Sumber Islam Kedah di Talungtik

8 views
Skip to first unread message

Ahsa

unread,
Jun 29, 2013, 5:55:08 AM6/29/13
to kisunda, shalawat, majelis_misykat, urangsunda
Salasa malem rebo kamari (25 Juni 2013) kuring ngahaja lalajo TV One
jam 19.30. Didinya aya acara Indonesia Lawyer Club anu jejerna: Syiah
Diusir, Negara ke Mana?

Karni Ilyas salaku moderator negeskeun dina eta sawala lain rek
nangtukeun bener henteu na mazhab, ngan rek nangtukeun posisina dina
hukum Indonesia. Dina eta sawala diulem juru bicara Syiah Sampang anu
jenenganna: Ikil al-Milal.

Ikil nerangkeun asal usul kajadian ditandasana urang Syiah teras dugi
perkawis kajadian diusirna ti Sampang, Madura. Diguar oge bumi-bumi
anu didurukan sarta dipaehanna Ammah ku jalma-jalma anu ceuceub ka
Syiah. Anjeuna oge nerangkeun akina ti taun sarebu salapan ratus
dalapan puluhan atos nyepeng mazhab Syiah. Loba buku ngeunaan Syiah
anu diwariskeun ka Ikil sarta kulawargana. Janten sanes paham anyar
anu asup ka Sampang.

Teras salila manehna hirup di eta kampung can pernah aya urang kampung
anu nyasarkeun ibadah sarta kayakinan anu ku Tajul Muluk sareng
kulawargana dicepeng. Ngan basa pasea sual santri awewe di madrasah
Tajul Muluk anu dipenta rek dikawin ku saderekna Rois Hukama teu
kacumponan. Sabab eta santri awewe (mun teu salah) atos nangtukeun
pisalakieunna ku sorangan. Ti dinya Rois pasea jeung Tajul tuluy bae
dugi ka guntreng perkawis paham ageman.

Jigana ngarasa eleh dina ursan debat, tuluy bae Rois nyieun isu ka
ulama-ulama di Sampang yen Tajul Muluk nyimpang tina ajaran Islam anu
lumrah. Disebatkeun ngajarkeun mikangewa ka sohabat sarta boga
al-Quran anu beda. Sarta ngahalalkeun kawin kontrak sarta ngawajibkeun
khumus (masihan zakat) dugi tilu ratus rebu ka satiap jamaahna.

Jigana Rois kawilang jalma anu seueur balad. Anjeuna jeung ulama anu
geus dihurungkeun amarahna nyandak Tajul dipenta supaya tobat sarta
kedah nganut Islam anu lumrah di Sampang. Kusabab embungeun nya
antukna diancam saterasna dugi kajadian patelak anu henteu saimbang.
Dugi ka aya anu pupus alatan pakarang sarta dirempug.

Ngadanguna oge meni watir. Komo deui mun kuring aya dina eta kajadian
pasti sarua sieunna. Sabab anu nyerang jumlahna kirang langkung tilu
rebu jelema anu mawa pakarang seukeut sarta batu garede. Anu diserang
na ngan ukur saratus tujuh puluh genep urang.

Dina eta sawala wakil ti kapulisian Sampang nyebatkeun pulisi nu rek
ngamankeun teu wantuneun ngalayanan jalma-jalma anu gede amarahna
jeung mawa pakarang. Jigana sieun mun nyawana pegat alatan kena ku
pakarang.

Sim kuring dugi ayeuna henteu ngarti naha urang kampung beut kitu
laku? Jigana mah aya provokator sareng aya anu muruhan. Tangtuna
ditambih isu-isu atawa dongeng anu nyebatkeun Syiah sasar. Janten bae
urang kampung anu teu apal kana mazhab sareng ajaran Islam anu luhung
ngalakukeun tindakan anarkis atas nami agama.

Dina eta sawala, Ahmad Hidayat, sekretaris jenderal Ahlulbait
Indonesia (ABI) nyaeta ormas Islam Syiah, ngabeberkeun yen Tajul Muluk
sareng rengrengan anu diserang nyepeng mazhab Syiah Imamiyah anu gaduh
kayakinan yen sabada pupus Kangjeng Nabi Muhammad saw pupus otoritas
atanapi kapamimpinan Islam hakna dua welas Imam ti Ahlulbait
(Kulawargi) Rasulullah saw turunan Sayidah Fathimah putri Rasulullah
saw. Mazhab Syiah Imamiyah dina ajaranna sami sareng mazhab Sunni anu
percanten ka Allah, Nabina Muhammad saw, kitab sucina Al-Quran, jeung
shalatna sami nyanghareup ka kiblat.

Pak Hidayat ngadugikeun yen di Jordania kantos sapuk sakabeh ulama
sadunya katut ti Indonesia anu diwakilan ti Nadhatul Ulama (NU) yen
Syiah Imamiyah (Itsna Asyariah) sareng Syiah Zaidiyah masih kelebet
dina agama Islam. Sawala ulama internasional di Jordania eta teras
disebarkeun janten Risalah Amman (geura searching mun hoyong terang
mah). Teras unggal usum haji jamaah ti Iran, Irak, Lebanon, sareng
Bahraian anu seueur nyepeng mazhab Syiah ngalaksanakeun ibadah haji ka
Makkah sarta zarah ka Madinah. Mun enya sasar meureun pamarentah Arab
Saudi sareng ulamana nyegah urang Syiah ngalakukeun ibadah haji sarta
umroh.

Malihan mah Pak Hidayat nyebatkeun kantos aya riungan di Jakarta anu
difasilitasi ku Kamanterian Dalam Negeri sareng Kamenterian Agama
sareng Majelis Ulama Indonesia, Bupati Sampang (Madura), NU, ABI,
sarta IJABI. Dina riungan eta Mantri Agama, Mantri Dalam Nagri, Bupati
sareng anu ngawakilan ti ormas NU, IJABI, sarta ABI sapuk rek
ngaupayakeun ukuhwah sareng neangan cara keur ngarengsekeun kasus
Sampang. Ngan ti harita teu aya deui riungan atawa itikad ti
pamarentah keur nguruskeun pangungsi Syiah Sampang. Kalah beuki
sangsara hirup sarta dituduh sasar bae dugi kamari diusir ti
pangungsian.

Dina sawala oge kantos disuhunkeun komentar ti ulama Sampang anu
nyasarkan Syiah. Ngan kitu dina komentarna masih keneh katinggal teu
wijaksana sareng keukeuh nganggap Syiah sasar. Kitu deui komentar Pak
Baharun anu disebat MUI pusat kalah nyoalkeun judul acara anu
dianggapna memprovokasi. Kuring gogodeug. Naha gurubesar hukum Islam
beut henteu nyambung? Ngan kuring inget kana buku Kesesatan Sunni
Syiah karya M.Babul Ulum didinya disebatkeun yen Pak Baharun kaasup
MUI anu mikangewa ka ajaran Syiah sareng ngadukung tindakan anarkis
urang Sampang sarta ngarojong fatwa sasar anu dikaluarkeun ku MUI Jawa
Timur.

Tuluy aya komentar ti Buya Syafii Maarif anu ngawakilan ormas
Muhammadiyah anu keur Makasar. Numutkeun Buya, urang Islam kiwari
sakadehna milari sumber ajaran Islam ti Rasulullah saw sareng
Al-Quran. Sabab Sunni, Syiah, Khawarij sareng mazhab sanesna eta aya
saatos Rasulullah saw wafat. Janten urang Islam teu kedah pasea
parebut mazhab atawa bener henteuna. Sakedahna milari jalan pikeun
ngawujudkeun Islam anu diajarkeun Rasulullah saw. Cenah Islam teh
rahmatan lil ‘alamin. Tah eta kedah diwujudkeun ku urang Islam lain
pasea.

Buya oge nyindir ulama Sampang anu tadi nyebatkeun sasar kaasup teu
wijaksana ulama ngomong kitu tanpa nalungtik. Ngan ukur beja atawa
ngandeulkeun omongan batur mah teu bisa janten cepengan. Kedah
dipaluruh deui bener henteuna.

Kitu deui kiai anu ngawakilan NU (Nadlatul Ulama) ngadugikeun komentar
sarta surat resmi ti KH.Said Aqil Siraj—ketua umum PBNU—nu eusina
ampir sami sareng Buya. Malihan wakil ti NU eta ngaguar piagam Madinah
sareng cara Rasulullah saw nyanghareupan agama-agama sejen sareng
perkawis perbedaan di antara sohabatna.

Aya komentar anu rada seukeut ti Haidar Bagir. Pak Haidar nyebatkeun
tindakan anarkis sareng nyasarkeun anu benten mazhab kiwari keur
nanjeur di dunya. Eta gerakan disebatna takfirisme. Ti Timur Tengah
dugi ka Asia ayeuna teras arasup malihan mah wani nyasarkeun anu
benten paham jeung anu dicepengna. Sual takfirisme ieu kedah
diperhatoskeun keur kahareupna sangkan urang Islam henteu keuna ku
panyakit takfirisme.

Di bagean panungtung, Romo Benny Susetyo ngiritik pamarentahan SBY anu
henteu tiasa ngawujudkan perdamaian di Indonesia. Tuluy ditembal ku
Ruhut Sitompul anu janten wakil SBY. Kuring mah seuri sabab janten teu
puguh kumaha kadituna eta nasib urang Syiah Sampang. Malihan urang
Syiah Sampang anu hadir didinya anu dongkap ngangge sapedah ontel
miharep tiasa tepang sareng SBY. Ku Ruhut kalah diwaler diplomatis.
Ah… ma’lum pejabat mah sok kitu. Jiga nu heueuh.

--
www.kompasiana.com/albanduni14
Reply all
Reply to author
Forward
0 new messages