banjarasih...

1 view
Skip to first unread message

banja...@gmail.com

unread,
Jan 24, 2006, 5:40:14 AM1/24/06
to banjarasih
kampung deudeuh taun tujuhpuluhan

rembet!!!
pucuk eurih
harendong
sesa tangkal enteh
sesa kebon mede
sesa haramay
sereh teki jujukutan
nyakseni!!

pilembureun anyar
ngawangun julang ngapak
ngujur ngulon ngetan
geusan ganti nu heubeul
nu ruksak kaurug lemah
cinangsi, tinggal sari
narikolot!

mimiti sabaraha siki
dituturkeun sapiriumpi
beubeunah tumaninah
barunyampay beh kidul
balukbuk beh kaler
ngajegir!!!

ceug... iteuk nanceub
di kampung deudeuh
tempat reureuh
silih simbeuh kadeudeuh
silih bagi kaasih
banjarasih!

kedoya, tungtung taun 1426 H

Reply all
Reply to author
Forward
0 new messages