Aldo Desatura ™
unread,Jun 18, 2008, 2:27:35 AM6/18/08Sign in to reply to author
Sign in to forward
You do not have permission to delete messages in this group
Either email addresses are anonymous for this group or you need the view member email addresses permission to view the original message
to id-u...@googlegroups.com, tanya...@linux.or.id
oleh irpan rispandi
Kacaritakeun si Kabayan pindah imah. Imah si Kabayan anu mimiti, ayana
di bojong windows. Ku sabab loba wae awaril jeung masalah, ahirna si
Kabayah pindah ka babakan Linux. Sok sanajan imahna di bojong windows
teh genaheun, pemandangannana asri, sagala rupa fasilitas tersedia,
tapi si Kabayan kaitung penghuni teu sah. Ngaran-ngaran penghuni teu
sah tea atuh pikiraneun. Peuting teu ngeunah sare, beurang teu ngenah
dahar. Sing sarwa sieun, sieun di razia kunu berwajib.
Sanggeus lila nimbang-nimbang, ahirna si Kabayan mutuskeun rek pindah imah ka babakan Linux.
Kaayaan
di babakan Linux, sabenerna hanteu saperti anu dibayangkeun ku si
Kabayan. Salila ieu si Kabayan ngabayangkeun babakan linux teh masih
keneh leuweung ganggong sima gonggong. Jalan ka dinya tarahal. Walurat
hese ku cai. jsb.
Lamun baheula mah memang kitu kaayaan babakan linux teh, tapi
sanggeus loba anu nyicingan ngadon ngababakan didinya, nya kaayaan
lembur babakan linux teh ngaronjat. Jalan mulus ngabulungbung, cai cur
cor teu kakurangan. Leuweung anu tadina pi kasieuneun teh diatur
dirapih-rapih sangkan ngeunah katingalina jeung teu ngabahayakeun
teuing. Malahan mah ieu leuweung teh ayeuna mah sok dimangpaatkeun ku
urang babakan linux, boh anu resep moro atawa nu ngala suluh.
Hal sejen anu jadi pertimbangan si Kabayan memeh pindah ka Babakan
linux teh nyaeta kaayaan imah. Sok sieun teu pikabetaheun. Ari geus di
pindahan mah geuningan teu susah teusing.
Ngaran-ngaran imah
tangtu ngabogaan fungsi-fungsi dasar anu sarua, sanajan wanda jeung
modelna tangtu beda-beda. Ngaran-ngaran imah pasti aya pantoan, aya
tampian, aya enggon aya pawon.
Memang imah si Kabayan anu di bojong windows jeung di babakan linux
teh beda. Tapi sanajan kitu, si Kabayan teu bingung nyicingan eta imah,
ku sabab nya kitu tea ngaran-ngaran imah mah sarua ngabogaan
bagian-bagian dasar anu sifatna universal.
Di bojong Windows, imah-imah teh ngabogaan sababaraha model, aya
type 3.1, aya type 98, aya type 2000, type xp malah anu paling anyar
aya deui type vista.
sedengkeun di babakan linux mah konsepna make
konsep cluster. aya cluster RedHat, cluster Debian, Cluster Slackware,
jeung cluster SuSe.
tah dina cluster-cluster ieu oge ngabogaan type anu beda-beda, contona
cluster RedHat, aya type RedHat, aya type Fedora, type Mandriva, jsb.
anu pang lobana type mah Cluster Debian, aya type Ubuntu, type Knoppix,
type IGOS, jrrd.
Si Kabayan milih Cluster RedHat type Fedora, ku sabab ceuk manehna
ieu anu paling gampang. manehna milih imah Fedora 9. Kaayaan fedora 9
geus teu eleh ku imah anu di bojong windows type xp atawa vista.
masalah penampilan teu eleh rancunit. masalah fungsionalitas, oge teu
eleh.
Sabenerna aya perbedaan anu onjoy antara imah di babakan linux
jeung di bojong windows. perbedaan ieu nyaeta dina palebah kaamanan
imah. Imah-imah di bojong windows mah geus loba kabejakeun osok
kaasupan bangsat, boh ti komplotan Virus, Trojan, komplotan Spyware
atawa Malware. sok sanajan geus di pasangan konci sagede nanahaon oge,
tetep we eta komplotan teh bisa asup. duka teuing kumaha carana.
Sedengkeun ari imah-imah di babakan linux mah teu kitu.
komplotan-komplotan bangsat teh hese lamun rek asup ka imah. sakabeh
elmuna ngadadak cambal. elmu sirep teu teurak, elmu halimunan teu
mampuh. atuh bangsat-bangsat teh teu walakaya. sok sanajan aya hiji dua
penjahat anu bisa asup, tapi biasana ieu mah lain bangsat sagawayah.
jeung deui sasaran na oge lain imah cacah kuricakan.
biasana penjahat sakti kieu mah ngala na teh imah-imah anu mundel
eusina, saperti imah-imahna para bankir, sodagar beunghar, jsb.
eta
oge bisana asup si penjahat sakti teh, lain ngagunakeun cara anu biasa,
nyokel jandela atawa asup tina suhunan sanggeus sakabeh pangeusi imah
di sirep.
Penjahat sakti kieu mah boga elmu anu leuwih linuhung. Samalah ceuk
cenah mah, manehna teh bisa mancalaputra mancala putri. bisa jadi naon
wae, bisa jadi saha wae. memang eta karek cenah, da kumaha carana anu
sabenerna mah can aya anu nyahoeun.
Balik deui ka si Kabayan. Ayeuna si Kabayan geus nyicingan imahna
anu di babakan linux. Karasa ku si Kabayan, sanggeus cicing di babakan
linux, hirup kumbuh jeung batur papada urang lembur babakan linux,
pangaweruh manehna aya ronjatna. nya eta kusabab kahirupan di babakan
linux mah, sok aya wae hal anu ngadorong si kabayan pikeun tatanya. aya
we masalah teh. timimiti masalah ngandir cai, ngarobah tempat
huluwotan. neangan tangkal kembang pesenan nyi Iteung, jsb. Anu eta
masalah-masalah teh, loloba na mah can pernah kapanggih ku Si Kabayan,
sawaktu manehna cicing di bojong windows.
***baka aya sambungannana, tapi teuing iraha he..he..he..
--
Aldo Desatura ® & ©
62.0817.19.40.50
========
" hanya atas kasihnya, hanya atas kehendaknya kita masih bertemu matahari .... "