huhuy... hayu urang masalahkeun! ulah nepi ka urang poho kumaha nikmatna
mayar sanggeus ngajegang.
haha
Pada 25 Maret 2012 09:41, Ki Hasan <
khs579@gmail.com> menulis:
> **
>
>
> Sainget uing, urang Bali, pamarentahanana boga buku panduan pikeun mere
> ngaran tempat di eta kawasan. Teuing di urang aya teu nu samodel kitu. Uing
> kungsi nyieun survey sederhana, ngaran masigit di Tatar Sunda. Tetela arang
> ngaran masigit nu make basa Sunda. Beda jeung di Cina, ngaran masigit ge
> loba nu make basa Cina.
>
> 2012/3/25 Maman Gantra <
mamangantra2000@yahoo.com>
>
>> **
>>
>>
>> EJAHAN
>>
>> Kacirina mah teu sapira. Kadar soal éjahan. Nagrég ditulis Nagrék, ojég
>> disebut ojék, Citeurep ditulis Citerep, Ciledug ditulis Cileduk. Karuhan
>> Citayam mah. Sok dilarapalkeunna teh jadi Citayem. Sanajan ari ditarulisna
>> mah keukeuh Citayam.
>> Kituna téh, salah éjahan ieu lain ukur dilakukeun ku jalma awam –
>> sarupaning supir métro mini, buruh pabrik, atawa manajer bank pisan, nu
>> mémang teu paduli dina perkara basa jeung budaya. Tapi, ogé dilakukeun ku
>> lembaga pamaréntahan jeung kalangan pérs. Mun urang pirajeunan niténan
>> marka-marka jalan, salah éjahan dina nyebutkeun ngaran tempat téh sigana
>> pabalatak.
>> Ku panoong kuring, hal ieu lain baé miara suudon nu salila ieu geus
>> nyampak dina haté méh kumna Urang Sunda: Yén, pamaréntahan urang (sakumaha
>> basa jeung budayana) masih jajawaeun. Masih didominasi Urang Jawa. Tapi,
>> ogé aya hal nu leuwih deukeut jeung leuwih asup akal: Pamaréntah urang,
>> dina hal ieu nu aya di Departemén Perhubungan, teu nyakola. Teu apal, yén
>> dina Basa Sunda, aya konsonan “g” jeung tetep dibacana “g”. Aya vocal
>> “eu” nu beda jeung vocal “e” – karuhan jeung “é” mah.
>> Mun hal ieu diantep, nya sarua jeung mirucaan nu salah. Béh dituna, lain
>> baé Basa Sunda beuki ancur, tapi ogé – bisa-bisa – ngaleungitkeun sajarah
>> jeung kabanggaan urang salaku Urang Sunda salaku hiji sélér. (Karuhan
>> toponimi, nu deukeut jeung sejarah hiji wewengkon, geus loba nu kaéréd ku
>> ngaran anyar. Utamana, ku paimahan-paimahan swasta. Hususna di wewengkon
>> Bogor jeung Tangerang, nu memang pasarna urang Jakarta, nu méh “teu boga”
>> budaya téa).
>> Kukituna, naha teu leuwih alus mun aya organisasi ka-Sunda-an nu misoal
>> perkara ieu ka pamaréntah? Sukur-sukur bisa ngadorong lahirna perda nu
>> ngawajibkeun sakabéh paimahan nu aya di Tatar Sunda maraké ngaran nu tetep
>> nyunda. Paling heunteu, nya bener atuh dina perkara nuliskeun éjahan ieu.
>> Hususna nu nyampak dina marka jalan atawa dokumén-dokumén resmi
>> pamaréntahan.
>> Enya. Cukup ka pamaréntah. Keun ari ka pérs atawa media mah. Bisi loba
>> teuing nu kudu diurusna. Eta mah urang serahkeun ka jinisna
>> séwang-séwangan. Sanajan, taya salahna mun organisasi ka-Sunda-an tadi ogé
>> remen ngayakeun kagiatan nu sipatna ngingetan atawa ngawarah pérs ngeunaan
>> bag-bagan kabudayaan Sunda. Sakalian lobby atawa ngawangun hubungan nu hadé
>> jeung lingkungan pérs.
>>
>> Maman Gantra
>> www.reksanews.com
>> Jalan Salemba Tengah 51,
>> Jakarta 10440.
>> 0812-940-5441
>>
>>
> __._,__
>
--
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpres
s.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk