Salam. Leres Kang Oman, ta'wil mah biasana deukeut ka sufistik. Sareng
dina mazhab Ahlulbait mah kedah ngarujuk kana riwayat/tafsiran ti Imam
Ahlulbait. Saterasna ulama tiasa neraskeun kontekstualisasi sareng
kondisi kiwari.
Di UIN kuring kantos diajar metodologi tafsir. Loba pisan matode jeung
alat bantu keur nafsirkeun teh. Dugi ka janten mazhab2an. Janten sanes
fikih sareng akidah/teologi anu ngalahirkeun mazhab teh.
Salain kudu bisa basa Arab jeung apal 30 juzz, cenah kedah gaduh
dasar-dasar dina ilmu Islam: dirasah islamiyyah saperti ushul fiqih,
ushuluddin (ilmu kalam), asbabul nuzul sareng asbabul wurud, ulumul
hadits (ilmu hadis), ulumul quran, jeung apal kana siroh nabawiyyah.
jeung elmu sejenna. Tah eta mah keur di lingkungan akdemis...
keur di urang mah, deur bae atuh rek ngaguar mah ngan ulah nganggap
anu geus ditafsirkeun teh ngarasa pangbenerna. kabeh oge dina raraga
neang maksud di jeros anu dilafadzkeun ku Allah. Teraskeun we Bah
AA...
2013/6/29, Oman Abdurahman <
oman...@gmail.com>:
> Haturan abah Abas, upami Qur'an ti Depag mah sanes tafsir kalebetna, namung
> tarjamahan. Kacida bedana antara tafsir vs tarjamahan, sok sanajan dina
> tarjamahan dimungkinkeun aya tafsir anu jd panujulan, oge dina tafsir,
> tangtu wae aya komponen terjamahan. Saparantos tarjamahan srg tafsir, aya
> deui anu leuwih luhur (jeung teu asal manusa gaduh otoritas pikeun
> ngalakukeunana) nyaeta anu disebut ta'wil tea.
>
> Oman Abdurahman
> Sent from my iPhone