banjar..
jiga nu karek kaluar ti kenca
geus lila tapi asa deukeut keneh
ka tungtung kenca
asih...
can wae nembongan
seungitna can kaambeu
boro jentul boro rigig
cape...
nu aya ukur merul kakeuheul
geuning jauhna teu kira-kira
nyorang hirup saumur dunya
leuleus...
mun liat onaman
ieu mah rampohpoy
tanaga beak uteuk ngagelentong
enggeusan...
bongkokan wae kitu?
asana mah leuwih gampang
teu kudu ngurusanan raga
hirup...
ukur nyorang
bari beberengkes bari bubuntel
bebekelan salaput raga
paeh...
ukur ditungguan ukur diharepkeun
najan kadang cangcaya
naha engke...
hirup deui!!