingkung mah abdi ngalaman :-)...

Tah saatos ijab kabul teh biasana panganten dipasihan STTB...Surat Tanda Tamat Bobogohan...:-).

Pak Dede, upami istilah Pak Na'ib teh eta bahasa sunda atanapi serapan ti bahasa Arab?

Salam,
Wawan


Dede Sujatna

unread,
Apr 6, 2016, 2:14:54 AM4/6/16
to Wawan Hermawan, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Kang Wawan
 
Na’ib teh istilah bahasa Arab sapertos Imam. Mu’azin. Ulama, Khotib, Ma’mum sareng sajabina ti eta.
 
Dede
 
Sent: Wednesday, April 06, 2016 9:21 AM
Subject: Re: Salasa Nyunda

No virus found in this message.
Checked by AVG - www.avg.com
Version: 2016.0.7497 / Virus Database: 4545/11969 - Release Date: 04/05/16

Dicky Maulana

unread,
Apr 6, 2016, 2:56:56 AM4/6/16
to Dede Sujatna, Wawan Hermawan, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Pa Dede,

Hapunten edisi minggon ieu, sim kuring teu acan tiasa narjamahkeun. Kumargi kedah damel nyubuh dugi Ka wengi minggon ieu. Teu kantos nyepeng laptop. 

Salam,

Wawan Hermawan

unread,
Apr 6, 2016, 10:26:53 PM4/6/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Hatur nuhun Pak Dede waleranna. Upami istilah 'lebe' eta sami keneh teu sareng na'ib? 

salam,
wawan

Dede Sujatna

unread,
Apr 6, 2016, 10:38:58 PM4/6/16
to Wawan Hermawan, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Kang Wawan.
 
Sakaterang sim kuring “lebe'” benten sareng Na’ib. Lebe mah tugasna anu utami nyaeta ngurus panguburan layon (janazah) sanes nikahkeun.

Version: 2016.0.7497 / Virus Database: 4545/11976 - Release Date: 04/06/16

Dede Sujatna

unread,
Apr 6, 2016, 10:41:16 PM4/6/16
to Dicky Maulana, Wawan Hermawan, mitra-su...@googlegroups.com
Sawios Pa Dicky, teu nanaon. Kade ulah cape teuing bilih teu damang. Hatur nuhun.
 
Salam
 
Dede

Dede Sujatna

unread,
Apr 11, 2016, 10:23:00 PM4/11/16
to mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun para Mitra MSWA.
 
Minggu anu kalangkung simm kuring parantos nerangkeun kumaha acara akad nikah urang Sunda. Dinten eta keneh sim kuring nampi tambihan katerangan ti Teh Endah rehna di sawatawis urang Sunda ayeuna aya anu ngalaksakeun acara Ijab Kabul henteu sami sareng anu diterangkeun ku sim kuring. Nyaeta panganten istri sareng panganten pameget teh henteu dicalikeun ngarendeng mayunan Pa Na’ib.  Mung panganten pameget anu mayunan Pa Na’ib waktos dirapalan teh. Ari panganten istri mah di sumputkeun di hiji kamar (kamar Panganten). Nembe sarengsena Ijab Kabul panganten istri ditepangkeun sareng panganten pameget. Numutkeun pamendak sim kuring mah ieu acara Ijab Kabul teh sanes Ijab Kabul numutkeun kabudayaan Sunda asli, tapi parantos dipangaruhan ku kabudayaan Arab  anu dicandak ku agama Islam.
 
Waktosn sim kuring janten President di Islamic Association of Christmas & Cocos Islanders in Perth sok sering diulem kana pernikahan urang Christmas & Cocos Islands. Di dinya sim kuring nyaksian Ijab Kabul sakumaha anu disebatkeun ku Teh Endah tea. Dupi alesanana kunaon panganten istri sareng panganten pameget henteu diredengkeun margi sateuacana dirapalan mah panganten istri teh teu acan janten muhrim panganten pameget janten teu acan kenging pacaket.
 
Kapungkur aya mahasiswa urang Arab ti Syria anu sakola di Curtin Univerisity. Ajeuna bade nikah ka urang Pakistan anu teu kagungan kulawarga di Perth.
Urang Arab teh nyuhunkeun tulung ka sim kuring supados jadi wali beubeureuhna. Sim kuring nyanggeman. Kukituna dina waktosna  akad nikah teh si panganten istri teh kedah aya di rorompok di Bentley sedngkeun panganten pameget sareng sim kuring kedah aya di Majid Turki di Welshpool kanggo dirapalan ku Imam. Sarengsena dirapalan sim kuring sreng panganten pameget teh henteu wangsul ka  Bentley tapi tetep bae di Masjid Turki bari ngahormat para tamu ku tuangeun sareng leueutuen. Saparantosna taruang&leueut para tamu marulih.Panganten pameget mulih ka bumina. Sim kuring wangsul ka Bentley. Barang dugi ka rorormpok sim kuring teu kenging lebet margi panganten istri sareng para tamuna masih keneh  pesta di lebet bumi. Saur pun bojo panganten istri sareng tamu-tamuna teh arigel-igelan bari teu nganggo purdah bari ting calengir. Kinten-kinten dua jam ti harita pesta teh nembe rengse. Panganten istri dicandak ku salah sawios istri dina mobilna duka dicandak ka mana, nembe sim kuring kengin lebet ka rorompok. Ti harita sim kuring teu kantos tepang deui sareng panganten istri+pameget. Teu aya basa basi nganuhunkeun kana naon pitulung sim kuring
 
 
Dede
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 

Wawan Hermawan

unread,
Apr 13, 2016, 10:26:53 PM4/13/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Hatur nuhun Pak Dede. Upami kapungkur sateuacan lebet Islam panginten prosesi acara nikah urang Sunda teh benteun nya, panginteun nurutkeun kapercayaan Sunda Wiwitan sapertos urang Baduy.


Salam,
Wawan


Dede Sujatna

unread,
Apr 14, 2016, 12:00:10 AM4/14/16
to Wawan Hermawan, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Kang Wawan,
 
Tangtos benten pisan. Hanjakal sim kuring teu gaduh katerangan kumaha  acara pernikahan di masarakat Baduy. Mungkin Kang Tubagus uningaeun kumaha acara pernikahan urang Baduy.
 
Dede
 
Sent: Thursday, April 14, 2016 10:26 AM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

No virus found in this message.


Checked by AVG - www.avg.com

Version: 2016.0.7497 / Virus Database: 4545/12021 - Release Date: 04/12/16

Dede Sujatna

unread,
Apr 18, 2016, 7:10:52 PM4/18/16
to mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun para mitra MSWA.
 
Kanggo acara Salasa Nyunda dinten ieu sim kuring gaduh Tatarucingan. Di handap ieu aya sababaraha sipat jalmi. Sim kuring tumaros ka para mitra sadayana kumaha tingkah lakuna jalmi anu ngagaduhan sipat-sipat anu disebatkeun di handap ieu? Mangga diantos waleranana!
 
1.Barangasan
2.Limpeuran
3.Limbagan
4.Cedihan
5.Borangan
6.Rapekan
7.Tanghian
8.Tambarakan
9.Belikan
10.Rayungan
11.Gehgeran
12.Aleman
13.Daekan
14.Pangedulan
15.Ogoan
16.Teu ceehan
17.Teu payaan
18.Teu kaopan
19.Teu uyahan
 
Hatur nuhun
 
Dede
 
 
 
 
 
 
 
 
 
Dede
 

Ninot

unread,
Apr 19, 2016, 12:24:17 AM4/19/16
to mitra-su...@googlegroups.com

Salam Pak Dede,

Bade nyobian ngeusian tatarucingan...mung teu tiasa sadayana tapi 😳..
1.Barangasan : kasar, seradak seruduk
2.Limpeuran : pohoan
3.Limbagan : 
4.Cedihan
5.Borangan : sieunan ku sagala rupa, pangpangna jurig
6.Rapekan
7.Tanghian : rajin, gugah enjing
8.Tambarakan
9.Belikan : pundungan, gancang bendu
10.Rayungan
11.Gehgeran : ke ge-eran, lebay
12.Aleman : malu2
13.Daekan : kersa wae mun dipiwarang
14.Pangedulan : pemalesan
15.Ogoan : manja
16.Teu ceehan : suka nangis
17.Teu payaan : ga kuat fisik
18.Teu kaopan : 
19.Teu uyahan : baong, pikasebeleun

Dinna💖Kiki
Grateful is the infinite of happiness💗💗
Sent from my iMiaww

maharani yulisti

unread,
Apr 19, 2016, 1:01:23 AM4/19/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Assalamu'alaikum wr. wb..

Hoyong nyobian ngawaler ah kang.. mudah-mudahan teu lepat :)

1. babarian ambek
2. pohoan
3. ?
4.?
5. sieunan
6. sok gugah enjing-enjing
7. sok daekan damel sagala padamelan
8. sagala dituang
9. mudah marah
10. ga punya pendirian
11. latah
12.kolokan
13. rajin
14. pemalas
15. manja
16. mudah bosan
17. teu gampang kasinggung
18. gampang marah
19. tidak lucu


From: Dede Sujatna <dsuj...@optusnet.com.au>
To: mitra-su...@googlegroups.com
Sent: Tuesday, April 19, 2016 7:10 AM
Subject: Salasa Nyunda

Wawan Hermawan

unread,
Apr 19, 2016, 7:34:27 PM4/19/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Ieu waleran ti bu Dewi Winarto

1.Barangasan - galak 
2.Limpeuran - pelupa 
3.Limbagan - 
4.Cedihan - 
5.Borangan - penakut 
6.Rapekan - 
7.Tanghian - 
8.Tambarakan - menyukai apa saja / terutama makanan 
9.Belikan - mudah tersinggung 
10.Rayungan - sukar menentukan krn banyak yg disukai 
11.Gehgeran - latah 
12.Aleman - seneng dipuji2 / manja 
13.Daekan - rajin
14.Pangedulan - pemalas 
15.Ogoan - manja 
16.Teu ceehan - 
17.Teu payaan - mudah nangis 
18.Teu kaopan - mudah marah / mudah tersinggung 
19.Teu uyahan - tdk tau malu

Sent from my iPhone

Wawan Hermawan

unread,
Apr 19, 2016, 7:35:13 PM4/19/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Ieu ti bu pupuhu

Anu apal.nomorc5 Borangan karena saya termasuk golongan itu😅

Sama.nomor 15 ogoan...karena saya bungsu dan olo2😅

Sent from my iPhone

On 19 Apr 2016, at 7:10 AM, Dede Sujatna <dsuj...@optusnet.com.au> wrote:

Dede Sujatna

unread,
Apr 25, 2016, 10:12:05 PM4/25/16
to mitra-su...@googlegroups.com
 
Sampurasun para mitra MSWA.
 
Hatur nuhun ka Kang Dicky anu parantos ngintun laporan keuangan MSWA. Sim kuring oge bade nganuhunkeun ka Pupuhu, Ibu Dewi, Teh Endah, Kang Wawan, Kang Augy, Teh Maharani sareng Teh ‘Ninot’ anu parantos ngintun waleran kana Tatarucingan minggu anu kalangkung. Seuseurna waleran teh leres namung aya sababaraha hiji anu lepat. Kukituna bilih aya anu panasaran palay uninga waleran anu leres di dieu sim kuring bade masihan koncina.
 
1. Barangasan hartosna biasana pameget anu gede  ambek, upami ambek sok bari nampiling. Sahaok kadua gaplok.
2. Limpeuran = Jalmi anu babari hilap kana naon anu kedah dilakukeun ku anjeuna.
3. Limbagan = Jalmi anu pananganana leuleus. Naon anu dicepeng ku anjeuna sok ragrag.Kang Wawan nyebatkeun hiji tempat di Garut. Tempat anu di garut mah jenenganana Limbangan
4. Cedihan = Jalmi anu sok popoyok kana sagala rupi kaayaan. Dina Basa Inggris mah disebatna “Hard to please”
5. Borangan = Jalmi anu seueur kasieun utamina sieu ku  tempat anu poek sareng ku jurig.
6.Rapekan = Jalmi anu rajin resep beberesih sareng beberes.
7.Tanghian = Jalmi anu biasa gugah subuh sabalikna tina jalmi anu kebluk.
8. Tambarakan= Jalmi anu sedep sagala dituang henteu pilihan.
9. Belikan = Jalmi anu babari pundung upami aya anu ngiritik.
10.Rayungan= Istri atanapi pameget anu sok resep gunta-ganti kabogoh. Teu satia ka hiji  jalmi.
11.Gehgeran= Jalmi anu dina basa Indonesia disebat latah.
12.Aleman =Jalmi anu hoyung dipuji bae. Pupujieun.
13.Daekan = Jalmi anu tara mungpang upami dipiwarang midamel naon bae. Teh Endah nyebatkeun gampang birit. Sanes gampang tapi hampang.
14.Pangedulan = Jalmi anu sipatna sabalikna tina daekan. Teu daek digawe, hese dititah nanaon oge.
15.Ogoan = Biasana murangkalih anu hoyong diogo nyaeta sagala kapalayna kedah ditedunan ,upami henteu diturut sok nangis.
16.Teu ceehan= Jalmi anu babari bosen, upami nuju midamel hiji hal sok tara dugi ka tuntas.
17.Teu payaan = Biasana murangkalih anu  babari nangis. Cengeng.
18.Teu kaopan= Jalmi anu babari bendu.
19.Teu uyahan = Jalmi anu tingkah lakuna teu pikaresepeun. Cunihin/Kasebelan.
 
Mugi-mugi ieu tatarucingan teh aya gunana kanggo nambihan kosakata para mitra.
Minggu payun urang tatarucingan deui.
 
Dede
 
 
 
 
 
 
 
10.Rayungan

Dicky Maulana

unread,
Apr 25, 2016, 11:50:33 PM4/25/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Salam para mitra,

Terjemahan Salasa Nyunda edisi 26 April 2016
1. Barangasan = biasana pameget anu gede  ambek, upami ambek sok bari nampiling. Sahaok kadua gaplok. (Biasanya lelaki yang gampang marah, apabila marah suka sambil nempeleng)
2. Limpeuran = Jalmi anu babari hilap kana naon anu kedah dilakukeun ku anjeuna. (Orang yang gampang lupa apa yang harus dikerjakannya)
3. Limbagan = Jalmi anu pananganana leuleus. Naon anu dicepeng ku anjeuna sok ragrag. (Orang yang tangannya lemah. Apa yang dipegannya sering jatuh)
Kang Wawan nyebatkeun hiji tempat di Garut. Tempat anu di garut mah jenenganana Limbangan
4. Cedihan = Jalmi anu sok popoyok kana sagala rupi kaayaan. (Orang yang suka mengeluh di segala kondisi). Dina Basa Inggris mah disebatna “Hard to please”
5. Borangan = Jalmi anu seueur kasieun utamina sieu ku  tempat anu poek sareng ku jurig.(Orang yang banyak takutnya, terutama ke tempat gelap dan setan)
6.Rapekan = Jalmi anu rajin resep beberesih sareng beberes. (Orang yang rajun bersih-bersih dan bere-beres)
7.Tanghian = Jalmi anu biasa gugah subuh sabalikna tina jalmi anu kebluk. (Orang yang biasa bangun subuh)
8. Tambarakan= Jalmi anu sedep sagala dituang henteu pilihan. (Orang yang makan segala, tidak pilih-pilih)
9. Belikan = Jalmi anu babari pundung upami aya anu ngiritik.(orang yang mudah tersinggung apabila ada yang mengkritik)
10.Rayungan= Istri atanapi pameget anu sok resep gunta-ganti kabogoh. Teu satia ka hiji  jalmi.(Orang yang sering berganti pasangan/pacar. Tidak setia)
11.Gehgeran= Jalmi anu dina basa Indonesia disebat latah. (latah)
12.Aleman =Jalmi anu hoyung dipuji bae. Pupujieun. (orang yang suka dipuji)
13.Daekan = Jalmi anu tara mungpang upami dipiwarang midamel naon bae. (orang yang tidak pernah menolak apabila disuruh mengerjakan apa saja). Teh Endah nyebatkeun gampang birit. Sanes gampang tapi hampang.
14.Pangedulan = Jalmi anu sipatna sabalikna tina daekan. Teu daek digawe, hese dititah nanaon oge. (orang yang susah disuruh apapun. Males)
15.Ogoan = Biasana murangkalih anu hoyong diogo nyaeta sagala kapalayna kedah ditedunan ,upami henteu diturut sok nangis. (biasanya anak-anak yang ingin dimanja, segala permintaannya harus ditepati, apabila tidak, suka menangis)
16.Teu ceehan= Jalmi anu babari bosen, upami nuju midamel hiji hal sok tara dugi ka tuntas. (Orang yang gampang bosen, apabila lagi mengerjakan sesuatu, tidak sampai tuntas)
17.Teu payaan = Biasana murangkalih anu  babari nangis. Cengeng. (biasanya anak yang gampang nangis. cengeng)
18.Teu kaopan= Jalmi anu babari bendu. (orang yang gampang marah)
19.Teu uyahan = Jalmi anu tingkah lakuna teu pikaresepeun. Cunihin/Kasebelan. (orang yang tingkah lakunya tidak disukai.)

Salam,
Dicky


Sent: Tuesday, April 26, 2016 10:10 AM
Subject: Salasa Nyunda

 

suhendra_upi

unread,
Apr 26, 2016, 12:12:17 AM4/26/16
to Dicky Maulana, Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Rampesss ...

Hatur nuhun Pa Dede & Kang Dicky .. 4 jempols ;-)

Kang Dicky, aya sakedik "koreksi" kanggo nomer (4) Cedihan .. popoyok = menghina/mengkritik (mengeluh = ngarasula). Hapunten & Hatur nuhun.


Sono ti Bandung ..


Suhendra




-------- Original message --------
From: "'Dicky Maulana' via Mitra Sunda Western Australia (MSWA)" <mitra-su...@googlegroups.com>
Date: 26/04/2016 10:50 am (GMT+07:00)
To: Dede Sujatna <dsuj...@optusnet.com.au>, mitra-su...@googlegroups.com
Subject: Re: Salasa Nyunda

Dicky Maulana

unread,
Apr 26, 2016, 12:36:47 AM4/26/16
to Dede Sujatna, 'suhendra_upi' via Mitra Sunda Western Australia (MSWA)
Salam Kang Suhendra,

Hatur nuhun "koreksi"-na. Katingali lepatna ayeuna mah 😀🙏.

Dede Sujatna

unread,
May 2, 2016, 8:39:45 PM5/2/16
to mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun para Mitra MSWA
 
Sakumaha anu parantos dijangjikeun minggu anu kalangkung mangga  ieu kasanggakeun Tatarucingan kanggo minggu ieu. Mugi-mugi seueur anu mgawaler. Diantos waleranana. Hatur nuhun sateuacana.
 
Dede
 
1. Balabah
2. Someah
3. Gagah
4. Betah
5.Merenah
6. Genah
7. Ngeunah
8. Pasrah
9. Tugenah
10. Jarambah
11. Balangah
12. Gagabah
13. Samarpolah
14. Bangkawarah
15. Rucah
16. Awuntah
17.Haramjadah
18.Gareuwah
19. Pasolengkrah
20. Owah
 
 
 
 

suhendra_upi

unread,
May 3, 2016, 11:20:15 AM5/3/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com, *AKU SUHENDRA
Rampesss ...

Mugi Pa Dede miwah 'dulur-dulur' MSWA sadaya aya dina ginanjar kawilujengan. 

Abdi bade nyobian ngawaler patarosan ti Pa Dede .. sadugina
 
1. Balabah = senang memberi
2. Someah = ramah 
3. Gagah = tegap/gagah
4. Betah = kerasan
5.Merenah = tepat/cocok menempatkan
6. Genah = nyaman
7. Ngeunah = nikmat/enak
8. Pasrah = tidak berdaya/pasrah
9. Tugenah = tidak enak hati
10. Jarambah = merambah ke tempat yang jauh/rumit
11. Balangah = tidak/kurang hati2
12. Gagabah = sembrono
13. Samarpolah = salah tingkah
14. Bangkawarah = nyebelin/bikin sebel
15. Rucah = nakal/gonta-ganti pasangan
16. Awuntah = boros/tidak hemat
17.Haramjadah = ungkapan amat tidak suka
18.Gareuwah = kaget/terganggu yang tidak terduga
19. Pasolengkrah = berantakan/posisi tidak beraturan
20. Owah = gila

21. Kopeah .. hehehe

Hapunten bilih aya nu lepat ;-)

Wassalam,


Suhendra 


Dewi Winarto

unread,
May 3, 2016, 6:32:47 PM5/3/16
to suhendra_upi, Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
100 kanggo pak Dosen ... ! 

Sent from my iPhone

Dede Sujatna

unread,
May 3, 2016, 10:09:01 PM5/3/16
to Dewi Winarto, suhendra_upi, mitra-su...@googlegroups.com
Salam Pa Suhendra.
 
Hatur nuhun kana waleranana, Angkana ti abdi 99 % margina aya sakedik lepatna nyaeta no 11 kedahna nganggo asterik di antawis tidak sareng kurang. Tidak/kurang hati-hati.
 
Hatur salam kasadayana
 
Dede
 
Sent: Wednesday, May 04, 2016 6:32 AM
Subject: Re: Salasa Nyunda
 

suhendra suhendra

unread,
May 3, 2016, 10:54:44 PM5/3/16
to Dede Sujatna, Dewi Winarto, mitra-su...@googlegroups.com
Wa'alaikum salam ...

Hatur nuhun .. kenging peunteun 99 ti Pa Dede & 100 ti Bu Dewi .. hehehe



Sent from Yahoo7 Mail on Android


From:"Dede Sujatna" <dsuj...@optusnet.com.au>
Date:Wed, 4 May, 2016 at 9:09 am
Subject:Re: Salasa Nyunda

Ike

unread,
May 4, 2016, 12:41:16 AM5/4/16
to suhendra suhendra, Dede Sujatna, Dewi Winarto, mitra-su...@googlegroups.com


Sent from ikephone

Wawan Hermawan

unread,
May 5, 2016, 6:53:08 PM5/5/16
to Dede Sujatna, Dewi Winarto, suhendra_upi, mitra-su...@googlegroups.com

Salam Pak Dede, ieu waleran ti bu Pupuhu...

 

Our dearest pak Dede, abdi bade nyobian ngajawab anu apal.

1. No idea
2. Ramah
3. Gagah perkasa
4. Betah disuatu tempat
5. No idea
6. Nyamab
7. Enak
8. Pasrah dikukumaha oge
9. No idea
10. Jarambah leumpang jauh2?
11. No idea
12. Gegabah?
13. No idea
14. No idea
15. No idea
16. Never heard of it
17. Dipakai kalau nyarekan jelema
18. Duka eta teu terang
19. Main congklak?
20. Belum pernah denger kata ieu mah

Haha hapunten jawabannya gening tidak semudah dugaanku..

Semoga pak Dede selalu diberikan Nikmat sehat...aammiinn

Wawan Hermawan

unread,
May 5, 2016, 6:55:04 PM5/5/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com

Salam Pak Dede,

 

Postingan ieu di facebook tos ditingal ku 61 jalmi, mung bu Pupuhu hungkul nu wantun ngawaler he..he...

 

 

 

From: Dede Sujatna
Sent: Tuesday, 3 May 2016 8:39 AM
To: mitra-su...@googlegroups.com
Subject: Salasa Nyunda

 

Sampurasun para Mitra MSWA

Dede Sujatna

unread,
May 5, 2016, 7:45:53 PM5/5/16
to mitra-su...@googlegroups.com, Wawan Hermawan
Salam Kang Wawan.
 
Hatur nuhun kana laporanana.
 
 
 
Dede

Dede Sujatna

unread,
May 9, 2016, 11:06:29 PM5/9/16
to mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun para Mitra MSWA.
 
Sawatawis minggu anu kalangkung sim kuring  ngintunkeun posting perkawis ngalamar. Didinya disebatkeun calon panganten istri sok diuji ngadamel sambel ku bakal mertuana. Didinya disebatkeun aya babasan anu nyebatkeun “Awewe mah lamun ngeunah sambelna, dirina oge tangtu ngeunah”.
 
Sim kuring nampi waleran ti dua Teteh anu masih keneh lalajangan anu nybetkeun bade diajar nyambel bilih diuji ku bakal mertuana.Sim kuring pribadi tara neda sambel margi teu kiat ku lada; sok nyeri beuteung. Namung sanaos kitu sim kuiring sering ngadamel sambel margi ninina pun incu gawok pisan kana sambel buatan sim kuring. Di rorompok salamina kedah aya sambel buatan sim kuring. Malih mah sim kuiring kantos nampi pesenan sambel ti sawatawis Ibu-Ibu diatawisna ti Ibu Warleik, ti Ibu Lisda, ti Ibu Lily Davis, ti Teh Astrid sareng ti jenatna Ibu Setiadi.
 
Bilih aya Teteh anu palay uninga kumaha carana sim kuring ngadamel sambel mangga didieu bade diterangkeun. Bahan-bahan anu dianggo kanggo sambel teh nyaeta: Cengek, Jeruk lemon, Gula beureum (gula kawung), Uyah sareng Tarasi.
 
Cara ngadamelna:
 
1. Cengek kirang langkung 30 buah sareng jus lemon diblender dugika lemes.
2. Gula beureun sagandu ageung dibubukeun dina coet batu atanapi dina lulumpang batu.
3. Gula anu tos bubuk dicampur sareng uyah sadendok makan.
4. Cengek sareng lemon jus anu tos diblender digalokeun sareng gula sareng uyah.
5. Tarasina kedah dogoreng heula sateucana dogalokeun sareng cengek sareng gula tea. Tarasina sing seueur kinten-kinten tilu sendok makan.
   
Tah kitu carana sim kuring ngadamel sambel anu katingalina siga rujak tarasi. Mangga dicobian. Mugi-mugi kaanggo. Wilujeng nyobian.
 
Salam
 
Dede
 
 
 
 
 
 
 
 
 

Ike

unread,
May 9, 2016, 11:49:38 PM5/9/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Salam pa Dede, 

Haturnuhun Salasa Nyunda na, anu minggon ieu edisi resep Sambel ala Pa Dede, janten hoyong nyobian ahhh, panasaran.....meni nguruy.....mudah2an pun lanceuk tiasa ngadamel sambel oge, hehhehee....komo resep sambel  ti Pa Dede, 👍👍

Salam  
Ike Wawan 

Sent from ikephone

Dede Sujatna

unread,
May 16, 2016, 8:41:51 PM5/16/16
to mitra-su...@googlegroups.com
 
Sampurasun para Mitra MSWA
 
Sakumaha kauninga ku sadayana Allah nyiptakeun dunya kanggo dieusi ku dua hal anu sabalikna. Contona aya istri sareng pameget, aya siang sareng wengi, aya sae sareng awon sareng sajabina ti eta. Kanggo dinten ieu sim kuring bade masihan tatarucingan ngeunaan sipat-sipat sabalikna. Contona ageung>< alit; miraha>< awis. Di handap ieu aya sababaraha kecap sipat anu kedah dipasihan kecap sabalikna. Mangga ku para mitra dipasihan kecap-kecap sabalikna.Tapi kedah ku basa Sunda - teu kengin ku bahasa Indonesia.
 
1. Cageur><
2. Bageur><
3. Badeur><
4. Jalingeur><
5. Kaweur><
6. Neuhneur><
7. Lieur><
8. Beuneur><
9. Leueur><
10.Peuheur><
11.Saeur><
12.Hangseur><
 
Mangga diantos waleranana
 
Dede
 
 
 
 
 
10,

Wawan Hermawan

unread,
May 17, 2016, 1:16:51 AM5/17/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Hatur nunun Pak Dede..

mangga para mitra bilih aya nu bade nyobian ...tapi upami mung nambihan 'heunteu' mah teu kaci nya sapertos baguer >< henteu bageur, cageur >< henteu cageur...

Salam,
Wawan

Wawan Hermawan

unread,
May 21, 2016, 12:00:58 AM5/21/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com

Salam Pak Dede,

Bade nyobian...

 

1.       Cageur X Udur

2.       Bangeur X bangor

3.       Badeur X taliti

4.       JalingeurX ?

5.       Kaweur X tenang

6.       Neuhneur X peot

7.       Lieur X Cenghar

8.       Beuner X salah

9.       Leueur X kasar

10.   Pueheur X amis

11.   Saeur X ?

12.   Hangseur X seungit

 

Hatur Nuhun,

Salam,

Wawan

 

 

 

From: Wawan Hermawan
Sent: Tuesday, 17 May 2016 1:16 PM
To: Dede Sujatna
Cc: mitra-su...@googlegroups.com
Subject: Re: Salasa Nyunda

 

Hatur nunun Pak Dede..

Dewi Winarto

unread,
May 21, 2016, 4:15:12 AM5/21/16
to Wawan Hermawan, Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Pak Dede ngiringan ah..

Neraskeun nu kang Wawan:

1.       Cageur X Udur - geuring

2.       Bangeur X bangor

3.       Badeur X taliti

4.       JalingeurX ? - cicingeun 

5.       Kaweur X tenang

6.       Neuhneur X peot

7.       Lieur X Cenghar - 

8.       Beuner X salah - Hepe 

9.       Leueur X kasar - Seuseut 

10.   Pueheur X amis

11.   Saeur X gali 

12.   Hangser x seungit 


Sent from my iPhone

On 21 May 2016, at 12:00 PM, Wawan Hermawan <wher...@gmail.com> wrote:

Salam Pak Dede,

Bade nyobian...

 

1.       Cageur X Udur - geuring

2.       Bangeur X bangor

3.       Badeur X taliti

4.       JalingeurX ? - cicingeun 

5.       Kaweur X tenang

6.       Neuhneur X peot

7.       Lieur X Cenghar - 

8.       Beuner X salah - Hepe 

9.       Leueur X kasar - Seuseut 

10.   Pueheur X amis

11.   Saeur X gali 

Ninot

unread,
May 21, 2016, 10:16:19 AM5/21/16
to mitra-su...@googlegroups.com

Salam,

Ngiringan pak Dede

1. Cageur>< gering
2. Bageur>< baong
3. Badeur>< bageur
4. Jalingeur>< cicingeun
5. Kaweur>< santay
6. Neuhneur>< Nyentreu
7. Lieur>< cageur
8. Beuneur>< hapa
9. Leueur>< seuseut
10.Peuheur>< amis
11.Saeur>< keuduk
12.Hangseur>< seungit

 
Dinna💖Kiki
Grateful is the infinite of happiness💗💗
Sent from my iMiaww

Dede Sujatna

unread,
May 23, 2016, 11:44:23 PM5/23/16
to mitra-su...@googlegroups.com
Hatur nuhun ka Teh Ninot, Ibu Dewi sareng Kang Wawan anu parantos maparinan waleran kana Tatarucingan minggu nu kalangkung. kanggo baha bandingkeuneun di handap ieu sim kuring bade masihan jawaban sim kuring pribadi.
 
1. Cageur>< gering / udur
2. Bageur >< bangor /bengal/ baong / bedegong / bantangul
3. Badeur >< bageur /nurut /tumut
4. Jalingeur >< kuuleun / euweuh guam / cicingeun
5. Kaweur >< rineh / salse / antare ------santay mah sanes Basa Sunda
6, Neuhneur >< rayud / peot  --------nyentreu mah sanes sabalikna tapi sami hatrosna
7. Lieur  ><  cageur / seger
8. Beuneur ><  hapa -----sanes hepe
9. Leueur >< seuseut
10.Peuheur >< amis
11.Saeur >< kuredas ------keduk mah sanes kecap sipat tapi kecap pagawean
12.Hangseur >< seungit
 
Sim kuring gaduh hiji patarosan. Di jakarta Ahok teh sibuk nartibkeun PKL supados jalan henteu macet. Sim kuring teh teu terang kunaon eta anu daragang dina trotoir teh disebatna “kaki lima” kapan anu daragang teh sukuna ngan dua? Manawi aya anu tiasa masihan katerangan?
Hatur nuhun sateuacana.
 
Dede
 
 
 
 
 
 
 
 
 

Maharani Yulisti

unread,
May 23, 2016, 11:51:30 PM5/23/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Wilujeng enjing kang dede,

Pan sampean nu dagang 2, teras sampeanna gerobak aya 3, janten wee disebatna kaki lima. Mun disebat kaki seribu mah bilih moal aya nu kersa meser da sarieuneun hehee..

Wassalam
Rani

Sent from my iPhone

Ninot

unread,
May 23, 2016, 11:58:22 PM5/23/16
to mitra-su...@googlegroups.com
Salam Pak Dede,

Nuhun kana 'konci jawabanna'..
Leres waleran teh Rani..

Teras aya deui guyon..disebat kaki 5 kumargi mun aya tatib (tata tertib) pemda..sok ngabaretek lalumpatanna tarik..kawas nu gaduh 5 kaki..

Dinna💖
Grateful is the infinite of happiness💗💗
Sent from my iMiaww

Dewi Winarto

unread,
May 24, 2016, 12:26:44 AM5/24/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com
Pak Dede,
Ieu COPASAN: 

Menurut pengamatan dari Fakultas Hukum Universitas Parahyangan 
Istilah kaki lima diambil dari pengertian tempat di tepi jalan yang lebarnya lima kaki (5 feet). Tempat ini umumnya terletak ditrotoir, depan toko dan tepi jalan.


Sent from my iPhone

suhendra suhendra

unread,
May 24, 2016, 2:09:11 AM5/24/16
to Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com, Suhendra Suhendra
Sampurasun ...

Hatur nuhun kana kintunan patarosan sareng waleran ti Pa Dede.

Hapunten anu kasuhun, aya sababaraha waleran nu simkuring kirang saluyu sareng waleran ti Pa Dede .. ampun paralun, kumawatun ka sepuh .. hehehe

Pangemut abdi, 'peuheur' teh rasa nu has, contona rasa 'leunca'. Numawi lawan kecap 'peuheur' sanes amis namung 'henteu peuheur', henteu peuheur tiasa rasa naon wae asal sanes peuheur, tiasa amis atanapi rasa nu sanesna. Sarupi sareng hideung, lawan kecapna sanes bodas, namung henteu hideung, nu hartosna tiasa warna naon wae, kalebet bodas, asal sanes hideung. Kitu deui 'hangseur', numutkeun simkuring lawang kecap 'hangseur' sanes 'seungit', namung 'sanes/lain hangseur'. Sakaterang 'hangseur' teh cipapang (urine/air seni) nu garing. Janten hangseur mah 'kata benda' sanes 'kata sifat', numawi sok disebat 'bau hangseur'. Upami 'seungit' lawan kecapna 'henteu seungit' atanapi 'bau', tiasa bau naon wae, bau hangseur, bau belenok, bau bugang, sareng sajabina, nu penting 'henteu seungit'.

Kitu rupina pamendak simkuring. Pa Dede nu ku simkuring dipihormat, hapunten kumawantun benten pamadegan oge hapunten bilih lepat .. hehehe 

Perkawis kecap 'pedagang kaki lima' landihan kanggo nu sok aricalan dina trotoar, sapamendak abdi sejarahna kumargi nu aricalan umumna nganggo dorongan/roda nu gilindingna aya 3 (2 gilinding ageung sapertos gilinding becak & 1 gilinding alit) ditambih 2 suku nu dagangna, jumlahna janten 5 'kaki'. Gilinding direken suku/kaki, numawi disebat 'pedagang kaki lima'. Janten, 'pedagang kaki lima' saleresna sanes landihan kanggo nu aricalan dina trotoar, namung nu aricalan nganggo dorongan/roda nu gilindingna 3 + 2 suku nu dagangna. Upami icalan dina trotoar tapi ditanggung/"dipikul" tangtos henteu kelebet 'pedagang kaki lima' .. hehehe. Wallahu'alam

Wassalam,


Suhendra   

Dewi Winarto

unread,
May 24, 2016, 3:03:44 AM5/24/16
to suhendra suhendra, Dede Sujatna, mitra-su...@googlegroups.com

Panuju .. Kana pamendak mantan Pupuhu MSWA, Pa Suhendra tea ateuh😃

Sent from my iPhone

Dede Sujatna

unread,
May 24, 2016, 6:16:35 AM5/24/16
to suhendra suhendra, mitra-su...@googlegroups.com, Suhendra Suhendra
Rampes
 
Hatur nuhun katampi walerana sareng koreksina.Upami ngarujuk kana saran ti Kang Wawan waleran teh teu kenging nganggo kecap “henteu”. Kukituna naon anu disebatkeun ku sim kuring slah sawios sipat anu tiasa dianggo jawaban.   Sakali deui hatur nuhun.
Salam sono
 
Dede

Dede Sujatna

unread,
May 24, 2016, 9:11:20 PM5/24/16
to suhendra suhendra, mitra-su...@googlegroups.com, Suhendra Suhendra
Rampes.
 
Hatur nuhun kana tanggapan ti Pa Suhenra anungeunaan waleran Tatarucingan ti sim kuring. Aya tilu hal anu teu saluyu sareng emutan Pa Suhendra nyaeta soal kecap sabalikna tina kecap Peuheur, Bodas sareng Hangseur. Tiasa janten Pa Suhendra henteu maos posting ti Kang Wawan anu jawaban kanggo tatarucingan teh teu kenging nganggo kecap “henteu”. Kukituna kecap anu dianggo lawan kata “peuheur” teh ku pangemut sim kuring anu ilahar dianggo ku jalmi-jalmi. Sim kuring saluyu sareng Pa Suhendra reh aya rupi-rupi rasa : amis , asin , pait, haseum, lada. “Peuheur'” hiji rasa anu teu dipikaresep sedengkeun “amis” teh rasa anu dipikaresep barudak resep kana peremen serng coklat da amis mailh sireum oge resepeun pisan kana nu amis-amis. Ku pangemut sim kuring teu aya jalmi anu resep nambulan uyah wungkul (asin), nya kitu deui teu aya jalmi anu resep nambulan koneng temen da pait, teu aya jalmi anu resep nambulan cengek wungkul da lada. Kukituna ku pangemut sim kuring rasa anu cocok janten lawan kata”peuheur” teh ilaharna nyaeta “amis”. Naon anu disebatkeun ku Pa Suhendra mah logikana.
 
Nya kitu deui tina perkawis lawan kata bodas upami numutkeun logikana mah sanes bodas. Memang aya seueur warna teh aya hideung, hejo,beureum, koneng, bulao, ungu sareng sajabina. Tapi ilaharna jalmi di dunya nyebat lawan kata bodas nyaeta hideung. Buktosna “black & white TV'” padahal dina gambarna mah teu aya hideung sareng bodas sadayana belewuk. di Africa aya badak anu disebat black rhino sareng white rhino padahal duana sami warnana belewuk anu benten teh mung congorna bae nu hji jebleh anu hiji deui henteu. Jalmi umumna sok nyebat tulis hitam diatas putih padahal tintana teu acan tangtos  hudeung.
 
Numutkeun Prof. J.S. Badudu (almarhum) sadayana bahasa daerah di Idonesia tumut kana hukum DM anu hatorsna Diterangkan Menerangka.
Hartosna upami aya dua kecap ngarendeng kecap anu kadua maparinan katerangan kanggo kecap anu kahiji. Kecap anu kadua teh tiasa kata sifat, kata benda, kata bilangan , kata kerja  atanapi kata keadaan. Contona: Istri geulis, Dosen UPI, Duren sapuluh, Budak ceurik, Toko kahuruan. Pa Suhendra lepat nyebatkeun “hangseur” teh kata benda margi hangseur teh kata sipat tina kata bau. Janten bau teh kata benda anu ngagaduhan sipat hangseur.Saur Pa Suhendra cipapang anu garing teh sami sareng hangseur. Naon buktosna hangseur teh sanes kata benda margina kecap hangseur teh teu tiasa dianggo ngagentos cipapang garing upami teu dipayunan kecap bau.Comntona upami dina korsi aya cipapang garing,teu tiasa nyebatkeun :”Dina korsi aya hangseur” Tapi kedah “Dina korsi aya anu bau hangseur”. Tuh geuning Pa Suhendra ku anjeun nyebatkeun lawan kata seungit teh bau hangseur.
 
Hapunten. Mung sakit anu kapihatur
 
Dede
 
 
 
 
Sent: Tuesday, May 24, 2016 2:08 PM
Subject: Re: Salasa Nyunda

Dede Sujatna

unread,
May 30, 2016, 10:42:12 PM5/30/16
to mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun para Mitra MSWA
 
Sakumaha ilaharna dina kahirupan manusa sok silih injeuman kukituna basa Sunda oge parantos seueur “nginjeum”  kecap tina basa-basa sejen. Di handapieu sim kuring bade nyebatkeun sababaraha keca anu “diinjeum” ku basa Sunda tina basa-basa sejen. Cobi ku para Mitra ieu kecap-kecap teh dipilah-pilah sareng sebatkeun asalna tina basa naon.
 
meja – korsi – jandela – badera – mantega – taplak – serbet – handuk – sabun – sapatu – patlot – pulpen – dunya – aherat – sawarga – naraka – poci/teko – sosi/konci – cawan/cangkir – almanak –kalender.
 
Salam
 
Dede

Dede Sujatna

unread,
Jun 6, 2016, 7:18:56 PM6/6/16
to mitra-su...@googlegroups.com
Sampurasun para Mitra MSWA
 
Alamdullilah, Muji sukur ka Gusti Nu Maha Suci urang sadayana parantos diparengkeun patepang deui sareng sasih Siam 1437 H. Mugi-mugi urang sadayana di paparinan kasehatan sareng kakiatan dina salebeting ngalakonan ibadaha puasana. Oge mugi-mugi Gusti Nu Maha Suci nampi kaikhlasan urang sadayana sareng ngahapunten samudaya dosa urang sadayana. Amin .
 
Kalihna ti eta sim kuring bade unjuk uninga reh dina salebeting sasih siam sim kuring bade istirahat moal ngintun acara Salasa Nyunda supados urang sadayana tiasa khusu ngalakonan ibadah puasa. Sim kuring sakulawarga neda sih hapunten ti sadaya para Mitra MSWA samudaya kalepatan lahir bathin.
Kang Kang Wawan sareng Teh Endah sim kuring ngahaturkeun nuhun rehna parantos nyobian ngawaler patarosan dina acara Salasa Nyunda minggu anu kalangkung.
 
Salam
 
Dede
It is loading more messages.
0 new messages